Senin, 06 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha 50

 

Barang Gatotkacha ngulangkeun dampalna Lembusana mani rampohpoy, gelepruk we manehna rubuh, bari hitut campur wer2 kiih ku sieun2na; kahayangna mah nyembah jeung taluk; tpi sumpahna ka Bhatra Surya teu bisa kitu; nya kapaksa manehna neger2 maneh.

Gatotkach ngalhir bengis :" Eh Siluman, saha ngaran andika ? Jeung saha batur2 andika ? Wawanian ngahalangan Gatotkacha jago Pringgandhani ?

Lembusana bri dareud ngajawab:"Kaula ngaran Lembusana; Ari itu nu pangheulana tiwas, ngaranna Kala Weling; nu itu Kala Srenggu; ari nu cik keneh dipaehan ku sampeyan ngaranna Kala Murka; Kaula datang kadieu lantaran diutud ku Bhatara Surya keur nulungan Karna; Kaula sarerea ngan ukur nyaho mati; tapi reu meunang taluk ka lawan."

Gatotkacha ngandika:" Hahahaha! ana kitu mah, sampeyan bakal disampurnakeun ku Kaula ! Tugas sampeyan geus lekasan; TUNTAS !"
Saparantos nyarios kitu teu tata pasini deui Gatotkacha nyekel sirah Lembusana; dipuntirkeun; tuh beuheung Lembusana pegat pisan; getih mani ngucur seueur pisan;
Lembusan tiwas; teras eta sirah dialungkeun ka Para Pasukan Kurawa/Astina. Karna enggal mentangkeun jamparing, sirah butha ngajuhan ti Pasukan Kurawa.

Ningali ketak Gatotkacha; Pasukan Kurawa loba nu wer2 kiih; nyata Pasukan Astina ayeuna mah ngarasa sieun pisan ku Gatitkacha; malah leuwih sieun ti batan ku Arjuna.

Saterasma Gatotkcha nangtang ka Karna :"Ho ho ho ! Eh Karna ! Andika mangka waspada ! Peuting ieu meureun peuting panungtungan keur sampeyan ! Butha nu opat nu dikieim ka Kaula; euweuh gunana keur Kaula mah ! Tah sok naon kabisa andika ? Bisa naon andika ngalwan Kaula !?"

Karna males nyorowok oge :" E ... ladalah ! Gatot kachuuu aaaa ! Kaula tong disebut KARNA lamun mundur ku Butha pntar sampeyan ! Karna pntang mundur, jeung can ngajaran mundur ti na palagan !"

Gatotkacha:" Ho ho ho ho ! Alus Karna ! mun sampeyan wani ka Kaula mah ! Sok ketrukkeun kabisa sampeyan ! elmu panemu aji jaya kawijayan ! Hayang nyaho !"

Karna lajeng mentngkeun gondewana, hiji panah nu ngandung tanaga kiat pisan , Teu katakis, memang Karna ahli pnah nu pilih tanding; tapi brang keuna ka na dada Gatotkacha, eta jamparung teh miley; lur nabrak batu anu kacida teuasna , terus wae ngepluk niban lemah. Karna sareng Gatotkacha sami2 kaget ; Karna kaget lantaran panahna teu tiasa nembus kulit Gatotkcha; Gatotkacha khet, lantaran kakeunaan jamparing Karna tur pas keuna ka na mamaras pisan.

Ayeuna Gatotkacha sadar yen kasakten Karna saimbang sareng Arjuna ! Sabalikna Karna ayeuna mah percaya ka na caruosan Drona, yem Gatotkcha lmun peuting kasaktinana naek 10X lipet ti batan beurang; kasaktian Gatotkcha enyaan lain bntrak2keun.

Sanajan kitu Karna teu kersaeun mundur, tapi enggal marentah k para Pasukan supaya ngajuhn eta tempat , lantaran anjeunna nyalira nu bade merangan Gatotkacha; poma ulah aya nu ngabntuan, cenah. Padahal ngalkukeun kitu teh ku margi Karna nyah ka para Pasukan ulah kabrerang.

Tindakan Karna kitu ngajadikeun sadaya Pahlawan, Senapati jeung prajurit Astina pada ngahormat ka Katna;  Malah loba nu ting kecewis yen saenyana nu png pantesna jadi Senapti mh taya lian Karna nyalira ! Sanes Resi Drona atawa Bhisma !

Gatotkacha ngagakgk ningal ketak Karn kitu, ters nyorowok deui :" Ho ho ho ho ! Karna ! Kaula kataji ku kalkun sampeyan ! Mun henteu mah Karna, Kaula bakal ngalediskeun heula Pasukan Astina, samemeh ngabinasa sampeyan !"

Karna enggal males nyorowok :" Eh Gatotkacha tong sombong sampeyan ! Sampeyan can tangtu bisa ngelehkeun Kaula ! Samemeh perang can dimimitian ulah wak ngitung hasilna !"

Gatotkacha nghrgaan oge ka na kawani Karna, teras ngagakgak deui :" Ho ho ho ! Ha ha ha ! Memng pantes sampeyan loba nu ngadongengkeun,  yen sampeyan teh jagona Astina ! Syukur ayeun aya hareupeun Kula; teu kudu hese neangan; jajadug Kurawa bakal dibibasa ku Kaula !"

Karna :"Kdigjayaan Karna lin DONGENG ! Tapi nyata , Gatotkacha ! kbuktian, jeung lob buktina ! Si Arjuna mh ngn ukur meunang SOHOR wungkul ! Engke mun geus nyanghreupn Kaula mh noal ay dyana ! Hahahaha !"

Gatotkacha nyel we keuheul lntaran paman Arjuna nu didama dama ku Gatotkacha, tos dihin ku Karna.Mangkaning Arjuna teh GURU Panah Gatotkacha ! Mun cek istilah NGETREND mah Gatotkacha teh nge FANS berat ka Arjuna teh.Enggal wae Gtotkacha calangap kalur rtusan panah nuju ka Karna !  Katna rikat ngalepaskeun jmpring, panah ti Gtotkcha sadayana clak clik nebn lemah.


HANCA 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar