Minggu, 05 Juni 2011

FW: Bharata Yudha ka-49

 

From: Abbas Amin

 

Mudah2an teu lepat deui

Balik deui ayeuna ka na peperngan Gatotkacha ngalawan 4 Butha nu Karna tea.
Ayeuna dua Denawa teh kantun dua deui, nya eta Lembusana sareng Kala Murka; ieu nu dua butha jelas pisan ningali Kasakten Gatotkacha sareng kadigjayanana; duanana ngarasa miris sareng ngarasa moal kuat ngalawan Gatotkacha. Tapi dalah dikumaha, maranehna geus keuna sumpah/jangji ku Bhatara Surya pikeun ngabantu Karna. Duanana maju meh bareng maju ngoroyok Gatotkacha; susuganan bisa ngalayanan Gatotkacha ari ku duaan mah, cenah.

Gatotkacha tos buringas pisan, ningal dua butha maju rek nyerang; ngahaja Gatotkacha nubruk ka eta dua Butha; atuh tilu Butha teh diadu ! Hiji ngalawan dua ! Malah nu dua Butha nu kawon, Lembusana, sareng Kala Murka duanana tingjolongjong tijengkang tigugulitik. Barang duanana rek harudang, Gatotkacha lir kilat tos nyerang, bari teu kaburu dicingcetkeun; Lembusana katampiling, mani aduh2an; ari Kala Murka ditajong nepi ka tigugulitik.

Gatotkacha muru Kala Murka, didengkek, saterusna huluna ngaplek.

Lembusana maksakeun maneh hudang, bari ayeuna mah mawa gegendir; terus dibabukkeun ka Gatotkacha. Nepi ka ngebul eta gada keuna ka na sirah Gatotkacha.
Gatotkacha teu rengrot2 acan. Lembusana kacida reuwasna, sabab eta gada atawa gegendir teh, WESI KUNING nu kasohor tea. Ngahuleng Lembusana; ku reuwas jeung gimir; keur kitu teh eta gada ditongtak gu Gatotkacha; teras dibalangkeun tebih pisan.

Lembusana ngadegdeg ku sieun2na; Gatotkacha kaciri ngabarkeun dampal tengenna; atuh mani sieuneun pisan Lembusana, lantaran tampiling nu tadi ge masih karasa keneh panas jeung nyerina; jeungna deui saluar awak karasa lungse teu aya daya. Ieu Lembusana teh diantara nu opat, minangka pang saktina; nu matak nepi ka ayeuna masih kuat nangtung keneh. Tapi barang Gatotkacha ngacungkeun dampalna, siga rek nampiling deui,

TIDIEU TEH MASIH LOBA TAMBAHANANA; TAPI KABURU KAPEGAT KU pln PAREUM NGADADAK; ATUH KAPOTONG NGAN UKUR NEPI KA DINYA, TAH ATUH DIKIRIM WE NUIE ENGKE DITERUSKEUN DEUI

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar