Senin, 16 Agustus 2010

Gatotkacha-3

Meunang bah AA

 

Kacaturkeun Nagri Dwaraka nuju katatmuan Ti Mandura sareng Lesanpura; nya
eta Prabu Baladewa sareng Arya Satyaki ( kadang2 Satyaki sok babantu di
Meralaya/Dwaraka/Dwarawati; sok diangkat jadi Patih Luar ).

Saparantos silih taros mimitran biasa, enggalna Prabu Kresna tumaros ka na
kasumpingan ieu dua pangagung:"Eladalah, Kaula kaget, ku kasumpingan
Raka Baladewa sareng rayi Satyaki, nu teu aya iber ti angalna, aya pikersaeun
naon ? Mangga geura buka, ulah dugi ka Rayi jadi bingung kieu."

"Hahahahaha, Yayi Kresna, geus jelas akang teh sono, kapan geus mulan malen
urang tara panggih, lantaran masing2 pada rarepot ngurus Nagari, atuh nu kaduana
geus lila akang teu nguping wartos masalah dulur urang Pandawa nu keur
sangsara, Akang teh aya niat hayang nepungan Pandawa di leuweung Kamiaka."

"Leres ti pindo damel; memang Kaula oge hoyong terang kaayaan Pandawa, Kakang."
cek Satyaki nguatkeun cariosan Baladewa.

:Hehehehehe, ari Pandawa mah, cek pikiran Kaula mah tangtuna ge salamet, moal
aya bancang pakewuh; ngaranna oge Pandawa bisa kena lara tapi tan keneng PATI."

"Enya ari kituna mah, tapi pan urang ge sono, kapan? Jengna deui, bisi goreng
kasebutna we, eta dulur diantep wae, teu diteang teang acan ? kena2 keur meunang
sangsara? Pan goreng kasebutna tah ?"

"Leres, na kituna mah, kakang. Jadi Kakang kadieu teh bade ngajakan Rayi ,
ngalongok Pandawa ? Padahal ti Mandura kapan langkung caket; kantun ber we
ka Kamiaka, naha atuh bet kadieu heula ?"

"Hahahaha, geus biasa sampeyan mah Rayi, ari heureuy teh. Kapan urang mah
duaan ti baheula ge sok pairing iring, arang misah. Nya atuh ayeuna ka Kamiaka
ge kudu bareng pan. Ari ieu mah Satyaki, biasana mah sok nyorangan, ayeuna make mengkol heula ka dieu . Hahahaha."

"Ah nya eta, supaya rame we atuh, aya batur ngobrol, da sosoranganan mah, sok
nundutan. Hehehehe."

"Ooooh kitu. Hayu atuh urang bareng ngalongok ka ditu ka Kamiaka. Ngan wae
Kaula teh rek aya nu diuruskeun saeutik. Jadi bral we atuh Satyaki tiheula.
Engke Kaula jeung Kang Baladewa nyusul. Da urusan teh moal lila ieuh.Bral.
Bari bejakeun sakalian yen Kresna-Baladewa bakal ka Kamiaka kituh."

Atuh nya Satyaki nu tadina bade sasarengan teh, kapaksa angkat nyalira ti payun.
Nganggo kareta nu dikusiran ku kusir ti Lesanpura. Saparantos bade caket ka tempat
Para Pandawa dihukum tea (Kamiaka), Satyaki ningal aya Hiji Butha nu ngajungkiring
nandingan Caringin, kaget manahna Satyaki. Eeh ieu aya Butha, boa2 rek nandasa Pandawa? Boa2 ieu titahan Sakuni/Duryodhana? Kitu manahna Satyaki.

Enggalna bae Satyaki nyaketan ka eta Buta, teras naros:"Eh buta kampung !
Andika keur naon aya di ieu leuweung ?"

Eta Buta nu masih keneh ngora pisan, nyarios, mani matak handaruan:"Hemmmm,
nuhun sampeyan naros ka Kaula, manawi sampeyan uninga, di mana ayana
leuweung Kamiaka, tempatna Pandawa ?"

Jaya Bang Winga Winga................Beuki teg wae atuh Satyaki nyangka goreng ka
eta buta. Enggalna sumbar sumbar kemanigan:"Eh Buta kampung! Nyingkir andika
ti ieu tempat, sing jauh ! Najan maneh Ngajungkiring, Kaula Satyaki moal sieun, mo
gimir. Mun wani ngabntah, tangtu andika bisa cilaka!" Bari susumbar Satyaki ngamanah, ieu buta tapi lalaguanana nyekel etika kasopanan, buta ti mendi ieu teh ?

"Hemmmm, najan Kaula pangawak Buta, tapi Kula ngarti soal Hukum.
Sampeyan teu bisa ngusir Kaula kitu bae. Ieu teh tempat bebas, sha wae bisa
leumpang, ngaliwat atawa sare di ieu tempat. Naha sampeyan make ngusir
ka Kaula? Boga hak ti mana sampeyan ?"

"Eeee ladalah, uhuk...Cuih ! Binatang kurrrang ajar ! Wani ngalawan ka Satyaki ?
Andika bakal cilaka." Enggal Satyaki luncat ti na kareta, maksadna bade ngajejek
ka eta Buta. Tapi eta Buta teh teras nenjrag Bumi, mani eundeur; atuh harita keneh
Satyaki leungit kasaimbanganana, terus tiguling mani tigugulitik. Tapi ngan sakilat
tos ngorejat deui ngadeg.Tandaning satriya perkasa.

"Eladalah , belis laknat jleg jlegan. Enyaan geus bosen hirup andika, buta kampung!
disabet ku pedang siah !"
Sirilik deui Satyaki nyirilik bari ngamang2 pedang, maksadna bade nyabet eta
buta ku pedang. Eta buta kalah ngagakgak bari nenjrag bumi, ayeuna mah tilu
kali, atuh Satyaki teh tigugulitikna leuwih rosa; tapi memag satriya utama, ngan
sakilat tos ngadeg deui; ayeuna mah sumbar2 bade manah eta buta.

Tapi barang bade mentangkeun panah, kabujeng sumping Kresna sareng Baladewa.

"Ke ke ke lanan, stop Satyaki stop. Aya naon ieu teh? jeung saha eta buta teh?"

"Eta buta teh rek nyilakakeun Pandawa !"

Jawa bang winga winga...........Prabu Baladewa enggalna singkil' sirilik ngan sakilat
eta buta tos dibantingkeun, padahal sakitu jagkung badagna; teu kabujeng
dihalangan ku Kresna. Eta Buta ngan sakilat kuniang hudang teras nenjrag bumi;
atuh Baladewa oge tijengkang. Bari luncat amarahna teu katahan, tapi barang
bade maju deui, dihalangan ku Kresna.
"Eeeeh.........ke ke ke heula, sabar sabar. Ari sagala teh ulah gurung gusuh."

"Kapan geus puguh cenah rek nyilakakeun Pandawa ?!"

"Cek saha eta teh ?"

"Cek Satyaki ?!"

"Naha geus pasti ? naha teu disilidik heula nu tartib ? Cik tanya nu bener ka Satyaki ?"
Satyaki cik caritakeun kumaha ieu teh gara2na nepi ka tarung jeung ieu Ujang Buta?"

"Ah atuh da geus jelas, moal ludag ladog ka ieu tempat, lamun lain rek nyilakakeun
Pandawa."

"Naha ku sampeyan geus ditanya jelas !?"

"Parantos, cenah rek neangan Pandawa ! Tah tangtu rek nyilakeun, piraku Pandawa
boga sobat buta, sanes ?"

"eeeeh can tangtu Satyaki, cik ku Kaula urang tanya heula."

"Eeeeh, Ujang buta yap ka dieu, ngadeukeutan ka Kaula , Kaula arek nanya ka sampeyan."

"Dawuh.............Kaula geus ngupingkeun naon2 nu dicarioskeun ku sampeyan,
Kaula menta dihampura wirehna geus wani2 ngalawan ka Paman itu."nunjuk Satyaki.
Satyaki molotot, pon kitu deui Baladewa.

"Hehehehe, seug ku Kaula di hampura. Cenah Ujang teh rek neangan tempat
Pandawa, aya naon ?"

"Kaula moal waka betus , samemeh Kaula pendak sareng para Pandawa."

"Tuh nya pan ? Tong sueuer catur lah, habek we urang tinggangan." Cek Satyaki
ti tukang.

"Eeeeh sabar........... Eh Buta Budak! Jadi andika teh rek nepungan Pandawa,
hayu atuh urang babarengan we nyampeurkeun ka Pandawa !"

Eta buta teh nurut nuturkeun ti tukang. Atuh barang Kresna Baladewa sareng
Satyaki ningali Pandawa enggal silih rangkul; ari eta Buta langsung brek deku,
cedok nyembah :"Tobaaat, tobaat, ampuun, Kaula geus ngalawan kolot Kaula;
hapunten Kaula , sabab Kaula can apal."

Kaget Pandawa ningali eta buta, Pandawa nu harita aya nya eta Yudhistira, Nakula,
Sadewa sareng Drupadi; da Arjuna nuju tatapa; Bima nuju milarian Arjuna.Atuh teu
aya nu apal saha eta buta teh, lajeng Yudhistira sasauran:"Kakang Kresna, eta teh
saha kakang ? Sareng naon maksadna nyandak buta ka ieu pertempatan ?"

"Hehehehe, langkung sae Rayi Yudhistira taros we ka jinisna langsung. Eh Jang Buta
cenah hayang tepug jeung Pandawa?Tah ieu Pandawa teh, sok nyarita."

Eta Buta cedok nyembah deui bari ngagukguk ceurik menta2 dihampura wireh tos
wawantunanan ngalawan ka Satyaki sareng Prabu Baladewa.

Yudhistira langkung bingung sareng kaget, teras ngandika:"Ke ke ke heula.
sampeyan teh saha? Ti mana nya lembur matuh banjar karang pamidangan?
rek naon hayang nepungan Kaula Pandawa?"

"Hemmm...........upami Putra teu lepat paningal, ieu nu nyarios ka Putra teh, pasti
Ua Yudistira. Duuuh kangjeng uaaa, hapunten Putra wireh tadi tos lepat merangan
paman Satyaki, sareng kumawantun ngalawan ka Ua Baladewa."

Baladewa langsung nyentak:"Naon!? Ua!? Ua timana? aing mah teu boga alo atawa
suan Buta! Iiiiy Baid teuing !"

"Ke ke ke.............. Kaula asa bruy bray ayeuna mah."Saur Samiaji lalaunan.
"sampeyan teh Putrana Hidimbi, ti Pringgandani nya?"

"Leres pangandika, Rama ua. Leres pisan, Kaula putra jeng Ibu Dewi Hidimbi."

Baladewa ngagalih na manahna:"Emh, apes aing poe ieu; boga suan BUTA? Iiiy
mangkaning sakitu goreng patutna.Hih najis aing mah.Saha bapana eta teh?
Meureun si Bima mah, da eta mah sok tara parok jeung batur?"

Nakula enggal ngalahir:"Kakang Yudistira, ke heula anan, ulah waka percaya kitu
wae, kumaha mun ieu buta teh akon2; cing taros naon buktina?"

Nembe ge Nakula usul kitu ka Yudistira, eta buta enggal nyarios:"Duuuh tobaaat,
pasti ieu teh paman Nakula, nu sok dicarioskeun ku Kangjeng Ibu; itu nu pengkereun
Ua Yudhistira, pasti Paman Sadewa; ari itu nu istri panginten Dewi Drupadi. Duuuh
Kangjeng Ua, sareng paman sadaya ieu Putra ngabantun tanda ti  Kangjeng Rama
Bratasena; mangga tingali."

Bingah amarwata suta, bingahna kagiri giri. Enggal ditampi ku Yudistira, barang
ditingali, sidik pisan sanes barang pupulasan, nyata susumping raina Bima.
Atuh enggal wae Yudhistira ngarangkul putra Bratasena, disusul ku Nakula
sareng Sadewa sadayana pada paungku ungku; sedih pacampur bingah.
Sedih margi paamprokna di na kaayaan sangsara, bingah lantaran ditepangkeun
sareng putra saderek.

"Sok satata kadieu, pasti ngaran hidep Gatot kacha; lantaran ua terang
waktu hidep dilahirkeun teh, jeung nu masihan ngaran nya eta paman hidep
Arjuna."

"Duuuh leres teu kapindo gawe, putra teh Gatot kacha. Ayeuna katambihan janten
Bima Putra."

Pandawa sadaya kataji ku Gatotkacha, sabab najan pangawak buta, tapi nyata
sarengkak saparipolahna estu pinuh ku tata titi tindakna sopan pisan.

HANCA







Image removed by sender. 

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar