Rabu, 18 Agustus 2010

[kisunda] Gatotkacha Ka-6

 

Para Kurawa teh memang ngahaja, rek nganyenyeri Pandawa;
maranehanana ngahaja curak2 ngaliwat leuweung tempatna
Pandawa nyarepi; barang ngaliwatan ka rombongan Pandawa
marehna susurakan mani ayeuh; terus saleuseurian bari nunjuk2
ka Pandawa.

Sang Gatotkacha amarah sakalangkung; enggal cangcut taliwanda
bade nanganan eta para Kurawa; tapi diwagel ku Yudhistira; atuh
Gatotkacha teh calik deui bari mentegeg.

Kurawa saterasna ngadamel kemah nu teu pati tebih ti tempatna
Pandawa; ti harita unggal wengi mani ngungkung kendang sareng
goong; tandaning teras2an pesta sareng curak2 nganyenyeri ka
Pandawa. Waktos harita Kresna, Baladewa, sareng Satyaki tos
marulih ka nagarina masing2.

Di leuweung nu caket sareng Kurawa pesta saleresna aya bangsa
Genderewo sareng pasukanana. Atuh genderewo nu dipimpin ku
Citrasena kacida ambekna; nepi ka dina hiji peuting mah,
maranehana ngajorag ka kemah kurawa, padahal ka Pandawa mah
maranehanana teh can sakali oge ganggu.

Atuh ger we tarung ragot; ngan wae Pasukan Kurawa keur ngeunah2
pesta; teu nyangka bakal diserang; atuh amburadul pasukanana di
burak barik ku Pasukan Genderuwo; malah Sakuni, Suyudhana,
sareng Dursasana tos ditalikung. Ngan Karna nu masih keneh soroh
amuk. Ku sabab pasukan Genderewo loba nu ancur ku Karna;
Citrasena terus ngancam, yen mun Karna teu nyerah Suyudhana
harita keneh bakal disiksa. Atuh kapaksa Karna ge serah bongkokan
daek diborogod ku para genderuwo.

Caturkeun pasukan Kurawa nu katawuran, aya hiji dua ponggawa nu
kabur ka tempat Pandawa; teras careurik nyuhunkeun ditulungan;
Yudhistira enggal miwarang Bhima, Arjuna sareng Gatotkacha
nulungan Kurawa.

"Yooooy, Darmaji kakangku; opo mene kakangku ( make jajawaan);
bela2 si kurawa sing duratmaka ?"

"Eh Yayi Arya, keun we kabehanana eta teh dulur sagetih keneh;
urang kudu sabar; di na waktuna pasti aya wawales nu hade keur urang."

"Ah! Kula mah bener2 teu ngarti kana pikiran andika teh kakang !?
Tapi masing kalah kumaha Kaula memang can pernah nolak kana
parentah sampeyan."

"Eh Jenet !  Gatot ........... hayu urang mangkat..............."

Enggalna ieu tilu jagoan teh angkat mani jaligrah; kantenan atuh
Gatotkacha mah mani bingah pisan, lantaran nya ayeuna anjeunna
bakal nembongkeun bebela na ka sadaya sepuh2na.

Hanca deui wae....................hehehehehe

 

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar