Kamis, 26 Agustus 2010

[kisunda] Bharata Yudha Ka-25

 

Tunda Gatotkacha nu nuju gunem catur; ayeuna urang nyarioskeun kasiapan
Perang ti Dua pihak nu bade Ngadu jurit; nya eta pihak Pandawa sareng Kurawa,
nyata dua puhakanana seueur nu ngadukung/ngarojong. Jadi memang ampir
satanah Hindi milu kana ieu perang.

Pasukan Pandawa bisa ngumpulkan 7 Divisi ! Ieu kakuatan teh tangtu we loba
pisan; pikeun ngagempur 3 Nagara wae mah; leuwih ti cukup. Komo deui Pasukan
Kurawa Astina; nu implut jeung dihijikeun jadi 11 Divisi.

Sa Divisi Dina Zaman Peperangan waktu eta di Nagari Hindi; kakuatanana kira2 :

1. 21,870 Kareta Perang
2. 65,500 Kuda Kavaleri
3. 21,870 Pasukan Gajah
4. 109,350 Pasukan Infantri : Aya pasukan tumbak; pasukan pedang jste.
 Jadi Pasukan nu bisa dikumpulkeun ku dua pihakanana jumlahna yuta yuta.

Duryodhana yakin pisan pihak Kurawa pasti meunangna; lantaran jumlah
prajurit jeung pasukan leuwih loba ti Pasukan Pandawa. Kitu deui Para
Pahlawan Perangna Raja2 nu sarakti.

Tah nu ayeuna rada bingung; nya eta nangtukeun saha nu bakal Mipin kabeh
Senapati/Panglima. Jadi kudu aya Pupucuk Senapati/ Panglima Tertinggi.
Nya Suyudhana ngayakeun sidang Perang nu diluuhan ku sadaya Raja2 nu
biluk ka Kurawa.

Suyudhana nyarios ka Sakuni, yen kapalay anjeunna mah nu bakal jadi Maha
Senapati, mimpin sadaya Senapati iwal ti Raja Angga Basukarna. Suyudhana
percanten pisan ka na kasatiaan jeung kagagahan Basukarna. Tapi Sakuni
nyarios yen lamun urang mawa karep sorangan, Raja2 nu ayeuna biluk ka Kurawa
bakal malundur atawa Perangna teu enya enya. Supaya ieu perang
dimeunangkeun ku Kurawa; euweuh deui cara iwal ti kudu nurut ka na putusan
sidang perang ieu. Nya atuh Suyudhana ngagugu ka na cariosan Sakuni.

Barang der gempungan; para Raja seuseueurna ngarojong Bhisma sabage Maha
Senapati, lantaran cenah geus kabuktian kagagahanana; tos seueur pangalaman,
sareng deui Bhisma teh sesepuh Pandawa/Kurawa. Jadi ku pertimbangan2 ieu;
sadaya Raja sekutu Kurawa samiuk bade milih Bhisma jadi Maha Senapati.
Bhisma nolak, lantaran masih seueur keneh surnah nu langkung pantes, langkung
gagah ti batab anjeunna. Tapi Raja2 ngadesek suapaya Bhisma kersa jadi Maha
Senapati; moal aya nu baha; moal aya hayang parebut cenah sareng Bhisma
mah. Lamun ditolak , matak jadi aing2an. Enggal Suyudhana nyuhunkeun ka
eyang Bhisma supados kersa jadi Senapati.

Saur Bhisma:"Suyudhana, kasep, Putu eyang. Seug Kaula bakal nampa ieu
pangangkatan Maha Senapati. Eyang bakal ngabela Astina, sakuat tanaga.
Ngan eyang aya syarat ?"

"Naon saratna eyan? Sok mangga we nyarios, naon wae tangtos ku Kula bakal
ditedunan, mangga bade dunya brana; kareta kancana ? Naon wae moal teu
ayeuna keneh ditedunan."

:"Hehehehe, lain ! lain eta. Kaula teu butuh dunya brana.:

Suyudhana :"Naon atuh eyang ? Sok we sebatkeun."

Bhisma :"Eyang daek jadi senapati; sing saha wae nu wani nyerang ka Astina
tangtu binasana ku Bhisma Dewabrata; saha wae moal pilih bulu. NGan ku
lantaran Pandawa oge incu eyang, eyang teu tega nelasan para Pandawa.
Jadi sarat kahiji nya eta eyang moal nyilakakeun Pandawa."

Hanca

 

 

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar