Senin, 16 Agustus 2010

Gatotkacha-2

 

"Nun Kanjeng Rama Arya Bhimasena, sesembaheun Putra, mugia Rama
enggal nyandak Putra ngadep ka Wa Yudhistira, sareng Paman Arjuna, Nakula
Sadewa. Putra hoyong enggal nyungkeun diajar mentang jamparing. Rama."

"Hahahaha, alus.........  alus................. Tapi na waktu ieu Ki Arjuna keur tatapa
di Leuweung Himalaya nu sanget pisan; teu nyaho dimana lebah2na; tak Kaula
ayeuna keur neangan Paman Sampeyan, Arjuna. Ua maneh Yudhistira pindah2
tempat matuhna di leuweung Kamiaka teh, jadi maning ge maneh mah latihan
we terus; lantaran aya kamungkinan Pandawa bakal Perang ngalawab Kurawa."

"Wah...........Putra pasti bakal RESEP ngiring perang Rama; ulah dugi ka teu
ngajakan Putra, Rama. Putra bingah pisan bisa perang sasarengan sareng
sadaya sepuh2. Rama kedah yakin; salami masih aya Gatot kacha; salami
Gatot Kacha masih hirup, kumelendang di alam dunya ieu; moal aya sing saha
wae nu bisa nyodeka ka Para Pandawa, sepuh2 Kaula. Maning AJUR diri PUTRA
ti batan ningali Rama sareng Paman2 pada cilaka. Ayeuna ge Rama; upami Rama
Bhima ngidinan, bakal dibasmi eta Para Kurawa teh ku Putra !"

"Yoooooy , Gatoooot................   Kaula percaya ! Jeung memang maneh teh
bener2 Anak Kaula ! Hahahahaha Kaula bungah kacida ! Boga anak sperti maneh
Gatot kacha ! Tapi Kaula teu satuju. Jeung tong pipilueun perang ngalawan Kurawa;
sesakeun ! Eta kabeh geus dijangjikeun bakal binasa ku Kaula ! Hahahahaha."

"Duuuh Rama, sembaheun Putra. Putra kalintang bingahna; yen ama tos nampi
Putra; moal aya hiji kabungaheun nu ngelehkeun ieu ayeuna. Ku margi kitu, ama.
Upami Rama butuh NYAWA Gatotkacha................   ayeuna keneh bakal
dipasrahkeun ka Kanjeng RAMA ! Estu kula ihlas balilahan....................   moal
rek mungpang kapalay sampeyan, Rama Sena."

"Yooooy................Gatot.............tong ngomong nu euweuh gunana...........; maning
ge siapkeun diri maneh keur engke nyanghareupan Perang Bharata Yudha.
Eh..................   mun memang geus teu katahan hayang tepung jeung Uwa Yudhistira;
jung.................tah ieu bawa Susumping Kaula. Moal teu ditarima; da saha jalmana
nu bisa mamawa SUSUMPING Kaula; ari lain anak KAULA mah."

Kalintang bingahna Sang Gatot Kacha nguping kasauran Ramana nu kakuping
sakitu ngahargaan pisan ka anjeunna; mani nepi ka masihkeun susumpingna.
Anjeunna oge yakin yen susumping Bhima moal aya nu wanieun ngarebut;
ari lain hayang pondok umur mah. Da memang Ramana Bhima teh kacida gagahna.
Kapan anjeunna oge dua kali dibantingkeun! Padahal pan pangawak Butha !
Enyaan Rama Bhima gagah ! Aing reueus pisan boga bapa saperti Rama Sena.

Enggalna bae teu lami Bhima sosonoanana; Arya Djodipati saparantos pamit ka
Hidimbi teras ngaleos mani ngan sakilat  tos teu katingal deui. Disebat pamit teh,
nya eta nyarios:"Hidimbi ! Aing indit !" cenah ngan sakitu. Tapi katampina ku Hidimbi
mah mani asa dielus elus nu kacida ROMANTISNA; ku ngan sakecap Bhima teh.

Gatotkacha rada heran oge ku kalakuan Ramana kitu; enggal wae tumaros ka Kanjeng
Ibu Hidimbi:"Duuuh Ibu, Dewi Hidimbi sesembaheun Putra, Putra parantos diajar ku
Jeng Ibu, adat etika sopan santun; tapi naha geuning sigana Rama Bratasena mah,
asa kirang dianggo eta tata titi teh ?"

Hidimbi gumujeng, kapiasem ku patarosan Putrana Gatotkacha, enggal bae ngalahir:"
Duuuh..............., Gatot kacha Putra Ibu, deudeuh teuing sampeyan..............; tah
paman2 sampeyan teh kacida sopan santunna; Ibu oge bisa kieu teh dipasihan
palajaran Ku Ibu Dewi Kunthi Nalibrata, nalika anjeunna leuleuweungan kapungkur
tea. Tah eta tata titi adab teh dianggo ku sadayana, matak era urang mah nya kasar,
nya manyang munyung, urang kampung bau lisung. Tah ari Rama hidep mah, nya
eta Arya SENA..............duuuuh saperti Bangsa urang weeeee..............kalasar!"
Waktos nyebat Arya Sena, Hidimbi teh rada imut, sareng pameunteuna rada beureum,
lantaran memang ieu Hidimbi teh muja pisan ka BHima teh. Cek paribasana teu
mikir deui masalah lain, nu aya di na manah Hidimbi mah salian ti BHIMA.
Tapi ayeuna mah RINDU DENDAM teh rada kaubaran; saparantos lahirna ingkang
Putra Gatot Kacha.


HANCA  
NB. : parunten upami salah ngetik; teu dipariksa2 acan da.
Biasana ge ngedul; komo keur puasa mah atuh. Hehehehehe

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar