Senin, 30 Agustus 2010

Sempalan ka - 1

Ti bah AA

 

Swuh rep data pitana; anenggih nagari pundi hingkang ka eka adi dasa
purwa. eka  sahiji; adi = leuwih ti batan ; dasa = sapuluh ; Purwa - ngawitan.
Najar seueur Nagari mu sami2 hebat tapi teu aya nu mapakan ka na
kaagunganana Nagari Astina. Nagari Astima. panjang punjung, pasir
wukir loh jinawi.  Panjang dawa pocapane; punjung luhur kawibawane.
pasir samudra; wekir gunung. Ieu Nagari Astina   para patani mukti,
padagang sarenang lantaran teu loba hutang. Sepi paling towong rampog.
Rea ketan rea keton, mun ingon2 digelar engkena sorena bakal balik sorangan. Eta ku Raharjana Nagari Astina.Para Mantri Bopami pada tengtrem hate; lantaran jauh ti na pasirikan.

Saha nu jeneng Narpati ? Jenengan Prabu Destarastra; tapi ari
pamarentahan sapopoe mah dipasihkeun ka Ingkang Putra Pembarep; Prabu Anom Suyudhana.

Harita Prabu anom Suyudhana nuju mayunan pasamoan Para gegeden
Astina. Sang Raja linggih di na dampal denta tinaretes ing sosoca.
Dipayuneunana calik Sang Dangiang Dorna ngantos dawuh, mani
tungkul wireh ajrih ku Sang Nata. Sagedengeunana calik Patih Sakuni
Panasehat Para Kurawa. Teras calik diantara Raja2 nu dipihormat
Raja Awangga Karna; Raja Madura Prabu Baladewa.
Saterasna Dursasana, Jayadratta Satriya Sindhu kalangan.
Saterasna calik disapengkereun Raja2 nya eta Aswatama, Putra
Dangiang Drona; teras ditema ku Citrayudha, citraksi.

Sritinon ing pasewakan...........busana maneka warna, rengreng
manik narawaca....................

Enggalna Sang Prabu Anom Suyudhana ngandika:" Para pangagung
sadaya, bagja kumayangan sampeyan pada sumping ka na ieu
sinewaka; Kaula aya badamikeuneun jeung para Pangagung sadaya."

Sakuni:"Hehehehe, sok reuwas paman mah lamun aya pasamoan ngadadak teh; cing mangga carioskeun aya naon ?"

"Duuuh pamaaan, Paman Sakuni................. Di Kaputren Permaisuri
Banowati keur kabingungan, lantaran kaleungiteun raina, nya ipar Kula,
nya eta Burisrawa. Sawewengi eta Prameswari Banowati teras ngangis
teu yasa dilirenkeun. Kumaha ayeuna tindakan urang ? Da kapan
ngaleosna Burisrawa teh ngadadak pisan ; bari teu jelas ka mana2 na ?
Sedengkeun eta Burisrawa teh matak Rai Banowati nangis teras lantaran
kapan Burisrawa th keur gering.Teu daek dahar , teu daek nginum; teu
daek sare; gawena ngan seuseurian sorangan, bari nyiuman bantal.
Mun aya emban ngadadak si emban dirontok dogalentoran; atuh emban2
pada kalabur."

Drona:"Ke ke ke...........  naon atus kasawatna eta Raden Burisrawa teh ?"

Duryodhana:"Ari cek Prameswari mah; sanggeusna Burisrawa gagal
nikah ka Sumbadra; malahan terus Sumbadra na ditikah ku Arjuna;
Burisrawa jadi owah. Unggal poe sok hahariringan bari nyebut2 nami
Sumbadra, kitu eta kasawat Burisrawa teh."

"Eta mah gering pikir atawa siwah tea meureun." saur Baladewa komentar.

"Cohagna kaedanan ku Sumbadra..........."Drona mairan.

"kumaha atuh ayeuna ?" Saur Suyudhana.

"Ah nya teu kedah pusing2; hayu we kerahkeun para tamtama lan
prajurit kudu neangan Burisrawa; piraku sugan teu pendak? Masing
salegana Astina oge ?"

Nya atuh diputuskeun harita kudu ngerahkeun pasukan; ari nu mingpin
dipasrahkeun ka Dursasana sareng Jayadratta.

Tunda nu nuju milarian Burisrawa; ayeuna urang tingali aya jalmi
jangkung badag, papakean teu pararuguh; buukna gimbal teu
disisiran2 acan; manehna asup ka leuweung anu kacida sangetna,
manehna kacirina mah geus putus pangharepan; sajajalan ngan nyiuman
tangkal kai, bari ngarumrum :"Eeemh Sumbadra nu denok; ieu akang
Burisrawa." E eee   eee Sumbadra........... anu geulis anu buranyay....
ku naon eulis ngantunkeun akang !? Tega pisan si geulis.............
Tah geuning ayeuna mah hareupeun kaula, ulah ka mana2 deui; yeu
ku akang dicium !..........bedul geuning Kai !"

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar