Rabu, 04 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-8

 

"Duuuh anaking, deudeuh teuing hidep, Ibu rek menta dihampura ka sampeyan."

Kaget manahna Sang Raja Angga. Eeee eh, ieu Sang Dewi ku naon nyebut
Ibu ka aing? Naha keur mabok, sugan ?

"E la dalah..........., Sang Dewi Kunthui, aya naon ieu teh ? Teu gugur teu angin
sampeyan datang ka Kaula, terus nyebat Ibu ka Kaula, tapi mun dilakukeunana
20 taun nu kaliwat mah, meureun Kaula kacida atohna, diaku anak ku Sampeyan
Ibu ti para Pangagung ? Tapi kapan Sang Dewi Uninga, yen Para Putra Sang Dewi
teh Musush sareng Para Kurawa; jadi moal bisa sampeyan ngaku anak Ka Kaula;
ayaeuna mah Kaula oge musuk ka Para Putra Sang Dewi."

Murubut cisocna Sang Dewi Kunthi, ku margi seueur rasa rumasa; anjeunna oge
paham naon Margana Karna nyarios kitu; nya eta lantaran nu lepat nya anjeunna
keneh kunaon teu bruk brak balaka ti barang amprok mimiti sareng Karna. Tapi
memang kasempetan kanggo eta harita mah asa teu aya pisan, jadi Dewi Kunthi
bati ngageremet panggalih, jadi saleresna teu aya nu tiasa dilepatkeun di na hal
eta, kantenan Karna mah atuh, estu teu aya lepatna pisan.

Enggalna wae Sang Dewi Kunthi alon ngandika bari neger2keun manahna:"Kasep
Karna, anak ibu , nu sajati, memang ibu rumasa salah ka sampeyan, tapi sadayana
aya alesanana, mun sampeyan daek ngupingkeunana."

Langkung kaget Raja Angga Karna, lajeng wae ngandika:"Dewi, naha sampeyan
teu mabok ? Naha sampeyan tadi memeh ka dieu manawi tuang gadung, atanapi
brendi ? Naha teu gugur teu angin, make nyebatkeun yen sampeyan ibu Kaula !
Bisi sampeyan teu apal Sang Dewi, Kaula teh Putra Dewa Surya; nya atuh Ibu Kula
oge tinangtu Widadari; sanes ibuna Para Pandawa. Tos enggal we mulih Sang Dewi,
Kaula paur, sampeyan malah bakal kapidara di dieu."

Bingung Sang Dewi Kunthi, enggal matek Aji nyambat, teu kungsi lami janggelek
Bhatara Surya dipayuneun Karna sareng Dewi Kunthi; atuh enggal wae duanana
nyembah. Karna nu gumbira ku kasumpingan ingkang Rama , lajeng ngandika:"
Bagja kumayangan Rama Pukulan tos sumping, ieu aya ibuna para Pandawa ngaku2
yen anjeunna teh Ibu Kaula; mangga terangkeun ku sampeyan Rama Pukulun."

Bhatara bari teu weleh mesem ngalahir lalaunan :"Eh Surya Putra, Karna, sampeyan
kapan geus mementa hayang pajonghok jeung ibu nu sajatina; kapan cek Kaula ka
sampeyan teh, sakeudeung deui. Tah eta Dewi Kunthi teh ESTU Ibu sajati ti sampeyan
Kulup. Sampeyan kudu percaya." Saparantos kitu les deui Bhatara Surya ngaleungit
deui.

Jaya Bang winga winga................eeeeee................Jaya Bang Winga Winga.........
Sang Basukarnaaaa..................Ooooooo.....................

Keuheul hanjelu sareng amarah pacampur bingah oge tos uninga ka Ibu pituin, tapi
hanjakal sanes waktos nu mustari, malah mah asa maning tong panggih sakali.

Amarahna Karna tos teu katahan, enggal wae ngandika :"Eladalah, Uhuu! Iyaaach Cuih !
Kaula percaya Ka Rama Pukulun; yen anjeun teh Ibu Kaula Pribadi ! Tapi Kaula deuk
nanya,:"Naon sababna sampeyan miceun diri Kaula nepi ka diaku anak ku Radha
Kusir Kareta !? Naha kakara ayeuna sampeyan ngaku anak ka Kaula, dimana Kaula
sakeudeung deui bakal nelasan Ki Arjuna !? Ibu nanahaon sampeyan ?"

Leng leng ramyaning kang ................Dewi Kunthi kalintang sedih sareng ngungunna;
memang masing kalah kumaha oge anjeunna nu lepat, anjeunna tos ngabuang Putrana Karna; sareng waktos ningal Arjuna sareng Karna bade perang, anjeunna teu wantun
ngaku waktos harita yen Karna teh putrana, dan keun engke , keun engke tea. Tah
ayeuna nembe/kakara karaos kahanjakalanana. Ku margi teu kiat Dewi Kunthi nangis mani ngabingik, ku teu kiat nahan kasedih, sareng kapeurih, dimana memang Karna
teu lepat. Ampir2 Dewi Kunthi kapidara.

Barang ningali Dewi Kunthi Nalibrata nangis anu sakitu sedihna, enggal wae Karna
Ngarawu sampeanana, lantaran anjeunna memang percanten yen Dewi Kunthi teh
Ibuna; nya cek paribasana balung palug bodo gelo, eta teh ibuna pribadi. Enggal wae
Karna Nyungkem ka Dewi Kunthi bari dareuda:"Kangjeng Ibu, hampura Putra, Ibu. Tos
kalepasan ngaweweleh Kangjeng Ibu. Duh tada teuing dosana upami Ibu dugi ka
raheut galih ku Putra, mugia Ibu masihan hampurana ka Putra nu kumalungkung,
belengong kirang tatakrama."

Bingah amarwata suta..............Bingahna kagiri giri...........Dewi Kunthiiii...katon.

Enggalna Dewi Kunthi emut deui ka na Purwa Daksina, enggal ngandika, leuleuy
keudeu pangandikana:"Duuuuh, putra Ibu Karna, deudeuh teuing nasib sampeyan,
nepi ka kudu ngalalakon anu sakitu tarahalna jalan, duuuh mun dibanding sareng
Pandawa dihukum 13 taun, masih keneh leuheung ti batan sampean, Putra Ibu.
Padahal hidep teh Pangkolotna, lanceuk para Pandawa, lantaran sampeyan lahir
ti heula. Pasti hidep panasaran, naon sababna hidep dipisahkeun ti ibu, geura
ku ibu urang dongengkeun."


Hanca

 

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar