Senin, 02 Agustus 2010

Carios Wayang - Samemeh Bharata Yudha - Ka1

 

Kakawen : Swuh Rep datapitana, anenggih nagari pundi ingkang ka eka adi dasa Purwa;
eka = hiji; adi = leuwih/lineuwih; dasa = sapuluh; purwa = ngawitan. Ngawitan Bubuka ieu carita ku nyaritakeun hiji Nagara anu leuwih sagalana di dunya Hindi, waktu harita.
Sanajan katah titahing Bhatara, kasongan ing akasa, namung boten kadi Nagari Astina;
ya Astinalaya; Astinapura; Ya Gajahwaya. Teu aya hiji Nagara nu mana wae oge
nendengan boh legana, boh kakawasaanana, ti batan Nagara Astinalaya.
Nagara Kerta Raharja, rea ketan, rea keton; sepi paling, towong rampog tos lain babasan
deui; tapi nyata memang Nagari Astina pinunjul.Nagari ageung punjul ti batur, pasir wukir
loh jinawi. Ari anu jeneng Nata, nya eta Prabu Destarata, dibantu ku Dewan Pinisepuh
nu unggal waktos sidang. Saha ari Dewan Pinisepu teh ? Teu aya sanes, nya eta :
Bhisma; Drona; Sakuni, Widura, sareg sababaraha Brahmana nu wijaksana. Ieu nu sok
masihan piwejang ka Sang Raja; ku margi Sang Nata teu tiasa ningali. Upami aya hiji
masalah nu kedah diputuskeun teh penting pisan; nya kedah ku Sidang Pleno.

Saha ari anggota Sidang Pleno teh ? Nya eta sadaya Dewan Pinisepuh ditambih ku
rengrengan Para Pangagung Astina ? Di na sidang2 Pinisepuh Bhisma sering kenging
tapi upami di Sidang Pleno, rata2 Bhisma kawon; lantaran naon ? Lantaran teu acan
naon2 Sidang Pleno tos dikengeungkeun ku Pihak Kurawa da Putra2 Destarastra nu
saratus, sadayana jadi anggota. Hal ieu tos diajukeun ku Bhisma, yen sidang Pleno
teu pati adil; adilna hiji Putra Raja ngawakilan pikeun sagemblengna kulawarga; ulah
dipisah pisah; tapi Suyudhana aya alesan nu kuat, nya eta sadaya Putra Destarastra
kagungan HAK nangtosna kawijakan di Astina; piraku cenah eyang Bhisma teu percaya ka na kasatiaan Kurawa nu saratus ? Pan tos bukti Astina ayeuna sakitu majuna teh
nya jasa2 maranehna keneh kapan; jadi teu bisa cenah diwakilkeun ku saha oge; ma
ranehna boga hak; hiji jalma hiji soara. Nya Bhisma eleh deet; atuh lamun aya sidang
teh, lolobana mag nu biluk ka Suyudhana, da pasti meunangna.

Ari Sakuni, ku pinter2na jeung licikna; unggal VOTING, sering pisan abstain; nunjukkeun
yen manehna mah teu BILUK teu sing ka Kurawa teh. Tah ku sabab aya nu abstain,
Drona, Krepa, Aswatama, sok milu abstain. Bri engkena sok disindir sampir ku Suyudhana
pajarkeun milu dahar di Pala Putra Destarastra, tapi karek dititah Voting, malah abstain !
Tapi memang ari kaputusan akhir mah kumaha RAJA, sabab Raja ngabogaan hak VETO;
ngan wae sabage Raja nu Wijaksana, kuduna mah nya mihak sora nu loba; teu bisa
sambarangan VETO; ari lain Raja boga alesan nu kuat mah.

Tah di na mangsa harita aya hal nu PENTING pisan, nya eta nangtukeun naha Nagara
Astina nu sabeulah deui, nya eta Indraprasta bakal dibikeun deui ka Pandawa atawa moal?
Sabab harita tos aya UTUSAN ti Pandawa, nagih jangji mulangkeun deui Nagari.

Raja Destarastra nyungkeun saran2 ti Dewan Pinisepuh, kumaha nya pisaeeunanana?
Bhisma ngawaler, yen nu penting mah ulah nepi ka kajadian riributan antara DULUR,
di Astina, jadi maning oge pulangkeun wae, da memang eta mah ti kapungkur oge, hakna
Pandawa. Cariosan Bhisma didukung ku Para Brahmana; tapi saur Sakuni, ke heula
anan, urang memang geus ngalakukeun hal nu adil ka Pihak Pandawa; tapi kumaha
Putra2 Kurawa ? Lamun ayeuna urang nangtukeun sapihak, pasti maranehna protes,
lantaran teu diajak badami sama sakali. Rada gur ger antara pihak nu satuju ka Bhisma,
sareng nu satuju ka na cariosan Sakuni. Memang di Dewan Pinisepuh keukeuh soara
Bhisma nu kenging; tapi enggalna Destarastra ngandika :"Ah bener Sakuni; lamun
urang mikeun kitu wae bari teu saluyu jeung pamadegan para Putra Kaula; pinasti aya
kaributan; lantaran maranehanana teu diajak badami; tah ayeuna Kaula mutuskeun yen
sidang Pleno kudu dibuka."

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar