Minggu, 08 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-14

 

Para Raja2 sadaya, tadi urang tos ngupingkeun, naon nu diucapkeun ku Krishna.
Kuring satuju ka na pamadegan Krishna, lantaran cukup adil. Kaula satuju
pisan, ka na pamahaman Krishna. Pamikiranana guna pisan keur kadua
pihakanana, boh keur Duryodhana, boh keur Darmaputra.
Lamun Pandawa bisa narima deui Indraprasta kalawan teu perang sama sakali,
ah tangtu dunya bakal aman. Eta nu diharep ku urang sarerea.

Utusan nu bakal dikirim, kudu jelema nu boga niat KUAT kana duduluran, lain
pacengkadan. Jelema nu dikirim ulah nu boga napsu hayang PERANG. Tapi
kudu nu pinuh rasa welas, rasa asih, kudu ngusahakeun pisan damai.
Jaga pisan ayana peperangan.
Dharmaputra sadar, yen geus ngalakukeun hiji kasalahan, nyaeta judi jeung
Sakuni nu memang ahli. Padahal Yudhistira atawa Dharmaputra teh, geus
ngamilik deui Indraprasta waktu harita; tapi keukeuh dipasangkeun deui,
plus diri pribadi sakabehna. Geus puguh PASTI kalah? naha  atuh terus wae
maen DADU deui ? Teu kapok2 ? Tah ieu kasalahan Yudhistira teh.
Padahal geus loba nu nganasehatan harita teh supaya stop maen daduna jeung
Sakuni.
Tah ku sabab sakitu, Dharmaputra memang geus bebas ti na hukuman mah, ngan
naha Indraprasta bakal kapimilik deui ?
Ieu geus beda deui jalanna. Topikna beda.
Eta lain HAK, tapi Dharmaputra bisa menta . menta kinasih Kurawa.
Mun dibikeun, dibalikeun deui, eta hartina Kurawa kacida bijaksanana. Tapi mun
teu dibalikeun deui, Yudhistira teu boga hak maksa, lantaran salah sorangan.
Jadi dibikeun teu na mah, gumantung pinter2na eta DUTA nu bakal ditus ka Astina.
Ngan wae Kula ngingetkeun ka sadaya, hasil ti na perang teh ancur2an, moal aya
alusna, jadi jauhkeun pikiran ka na perang teh."

Kitu biantarana Balarama waktos harita.

Jaya Bang Winga Winga........................
Satyaki teu tiasa nahan amarahna deui, enggal wae nyetop pidatona Baladewa,
teras anjeunna menta waktu rek pidato. Der we Satyaki pidato :"

Yeuh para Raja sadaya, pidatona Balarama euweuh pisan rasa kaadilanana,
Jalma pinter bisa wae ngutak ngutik hiji perkara, ti na netral jadi meunang;tapi
teu sakabeh kapinteran bisa ngarubah nu teu adil jadi ADIL.
Naha urang teu apal ka na kacurangan Sakuni ?

Mun urang ngomog kasar mah, saenyana Sakuni jeung Kurawa
teh geus nipu Pandawa. Ngarampas atawa ngarampog milik
Pandawa. Saenyana mah Kurawa teh GARONG ! Tah kunaon
ku urang diantep? urang ngantep kateuadilan ; sarua we jeung
urang ngantep garong ngagunakeun hatrta garonganana jadi
saperti milik pribadina. Saha wae nu nyalahkeun Dharmaputra
di na wakytu ieu, saenyana mah naon sababna, cing ?
Lain naon2; ngan sieu ku Duryodhana ! Eta alesan pokona mah.
Yudhistira datang katempat maen dadu, lain kahayang sorangan,
tapi diundang sacara LICIK ku Kurawa/Sakuni. Terus diteken jeung
disindir sindir, nepi ka akhirna maen DADU bari dilicikan.
Tah kunaon atuh, Yudhistira make kudu nunduk2 mementa nagari
Indraprasta?ka Duryodhana?

Tah ayeuna sanggeusna rengse ngajalanan hukuman, Dharmaputra
lain tukang baramaen nu menta2 kinasih Kurawa/Duryodhana.
Pandawa geus rengse ngalakonan sagala hukuman; tapi Duryodhana
teu boga kaera, keukeuh teu tarima yen Pandawa geus ngajalanan
sakabeh hukuman.

Kaula bakal usaha rek nalukkeun eta jalma2 baredegong, dursila
jeung licik. Maranehna kudu milih antara dua, menta maaf jeung
ampun ka Yudhistira, atawa Perang nu hartina musnah keur
maranehna. Lamun maranehna hayang perang, moal aya bayana
urang maehan, lantaran perang ieu  keur nanjeurkeun kadilan !"

Duryodhana moal mungkin mikeun Indraprasta tanpa peperangan.
Urang kudu nyaho hal eta. Euweuh gunana urang miceun waktu.
Urang kudu siap tempur, mepek balad ti ayeuna. Hayu urang perang.
Perang nu teu bisa dipahing deui.

Bari ngos ngosan Satyaki ngeureunan agitasina.

Hanca

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar