Selasa, 28 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 61

 

Sajongjonan mah Durtodhana ngabetem we, teu iasa sasauran;  ku margi teu nyangki yen saratna kitu !? Aduh kumaha yeuh ? Ditedunan pikasebeleun; teu ditedunan Salya moal daek jadi kusir. Karna oge ti tatadi nahan napsu amarahna, ku margi Salya terang2an pisan ngahinakeun ka anjeunna.

Tapi akhirna mah Sutudhana gilig manah, kajeun narima panghina ti Salya, ti batan eleh perang mah ! keun hayang nyaho nepi ka mana nyrekanana !? Ari Salya tos gilig manah; mun wae anjeunnakuduperang ayeuna hartina lain nolak parentah, tapi ngabela harga diri jrung bebenerab; keun kumaha engke we! Kitu manah Salya.

Tah mimiti Kaula rek nyarekanan sampeyan Prabu Anom Jakapitana !
"Eh Suyudhana ! Naon sababna Eyang Bhisma palastra ?! Naon sababna Resi Drona pralaya ? Naon sababna Burisrawa, Baghadatta, jeung seueur deui Pahlawan sanesna lastari ? Eta kabeh nu jadi sabab musabab "kasarakahan andika" ! Suyudhna !"
Salya liren heula bari ngos2an nahan amarah mu tos lami kapegung ! Katingal Duryodhana teup geuneuk ray pias nahan amarahna.

:"Kurupati ! andika teh geus ngajak Para Satriya supaya mati di medan laga ngabelaan DOSA NIPU smpeyan ka Pandawa ! Da ari sosoranganan mah andika teh estu euweuh kawani ! Nya andika ngagunakeun nu sejen ! Pikeun ngalawan Pandawa nu tungtutanana bener !!" Salya liren deui bari melong ka Kurunata. sareng ngalirik para hadirin sadayana; katingal Dursasana. ngahrgak sareng siga nu bade mesat wangkingan ! Ah memang si nurustunjung Dursasana ieu nu bakal ku aing dicarekanan laklak dasar teh. Meureun ayeuna Kula bakal nyabut nyawa si Dursasana ; keun masing aing paeh diraponan fe puas mun geus modaran si durujana nu ieu mah.

:Aeh Dursasana ! andika ngeunah2 we padahal adi2 andika kapan pada tiwas ngabelaan diri sampeyan ! Ari andika aya di mana !? Nyumput nya ? Ku naon atuh make pipiluan perang ari rek nyumput mah !? Enyaan sampeyan mah durujana, nu wanina ngan ukur ka awewe ! nu tanpa daya ! Saperti Drupadi nu digugusur ka sidang harita ! Memang sampeyan mah jalma nu kawas sato ! teu aya mirip2 manusa sama sakali !"

Dursasana memang teu kuat nahan napsu, harita keneh rek luncat merangan Salya; tapi leungeunna dicekelan ku Sakuni mani pageuh, lantaran Sakuni terang Dursasana mun diantep matak gukrud sarerea . Dursasana oge sadar, lamun manehna ayeuna luncat nyerang ka Salya, can puguh bisa nelasan Salta, malah mungkin wae dirina nu cilaka, lantaran kapan Salya kasohor jago, teu sambarang jalma bisa ngalawan Salya.Nu matak napsu2 ge kapaksa Dursasana nahan dirina.

Ku margi Dursasana sigana teu kapangaruhan oge, lantaran dicekelan ku Sakuni, nyel we Salya ijid pisan ka Sakuni. Teras wae laklak dasar ka Sakuni, nu dilawan ku hehehe we ku Sakuni teh.

HANCA

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar