Minggu, 19 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 58

 

Barang sirah Drona sapat; Dristadjumna nu ngalakukeun eta teu ngaraos puas teras wae eta sirah Resi Drona ditalapung ; ragrag payuneun nu nuju leumpang tikatebihan; nyata Arjuna !

Jaya Bang Winga2 ! Amarahna Dananjaya tos teu tiasa katahan deui , barang ningal mastaka nu ditalapung teh guruna nu dipusti pusti pisan; enggal wae muru katempat kareta Drona; ningal Drestadjimna nuju nincakan jasmani Resi Drona bari nyarekanan laklak dasar; harita keneh Dristadjumna ditongtak ti na kareta Drona; dibanting sakali. Dugi ka tigogolenceng; barang gugah bari reuwas; katingal Arjuna nu nuju mentang jamparing bari nangtang :"Eh Dristadjumna mun anjeun lalaki sok geura lawan ieu Kaula Dananjaya murid Resi Drona ! Sok diapkeun pakean perang anjeun ! Ayeuna keneh urang silih panah jeung diri Kula murid Guru Drona !"

Dristadjumna sajongjonan mah ngayekyek ku sabab reuwas jeung rada gimir; anjeunna sadar tosngalakukeun kalepatan nu ageung pisan, nya eta nghina basa Resi Drona nu teu ngalawan sama sakali ! anjeunna akhirna pasrah :" Arjuna, memang Kaula salah, pek we Kul PnH KU sampeyan Kula hamo ngalawan ! Kaula teu nyahokumaha ujug2 napsu ngagugudug hayang nelasan musuh Kaula !"

Barang ningal kajadian nu nuju bahaya kitu; Kresna, Yudhistira sareng Bhimasena enggal datyang ngahalang halang maksad Arjuna.

Kresna enggal ngandika :"Eh yayi kipe ! Emut Sumpahna Bambang Ekalaya ! Tah ieu kajadian teh sumpahna Ekalaya nu sumurup ka na sukma Dristadjumna ........"

Teu acan ge tamat Kresna sasauran Arjuna nyentak :"Cicing Kresna ! Sampeyan teu kudu pipilueun ! ieu urusan Kaula jeung Dristadjumna ! Manehna geus wani2 ngahina ka Guru Drona !"

Yudhistiraenggal ngalahir aris :" Yayi...........  Yayi Arjuna, emut ieu teh saha ? sareng urang teh nuju perang ..............."

Teu acan tamat Samyaji ngalahirna, Arjuna motong bari rada nyereng:" Kakang Yudhistira......... naha kakang ngantep waktu Guru dihina basa ku ieu Dristadjumna !?"

Bhima ngiring nyarios :" Hemmmmm ................. Jenet............ mun sampeyan teu tarima tah panah we Kula yeuh Bhimasena ! Lantaran nya ku Kulapisan Resi Drona dibobodo !
Sakalian wae Darmaputra, Nakula Sadewa pek panahan ku sampean ! Jewneeet ! Ulah kapalang !"

Leng   leeeng  ramyaningkang sasangka kumenyar................... Arjuna teu yasa sasauran............... ku baluweng baluwengna, Arjuna teu karaos gondewana ragrag; teras kapiuhan; atuh enggal wae digarotong ka kemahna.

Atuh Pandawa opat repot mirosea Arjuna; kitu deui Sri Kresna; Dristadjumna bari lesu sareng teu aya sumanget teras ka kemahna ngaleos bari tungkul; lantaran ngaraosisin sareng hanjakal kabina bina.

Caturkeun Aswatamma barang nguping Ramana Resi Drona tiwas, bari direka yasa enggalna wae miwarang kusirna mawa karetana ka tengah medan peuting eta keneh,

Teras Aswatama ngamuk ka Pasukan Pandawa; teu aya nu mangga pulia sadayana tiwas ku Aswatamma nu wantun ngahalang halang mah. Atuh seueur pisan Pahlawan nu kalabur; Satyaki nu tatu ku Resi Drona enggal maju ngalawanan; tapi ampir we Satyaki lastari lantaran aswatamma enya2 ngamukna. Untung ditulungan ku Srikandhi ! Tapi ieu oge ngadon nambahan tatu saparantos taratu ku Drona !

Sa Kurusetra ribut lantaran pangamuk Aswatamma; ka kuping ku Bhimasena nu nuju nungguan Arjuna sadar; enggal bae kaluar nyandak gada; katingal Pasukan Pandawa bubar katawuran ku pangamuk Aswatamma; enggal wae Bhima maju bari muter2 gadana Asoka kusirna diparentah ngabereg Aswatamma !

Atuh Bhioma saharita keneh pinuh ku panah Aswatamma; tapi teu diraos ieuh ; terus we marentah kusirnya ngadeukeutan Aswatamma ! aswatamma kaget ningal kakiatan Bhima; teu rengrot2 sakitu dipanahan teh; akhirna panahna bubuk dibabauk ku gada Bhima nuju olohok pisan ! Untung masih bisa ngagiwar; akhirna purat perot marentah ka kusirna ngaburkeun kudana ! Ger wae atuh pada nyarurakan ! Boh ku Pasukan Pandawa boh oge sabagean ti pihak Astina nu teu pati resepeun ka Aswatamma.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 4

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar