Selasa, 14 Juni 2011

Bharata Yudha ka 55

 

Ayeuna mah Yahoo nu ngaco ngirimna jadi kapotong; rupana teu meunang panjang teuing.

Mundurna kareta Arjuna disurakan ku Pasukan Kurawa Astina, bari ngaweweleh Arjuna; saterasna maruji ka Drona ! Memang dasarna Resi Drona ti kapungkur keneh, ti masih keneh Bambang Kombayana resep diumpak dipuji; atuh mani jigrah dipuji ku para Pasukan teh.
Ngalahir Resi Drona :" mMasing sakumaha gagahna oge Arjuna teh tetep murid Kaula, sagala elmu ti Kaula; moal bisa eta si Arjuna ngalawan Kaula ! Hahahaha ! jeungna deui Kaula boga senjata sakti Bramastra ! Pasti Arjuna ancur ku senjata ieu !" Drona ngaluarkeun senjata Bramasta; sadaya sami kaget, ku margi eta senjata mani boronyoy ngandung warna beureum sareng karasa panas; tanda eta senjata ti Dewa Brahma !
Enggalna bae sadaya pasukan susurakan : Jaya Senapati ! Jaya Guru Drona !

Enggal Drona sasauran deui :" Ieu panah Bramastra nu bakal namatkeun riwayat Arjuna !"

Waspada Dewa Indra enggal lungsur ka marcapada, janggelek payuneun Drona ( nu sejen teu aya nu terangeun ), atuh Resi Drona purat perot nyembah :"Haturan Bhatara Indra , aya naon sisinantenan lungsur ka marcapada !?

Dewa Indra :" Poma anjeun ulah ngaluarkeun eta senjata ! Bahaya. Sok asupkeun deui !"
Drona ngalahir ;" Maha Bhatara Indra nyarios kitu teh dumeh Arjuna putra sampeyan !?"

Dewa Indra :" Lain ! Pek we taros tuh Bhatara Brahma !" Atuh enggal Drona nyembah lantaran kasumpingan Bhatara Brahma.
Dewa Brahma ngalahir :" Enya Drona ! sampeyan entong make panah eta ! bahayana leuwih gede ti batan untungna !"

Enggal wae Drona ngalebetkeun deui panah Bramasytra; dua Dewa enggal ngiles; teras wae Drona ngalahir :" Ah memang can pantes Arjuna nampa ieu senjata Bramasytra; he he he can waktuna !"

Kacaturkeun Arjuna nu tos tebih ti palagan, lajeng ngandika ka Kresna :"Eh Kresna kuanaon sampeyan ujug2 ngaburkeun kareta katukang ? Jeung asa mani jauh pisan !? Kapan Kaula can eleh masih wani keneh !"

Kresna :" Wah ulah bahaya ! Moal aya nu bisa ngelehkeun Resi Drona di na waktu ieu !"

Permadi:" Ari enggeus kumaha ? Pandawa kudu nyerah ? Serah bongkokan !?"

Kresna:" Lain kitu, Tapi memang bahaya pisan; lamun geus kapepet tangtu manehna ngaluarkeun senjata Branasytra ! Komo mun sampeyan pipilueun deuih ngaluarkeun Pesopati !? Kapan bahaya pisan ? Bisa ngabahayakeun dunya nu teu bisa dikira kira ku urang !"

Arjuna :" Saha atuh nu bisa ngelehkeun guru ?!"

Kresna :" Drona !"

Arjuna :" Naon !??????? Drona ? tong heureuy atuh Kresna !"

Kresna :" Hehehehe........... enya Drona..............
Arjuna :" Ah teu [uguh sampeyan mah."
Kresna :" Kieu eta teh ............... Drona lamun keur siap perang, boga napsu perang, moal aya nu bisa ngalawan Resi Drona ! Ngan ukur manehna sorangan nu bisa ngelehkeunana, nya eta ku ngalungkeun gondewana jeung ucul2 pakean perangna; mun Drona geus teu boga deui napsu perang; tah di dinya manehna bakal moksa, ngahiyang !"

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar