Selasa, 24 Agustus 2010

[kisunda] Samemeh Bharata Yudha ka-21

 

Barang ningali Kresna tos gugah enggal wae Suyudhana mihatur, da sieun
kapayunan ku Arjuna:"Eh Kresna, geus lila pisan Kaula nungguan sampeyan;
ari maksud Kaula datang ka ieu tempat teh, taya lian rek ngabejaan yen
perang antara sadulur teureuh Bharata bakal kajadian; ku sabab kitu Kaula
ngaharep pisan sampeyan bakal milu perang, di pihak Astina. Kaula jeung
sampeyan dulur; kitu deui Pandawa jeung sampeyan. Dua pihak, boh Kurawa
boh Pandawa aya kaiket ku duduluran, taya bedana. Ngan wae Kaula nu datang
mimiti ka ieu tempat."

Kresna unggut2an we bari mesem ngabandungan Duryodhana sasauran; saparantos
Suyudhana liren nyariosna; enggal ngandika:"Eladalah, jadi ayeuna Bharata Yudha
teh bakal kajadian ? Nya Kaula ge sigana mah kudu biluk ka salah shiji pihak; antara
Kurawa jeung Pandawa. Sampeyan nyebatkeun yen sampeyan nu ti heula
sumping ka dieu. Mungkin oge bener. Tapi nu pangheulana katingal ku Kaula teu aya
lian, ti Parta. Ku sabab kitu; supaya adil, Kaula moal rek beurat sabeulah, sabab boh
ka Kurawa boh ka Pandawa; Kaula aya iketan duduluran. Jadi mun Kula biluk ka
Kurawa kumaha Pandawa? Atuh mun Kula biluk ka Pandawa, kumaha deuih Kurawa?
Tah ku sabab kitu, supaya adil Kula bakal ngabagi dua ti pihak Kaula. Nya eta Kula
sabage pribadi; jeung Pasukan Kula nu dipimpin ku Panglima Kritamarma jadi bagean
lain ti Kaula. Ku sabab Arjuna nu katempo ku Kaula, mangkana Arjuna bakal dibere
hak MILIH ti heula. Naha bakal Milih Kresna sacara pribadi; tapi Kresna moal milu
perang silih telasan; ngan saukur biluk wungkul; bari teu perang? Atawa milih
Panglima Kritamarma jeung sagemblengna pasukanana nu bakal toh pati jiwa raga,
milu di na sakabeh peperangan ? pek pikirkeun? Milih mana? Naha milih Kresna nu
teu milu perang ? Atawa milih Kritamarma jeung sakabeh pasukanana ?"

Dananjaya bingah manah, siga nu teu dipikir deui enggal wae matur:"Kaula bakal
milih Kresna sacara pribadi, najan teu milu perang oge."

Bingah amarwata suta, bingahna kagiri giri, sang Duryodhana.
Gerentes manah Duryodhana:"Bodo ieu si Arjuna! keur naon milih Kresna?
Kapan moal rek perang? Kalah ka olok tombok we. Kaula bakal untung sabab
meunang bantuan Pasukan Dwarawati u dipimpin ku Kritamarma nu sakitu kuatna?
Enyaan bodo katotoloyoh tah si Arjuna !"

Enggalna bae Suyudhana pamit ka Kresna , bade neraskeun perjalanan ka Madura.
Ari Kresna enggal miwarang Panglima Kritamarma sareng pasukanana mangkat ka
Astina kanggo ngarojong Astina merangan Pandawa. Arjuna guligah pisan, margi
kanggo anjeunna Kresna sacara pribadi langkung ageung hargana, ti batan
Kritamarma sareng sagemblengna pasukan. Masing Kresna teu ngiring perang oge.

Caturkeun Suyudhana sumping ka Madura, ditampi kalayan daria ku Baladewa.
Enggalna Suyudhana nyarioskeun yen perang Bharata Yudha bakal kajadian;
anjeunna nyuhunkeun Baladewa aya dipihak Kurawa.

Saur Baladewa:"Hade, memang Kula leuwih condong ka andika Suyudhana ?
Tapi kumaha Kresna adi Kaula ? Naha geus diajakan tawa tacan ?"

"eeuu......... nya atuh; Kresna maparin Panglima Kritamarma nu gagah jeung
sagemblengna pasukan. Kula bingah pisan. Sok atuh ayeuna sampeyan oge,
Kaula bungah pisan mun sampeyan daek biluk ka Kurawa !"

"Alus tah mun Kritamarma geus daek bela ka Kurawa mah. Tapi ke ari Kresna
kumaha ?"

"Ah keun we lah Kresna mah, teu penting. Manehna enya biluk ka Pandawa, tapi moal
perang da, jadi percuma we milu ari teu perang mah, keur naon lain? teu guna2?
Tah hayu atuh sampeyan mah biluk we ka Kurawa."

"Hehehehe, yeu Suyudhana, Kula jeung Kresna can ngajaran misah; mun Kresna
perang tangtu kula ge perang; mun Kula perang jeung musuh saha wae; tangtu
Kresna ge pipilueun. Tah ku sabab kitu Kaula moal daek perang dipihak dimana bakal
jadi MUSUH Kresna, masing Kresna teu perang oge! Jadi hajakal di na hal ieu,
Kaula moal daek pasanghareup sanghareup perang ngalawan Kresna. Kula mah
ayeuna ngan ukur bisa ngado'akeun mudah2an sampeyan bisa meunang perangna."

Rada hanjelu Suyudhana, tapi teu seueur saur, teras wae mulih. Enggal laporan
ka Sakuni.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar