Minggu, 08 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-13

 

Di Upawilya, harita nuju aya pesta nikahna Abimanyu ka Dewi Utari,
atuh harita seueur pisan sobat Pandawa nu sarumping, sapertos
Krishna ti Dwaraka, Baladewa atanapi Balarama ti Mandura, Satyaki
pahlawan Yadawa atanapi Wrisni ti Lesanpura, Kitu deui Drupada ti
Panchala, Drestaketu ti Cedi, Jayatsena ti Magada, Raja Saibya, Raja Kasi,
Sikandin, Drestadyumna, sami2 sarumping ka Upawilya. Ampir sadayana
Raja2 teh sarumping bari nyandak angkatan Perangna masing2. Lantaran
bari sakalian nyokong Pandawa upamina wae Pandawa bade ngayakeun
peperangan sareng pihak Astina. Nu teu nyandak pasukan, mung
Balarama sareng Krishna wungkul.

Saparantosna upacara nikahna Abimanyu sareng Utari rengse, nya
diteraskeun ku konperensi Agung Raja2 kanggo ngabahas perkara
Pandawa sareg Kurawa. Sadaya Raja2 teu aya nu mulih ka nagarana
lantaran palay apal kumaha kaputusan di na eta konperensi Agung teh.

Raja2 tos kempel sadayana, ku Yudhistira biasa dipasihan kahormatan
muka ieu sidang , ya Krishna ti Dwaraka. Teu aya nu protes, sadaya
para Raja sami satuju ka na kaputusan Yudhistira.

Enggalna bae Krishna atanapi Janardana majeng ka payun ka podium nu
tos disayagikeun, enggalna ngawitan biantara.

"Para Raja sadaya, urang tos sami maphum, yen Pandawa ayeuna teh kakara
lubar ti na hukumanana, salami 13 taun, kalayan salamet, teu pisan ngalakukeun
kasalahan, tah Pandawa teh ayeuna bebas nangtukeun sikep, merdeka.

Ayeuna urang sadaya ngumpul di dieu, taya lian, nya eta masihan saran2,
kumaha sakuduna Pandawa ngayakeun tindakan pikahareupeun.
Urang sarerea maphum, kumaha Pandawa ditipu di na meja JUDI, nepi ka
Nagara karampas ku Sakuni/Duryodhana. Nu saterusna kudu ngajalanan hukum
buang ka leuweung salila 12 taun; ditambah sataun kudu nyumput di nu CAANG.
Pandawa geus rengse ngalaksaakeun kabehanana kalawan sabar, dituturkeun
ku Drupadi nu ngiring leuleuweungan.

Tah eta sadaya, kedah jadi bahan timbangan urang, pasihan saran nu cocog
jeung tugas Kawajiban "DHARMA". Keur kapentingan kamakmuran dua pihak
boh Pandawa boh Kurawa. Darmaputra moal hayang nungtut anu lain hakna.
Tah di na ngajukeun saran2 engke, kudu ditimbang masalah kalicikan Sakuni
jeung Kurawa, kitu deui kasabaran Pandawa di na ngalaksanakeun kawajiban
dihukum. Eta kudu jadi pertimbangan urang sarerea.

Urang sarerea can apal, naon nu bakal diputuskeun ku Duryodhana, tapi ari
ceuk pikir Kaula mah, urang teh kudu ngirim utusan nu bisa ngarengsekeun
sagala permasalahan bari teu kudu Perang. Jadi kudu diutus jelema u bisa
ngigelan kahayang dua pihakanana. Kitu cek pamikir Kula.

Hadirin kaleprok, tanda satuju ka na cariosan Krishna.

Sapantos Krishna, Baladewa majeg kapayun, biantara.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar