Jumat, 24 Juni 2011

Bharata Yudha 59

 

Suyudhana barang nguping Resi Drona Palastra salian ti sedih kingkin enggal wae nyarios ka Karna yen Senapati Tos tiwas. Karna mani ngagurubug gugah, eling ka na purwadaksina; enggal wae ngalahir :" Aduh atuh bahaya pisan ayeuna posisi urang teh; tarik wae sadayana Pasukan; ulah aya nu kaluae perang dugi ka Senapati nu anyar diangkat."

Teras wae harita keneh Pasukan Astina ditarik sina malundur; ari pihak Pandawa teu ngarudag, da tos kacida kacapeanana perang teu eureun siang sareng wengi.

Enggalna Suyudhana ngayakeun sidang darurat harita keneh, tujuanana kanggo ngangkat Senapati. Harita nu hadir teu sueur deui tinggal sababaraha Pahlawan Utama. Sidang harita disumpingan ku Duryodhana nu ngulem; teras Sakuni Katua Panitia; teras Basukarna; Salya; Kripa, Dursasana, Kritamarma, ari Aswatamma latingal mojok lantaran rada era tadi kabur sieun ku Bhima.

Suyudhana enggalna ngalahir :" Para undangan sadaya ayeuna Resi Drona tos pralaya lantaran dilicikan ku Pandawa; pokal si Kresna; tah ayeuna urang ngangkat Maha Senapi nu anyar Kaula cop pisan ka Karna !"

Karna rek ngabantah, tapi para hadirin raong sacara aklamasi/saurmanuk yen satuju pisan Karna dingkat jadi Senapati; lantaran kapan sanggup ngelehkeun Gatotkacha; jeung kapamimpinana geus kauji pisan; malah aya komentar pajarkeun kuduna mah ti baheula oge Karna nu kudu diangkat Senapati teh, lain Bhisma atawa Drona.

Atuh teu lila2 sawala caturkeun wae Karna diangkat jadi Maha Senapati; teras biantara.


HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 5

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar