Senin, 23 Agustus 2010

[kisunda] Samemeh Bharata Yudha - 19

 

Enggalna bae Suyudhana tos naek kareta kancana kanggo ngulem Kresna,
sareng Balarama, teu seueur bulak belok estu lempeng we nuju ka Dwarawati.
Di na waktos harita ti pihak Pandawa oge aya Duta istimewa nya eta
Dananjaya, atanapi Indratanaya, alias Permadi, alias Kiriti, alias Kumbalwali,
atanapi Palguna, Parta, sareng Arjuna.

Naon margina Arjuna ku anjeun nu ngulem Kresna ? Lantaran aya hubungan
istimewa antara Arjuna Kresna. Kresna nyaah ka Arjuna, sabalikna Arjuna
oge mikanyaah ka Kresna.

Kocap kacarita Prabu Bhatara Kresna di Dwarawati harita ngulem hiji Resi nu sok ngumbara sareng perang, nya eta Resi Parasurama. Enggalna Parasurama parantos sumping, bari rada bingung naon maksadna Kresna ngulem ka anjeunna.

Saterasna Kresna sasauran ka Parasurama, yen anjeunnadina 3 poe ieu bakal ngadep ka Jongring Salaka , tempatna Para Dewa. Tah di na waktu eta, ulah aya hiji jalma oge nu asup ka jalan nu nuju ka Meralaya/Dwaraka/Dwarawati; sabab bakal ngaggaalkeun tapa kulemna Kresna.
Parasurama apal, yen Kresna teh sajatina Dewa Wisnu; enggalna bae nyanggeman kapalay Kresna. Tah ti harita Parasurama ngajaga jalan nu ngan hiji2na ka Meralaya; da dilingkung ku Gunung sareng leuweung, moal aya jalan sanesna deui.

Poe kahiji jalma2 teu tiasa lumebet ka Meralaya; nu rek maksa pasti
cilaka; aya sababaraha hiji golongan Satriya nu wani; tapi teu mangga
pulia. Dina duapoean aya puluhan nu mundur bari taratu; tapi seuseu
eurna mah; dibinasa ditempat.

Barang Suyudhana nyaketan tempat eta, lajeng nyaur:"Eh resi Para
Surama; naon sababna anjeun ngahalang halang jalan jalma nu rek ka
Meralaya; nepi ka loba nu binasa ku andika. Bisi sampeyan can apal,
Kaula Suyudhana nu bakal jadi Raja Gung Binaturata ti Nagara Astina,
nagara panggedena sadunya. Jeungna deui Kaula teh dulurna Kresna,
Kaula rek sowan ka sulur Kula; jadi sampeyan kudu mere jalan ka
Kaula."


Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar