Kamis, 05 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-10

 

Tah akhirna Eta orok teh kapendakna ku Adiratha//Radha nu teu boga anak; nya
ngawitan ku sabab aya tulisan Basukarna; eta orok dingaranan Basukarna; bisi
aya nu ngaku; tapi ku margi lami2 teu aya we nu sumping, sugan naroskeun eta orok;
akhirna eta orok teh dingaranan oge Aradhea hartina anak adirata.
Tah kitu dongeng hidep teh Karna.Ari Ibu sanggeuna miceun eta bayi teh, nya seueur
nu sarumping ka Nagara Mandura; Putra2 Raja rek ngalamar Ibu; paingan atuh Rama
Prabu mani ngusahakeun pisan miceun eta orok, lantaran bisi eta aib katangen ku
batur, mangkaning Raja2 atanapi Putra Raja nu sarumping teh seueur pisan."

Mireng sadaya cariosan Dewi Kunthi kitu, Basukarna kalintang sedihna,
anjeunna nangis sedih, ngamanahan kasedih ibuna, nu kedah miceun
putrana; bari oge ngamanahan nasib dirina nu kedah ngalaman
lalakon nu sakitu sedihna; enggal atuh Dewi Kunthi ngarangkul
Putrana, ku margi anjeunna oge apal jerona kasedihan Basukarna,
sareng anjeunna pribadi.

Atuh ieu dua mahluk teh pa ungku2 we narangis; utamana Basukarna,
"Emh Kangjeng Ibu, kacida pisan ieu nasib mawa urang ka na lalakon nu sakieu rumitna; hawatos Kangjeng Ibu, pasti harita kalintang sedih
kingkinna, bari teu aya daya sama sakali."

"Tapi ibu waktos harita mah, enya ge sedih, tapi teu sedih2 teuing saperti
ayeuna, ningali anak2 Ibu, bakal silih telasan."

Basukarna enggalna ngandika:"Kangjeng Ibu, Putra teh ayeuna nembe ditepangkeun sareng ibu nu sajatina; tah tanda yen Putra babakti ka sepuh, ayeuna mangga Kangjeng Ibu saurkeun, naon wae kapalay teh, ku
Putra bakal dicobi dilaksanakeun, mudah2an Putra mampu."

""Ari kahayang Ibu mah, taya lian, iwal ti sampeyan kudu babarengan
ngahiji jeung Pandawa, eta we kahayang teh. Supaya ulah kajadian
silih paehan antara dulur sagetih."

Leng leng, ramyaningkang sasangka.....................

Basukarna ewed nya panggalih, lantaran eta pamundut ibuna sesah pisan
silaksanakeunana; cek paribasana masih gampang keneh ngabendung
samudra atawa naratas leuweung, ti batan eta pamundut.

Saparantos sawatara lami mindel, enggal wae Karna ngalahir:"Eudeuh...
.......Kangjeng Ibu, Kangjeng Ibu. Hampura Putra. Lamun Ibu mundut
nyawa Putra, asana teh langkung gampil, ti batan Basukarna kedah
ngahianat ka Duryodhana; anu tos sakitu nyaahna ka Putra. Putra tos
dijait ti na kahinaan jadi kamulyaan, kapan ku Duryodhana. Panginten
Kangjeng Ibu oge moal bagja boga anak nu kasurak ku jalma rea.
Kasurak ku jalma sadunya. Karna tukang lanca linci; dasar anak kusir!
Basukarna tetep bakal ngabela Duryodhana, dugi ka musnana Karna.
Moal, moal bade mundur sajeungkal oge, kangjeng Ibu. Hampura Putra."

Dewi Kunthi Nalibrata kalintang sedihna, mireng waleran putrana kitu; tapi
anjeunna oge di na salebeting manahna mah reueus oge ku Putrana, nu
tuhu ka jangji, anjeunna teu nyarios nanaon, mung manggut tanda
ngartos ka na kasulitan Putrana.

Saparantos sawatara lami paheneng heneng, enggalna wae Sang Dewi ngalahir aris:"Bagja temenan, Karta, Putra Ibu; sampeyan teh enyaan
Bangsa Satriya nu luhung. Ibu teu yasa ngahalangan ka na pamaksudan
hidep; jung teruskeun perjuangan, mudah2an sampeyan ditangtayungan."

"Ke heula Ibu, ulah waka jengkar ti ieu tempat, aya nu bade diwartoskeun
ku Putra ka Ibu."

Dewi Kunthi nu bade jengkar, enggal ngarandeg, teras ngupingkeun
kasauran Putrana nu Tuhu, Sang Basukarna.

"Kangjeng Ibu, ku margi ibu parantos aya pamundut ka Putra, Putra
kirang pantes nguciwakeun ka Ibu, Putra inggis dosa; tah ku margi
sakitu pasihan Izin Putra kanggo nelasan Arjuna; ari nu sejenna mah
moal disisikudi ku Putra; eta jangji Putra kanggo kangjeng Ibu. Putra
mah ngan ukur bakal toh2an teh, merangan arjuna wungkul; ari Pandawa
nu sejen mah moal diperangan ku Putra. Ibu bakal tetep kagungan Putra
limaan, boh Karna nu asor, atanapi Arjuna. Eta jangji ti Putra, mugya
Kangjeng Ibu nyakseni."

"NYa ari tos kitu mah pamadegan hidep, ibu mo yasa ngahalang halang,
da ka gitu ka dieu sarua anak. Nasib nu geus mawa urang nepi ka kudu
silih telasan antara dulur,"

"Tapi Kangjeng Ibu, abdi teh Putra Ibu nu kakara ditepangkeun, atuh
sapantesna Ibu oge masihan tanda mata ka Putra,"

"Sok atuh, hoyong naon hidep, sugan Ibu bisa nohonan ka na pamenta
hidep."

"Duuuh Kangjeng Ibu, Putra mah moal menta naon2 ngan Putra
nyuhunkeun pisan ka Kangjeng Ibu di na waktos ieu kedah SUMPAH.
Nah Kangjeng Ibu abot ka na ieu pameredih Putra? Padahal Ibu teu
acan masihan2 naon2 ka Putra tanda yen Ibu nyaah ka Putra?"

Kaget Dewi Kunthi mireng kasauran Basukarna, putrana, enggal
ngalahir :"Duuuh Putra Ibu Karna; sumpah naon atuh nu kedah Ibu
lakukeun teh ?"

"Kangjeng Ibu, mugya ulah naros kitu ka Putra, cobi we ayeuna Putra
tumaros, naha Ibu sanggem, kersa? sumpah di na waktos ieu ?"

"Nya ari kudu2 teuing mah atuh, Ibu bakal daek sumpah, disaksikeun
ku Para Dewa, sok naon nu kudu Ibu kedalkeun ?"

Bingah galihna Sang Basukarna, enggalna ngandika:" Bagja
kumayangan kangjeng ibu. Ibu tos kersa ngalakukeun sumpah. Ayeuna
Ibu kersa teu kersa kedah sumpah, yen satungtung Basukarna teu acan
tiwas, Ibu moal BETUS ka Pandawa yen Putra teh dulur Pandawa; eta
we pameredih Putra, mangga geura laksanakeun eta sumpah Ibu."

Lajengna wae Dewi Kunthi sumpah ka Dewata naon2 nu disebatkeun ku Karna; tapi sajeroning kitu aya bingah aya sedih mamanahan Dewi
Kunthi ku margi ieu sumpah teh, nyata pisan kanggo kapentingan
Pandawa; da panginten upami Pandawa lima apal yen Karna teh Rakana
pisan, moal boa maranehna kajeun leuleuweungan deui, ti batan perang.
Sarengna deui upami tea mah kajadian perang, maranehna tangtu moal
soson2 di na ngalakukeun peperangan, lantaran asa dosa ngalawan
ka Raka, nya eta Karna. Duuuh aya ku mulya ieu hate Karna, kajeun
ngorbankeun diri, ti batan para saderek nu jadi korban. Ieu oge hiji
tanda kanyaah ti Karna ka para saderekna. Sedengkeun Karna, tangtu di
na perangna moal teteg, lantaran apal yen nu dilawan teh saderekna ku anjeun.

Saparantos rengse Dewi Kunthi sumpahna, enggal wae pamitan, jengkar
ka karaton deui. Karna bingah manah, marga ngaraos tos ngalaksanakeun
Dharna; boh ka Ibuna, ka Duryodhana; oge ka para saderekna.

HANCA 

.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar