Kamis, 30 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 64

 

Karna oge tos nguping yen putranaWersasena, nangtang ka Arjuna. Waduh ieu budak !
bahaya pisan. Kitu Karna ngamanah. Wah wwanianan ngalawan si Arjuna ! Kaula wae bapana can puguh bisa ngelehkeun manehna. Kumaha yeuh ? Mun diantep pasti cilaka; tapi mun dilarang pasti matak wirangna. Jeung Kula kapan biasa ngajar ka anak Kula teh kudu wani; ulah nempo jeung saha perang. tapi kudu nempo bener henteu ieu perang ? Ah meureun geus nasibna si wersasena kudu mati ku Arjuna.Keun we lah, manehna mati ge jadi pahlawan.

Caturkeun deui peperangan antara Partha sareng Wersasena; kacid ramena Wersasena teras nyerang ka Arjuna; tapi tiasa dilayanan ku Arjuna; jadina saimbang pisan. Atuh ger2 we surak balatentara Kurawa ku resepna ningal Wersasena tiasa ngimbangan Arjuna, malah sigana ngadesek ayeuna mah. Keur kitu Arjuna nyorowok :" Ke heula sakeudeung ! Eureunan heula ! Kaula rek nyarita ka sampeyan."

Wersasena tuluy naros ka Arjuna :" Aya naon Arjuna !? Naha make eureun heula ? geus cape sampeyan ? Kaula moal nyerang dui ka sampeyan; tapi smpeyan kudu ngaku yen Rama Karna leuwih hebat ti sampeyan ! Hahahaha !"

Arjuna :" Wersasena. hidep masih ngora jeneh pisan; pikahareupeun masih panjang, jadi mending sampeyan manggil rama sampeyan, sina ngalawan Kaula !@"

Wersasena :" Sampeyan nyata kurangajar pisan, Arjuna ! geus jelas jeung Kula oge sampeyan mah saimbang ! Atuh komo jeung bapa Kaula mah ! Sok ayeuna mah tong loba catur ! Hayu urang tangtukeun mana nu leuwih unggul antara urang duaan !"
Nyata Wersasena teu apal yen Arjuna saleresna nyaah ka Wersasena; tapi katampana jadi salah; persis sami sareng Gatotkacha nyaah ka Karna.

Nya akhirna Arjuna kapaksa ngalayanan deui; tapi masih ngelehan keneh lantaran teu tega ngabinasa ka Wersasena nu meh sarimbag sareng Abimanyu.

Keur kitu corowok teh Bhima :" Eh Jenet ! ieu teh lain keur latihan ! Cing maneh mundur we ! keun ieu anak Karna bagean Kula ! Males pati keur si Gatot ! Maneh mah jeneet sok wecicing di tukang ! Ulah milu perang !"

Barang nguping kasauran Bhima kitu. Arjuna enggal wae manahan ka Wersasena kalawan enya2; atuh Wersasena ngarasa kacida ripuhna  ayeuna mah; satadina hayang nembongkeun yen ramana Karna langkung sakti ti batan Arjuna ! Tapikabuktian ayeuna serangan Arjuna beda ti nu tadi. Ayeuna mah boro2 males manah ka Arjuna; nakis ge mani hese beleke; akhirna  kesang badag kesang lembut kaluar saluar awakna. Ayeuna kakara bpga rasa sieun teh.

Tapi sdaya tos telat lantaran Arjuna teras nyerang ku panahna mangkaning make tanaga jero nu sakti; Wersasena kacida ripuhna; teu kanyahoan peletok wae potong gondewana ; barang rek ganti gondewa panah Arjuna tos nepi atuh langsung sapat beuheung Wersasena teh ngagulitik; badanna ambruk na kareta teras tigugulitik niban lemh. Wersasena pralaya sabage satriya.

Sajongjonanmah Arjuna ngahuleng.............   emh enya jahat pisan geuning perang teh !? Kitu Arjuna nyarios di na manahna.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 4

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Rabu, 29 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 63

 

Dina waktuna Karna jadi Senapati, enyaan kaciti pisan ahlina Karna di na ngaorganisir Pasukan Kurawa; Karna oke tara ngahambur hambur panah pikeun maehan para prajurit; Karna ngan ukur manah nu nangtang ka ditina; tapi teu aya hii ge Pahlawan nu bisa nadingan Karna. Karna enyaan pilih tanding.Tapi prajurit ti dua pihakanana ngahargaan ka Karna.

Kumaha ari ti pihak Pandawa ? Nu maju nya eta Yudhistira digendeng ku Nakula Sadewa, ari pimpinan pasukan dickel ku Srikandhi, lantaran Dristadjumna teu aya sumanget mingpin lantaran rumasa salah tea, ku tiwasna Drona. Arjuna teu hoyong perang deui cicingna disatukangeun pasukan, lantaran protes ku tiwasna Drona; bari ditipu teh dikakaya deuih.
Bhima nutur2 kareta Arjuna bari terus nyumangetan Arjuna supaya maju perang deui.

Tah di na kaayaan kitu pisan Perang harit teh; ath Satyaki ayeuna mah nu nyumangetan sadaya pahlawan Pandawa supaya tetep teger enggpning ngalawan ketak Paukan Astina.

Karn teu pati resepwun ka Aswatama, ku sabab eta keukeuh nu hiji ieu mah disina ngajaga di garis tukang. Nu maja kahareup nya eta Kritamarma, Krepa, Sakuni, sareng Pahlawan NGORAWersasena putra Karna.

Ku sabab Wersasena ngora keneh atuh maju na teh taya kasieun pisan; estu resep we nu aya. Pahlawan2 Pandawa hiji2 tiwas kuieu Wersasena; dugi ka ngagetkeun Pahlawan jadug model Satyaki.

Tos ne,asan 10 Pahlawan, Wersasena celk2 nangtang ka Arjuna :"Eh Partha ! Dananjaya ! ok majulawanan Kaula ! teu kudu jeung bapa Kula sok jeung Kaula ge sampeyan can puguh meunang !"

Ieu panangtang teh kakping ku Aejuna, enggal wae Arjuna maju nyampeurkeun hoyong terang ka nu wani nangtang ka anjeunna. Barang gok Arjuna kaget lanyatan musuhna ngora keneh pisan; sareng rupana meh sarimbag jeung ingkang Putra Abimanyu. Partha ngarasa nyaah ka Wersasena; tapi ku sabab ditangtang terus2an nya maju we akhirna Arjuna bari satengah hate; atuh barang der perang tagot teh; kacida saimbangna; malah Wersasena leuwih agressive.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 4

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Selasa, 28 Juni 2011

[kisunda] bharata Yudha ka 62

 

"Sakuni ! sampeyan teh beungeut nyanghareup ati mungkir. hareupeun Raja Drestarastra sampeyan teh jiga nu heueuh hayang ngakurkeun Pandawa jeung Kurawa; tapi disatukangeun Maharaja Dristarastra mah sampeyan teh estu hayang nempo riributan antara kulawarga Kurawa jeung Pandawa; cohagna sampeyan nyeri hate ku sabab adi sampeyan Gandari dikawin ku jalma lolong !"

Sakuni kacida a,arahna. ku ieu tuduhan nu taya bukti sama sakali; tapi Sakuni nahan dirina ulah neoi ka ngamudalakeun amarah di na sidang eta.

BRng ningAL REAKSI Sakuni biasa wae; Salya neraskeun deui :" Sakuni sampeyan ngaduruk asrama Pandawa waktu Yudhistira diangkat Senapati;untung Pandawa salamet terus kabur ka Pnchala. Terus sampeyan mitnah Pandawa yen teu puguh2 ngahiji jeung musuh Astina. Padahal Pandawa apal yen matak asramana kahuruan teh tangtu aya nu sirik pidik ! Da memang sampeyan nu ngahaja ngaduruk asrama pandawa teh."

Sakuni mani reup geuneuk ray pias nahan amarah; mani ngadegdeg ku keuheul2na.

Hehehehe ! kakuping aya nu seuri tarik pisan ! Atuh sadaya malik ka nu seuri tadi; nyata eta eh sora Karna. Enggal wae Salya tutunjuk ka Karna:"Eh Karana anak kusir ! Sampeyan oge pipilueun ngahina ka Drupadi .........."
Teu acan tunas Salya nyarios kapegat ku Karana nu nyorowok bari tos siap ku gandewana :" Eh Raja Mandaraka ! sok geura tempo dunya ieu sakali deui ! Ku Kula sampeyan bakal dikirim ka naraka !"

Enggal wae Salya oge nyiapkeum ondewana bari sasauran :" Kaula teu sieun ! Sok sore wani isuk wani ! Kaula moal mundur ku jalma pantar sampeyan ! Jeungna deui Kaula kapan geus meunang paidin ti Suyudhana !"

Karna seuri :" Hahahaha ! Enya sampeyan bener ! Tapi di na waktu leu7r perang mah. Maha Senapati nu boga wewenang ! Naha sampeyan geus menta idin ti Maha Senapati !?"

Sajongjongan mah Salya teu yasa sasauran.............. barang nuju ngahuleng kitu, Sakuni enggal ngagandeng Salya. mepe Salya ulah ngaberung napsu; sabab akhirna Salya bakal rugi; lantaran ngabangkang ka atasan nya eta Mahasenapati Karna. Ari Suyudhana enggal ngahalang Karna. ulah kateterasan manah ka Salya ,alah ,ah kedah bageur ka Salya teh cenah lantaran kapan salya teh awon2 ge mertua. Karna enggal sadar malah teras nyampeurkeun ka Salya teras nyuuh ka na pangkonan Salya, bari mementa ampun. Salya oge rada kahibur manahna, ku nyembahna Karna teh, malah terus ngusapan tonggong Karna; da kapan goreng2 ge Karna teh minantu kapan.


Nya beres we urusan KUSIR teh sanggeusna insiden nu kacida ngahariwangkeunana; sabab bisa2 ribut gede. mun salah mah nangananana.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 4

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 61

 

Sajongjonan mah Durtodhana ngabetem we, teu iasa sasauran;  ku margi teu nyangki yen saratna kitu !? Aduh kumaha yeuh ? Ditedunan pikasebeleun; teu ditedunan Salya moal daek jadi kusir. Karna oge ti tatadi nahan napsu amarahna, ku margi Salya terang2an pisan ngahinakeun ka anjeunna.

Tapi akhirna mah Sutudhana gilig manah, kajeun narima panghina ti Salya, ti batan eleh perang mah ! keun hayang nyaho nepi ka mana nyrekanana !? Ari Salya tos gilig manah; mun wae anjeunnakuduperang ayeuna hartina lain nolak parentah, tapi ngabela harga diri jrung bebenerab; keun kumaha engke we! Kitu manah Salya.

Tah mimiti Kaula rek nyarekanan sampeyan Prabu Anom Jakapitana !
"Eh Suyudhana ! Naon sababna Eyang Bhisma palastra ?! Naon sababna Resi Drona pralaya ? Naon sababna Burisrawa, Baghadatta, jeung seueur deui Pahlawan sanesna lastari ? Eta kabeh nu jadi sabab musabab "kasarakahan andika" ! Suyudhna !"
Salya liren heula bari ngos2an nahan amarah mu tos lami kapegung ! Katingal Duryodhana teup geuneuk ray pias nahan amarahna.

:"Kurupati ! andika teh geus ngajak Para Satriya supaya mati di medan laga ngabelaan DOSA NIPU smpeyan ka Pandawa ! Da ari sosoranganan mah andika teh estu euweuh kawani ! Nya andika ngagunakeun nu sejen ! Pikeun ngalawan Pandawa nu tungtutanana bener !!" Salya liren deui bari melong ka Kurunata. sareng ngalirik para hadirin sadayana; katingal Dursasana. ngahrgak sareng siga nu bade mesat wangkingan ! Ah memang si nurustunjung Dursasana ieu nu bakal ku aing dicarekanan laklak dasar teh. Meureun ayeuna Kula bakal nyabut nyawa si Dursasana ; keun masing aing paeh diraponan fe puas mun geus modaran si durujana nu ieu mah.

:Aeh Dursasana ! andika ngeunah2 we padahal adi2 andika kapan pada tiwas ngabelaan diri sampeyan ! Ari andika aya di mana !? Nyumput nya ? Ku naon atuh make pipiluan perang ari rek nyumput mah !? Enyaan sampeyan mah durujana, nu wanina ngan ukur ka awewe ! nu tanpa daya ! Saperti Drupadi nu digugusur ka sidang harita ! Memang sampeyan mah jalma nu kawas sato ! teu aya mirip2 manusa sama sakali !"

Dursasana memang teu kuat nahan napsu, harita keneh rek luncat merangan Salya; tapi leungeunna dicekelan ku Sakuni mani pageuh, lantaran Sakuni terang Dursasana mun diantep matak gukrud sarerea . Dursasana oge sadar, lamun manehna ayeuna luncat nyerang ka Salya, can puguh bisa nelasan Salta, malah mungkin wae dirina nu cilaka, lantaran kapan Salya kasohor jago, teu sambarang jalma bisa ngalawan Salya.Nu matak napsu2 ge kapaksa Dursasana nahan dirina.

Ku margi Dursasana sigana teu kapangaruhan oge, lantaran dicekelan ku Sakuni, nyel we Salya ijid pisan ka Sakuni. Teras wae laklak dasar ka Sakuni, nu dilawan ku hehehe we ku Sakuni teh.

HANCA

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Senin, 27 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 60

 

"Para Hadirin sadayana, " Karna ngawitan biantarana. "Ayeuna Kaula dipercaya jadi Maha Senapati pikeun mimpin Balatentara Kurawa keur merangan Pihak Pandawa. Kaula narima ieu tanggung jawab, jeung bakal dilaksanakeun nepi ka Pandawa tumpes .........!" Karna liren heula biantarana, mere waktu keur nu sarurak.

"Memang Pahlawan2 Pandawa kaasup  jarago oge, utamana Arjuna jeung si Bhima, tapi saenyana mah kabeh ge euweuh naonana ............. Buktina ku Drona sorangan kapan bubar katawuran tah Pasukan Pandawa teh ! Nepi ka nyieun pokal aswatama lastari !" Di dieu ger deui rame nu susurakan bari komentar nyarekanan pihak Pandawa ! utamana Sri Kresna.

"Kula kamari teu  milu perang, lantaran Kula sedih senjata Kula dipakena ka budak leutik lain ka si Arjuna ! Sigana mah ngahaja tah Pihak Pandawa ngajukeun Gatotkacga teh mancing Kula ngaluarkeun senjata Kunta ! Licik deui wae tah pihak Pandawa teh !" Ger deui nu nyararekan Pandawa sareng Sri Kresna.

"Ayeuna Kaula bakal ngaluarkeun parentah kahiji. nya eta peperangan balik deui ka asal, nepi ka Panonpoe surup. Sanggeus panonpoe surup teu meunang aya nu perang deui. Jung geura umumkeun ka Pihak Pandawa !"

"Saenyana................" Karna neraskeun biantarana, :"Arjuna teu hebat2 teuing lah ! Naon sababna jiga hebat pisan ? Eta teh lantaran KUSIR karetana jempolan nya eta si KRESNA tea ! Mun Kula aya kusir nu nandingan mah ka si Kresna tinangtu gampang wae nyabut nyawa Arjuna teh ! Kula geus boga implengan, tapi naha daekeun jadi kusir Kaula ? Tah eta nu rada beurat teh !?"

Sutudhana ngacung teras sasauran bari rada tarik :"Sok atuh sebutkeun lah ! Tong boro hiji kusir sarebu kusir moal teu diusahakeun ku Kaula !"

Karna ngawaleran :"Prabu Anpm Duryodhana, ieu teh gampang2 susah ! Mun sadrah jalmana, tangtu gampang, tapi mun henteu mah tinangtu bakal jadi masalah!"

Suyudhana:" Ah tong make tatarucingan Raja Angga ! Sok we sebutkeun Kula tinggal marentah !"

Karna :" Jalmana teu jauh malah ayeuna ge aya hadir ! Tah Prabu Salya ti Mandaraka !"

Leng    leng  ...........ramyaning kang sasangka    kumenyar.....................
Suyudhana estu kaget barang nguping yen nu bade dijadikeun kusir kareta perang Karna teh SALYA ! Aduh jelas ieu mah hese bin musykil yeuh. Emh aing wawanianan jangji bakal marentah kusir nu mana wae ! Teu nyangka yen nu bakal dijadikeun kusir teh mertua kaula Raja Mandaraka !? Aduh kumaha yeuh? Beurat yeuh? Kitu manah Duryodhana pinuh pagaliwota ku sabab bingung.

Akhirna Suyudhana nyumpingan korsi Salya teras nyembah sareng nyuuh nyungkeun sih pikawelas ti Salya.

Salya sakedapan mah olohok we ningal Prabu anom Suyudhana nyembah ka anjeunna; sabab saumur dumelah kakara ayeuna disembah ku Suyudhana ! Padahal mantuna ? Salya makana teu pati panuju ka mantu nu mana oge lantaran tiluanana teu sapikiran. Tilu mantu teh nya eta Prabu Baladewa ti Mandura nu ngadahup ka Erawati. Kadua Surtikanthi nu nikah ka Karna; ka tilu Banowati nu ngadahup ka Suyudhana.

Tapi Salya enggal waspada, anjeunna bakal ngajukeun hiji hal nubakal beurat ditarimana; lamtaran na ,anah Salya teg yen si Karna sarua jeung ngahinakeun ka diri anjeunna ! Padahal masing Karna ayeuna jadi Maha Senapati, kapan teu pira anak kusir kareta !
Nu matak Salya asa kahina pisan. TYapi ku sabab Suyudhana mentana bari nyembah, watek Bangsawan nu saling ngahargaan, teu meunang henteu kudu ditarima; tapi kudu ngaluarkeun sarat nu beuret pisan ! Tos gilig manahna enggal wae Salya ngandika :

"Prabu anom Suyudhana, Kaula ku sabab geus jadi ngahiji jeung Pihak Astina; nya kapaksa kudu nurut ! Ngan wae Kaula ngajukeun sarat, naha kira2na bisa ditarima atawa henteu ? Lamun henteu mah teu naon2.....................Kaula ge haroream ngusiran jalma nu teu pantes mah !"

Suyudhana :" Ah tong boro hiji sarat atuh. Dalah 10 sarat gw sok mangga wae !"

Salya :"Ah teu kudu loba2 hiji we KUla mah, na enya sampeyan bakal nyatujuan !?"

Suyudhana :"Kapan Kaula nu butuh, piraku we sarat sampeyan ditolak ku Kaula ! Sok sebatkeun we !"

Salya:" Ieu sarat teh gampang2 susah oge, saperti tadi si Karna ngomong ! Tah sarat Kaula teh, samemeh jadi Kusir Kaula hayang nyarekanan sampeyan sakabehna !"

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Jumat, 24 Juni 2011

Bharata Yudha 59

 

Suyudhana barang nguping Resi Drona Palastra salian ti sedih kingkin enggal wae nyarios ka Karna yen Senapati Tos tiwas. Karna mani ngagurubug gugah, eling ka na purwadaksina; enggal wae ngalahir :" Aduh atuh bahaya pisan ayeuna posisi urang teh; tarik wae sadayana Pasukan; ulah aya nu kaluae perang dugi ka Senapati nu anyar diangkat."

Teras wae harita keneh Pasukan Astina ditarik sina malundur; ari pihak Pandawa teu ngarudag, da tos kacida kacapeanana perang teu eureun siang sareng wengi.

Enggalna Suyudhana ngayakeun sidang darurat harita keneh, tujuanana kanggo ngangkat Senapati. Harita nu hadir teu sueur deui tinggal sababaraha Pahlawan Utama. Sidang harita disumpingan ku Duryodhana nu ngulem; teras Sakuni Katua Panitia; teras Basukarna; Salya; Kripa, Dursasana, Kritamarma, ari Aswatamma latingal mojok lantaran rada era tadi kabur sieun ku Bhima.

Suyudhana enggalna ngalahir :" Para undangan sadaya ayeuna Resi Drona tos pralaya lantaran dilicikan ku Pandawa; pokal si Kresna; tah ayeuna urang ngangkat Maha Senapi nu anyar Kaula cop pisan ka Karna !"

Karna rek ngabantah, tapi para hadirin raong sacara aklamasi/saurmanuk yen satuju pisan Karna dingkat jadi Senapati; lantaran kapan sanggup ngelehkeun Gatotkacha; jeung kapamimpinana geus kauji pisan; malah aya komentar pajarkeun kuduna mah ti baheula oge Karna nu kudu diangkat Senapati teh, lain Bhisma atawa Drona.

Atuh teu lila2 sawala caturkeun wae Karna diangkat jadi Maha Senapati; teras biantara.


HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 5

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Minggu, 19 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 58

 

Barang sirah Drona sapat; Dristadjumna nu ngalakukeun eta teu ngaraos puas teras wae eta sirah Resi Drona ditalapung ; ragrag payuneun nu nuju leumpang tikatebihan; nyata Arjuna !

Jaya Bang Winga2 ! Amarahna Dananjaya tos teu tiasa katahan deui , barang ningal mastaka nu ditalapung teh guruna nu dipusti pusti pisan; enggal wae muru katempat kareta Drona; ningal Drestadjimna nuju nincakan jasmani Resi Drona bari nyarekanan laklak dasar; harita keneh Dristadjumna ditongtak ti na kareta Drona; dibanting sakali. Dugi ka tigogolenceng; barang gugah bari reuwas; katingal Arjuna nu nuju mentang jamparing bari nangtang :"Eh Dristadjumna mun anjeun lalaki sok geura lawan ieu Kaula Dananjaya murid Resi Drona ! Sok diapkeun pakean perang anjeun ! Ayeuna keneh urang silih panah jeung diri Kula murid Guru Drona !"

Dristadjumna sajongjonan mah ngayekyek ku sabab reuwas jeung rada gimir; anjeunna sadar tosngalakukeun kalepatan nu ageung pisan, nya eta nghina basa Resi Drona nu teu ngalawan sama sakali ! anjeunna akhirna pasrah :" Arjuna, memang Kaula salah, pek we Kul PnH KU sampeyan Kula hamo ngalawan ! Kaula teu nyahokumaha ujug2 napsu ngagugudug hayang nelasan musuh Kaula !"

Barang ningal kajadian nu nuju bahaya kitu; Kresna, Yudhistira sareng Bhimasena enggal datyang ngahalang halang maksad Arjuna.

Kresna enggal ngandika :"Eh yayi kipe ! Emut Sumpahna Bambang Ekalaya ! Tah ieu kajadian teh sumpahna Ekalaya nu sumurup ka na sukma Dristadjumna ........"

Teu acan ge tamat Kresna sasauran Arjuna nyentak :"Cicing Kresna ! Sampeyan teu kudu pipilueun ! ieu urusan Kaula jeung Dristadjumna ! Manehna geus wani2 ngahina ka Guru Drona !"

Yudhistiraenggal ngalahir aris :" Yayi...........  Yayi Arjuna, emut ieu teh saha ? sareng urang teh nuju perang ..............."

Teu acan tamat Samyaji ngalahirna, Arjuna motong bari rada nyereng:" Kakang Yudhistira......... naha kakang ngantep waktu Guru dihina basa ku ieu Dristadjumna !?"

Bhima ngiring nyarios :" Hemmmmm ................. Jenet............ mun sampeyan teu tarima tah panah we Kula yeuh Bhimasena ! Lantaran nya ku Kulapisan Resi Drona dibobodo !
Sakalian wae Darmaputra, Nakula Sadewa pek panahan ku sampean ! Jewneeet ! Ulah kapalang !"

Leng   leeeng  ramyaningkang sasangka kumenyar................... Arjuna teu yasa sasauran............... ku baluweng baluwengna, Arjuna teu karaos gondewana ragrag; teras kapiuhan; atuh enggal wae digarotong ka kemahna.

Atuh Pandawa opat repot mirosea Arjuna; kitu deui Sri Kresna; Dristadjumna bari lesu sareng teu aya sumanget teras ka kemahna ngaleos bari tungkul; lantaran ngaraosisin sareng hanjakal kabina bina.

Caturkeun Aswatamma barang nguping Ramana Resi Drona tiwas, bari direka yasa enggalna wae miwarang kusirna mawa karetana ka tengah medan peuting eta keneh,

Teras Aswatama ngamuk ka Pasukan Pandawa; teu aya nu mangga pulia sadayana tiwas ku Aswatamma nu wantun ngahalang halang mah. Atuh seueur pisan Pahlawan nu kalabur; Satyaki nu tatu ku Resi Drona enggal maju ngalawanan; tapi ampir we Satyaki lastari lantaran aswatamma enya2 ngamukna. Untung ditulungan ku Srikandhi ! Tapi ieu oge ngadon nambahan tatu saparantos taratu ku Drona !

Sa Kurusetra ribut lantaran pangamuk Aswatamma; ka kuping ku Bhimasena nu nuju nungguan Arjuna sadar; enggal bae kaluar nyandak gada; katingal Pasukan Pandawa bubar katawuran ku pangamuk Aswatamma; enggal wae Bhima maju bari muter2 gadana Asoka kusirna diparentah ngabereg Aswatamma !

Atuh Bhioma saharita keneh pinuh ku panah Aswatamma; tapi teu diraos ieuh ; terus we marentah kusirnya ngadeukeutan Aswatamma ! aswatamma kaget ningal kakiatan Bhima; teu rengrot2 sakitu dipanahan teh; akhirna panahna bubuk dibabauk ku gada Bhima nuju olohok pisan ! Untung masih bisa ngagiwar; akhirna purat perot marentah ka kusirna ngaburkeun kudana ! Ger wae atuh pada nyarurakan ! Boh ku Pasukan Pandawa boh oge sabagean ti pihak Astina nu teu pati resepeun ka Aswatamma.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 4

.

Image removed by sender.

__,_._,___

[kisunda] Bharata Yudha ka 57

 

 

Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna, enggal wae harita keneh miwarang Bhima.

Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu namina Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu tata pasini deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma ronoh ! Atuh si pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu puguh2 ngagebug gajah eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh Aswatamma tiwas !" keur pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti anakna sorangan. Atuh ka gajah ge nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan ! Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :" Aswatamma towas ?!"
Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !"
Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg ka Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !"

Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !?
Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur nu ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu katembong ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2 ...........  boa enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?"

Drona neraskeun gunem catur nyalirana :"  Lamun enya dikorotok ku nu dua eta mah mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung nyaho ti saha ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si Kresna; da ngan jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu bisa ngelehkeun aing, si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui jreung murid; ku sabab hayang meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna ngajauhan ti dieu sihoreng rek ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ? Ari si Bhima mah percaya; tapi si Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun heula ka nu memang bisa pisan dipercaya ................ euweuh deui nu bisa dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji !"

Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu dihalangan ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta Drona; cedok nyembah ti katebihan.

Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju perang ieu manggil ka Kaula !?"

Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya Aswatamma mati ?"

Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan; teu katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor.

Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !"

Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun sadaya anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna kaluar ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga !

Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat ka na kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah Drona !

HANCA

__._,_.___

__,_._,___

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 56

 

Arjuna sasauran dui :" ateuna urang nyaho ka na kalemahan Guru; tapi kumaha carana supaya Guru palay ngeureunan Perang ? Pan bangga tah !?"

Kresna :"Enya hese alias bangga ! Tapi ku urang kudu dicoba ! Da mun henteu mah Pandawa tumpes !"

Arjuna :" Kumaha atuh carana ?"

Kresna :" Drona teh saenyana ti baheula keneh boga Hiji panyakit nu teu bisa diubaranana ( JIWA ) nepi ka Drona sering hayang mati ! Tapi aya kabeurat; nyaeta Putrana Aswatamma ! Mun eta masih aya, Drona satekah polah masih hayang hirup keneh; tapi mun eta tos teu aya, euweuh kasenangan deui keur manehna hirup di dunya ! Drona bakal siap paeh !"

Dananjaya :" Enya ayeuna jadi leuwih jelas, tapi kuma carana supaya Aswatamma tiwas ? Kapan teu gampang tah ? Kapan Aswatamma ge jago pilih tanding nu teu bisa dianggap enteng ! Jeungna deui kumaha mun Guru engke neangan nu nelasan aswatamma ? Saha nu bisa ngalawan ?!"

Kresna :" Moal. moal nepi ka kitu; Drona bakal mikir asa ka teu teu ari males pati, lantaran moal ngahirupkeun Aswatamma !"

Permadi :" Enya oge alus kituna mah , tapi keukeuh kumaha carana nelasan Aswatamma !? Lain perkara gampang ! Komo bari dijaraga ku Pahlawan sejenna jeung rebuan prajurit !? Wah hese Kresna hese !"

Kresna :" Enya Kula ge ngarti ! Tapi keukeuh Aswatamma KUDU dibewarakeun mati ka Drona !"

Partha :" Naon !? Kudu diwartakeun tiwas ? Hartina .....!????"

Kresna :" Enya bobodo we lah Resi Drona teh ! Mun teu kitu ancur urang !"

Arjuna :" Naon !!!!???   Kudu ngabobodo Guru !? Ke heula Kresna ! Kula pasti moal satuju, jeung moal dfaek pipilueun ngabobodo GURU ! Ih Baid pisan ! Kaula kajeun eleh perang ti batan meunang ku ngabobodo mah ! Komo iru mah ka Guru !"

Rame pacental cenrtal antara Kresna sareng Arjuna ! Teu pisan nu asor salah sahiji ! Antukna Kresna enggal mecut kudana ngantunkeun Partha, nu olohok teu ngarti ka na polahna Kresna .

Kresna enggal gesat gesut ka tengah medan deui nyampeurkeun Yudhistira; nyarioskeun bahayana upami Resi Drona ngaluarkeun senjata Bramasytra; dimana upami kapepet teu yasa ngawonkeun Arjuna senjata eta bakal dipake ! bahayana teu tiasa dicaritakeun deui ku bahaya2na; teras nerangkeun yen Arjuna teu kersaeun ngabobodo Resi Drona.
Yudhistira mutuskeun anjeunna nyalira nu bade ngabobodo Drona !

CATETAN :  SEUEUR PANGARANG DI NA IEU PERANG BINGUNG TEU TERANG ALESANANA NAHA KRESNA BET JADI AYA DI GIGIREUN YIDHISTIRA ! kAPAN KUSIR ARJUNA !? TAH DI NA SERATAN MAH ESTU ECES NARATAS SABAB2NA !
hE HE HE HE ( SANES 33X ) IEU HEBATNA ABBAS AMIEN !!!!! MUJI MANEH !

HANCA

 

Selasa, 14 Juni 2011

Bharata Yudha ka 55

 

Ayeuna mah Yahoo nu ngaco ngirimna jadi kapotong; rupana teu meunang panjang teuing.

Mundurna kareta Arjuna disurakan ku Pasukan Kurawa Astina, bari ngaweweleh Arjuna; saterasna maruji ka Drona ! Memang dasarna Resi Drona ti kapungkur keneh, ti masih keneh Bambang Kombayana resep diumpak dipuji; atuh mani jigrah dipuji ku para Pasukan teh.
Ngalahir Resi Drona :" mMasing sakumaha gagahna oge Arjuna teh tetep murid Kaula, sagala elmu ti Kaula; moal bisa eta si Arjuna ngalawan Kaula ! Hahahaha ! jeungna deui Kaula boga senjata sakti Bramastra ! Pasti Arjuna ancur ku senjata ieu !" Drona ngaluarkeun senjata Bramasta; sadaya sami kaget, ku margi eta senjata mani boronyoy ngandung warna beureum sareng karasa panas; tanda eta senjata ti Dewa Brahma !
Enggalna bae sadaya pasukan susurakan : Jaya Senapati ! Jaya Guru Drona !

Enggal Drona sasauran deui :" Ieu panah Bramastra nu bakal namatkeun riwayat Arjuna !"

Waspada Dewa Indra enggal lungsur ka marcapada, janggelek payuneun Drona ( nu sejen teu aya nu terangeun ), atuh Resi Drona purat perot nyembah :"Haturan Bhatara Indra , aya naon sisinantenan lungsur ka marcapada !?

Dewa Indra :" Poma anjeun ulah ngaluarkeun eta senjata ! Bahaya. Sok asupkeun deui !"
Drona ngalahir ;" Maha Bhatara Indra nyarios kitu teh dumeh Arjuna putra sampeyan !?"

Dewa Indra :" Lain ! Pek we taros tuh Bhatara Brahma !" Atuh enggal Drona nyembah lantaran kasumpingan Bhatara Brahma.
Dewa Brahma ngalahir :" Enya Drona ! sampeyan entong make panah eta ! bahayana leuwih gede ti batan untungna !"

Enggal wae Drona ngalebetkeun deui panah Bramasytra; dua Dewa enggal ngiles; teras wae Drona ngalahir :" Ah memang can pantes Arjuna nampa ieu senjata Bramasytra; he he he can waktuna !"

Kacaturkeun Arjuna nu tos tebih ti palagan, lajeng ngandika ka Kresna :"Eh Kresna kuanaon sampeyan ujug2 ngaburkeun kareta katukang ? Jeung asa mani jauh pisan !? Kapan Kaula can eleh masih wani keneh !"

Kresna :" Wah ulah bahaya ! Moal aya nu bisa ngelehkeun Resi Drona di na waktu ieu !"

Permadi:" Ari enggeus kumaha ? Pandawa kudu nyerah ? Serah bongkokan !?"

Kresna:" Lain kitu, Tapi memang bahaya pisan; lamun geus kapepet tangtu manehna ngaluarkeun senjata Branasytra ! Komo mun sampeyan pipilueun deuih ngaluarkeun Pesopati !? Kapan bahaya pisan ? Bisa ngabahayakeun dunya nu teu bisa dikira kira ku urang !"

Arjuna :" Saha atuh nu bisa ngelehkeun guru ?!"

Kresna :" Drona !"

Arjuna :" Naon !??????? Drona ? tong heureuy atuh Kresna !"

Kresna :" Hehehehe........... enya Drona..............
Arjuna :" Ah teu [uguh sampeyan mah."
Kresna :" Kieu eta teh ............... Drona lamun keur siap perang, boga napsu perang, moal aya nu bisa ngalawan Resi Drona ! Ngan ukur manehna sorangan nu bisa ngelehkeunana, nya eta ku ngalungkeun gondewana jeung ucul2 pakean perangna; mun Drona geus teu boga deui napsu perang; tah di dinya manehna bakal moksa, ngahiyang !"

HANCA

 

Minggu, 12 Juni 2011

FW: Bharata Yudha 53

 

Nuju gunem catur bari gumbira kitu, jol we prajurit Pringgandhani nu bade laporan tea, ku margi Bhima mah teu sbaran, teras wae naros ka eta prajurit :" Heh prajurit ! Kumaha bejana ? Naha Pasukan Astina geus ledis ?! Mana si Gatot ? Kunaon make nitah teu langsung manehna sorangan !?"

Kresna enggal motong :" Eh Rayi Sena sabar, saha manehna, naon maksudna, terus kumaha caritana ?"

Bhima :" Aeh enya, Eh prajurit ! saha ngaran maneh ? maneh utusan Gatotkacha nya !?"

Eta prajurit barang nungali Bhima nu meh sarimbag sareng Gatotkacha segruk wae ceurik, mani kacida sedihna; atuh sadaya sami kaget; Bhima jadi kaluar napsuna; ampir wae eta prajurit ditajong, untung kabujeng dihalangan ku Kresna.

Saterasna Kresna bari mesem pinuh ku rasa simpati naros ka eta prajurit :" eh prajurit saha ngaran andika ?"
Prajurit bari ngosom ngawalonan :" Hu hu hu ...... abji wasyta Prabakesyah nun "
Kresna :" Ooo Prabakesah ...... sok aya laporan naon ?"
Prabakesah :" Adjuuuuh  Gusciiii ............ kaciwasyan Gusciii "
Kresna :" Katiwasan kumaha !?"
Bhima nyereng mani ngagerem :" Hmmmmm.......... Katiwasan kumaha GOBLOKKKK !? Ditajong siah ku aing !"
Yudhistira enggal nyaurabn Bhima:" Cing atuh sing sabar, kupingkeun heula naon nu rek dilaporkeun teh; rek ngomong ge jadi teu jadi da sieuneun. Cing sing sabar atuh Rayi."

Bjima teu ngawaleran teras wae ka tukang teu pipilueun deui; baru satemenna mah di na jero manahna Bhima deg2an pisan kawas aya tanda2 laporan pikasediheun.

Memeh nyaruta Prsbakesah ceurik deui wae, bari nyrmbsh pok matur :" Duh Guscii Para Pangagung Panjawa syadaya,.......... huuu  huuu   huuu .............. syewu syewu bebenju, laksya laksya jujuka; .............. abdi Guscii bade mihatur ti awal jugi ka ahir................ derekdek wae Prabakesah nyarita bari ngosom ( sabab Butha tea  ) ; nyritakeun ti mimiti kasoran perang ngalawan Pasukan Trajutisna, dugi ka akhirna perang sareng Karna; estu lengkep teu aya nu kaliwat ( nu matak disebut si tukang KESAH = Prabakesah )
Ditungtungan ku :" Abdi Gusci yeu nyangka pisyan, di dunya ieu aya senjata nu sakitu hebatna.............. si Aca aduuuuh...........huuu  huuu  huuu........ajuh teu wasya nyritakeunana.............huuu si Acha ancuuurrr teu aya syesya2na......... huuuuu"
ceurik deui wae eta si Prabakesah lantaran ku sedih2na.

Kresna enggalna matur :" Eta senjata teh ngaranna Kunta Wijaya Danur  ; mo aya nu kumelip bisa nahan ieu senjata; tinangtu ancurna ! Sakti pisan tapi ngan ukur sakali makena; ieu semjata sami2 musna bareng jeung nu dikeunakeun ku ieu senjata."

Bhima ngagorowok :" Eh Karna ! Awas lamun panggih ! dipodaran sia ku aing ! Duuuuh......
karunya temen si Gatot !"

Kresna enggal ngalahir :" Eh Yayi Sena..........; urang teu kudu sedih. Gatotkacha mati tapi mati nu gede pisan hargana. Mayi sabage Pahlawan ! Ksatriya. Gatotkscha kacida mulyana ......... bebelaka nusa , bangsa jeung pinisepuh 1 gatotkacha bakal dikenang sepanjang masa ! Bakal jadi carita balarea ! boh dina kaprawiraanana, boh di na kasaktianana, boh di na handap asorna ! Nakal jadi sumber carita balarea ! Ulah sedih yayi Senamalah urang kudu reueus; lantaran pangorbanan Gatotkacha ayeuna, bakal jadi bibit buit kajayaan Pandawa !"

KU CARIOSAN KRESNA NU IEU LOBA DALANG NYEBUT PAGARKEUN CENAH GATOTKACHA NGAHAJA DIKORBANKEUN KU KRESNA ! PADAHAL DI NA PERANG GATOTKACHA KARNA WSTU SADAYANA NATURAL.

HANCA

 

Jumat, 10 Juni 2011

Bharata Yudha 52A

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin
 

Karna nyalira di na ngaleupaskeun Konta teh aya rasa was was; saterasna ningal akibatna tambih hanjakal sareng ngarasa nyaah ka Gatotkacha, nyaah ku kasaktenna, padahal ngora keneh. Malah tadi , sababaraha waktu sateuacan ancur ku Konta , Korna ningali paroman Gatotkacha nu kacida pikanyaheunana; siga budak nu leungit cocoanana; Karna ngahelas; ras deui emut engke perang sareng Arjuna tangtu bakal langkung sesah. Ku seueur emutan, sareng cape ongkoh perang sareng Gatotkacha; akhirna Karna teu kiat teras we rubuh, kapiuhan. Enggal para prajurit nu masih teu tebih ti dinya nyarumput, kalaluar teras ngagarotong Karna dicandak ka kemahna.

Aya hiji Prajurit Pringgandhani, nu nyaksian tiwasna Gatotkacha , lantaran waktuna tarung sareng 4 Denawa bogana Karna, kapeclengkeun nyangsang di na rungkun; memang awakna asa pasiksak, remek satulang sandi, tapi masih hirup keneh, ; tapi barang manehna nempo senjata Karna ngajelegur ngancurkeun Gatotkacha, manehna laju kapaehan deui, ku reuwas2na jeung nyaah ka Gatotkacha.

Sanggeus rada lila, eta Butha teh leler tina kapiuhanana, culang cileung karasa sepi pisan, ayeuna mah teu kadenge sora naon2 estu combrek pisan.Lalaunan manehna nyoba kaluar tina rungkunterus ngadeukeutan ka na tempat nu dikira kira ngajelegurna senjata Karna tadi. Sugan aya raratan ti na jasmanina Gatotkacha. Nyata manehna nyamos teu hasil; teu manggih urut Gatotkacha; ngan wae ditempat Gatotkacha tiwas taneuhna hideung siga kaduruk, aya kana 200 meterna gurat tengahna teh. Mungkin urut Gatotkacha nangtung tadi. Manehna masih panasaran, terus we dodongkoan ulak ilik, sugan aya nu masih nyesa; beh ditu rada jauh aya nu gugurilapan, nya terus wae manehna ka dinya. Nyata eta teh Topi Waja, atawa Makota nu sok dipspske ku Gatotkacha. Permata sareng emasna masih gugurilapan, Cek pikirna, nu sejen mah milu ancur; ngan ieu nu nyesa; ah keun rek dibawa we cenah. Terus bae eta makuta DIPAKE; PAS OGE; ...............leng leng ramyaningkang sasangka kumenyar............... barang dipake eta makuta  ngadak2 saluar  wak nu tadi asa pasiksak ayeuna beleger deui; malah asa leuwih gagah ti batan tadina.

Eta si pa\rajurit teh kacida bungahna; emh dasar gatotkacha, geus paeh ge, teu weleh nulungan ka anak buahna; emh nyuhuun Atot acha.Eta prajurit gesat gesut bade laporan ka pihak Pandawa; ari gok teh pasanggrok jeung saratusan patroli para Kurawa; itu ieu pada reuwas; para prajueit Kurawa reuwas lantaran siga Gatotkacha nu datang, lantaran make makuta Gatotkacha tea; ari si prajurit reuwas lantaran teu mikir bakal panggih jeung musuh' biasana tara aya patroli saperti kitu. Ieu diayakeun lanyatan perang geus jadi beutang peuting. Sawareh pasukan Kurawa ngalacir lantaran masih baluas ku pangamuk Gatotkacha; bari jeung nyangka Gatotkacha hirup deui lantaran Gatotkacha mah sakti apanan. Tapi nu  tareteg mah apal yen eta lain Gatotkacha; gancangna wae rek nangkep eta prajurit; prajurit Pringgandhani kapaksa ngalawan ! Barng gerak barang manehna sorangan kaget; lantaran gerakn manehna kacuda gesutna; jeung satiap ngagebug pasti lawan teh ting jarungkel kapaehan ! atuh nu sejen sarieuneun; laju barirat !

Bari bungah bungangang; eta Prajurit terus laju ka kemah Para Pandawa; di na hatena mikir.paingan Gatotkacha sakity saktina, makutana wungkul kapan geus sakitu hebatna !
Paingan atuh teu milu ancur ieu pusaka teh; mun teu salah ieu Pusaka kadewataan, lantaran Gatotkacha merangan Naga Percona.

Ari di kemah Para Pandawa sadaya nuju guntreng ngamasalahkeun perang beurang peuting tea, dimana ayeuna mah kudu waspada beurang jeung peuting.

Bhima ngagerem memeh sasauran :" Hmmmmm ; kurrang ajar pisan si Suyudhana ngabongohan ka urang, ampir wae urang cilaka; tapu anehna eta Psukan Kurawa Astina teh ujug2 ting jarungkel teu puguh2; malah terus ngalacir, bubar katawuran !?"

Nakula Sadewa meh bareng:" Leres teu kapindo damel Kakang Sena, kuring ge teu apal naon marga lantaranana ,"

Yudhistira mairan :" Komo atuh akang mah; kapan hudangna ge pang pandeurina; moal kituh Dewa nukungan ka urang ?"

Kresna nyeuleukutuk, nepi ka dipolototan ku Bhima.

Kresna :"He he he 33X tuh atuh taros Yayi Kaipe ........."

Bhima muncereng ka Arjuna :" Jeneeet ! cing atuh ngomong ! lain ngabetem wae ! ari nyaho nanaon teh gancang omongkeun ulah dikemu sorangan , HUH !"

Arjuna :" kula ge rek matur soal ieu teh; tapi kapan Kakang Yudhistira nuju nyarios; kitu deui  Nakula Sadewa; oge kkang Bhima nyalira; piraku Kula motong ."

Bhima :" Heueuh ! Sok atuh caritakeun ayeuna. "

Arjuna :"Eta nu ngabantu urang teh taya lian ti Putra sampeyan, Kakang !"

Bhima :" Naon ! batuk si Gatot naha geuning teu katenjo ku Kula !"

Arjuna :" Gatotkacha teh manusa kajinan; beda jeung urang sarerea; lamun manehna hayang embung kayempo ku jelema manehna bisa ngaleungit; jeungna deui kasakten Gatotkacha mun perang peuting naek 10X lipet; nu matak moal aya nu kuat ngalawan Gatotkacha ari perang peuting mah; nu matak Guru oge kapan ngacir tadi; barang nyoba manahan ka Pasukan Pringgandhani; Gatotkacha luncat luhur pisan, lir manuk hiber; manehna nahan ku badanna eta ratusan panah ti Gutu; saterusna ngabeubeutkeun dirina ka Pasukan Kurawa Astina; atuh harita keneh loba nu  tariwas pareye katindih ku awak Gatotkacha; atuh biur wae Guru kabur, bari cocorowokan nitah mundur ka Pasukanana.
Tapi ku Gatotkacha teu diantep terus dibeledig; jadi saparat parat jalan, loba pasukan Astina nu tiwas. Lamun teu aya nu ngahalangan gatotkacha, pasukan Kurawa tangtu Carem; lantaran Gatotkacha dibantu ku paman2na nu sarakti"

Bhima bingah barina reueus ku Putra enggal ngandika : Hahahaha, tuda kuma Bapana .......... Teng manuk teng anak merak kukuncungan. So siah Gatot [erenkeun yah Kurawa astina teh tong disesakeun. Hahahahaha !!

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

.

Image removed by sender.

__,_._,___

[kisunda] Bharata Yudha 52

From: Abbas Amin

Karna nyalira di na ngaleupaskeun Konta teh aya rasa was was; saterasna ningal akibatna tambih hanjakal sareng ngarasa nyaah ka Gatotkacha, nyaah ku kasaktenna, padahal ngora keneh. Malah tadi , sababaraha waktu sateuacan ancur ku Konta , Korna ningali paroman Gatotkacha nu kacida pikanyaheunana; siga budak nu leungit cocoanana; Karna ngahelas; ras deui emut engke perang sareng Arjuna tangtu bakal langkung sesah. Ku seueur emutan, sareng cape ongkoh perang sareng Gatotkacha; akhirna Karna teu kiat teras we rubuh, kapiuhan. Enggal para prajurit nu masih teu tebih ti dinya nyarumput, kalaluar teras ngagarotong Karna dicandak ka kemahna.

Aya hiji Prajurit Pringgandhani, nu nyaksian tiwasna Gatotkacha , lantaran waktuna tarung sareng 4 Denawa bogana Karna, kapeclengkeun nyangsang di na rungkun; memang awakna asa pasiksak, remek satulang sandi, tapi masih hirup keneh, ; tapi barang manehna nempo senjata Karna ngajelegur ngancurkeun Gatotkacha, manehna laju kapaehan deui, ku reuwas2na jeung nyaah ka Gatotkacha.

Sanggeus rada lila, eta Butha teh leler tina kapiuhanana, culang cileung karasa sepi pisan, ayeuna mah teu kadenge sora naon2 estu combrek pisan.Lalaunan manehna nyoba kaluar tina rungkunterus ngadeukeutan ka na tempat nu dikira kira ngajelegurna senjata Karna tadi. Sugan aya raratan ti na jasmanina Gatotkacha. Nyata manehna nyamos teu hasil; teu manggih urut Gatotkacha; ngan wae ditempat Gatotkacha tiwas taneuhna hideung siga kaduruk, aya kana 200 meterna gurat tengahna%2

__._,_.___

Selasa, 07 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha 51

 

Gatotkacha :" Enya bener sakti Karna teh; cik yeuh tampanan deui." Teras Gatotkacha niup....... enggal kalur seuneu muntab2 nu nyerang ka Karn; Karna tngginas teras ngalepaskeun jamparing; ti na eta jampring kaluar cai nu ngabanjur seuneu ti Gatotkacha.

Gatotkacha tambih ngajenan ka Karna, lantaran kabuktian memang Karna "SAKTI" ; enyaan Karna jagona teh , lain cek beja , jagona teh. Enyaan Karna pilih tanding.

Gatotkacha ayeuna mah nampankeun dampalna, kaluar gada, Saterasna eta gda dibaledogkeun ka Karna; Karna rikat manah eta gada; eta gada ancur ditengah jaln kapanah ku jamparing Karna.

Gatotkacha ngagakgak, ningal kasktian Karn kitu, teras nyorowok deui : " Ha ha ha ! Karna, nyata sampeyan pilih tanding ! Tapi sampeyan moal kuat ngalawan Kaula mah ! Ku sabab sampeyan geus nembongkeun kabisa sampeyan, enyaan sampeyan JAGO, lain ngan ukur dongeng, tah ku Kaula ayeuna sampeyan dileupaskeun, Jung wae sampeyan
balik, Karna ! Kula moal ngahalangan, Jeung Kula moal ngabinasa sampeyan,  keun sina Drona atawa Duryodhana nu ngalawan Kaula ! "

Jaya bang winga winga .............................Amarahna Karna tos teu kaampeuh deui, lajeng sumbar2 kamanigan :" Gatotkacha ank Butha ! Tetela sampeyan teh teu ngahargaan pisan ka Kaula ! Yeuh urang ayeuna P_ERANG can puguh monyet hideungna !  Sampeyan geus nangtukeun yen bakal meunang ! Kacida nghinana sampeyan ka diri Kaula !  Karna kajeun ancur tutumpuran ti batan kudu undur jurit !  Komo ayeuna nu nitah mundur sampeyan pisan ! Can aya musuh nu wani2 nitah mundur ka Kaula ! Ayeuna sampeyan geus wawanian ! Eh Gatotkacha ! Sampeyan bakal dikirim ka nirwana ku Kaula !"

CAG TUNDA HEULA !

LOBA DALANG, ATAWA TUKNG ANGGIT CARITA NYEBUTKEUN YEN PERANGNA GATOTKACHA JEUNG KARNA TEH, LANTARAN DIPIWARANG KU KRESNA !
CARITA KIEU TANGTU WE TEU ASUP AKAL ! nGARANNA OGE PERANG; TEU KUDU PALAH PILIH LAWAN. JEUNGNA DEUI CARIT KITU NGARENDHKEUN PISAN ARJUNA ! PADAHAL TEU PISAN2 RJUNA HAYANG DIAGANTIAN KU GATOTKCHA. PERANG GTOTKACHA LAWAN KARNA ESTU NATURAL PISAN ! TEU DIPANGARUHAN KU SI ITU SI IEU.

Urang teraskeun deui :

Gatotkacha nyorowok deui :" Ha ha ha ! enyaan bener2 sampeyan wani nya !? Jadi tong nyalahkeun Kaula mun sampeyan puput umur di dieu ku diri Kula !"

Gatotkacha ngarabut tngkal ki nu geung pisan, 3X ukuran badan Karna ! teras eta tangkl teh ditinggangkeun ka Karna . Ku margi ki beurat pisan, sareng tanaga Gatotkach memang rosa,  panah Karna teu tiasa nhan eta laju ki ! atuh gejret wae eta ki nuju ka palebah Karna ! Untung Karna kesit luncat; tuh kreta sareng kudana mh pejet pisan.

Karn mani tigugulitik; masing salamet tapi tartu. Enggalna Karna mentangkeun gondewana bari ngajampe; ieu panah tos diparancahan, jdi sakti.

Memang nancep pisan ka na mamras Gatotkacha ; tapi barang nancep barang digibegkeun ku Gatotkacha ; parotong eta panah Karna teh.

Gatotkacha nyorowok tarik pisan :" Ho ho ho ! Tong kaget Karna ! Kaula lamun peuting, ditangtayungan ku paman2 Kaula ! Brajamusti ! Brajawikalpa !  Brajalamatan ! Brajadenta ! brajawusesa !  Jadi moal aya senjata nu bisa ka Kaula ! Ayeuna Kaula ttep mere kasempetan ka Sampeyan ! Lebar ku gagahna ! Jung wae balik Karna ! ulah ngalawan Kaula ! Komo ka Paman Arjuna mah ! Mundur sampeyan !"

Karn ngaraos asa teras2an dihina ku Gatotkcha, pdahal Gatotkacha mh enya
an ngahargaanana ka Karna teh; tapi memang  di na hal ieu Karna sifat satriyana nu muncul; sareng memang Karna tara mundur upami teu acan asor.Jadi memang maksd Gtotkach nu sae teh mubah ka Karna mah. Saumur dumelah kakara ayeuna Karna dipikarunya ku musuh !

Di na wktos kitu Karna teu seueur deui ngamanah, lajeng wae Karna nadahkeun pananganana, teras ngarapal aji nu dipasihkeun ku Bhatara Indra ! Enggalna wae senjata TUMBAK nu pondok tos aya di na dampalna; sinarna gumebyar, tanda senjata lineuwih ti Para Dewa.

Roh Brajawisesa ngalahir lalaunan ka Gatotkacha ........................ aduh tiwas Gatot, Kaula ngarasa panas ; paman kapaksa kaluar ti guha garba sampeyan. Tos kitu aya harewos deui, ayeuna mh ti Brajawiklpa ................. duh Gatot................. hampura paman, ngan nepi ka dieu Paman marengan sampeyan. Kitu deui Brajadenta, ln Brajalamatan tos kalaluar ti guha garba Gatotkcha; akhirna Brajamusti oge kaluar.

Gatotkacha ngaraos kaget, barang nuju hulang huleng kitu, Karna tos ngalempagkeun tumbakna nu ngaranna KONTA WIJAYA DANUR ! Sanes nancep tapi barang dugi ka Gatotkacha eta senjata teh bitu mani handaruan soarana; lir BOM ! di na jaman KIWARI.
Atuh harita keneh jasad Gatotkacha pasiksak, teu aya urut2na acan !


HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 2

.

Image removed by sender.

__,_._,___