Kamis, 05 Agustus 2010

Samemeh Bharata Yudha Ka-9

 

Nagri Mandura harita dipimpin Ku Prabu Kuntiboja; nu kagungan Putra 3,
nya eta : Basudewa, Arya Prabu Usinara , sareng Dewi Kunthi Nalibrata.
Nagri Mandura sering ngahormat sareng ngahargaan ka para Brahmana,
ku margi sakitu, sering pisa Resi2 nu ngalalana nyimpang heula ka
Mandura. Sowan ka Raja. Saterasna ku Sang Raja dibekelan sapuratina.
Atuh seueur Resi nu masihan berkah ka Karajaan Mandura.

Di na hiji wanci, aya Resi nu tos sepuh pisan, angkatna ge tos gagaleongan,
sowan ka Raja Kuntiboja, ku Sang Nata, ditaros Resi nu ti mana, sareng
bade nuju ka mana? Kapan sakitu tos kasepuhan masih keneh kersa
ngalakukeun perjalanan ? Eta Resi teh ti Madura ( tungtung Kidul Hindi );
bade ka Himalaya. Tos ngalakukeun perjalanan, aya ka na 3 taunna,
lantaran panasaran palay ningal tempat Para Dewa ( kayakinan Hindu,
yen Dewa2 teh aya di Gunug Mahameru/Himalaya; model kayakinan
Yunani ka Gunung Olympus ), samemeh puput umur, saurna.

Nya atuh ku Prabu Kuntiboja, eta Resi teh ditampi kalayan kahormatan,
saterasna dibekelan lengkep sapuratina. Eta Resi kalintang
nganuhunkeunana ka Sang Prabu; nya waktos bade neraskeun perjalanan
anjeunna ngajiad ka Prabu Kuntiboja, yen jaganing geto , bakal boga
turunan anu harebat. Teras masihan hiji cupu ka Dewi Kunthi, bari
diimplikan pisan, yen kedah ati2 nganggona.

Di na hiji mangsa, Dewi Kunthi panasaran ku eta cupu nu didamel ku
manik2; anjeunna palay uninga naon kasakten atanapi kaanehan eta cupu;
enggalna bae di Taman Sari anjeunna ngahaja misah nyalira, muka
cupu bari mapatkeun aji, bari nuju disorot ku Panonpoe. Enggalna wae
Dewi Kunthi teu puguh2 kapiuhan/kapidara teu emut di naon2; mung wae
anjeunna kasumpingan tamu nu nya kasep nya sarwa ginding, pangango
murub mubyar ku permata; Dewi Kunthi kapincut ku eta jalma, tapi bari
rada sieun; enggal bade ngejat, tapi Sang Dewi teu walakaya; teras
eta jalma nu luar boasa gagah/kasepna teh nyaketan ka Dewi Kunthi,
bari sasauran halon tapi teges:"Tong sieun Dewi, ieu Kaula Bhatara Surya
rek ngajiad sampeyan; lantaran sampeyan geus menta anak ka Kaula,
jadi pek tarimakeun ieu anak sampeyan."

Dewi Kunthi kalintang reuwasna atuh ngagurubug, nya enggalna emut
deui, nuju ngalumpruk we di taman.

Teu kungsi lami ti harita Dewi Kunthi ngandeg; tadina mah dirusiahkeun;
tapi akhirna Sang Prabu uningaeun; langsung wae Dewi Kunthi ditalek,
si na ngaku saha2na jelema nu wani2 ngagadabah kahormatan Dewi
Pritha ( Dewi Kunthi Nalibrata waktos alit keneh ). Akhirna saparantos
diguliksek, Dewi Kunthi nyarioskeun masalah cupu tea; tapi Sang Raja
teu percanteneun, teras diguliksek deui; tapi keukeuh Sang Dewi
ngakuna sapertos tadi. Akhirna Sang Raja taak, enggal nyuhunkeun sababaraha Resi wacis sumping ka karaton bari rerencepan, da bilih
guyur, lantaran hal ieu matak wiwirang ka sadaya.

Kaleresan Brahmana Nagara teu aya nu mampu muka eta rasiah, lantaran kalintang ahengna, nya atuh ngulem Hiji Pandita Sakti nu sok gentur tapa,
kanggo sumping ka Mandura, bari muka rasih aheng di Karaton.

Enggalna bae, Resi Janardipha sumping, teras lebet ka Kaputren,
salajengna Dewi Kunthi dipiwarang kuramas nu kalintang bersihna.
Saparantos kitu Eta Brahmana menekung payuneun Dewi Kunthi
nu oge menekung emok andeprok. Saparantos rada lami, enggal
Sang Resi lugay ti na tapana; teras ngadep ka Sang Prabu Kuntiboja.

Enggalna Resi Sakti sasauran:"Raja Mandura, anak sampeyan memang
geus kasalahan mraktekkeun ajian nu aya hubunganana jeung cupu manik;
tah ku sabab kitu; anak andika dijiad Ku DEWA Surya. Jadi anak andika
bakal boga anak turunan Dewa. Sampeyan kuduna bungah, Raja Mandura."

"Arek bungah kumaha ? Ieu anak Kula sidik masih parawan keneh, naha atuh bisa reuneuh teu puguh2?Pan eta mah wiwirang, lain kagumbiraan?
Kumaha Kaula bisa gumbira nampa incu , teu bapaan ?"

"Oh tenang Sang Aji, ieu mah memang geus pernasiban jeung suratan
anak sampeyan; tapi Kaula ayeuna bisa nulungan sampeyan, nya eta
Sang Sudewi, moal ngalahirkeun sacara manusa Umum; tapi ku Kaula
eta orok bakal dikaluarkeun ti na cepilna."

Memang ajaib pisan, Dewi Kunthi enggalna bae tos ngalahirkeun, bari
teu acan2 oge 9 sasih, sareng ajaibna eta orok kaluar tina cepil
Dewi Kunthi, bari teu karaos naon2. Ajaibna deui, eta Orok barang brol
tos nganggo OTO, sareng dicepilna aya anting2 emas gugurilapan.

Sang Prabu Kunthiboja akhirna percanten yen ieu putuna teh pastina ge memang anak Dewa; da moal mungkin anak manusa biasa mah geus
boga OTO waktuna lahir.

Ku margi kaluarna eta bayi ti na Cepil Dewi Pritha, nya Ku Sang Raja,
eta bayi dinamian KARNA nu hartosna Ceuli.
Tapi cenah hal ieu kudu dirusiahkeun pisan, sarengna deui eta bayi piceun
wae ka Walungan di na peti anu kuat; keun we da anak Dewa ieuh saur
Sang Prabu satengah NYINDIR, piraku sugan cilaka? Nya atuh kapaksa
ku Dewi Kunthi ieu orok dibuang ka Leuwi Yamuna, bari teras2an nangis,
ku anjeunna diserat KARNA di na OTO; supaya upami kapendak ku batur sareng masih hurip; susuganan ngaran Karna teu dileungitkeun. Eta
Oto tadina bade dibuka ku Sang Dewi, tapi teu tiasa; tteras bade diguting
sareng dikeureut ku peso; teu teurak; akhirna sagala senjata naon wae
teu aya nu teurak ka eta Oto. Nya di na kaayaan kitu dialungkeuinana Karna ku Dewi Kunthi ka Wahangan.
 

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar