Selasa, 24 April 2012

Fiksimini - 'Tahlilan Posmo'

Fiksimini - Tahlilan Posmo
Ku Ki Hasan

Harita teh wanci ashar. Ngalangeu di tepas. Nyuruput kopi panas. Lalawuhna beuleum Hui Cilembu. Kabeneran keur mulang ka lembur. Sanggeus mulan-malen bubuara di kota. Kurunyung Ki Adi nyampeurkeun. "Kang, aya uleman tahlilan!" "Na saha nu maot?" "Kapan Bah Kastum, ayeuna nembe tiluna." "Inna-lillahi-wa-inna-ilaihi-rojiun. Beu, kutan Bah Kastum nu gagah, salira jangkung badag, kumis baplang sangga dulang teh maot."

Rengse sholat asar. Gidig muru imah tatangga. Kasampak batur salembur tos hempak hadir, arandekak sila ngalingkung patengahan. "Assalamu-alaikum!" "Wa-alaikumus-salam!" Nu hadir raong ngawalon. Solongkrong ngajak sasalaman. Gup-gap dipapay ka sakur nu hadir. "Nuhun Kang tos kersa hadir!" Sohibul-bait ngabageakeun bangun atoh. Koloyong muru tempat nu kosong. Gek sila gigireun Mang Saca jeung Wa Karta.

"Ehem... Ehem..." Ajengan dedeheman calikna ngangsrog. "Assalamu-alaikum. Palawargi urang kawitan, ngarah rengse memeh magrib." Jep nu hadir repeh, nu tingkelepus balem, roko mebes kana asbak. Lir dirigen, ajengan ngomando ngaos bubuka taud-basmallah, laju Al-Fatihah. Jamaah raong nuturkeun, soantenna naek turun, patarema, ngawirahma. Rengse Yasin, ditema  al-Ikhlas, al-Falaq, sareng an-Nas, diembohan petikan ayat al-Baqarah, al-Ahzab, sareng al-Hud. Panyelangna Shalawat, Istighfar, sareng kalimat thayyibah.

Nincak bacaan "wafuanna waghfirlana warhamna" jamaah peureum beunta, edeg, mastaka ngagilek ngenca ngatuhu, nga-gusdur, peureum tapi nyaring, nyaring dina peureum. Ditumbu gerendeng "ya arhamar-rahimin", nu edeg tambah moyeg, salirana oyag. Pangacian kumpul deui, sanggeus ngageder ngaos "La ilaha illallah" nitir.

Memeh tahlilan rengse, Ceu Eulis didapur cakah-cikih. Song gelas eusi roko diiderkeun, aqua gelas dibagikeun. Solongkrong idangan kotak ka hareupeun. Geuwat dibuka. Eusina aya kueh, karoket, lemper ketan, teu kaliwat rajacere. Beu, tahlilan di lembur ge berekatna geuning idangan posmo.

Catetan:
Kagegelan kanggo Kang Yadi Supriadi Wendy sareng Kang Tatang Sariman

__._,_.___

___

Fiksimini - 'Office Boy'

Fiksimini - 'Office Boy'
Ku Ki Hasan

Hanjat ka Satun kana Ferry ti Langkawi. Sajam ngangkleung mapay basisir Siam kidul. Can ge nyisi badarat, rabul nu nawarkeun Baht. Kalacat ka darmaga. Rengse urusan imigrasi, reureuh sakeudeung. Mukaan peta, nyoreang pilampaheun. Gidig muru tempat Informasi,  neangan angkutan.

Sapanjang jalan ka Hat-Yai dina Vans asa jadi buta tuli. Aksara, soara, ngagebleg ngabegegan. Pituduh jalan rumingkel nyacing. Anjog ka lawang kota, karek getihan deui. Bruh-breh, bisa maca, bisa nyoara. Ngung-ngeng dedengean. Papan hideng nunuduh jalan. Nu  pireu alewoh deui.

Anjog ka Hat-Yai, tengah poe. Koloyong neangan restoran Malayu. Manggih di peuntaseun jalan. Tatanya neangan hotel, keur reureuh meuting. Ret kana erloji, sore keneh. Geuwat turun, rek ngalanglang puseur kota. Muter mapayan pasar, mipiran sisi toko, ngarondaan super-market.

Wanci nyedek ka tengah peuting. Tuur leklok, balas ngaprak nguriling dayeuh. Gidig balik. Anjog ka hotel, Office Boy ngudag kana panto lift. "Pa, nyalira?" "Enya!" "Ludeung kitu, Pa?" "Kumaha?!" "Bilih peryogi rencang keueung?!"

__._,_.___

_

[kisunda] Fiksimini - Lifestyle

Fikmin #Life Style#

"Hihihi...!" Ibu Gubernur nyikikik, bari ngabulaéh ngalemar. "Prot!" Diburakeun kana tampolong. Seupaheun digayem deui. Socana anténg neuteup kana Galaxy Tab. "Hihihi...!" Nyikikik deui. "Aya naon Aceuk, gumujeng nyalira?" Ibu Wagub nyirintil, bari ngagigiwing iPad. "Ieu geura ayi, aya fikmin anyar 'Fatal Attraction', mani kalinglap ku judulna. Sihoréng dongéng Sangkuriang." Saur Ibu Gubernur, bari ngasongkeun sabak digitalna. "Aceuk, abdi mah resep ku fikmin Ustad Fauzi. Karayas waé temana téh. Mani romantis. Bangun kasép nu ngarangna téh," walon Ibu Wagub bari ngagayem surabi. "Ayi kadieu geura," Ibu Gubernur mencrong, "Engké deui mah, dina pangaosan Saptuan Darma Wanita, méméh ngaos téh cuang selang heula ku maos fikmin Sunda." ***

__._,_.___

___

Musim Panen Naga itu Tlah Berakhir

 

 

Musim berganti 

Satu satu daun daun berguguran menyambut kemarau berseri

Buah Nagapun ritme alam diikuti

Tunduk patuh tak menentangnya sangsi

Musim panen buah nagapun berkahir di April

Dan Oktober kan berbunga kembali

 

Tunas baru bersemi bermunculan 

Tempat buah buah baru bergelayutan

Memberikan kebahagiaan tanpa keluhan

Terimakasih Tuhan

Dan kepada teman-teman

yang kadang menanti dan mengharapkan

Menikmati buah nusantara dalam pertemanan

Biarkan aku berbenah dalam enam bulan

Nantikan aku di musim depan

 

 

Salam dari desa Pakem

/gun soetopo

 

 

_,___

Minggu, 22 April 2012

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 3

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung (3)
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirim ka Group FB Pustaka Sunda


Paguneman Tanujiwa
Jeung Haji Prawatasari

Catetan Aan Merdéka Permana
 

RÉGENT atawa Bupati Tanujiwa timbul sipat héroikna dina ngabéla bangsa, sanggeusna didatangan ku Haji Prawatasari ka markasna di Kampung Baru. Harita inyana keur reureuh di kamarna, ujug-ujug ngabedega Haji Prawatasari, teuing ti mana asupna. Tanujiwa rada geumpeur sabab geus kadéngé béja yén pangagung pribumi anu biluk ka Kumpeni mah, pasti dipaténi.

Tapi tétéla Haji Prawatasari nyulundup ka jero kamar Tanujiwa sacara demit, lain rék ngakalakeun jiwana.

"Andika boga kakuatan pikeun buméla ka bangsa sorangan, lamun mah enya andika cicing di dieu maksudna keur kapentingan bangsa sorangan," saur Kangjeng Haji. Ki Mas Tanu acan leungit geumpeurna. Manéhna masih kénéh mikir, kumaha carana Haji Prawatasari bisa nyulusup ka jero kamar, padahal di éta lingkungan rajeg nu jaga. Jadi, lamun mah Haji Prawatasari niatna rék ngakalakeun, geus moal bisa kumaha.

"Kumaha, sanggup teu bajoang jang kapentingan Sunda tapi moal nampa pamulang tarima, kajaba pangjejeléh jeung panghina?" saur Kangjeng Haji deui.

Kalawan teu mikir dua tilu kali, Tanujiwa némbalan: "Sanggup!" pokna tatag.

"Anjeun geus aya di jero kakuatan musuh, kudu bisa miteskeun éta kakuatan. Carana, anjeun kudu daék jadi juru telik, katut mantuan ngancurkeun kakuatan Kumpeni ti jero," saur Kangjeng Haji. Ki Tanujiwa unggut deui baé.

"Ieu téh ukur paguneman urang duaan. Montong deungeun, dalah indung suku gé montong dibéjaan."

Ki Tanujiwa unggeuk.

"Beuki sia dijejeléh ku urang Sunda, beuki sia dipercaya ku Kumpeni. Wayahna, tepi ka sia kojor, boa tepika ahir jaman, ngaran sia tetep jadi geuleuh keumeuhna urang Sunda. Ieu keur kapentingan perjoangan. Sanggup?"

"Sanggup."

Geus kitu duaan badami néangan réka perdaya sangkan urang Sunda beuki geuleuheun jeung Kumpeni beuki percayaeun ka Ki Tanujiwa. Nya ti kamar ieu nu aya di Kampung Baru lahirna lalaguan "Ayang-ayang-gung" téh. Tata rumpakana lain anu kiwari dipiwanoh da nu ayeuna mah ladang nyieun deui dina abad 19 téa. Tapi sakumaha ceuk paguneman harita, hasilna jang Ki Tanujiwa mémang teu robah. Tug ka kiwari, Tanujiwa tetep dianggap jalma anu hianat ka bangsa. Nu nyusun sajarah Bogor luareun Kumpeni, tetep teu ngaku Tanujiwa salaku pendiri Bogor. Bupati munggaran Kabupatian Bogor, nu dicatetkeun, lain Tanujiwa.

Kami percaya
Geus moal aya nu ngajayakeun kami Nu matak, tarima wé.
Kami teu boga wasa
Jang méré harepan
Ténjo wé engké
Ka mana jigna
Ka mana jugna
Ka mana jagna
Kumaha ketak Sunda kiwari
Tuturkeun wé!

Cag!

*** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

__,_._,___

Sabtu, 21 April 2012

Mancing

Lagi mancing. Pagi-pagi langsung mancing, umpannya pakai ubi rebus.
Seeoot umpan disamber. Giriwil ikan lele.


Powered by Telkomsel BlackBerry®

HD

Powered by Telkomsel BlackBerry®

Kamis, 19 April 2012

Fiksimini - Bati Heureuy!

Fikmin #Bati Heureuy!#

Geulis manéhna téh, sampulur, mancung, cureuleuk. Bageur, soméah, pinter, kawantu doktor lulusan MIT. Wanoja karir. Ngan masih lalagasan. Perbawa sagala pinunjul, arang lalaki wani ngadeukeutan. Mindeng digonjak, "Nungguan naon deui Din, sagala tos kasorang, tinggal rarabi." "Kersa ka Akang? Ari taya nu séjén mah?" "Serieus Kang?" "Serieus!" poho ka nu di imah. Manéhna nyéréngéh.

Sabulan méméh Rayagung, manéhna nepungan. "Kang! Dini sasih payun tos panceg badé rarabi!" "Alhamdulillah, syukur tos aya jodona!" "Saha pamegetna Din?" "Rusiah éta mah. Pokona akang kedah sumping, sadintén saméméhna, duaan sareng Euceuna. Tong ngiringkeun barudak. Ngarah nyalsé! Pangrereban disayogikeun!" Ukur hareugeueun, mireng nu capétang teu répéh.

Cunduk waktuna, belenyeng mangprung nohonan ondangan manéhna. Duaan jeung pamajikan. Anjog ka imahna dibagéakeun ku kulawargana. Reureuh sakedapan. Ba'da magrib diajak rempugan kulawarga. Ari pokna téh, "Kang, kapan akang kungsi nyarios, serieus sejak mileuleuheungkeun Dini, kanggo nyarengan Aceukna! Ayeuna urang jadikeun. Sagala kaperyogian tos disayagikeun. Enjing urang baris dirapalan!"

JB, 11/02/12

__._,_.___

__

Fiksimini - "Wrestling!"

Fikmin #Wrestling!#

"Si Hideung! Si Bujur Katél siah!" "Naon, Konar? Ngaca! Si beungeut Walanda siah!" "Hayang gelut sia téh?" "Sok! Aing gé wani!" Ger galungan. Siliséréd. Silitonjok. Habek! Si Hideung ditonjok angenna. Bangkieung! Jumarigjeug. Panon burahay nyiki saga. Kekerot. Renghap ranjug. Serenteng Si Konar narajang deui. Ger papuket. "Bener sia teh bosen hirup?" "Sugan, sia?" "Aing mah can kawin euy?" "Heueuh aing gé can ka haji!" "Kumaha atuh? Tuluykeun?" "Kudu dituluykeun! Bahaya! Ngan...!" Si Konar ngaharéwos. Silikiceupan. "Okéh!" Ger papuket deui. Habek! Habek! Tanding "wrestling". Gebru ngajurahroh. Ngadedempés, taya rénghapna. "Walah Sid paraéh euy! Mangkaning Si Kalung Hideung beunang hésé! Beunang ngala handapeun batu!" "Heueuh Si Kalung Konar gé beunang ti bera!" Si Osid jeung Si Sakim tingharuleng. Hanjelu. "Piceun euy, alungkeun kana baluntas!" Tinglaléos. Baralik ka tepas imahna. Sanggeus taya soara. "Krik-krik, krik-krik!" "Sessst, tong tarik teuing. Bisi kadéngéeun ku budak dugul!" "Enya atuh, yu ah néangan imah anyar! Bye!" "Bye!"

__._,_.___

,___

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 2

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung (2)
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirimkeun ka Group FB Pustaka Sunda


Ki Mas Tanu Dipénta Kasanggupan
Ku Haji Prawatasari

Catetan Aan Merdéka Permana
 

Kuciwa ku sawarga
Sunda téh galuh
Tapi loba anu ngabobodo manéh
Ngan keun baé
Ari réa kénéh anu buméla mah
Meusingkeun teu patutur-tutur ogé

Kami teu boga wasa jang méré harepan
Ténjo wé engké
Ka mana jigna
Ka mana jugna
ka mana jagna
kumaha ketak Sunda kiwari
tuturkeun wé
Kami percaya
Ka kami geus moal aya
nu ngajayakeun diri kami
tarima wé!

- Ucapan Ki Tanujiwa

 
KI Tanujiwa atawa Ki Mas Tanu téh jalma pinter dina jamanna. Keur jajaran bangsa pribumi mah, manéhna téh kaasup anu nyongcolang, boh dina cita-cita boh dina mikir. Ku sawatara catetan sajarah, Tanujiwa digambarkeun mangrupa jalma anu gedé ambisina. Ari jalma pinter dina jaman harita ukur boga dua pilihan. Lamun teu ngalawan ka Kumpeni, nya sabalikna kudu biluk ka Kumpeni. Ceuk pikirna, jalma pinter lamun hayang ngahontal cita-cita jeung ambisina, nya kudu boga kakuatan. Tétéla kakuatan anu ku manéhna dipilih mah, kakuatan Kumpeni.

Ki Mas Tanu jauh-jauh datang ti Sumedanglarang ka tatar Pakuan (Bogor), maksud nu utama hayang nyukcruk galur riwayat Pajajaran. Manéhna panasaran, naon sababna Pakuan Pajajaran burak kira saratus taun nu kaliwat. Ki Mas Tanu mireungeuh, Kumpeni boga kakuatan pikeun dipaké boncéngan cita-citana. Angot harita, Sersan Piéter Scipio keur mingpin ékspédisi nyukcruk lalangsé urut Karaton Pajajaran. Atuh blus wé manéhna milu gabung ka Kumpeni atawa VOC. Ki Mas Tanu jadi anggota tentara Kumpeni. Malah ku sabab kapinteranana, manéhna ahirna boga pangkat Létnan, hiji pangkat anu kacida luhurna keur pangkat bangsa pribumi mah. Sanggeus sanggup ngabukbak sisi-sisi leuweung Pajajaran keur dibuka jadi lahan perkebunan, tur hasilna karasa jadi komoditi Kumpeni eksporeun ka Eropa, reputasi Ki Mas Tanu beuki nérékél baé. Malah ku sabab di éta tempat dugdeg kampung-kampung anyar, éta wewengkon robah jadi patempatan ramé. Kumpeni perlu naékkeun status jadi wewengkon kabupatian. Nu jadi bupati munggaran taya lian iwal ti Létnan Kumpeni Tanujiwa.

Ngan baé salila jadi pangkat, Tanujiwa teu weléh diririwaan ku kaceuceub bangsana sorangan. Tanujiwa dianggap hianat. Batur-batur bajoang hayang ngusir penjajah, ieu kalahka ulun kumawula.

Tanujiwa teu tarima dituding hianat. Sabab ceuk pikirna, pikeun naekkeun darajat bangsana, kudu aya anu sanggup cicing di jero kakuatan nu keur aya. Euweuh deui carana, iwal ti milu kana kakawasaan. Sual dianggap ngakaya rahayat Priangan dina maksa-maksa melak tutuwuhan komoditas, Ki Tanujiwa ogé teu tarima. Ceuk manéhna, rahayat Priangan anu sumedeng lara-balangsak, kudu dibéré lahan pagawéan, carana ku ngabukbak leuweung dijadikeun lahan perkebunan, tur ambarahayat boga pangasilan. Ceuk catetan sajarah Bogor jeung Cianjur disebutkeun, sanggeus dugdeg perkebunan, pamaréntah kolonial méré kawajiban sangkan rayat melak tutuwuhan komoditas keur bahan ékspor ka Éropa. Contona, tina sapikul daun tarum, Kumpeni meuli saharga 17 gulden. Éta diémbarkeun ka sakumna bupati sa Priangan. Ngan baé, harga sakitu téh teu tepi ka masartakat kebon, sabab sanggeus jadi kawijaban kepala désa jeung mandor kebon, hargana beuki nyirorot. Malah aya pagawé kebon anu ukur dibayar ku béas jeung lauk asin. Bari kituna téh para centéng mah maksa-mirusa sangkan pagawé kudu minuhan targét. Mun teu cumpon bakal dirangkét.

Tah, di dieu mimitina lahir gerakan rakyat, boh rayat Priangan boh rayat Banten pikeun ngalawan Kumpeni. Malah ti Jampang lahir hiji kakuatan rayat anu diluluguan ku Haji Prawatasari. Maranéhna taya kendatna ngajorag kakuatan-kakuatan Kumpeni di satatar Priangan, tur matak geumpeur keur Kumpeni. Kabéjakeun loba karugian anu dirasakeun ku Kumpeni. Malah dina jaman éta timbul résési ékonomi. Loba rayat anu ngungsi sieun kabarérang. Pasukan Haji Prawatasari nguwak-ngawik, di antarana teu weléh ngakalakeun para pangagung pribumi anu biluk ka Kumpeni. Loba pangagung Priangan dipaténi, kajaba Ki Tanujiwa salamet teu cécél teu bocél. Ka dieunakeun kanyahoan, Ki Tanujiwa, Bupati Bogor téh saéngko biluk ka Haji Prawatasari. Kanyahoanana sanggeus saban pasukan Haji Prawatasari ngajorag wilayah-wilayah Bogor, saurang gé teu kungsi kacangkalak. Éta mana bisa kitu téh alatan dibantuan ku Ki Tanujiwa. Bupati Bogor anu ngaran Tanujiwa, diséréd ka Standhuijs (pangadilan di Batavia, ayeuna Gedong Museum Fatahillah). Di dinya Tanujiwa ditibanan hukuman buang 50 taun ka Afrika Kidul, malah maotna gé di ditu.

*** Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

._,___

Wawacan - Panji Wulung (1)

Wawacan - Panji Wulung (1)

Diserat ku Radén Haji Muhammad Musa
Ngawitan medal jadi buku taun 1876
===

DANGDANGGULA

1. Dangdanggula nu awit digurit, nu dianggit carita baheula, nurun tina kitab kahot, diturun kana lagu, nu dipambrih réa nusudi, malar réa nu suka, ari nu dicatur, aya sahiji nagara, Sokadana nagara gedé téh teuing, murah keur kahirupan.

2. Réa sato kuda sapi munding, sugih dunya teu aya kakurang, réa ketan réa keton, ari nu jadi ratu, kakasihna Déwakéswari, mangsa jaman harita, kongas ratu punjul, sabar adil palamarta, papatihna ngaran Lembu Jayéng Pati, pernah misanan raja.

3. Hiji asal ratu sareng patih, sarta ratu kalangkung asihna, Ki Patih nya kitu kénéh, asih pisan ka ratu, beurang-peuting teu ayadeui, anu dijaga-jaga, ngan salamet ratu, sarta salamet nagara, kacaturkeun sang ratu kagungan selir, asal ti Balangbangan.

4. Langkung-langkung ku raja diasih, tina bisa pisan ngawulana, sarta jeung rupana hadé, manis pantes jeung lungguh, teu kumaki duméh diasih, kacatur lila-lila, bobot ti sang ratu, geus jangkep salapan bulan, kacarita praméswari langkung ijid, ka éta selir téa.

5. Anu ngaran Nyimas Tunjungsari, duméh reuneuh patutan ti raja, ari manah pawarang téh, ratu geus tangtu wuwuh, kanyaah-na ka Tunjungsari, jadi saakal-akal, nyiar ambrih giruk, piceuceuban piwurungan, dukun-dukun dikelun tapi teu matih, pirang-pirang tarékah.

6. Jampé-jampé pitutur paraji, nu dipalar ku pawarang raja, su-paya bobot teu cios, tapi keukeuh melendung, sarta raja tambah kaasih, pawarang tambah susah, ngamanahan maru, geus weléh kias tarékah, jampé-jampé teu pisan aya nu matih, hanas karurugian.

7. Unggal dukun jeung unggal paraji, pada boga sanggup ka pawarang, jampé piwurungan bobot, sarta boga panuhun, béda-béda unggal paraji, sarat pamatih tumbal, sakabéh diturut, béak pirang-pirang arta, tapi kabéh tarékah dukun teu matih, tuluy bijil akalna.

8. Akal dengki ngistorikeun selir, hiji mangsa pawarang haturan, sasauran di jero pangkéng, nun ratu amit matur, duméh éta pun Tunjungsari, aya lampahna salah, cidra ka sang ratu, gaduh lampah bobogohan, hiji mangsa kapanggih di enggon suni, eukeur padudua-an.

9. Reujeung mantri ngaran pun Panolih, malah réa nu mang-gihan inya, keur ngedeng di jero kobong, malah enggeus sataun, bobogohan jeung pun Panolih, nu matak haturan, kuring ti ka-pungkur, bawaning ku kanyaahan, tapi remen diingetan temah wadi, taya pisan tapakna.

10. Anu matak ayeuna ku kuring, dipiunjuk geus weléh magahan, lampahna kadalon-dalon, kuring langkung kaduhung, kulampahna pun Tunjungsari, hég boga kakandungan, lamun hanteu kitu, kuring langkung ngiring suka, peupeuriheun kuring hanteu aya tulis, anakan ti gamparan.

11. Enya ogé teu kagungan deui, putra anu bakal jadi raja, pigentoseun mangku kraton, welas ku sepuh-sepuh, nu mabakan cacakar bumi, nagara Sokadana, ti jaman kapungkur, turun-turun jadi raja, buyut canggah gamparan nu mangku bumi, dongkap ka anjeun pisan.

12. Teu kaselang ku nu lian deui, turun-turun ka putra nu enya, ngan ayeuna bakal séjén, kaselang ku nu palsu, kawentarkeun yén putra gusti, tapi ari yaktosna, tétés nu teu puguh, mun datang ka jadi raja, geus kacipta Sokadana runtang-ranting, tangtu panas watekna.

13. Saupami teu percanten gusti, pariksakeun ka abdi nu réa, baturna parekan kabéh, saréng naros ka dukun, aya hiji paraji sakti, dukun Guna Wisésa, dipunjulkeun lepus, weruh sadurung winarah, tegesna téh nyaho di nu tacan jadi, waspada terus tingal.

14. Geus kadangu ku Déwakéswari, sapihatur praméswari téa, sang raja ngahuleng baé, manahna langkung bingung, ngamanahan Nyi Tunjungsari, ari hanteu percaya, palangsiang terus, sapihatur pawarang, tuluy raja ngumpulkeun parekan selir, dipariksa sadaya.

15. Lalampahan Nyimas Tunjungsari, para selir sailon sadaya, pada nyumuhunkeun kabéh, sang ratu masih bingung, tacan ngandel pihatur selir, ti dinya tuluy raja, nyaur dukun lepus, paraji Guna Wisésa, tuluy ajar ngadeuheus ka kangjeng gusti, calik dina amparan.

16. Ratu langkung hormat ka kiai, calik mando semu ajrih pisan, lajeng sang ratu téh naros, hé éyang kiai dukun, kula naros lampahna selir, sumangga neda torah, nu awon nu lulus, nu temen kumawulana, jeung nu cidra sarta ngaduakeun pikir, mugi wakcakeun pisan.

17. Ajar nyaur sumangga pun aki, néang lampah parekan sadaya, urang peleng heula baé, tapi aya panuhun, mungguh sarat pameleng ati, sahiji kudu aya, ati méong tutul, kaduana menyan bodas, katiluna kudu aya hayam rintit, bodas sisitna selap.

18. Lamun enggeus sadia raracik, meureun témbong nu bageur nu salah, nu temen atawa mirong, ti dinya lajeng ratu, miwarangan sahiji mantri, ngumpulkeun sarat téa, ati méong tutul, wantuning paréntah raja, hanteu lila kabéh sarat enggeus bukti, disanggakeun ka ajar.

19. Tuluy ajar nyandak menyan putih, geus dibeuleum dina parukuyan, nyandak deui ati méong, digalokeun dicampur, reujeungati hayam nu rintit, saenggeusna sadia, geus dicampur-campur, ati méong ati hayam, bus dibeuleum ajar dikukudung putih, watara sajongjongan.

20. Tuluy nyaur popoyan ka gusti, hé sang raja enggeus katingalan, ati para selir kabéh, welas teuing ka ratu, aya hiji nu goréng ati, mirong kumawulana, lampahna teu patut, tur éta kaasih raja, selir anu ngaran Nyimas Tunjungsari, lampahna bobogohan.

21. Sareng mantri ngaran pun Panolih, malah éta kakandunganana, nya beunang jeung éta baé, ratu langkung ngagugu, tadi catur pawarang selir, nyebutkan Tunjung cidra, ayeuna geus terus, kitu deui torah ajar, hanteu mangmang benduna ka Tunjungsari, lajeng raja nimbalan.

22. Nyaur patih hanteu lila sumping, ka karaton bari semu reuwas, réh disaur téréh-téréh, lajeng sang ratu nyaur, hé Ki Patih, sing gasik-gasik, ieu si Tunjung sekar, nu cidra ka ratu, ayeuna geuwat paéhan, ulah nitah kudu ku manéh pribadi, mangké bawa ceulina.

23. Patih naros nun hampura gusti, abdi dalem buta tuli pisan, ku naon perkawisna téh, nu matak gusti bendu, réhna éta pun Tunjungsari, kalangkung diasihna, ti nu réa punjul, Déwakéswari ngandika, enya pisan ku kami dipikaasih, leuwih ti anu réa.

24. Anu matak kami liwat ijid, ka si Tunjung sabab salah tampa, dipisono nyolowédor, Ki Patih nyembah matur, abdi dalem nu kirang harti, seja nyundul unjukan, sumuhun bebendu, manawi gamparan lepat, kirang priksa bendu kagancangan teuing, tacan kamanah enya.

25. Anu matak kuring langkung watir, duméh eukeur gaduh kakandungan, ti baheula kuring ngantos, neneda ka Nu Agung, mugi-mugi putraan gusti, sarta pameget pisan, baris jadi ratu, dinagara Sokadana, rasa kuring laksana paneda kuring, bobot pun Tunjungsekar.

26. Raja nyaur langkung-langkung bengis, hé Ki Patih montong réa ucap, geura los paéhan baé, kami moal kaduhung, réh geus béak kami nya mikir, hanteu kurang pariksa, kabéh enggeus terus, asal béja ti pawarang, katerusan ku kabéh parekan selir, malah terus jeung ajar.

27. Saupama pawarang jeung selir, jijieunan moal katerusan, ku panorah ajar kahot, éta ajar geus punjul, patarosan ti mana mendi, kami geus hanteu mangmang, ka dosa si Tunjung, Ki Patih geus hanteu teurak, pamondahna ku raja hanteu ditampi, malah wuwuh benduna.

28. Tuluy patih mawa Tunjungsari, sarta reujeung ki Panolih téa, duanana dikantét, Nyi Tunjung celuk-celuk, sambat-sambat ka kangjeng gusti, kuring teu gaduh dosa, gusti naha kitu, ratu kurang titi priksa, puguh maru saakal-akal nu dengki, kasmaran teuing raja.

(Hanca)

__._,_.___

Selasa, 17 April 2012

Lagu pamungkas Darso - Halangan Diri

Kanggo para penggemar Darso "The Phenomenon" anu satia, mangga nyanggakeun
lagu pamungkas Darso, ciptaan Mang Dose Hudaya, judulna Halangan Diri.

Halangan Diri
Cipt: Dose Hudaya
http://www.youtube.com/watch?v=TxqOY2G503U

Na kunaon sagala rupa
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal Cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha naha kunaon

Boa- boa halangan diri
Nu mangrupi dosa- dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar- ngumbar larangan

Boa- boa halangan diri
Nu mang rupi dosa- dosa
Nu ngajajar mani panjang
Sapanjang jalan kareta

Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngentengkeun nana
Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngabebaskeun na

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginet laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu meurih hate anu ngajeurit
Kabeulit ku dosa- dosa
Biwir anu ngageter
Ngedalkeun rasa jiwa
Ampun ampun duh Gusti

__._,_.___

Guyon Kulonan - Bedol Lombang

Guyon Kulonan - Bedol Lombang
Ku MBF jeung ARS

Poe harita kabeneran tanggal genep likurna bulan Rejep. Atuh saterusna, jagaisuk eta tanggal tujuh likurna. Geus kabiasaan di unggal kampung pasisian gunung Haseupan mah, utamana anu aya masigitan ilok ngayakeun rajaban, nyaeta mieling kajadian anu tumiba ka jungjunan ummat nabi ahir jaman, Muhammad sollallohu alaihi wa sallam. Isro wal Mi'roj tea kasebutna. Teu pati jauh bedana jeung Idul Fitri, rajaban geh ilokan "dipapaes" ku kadaharan sabogana. Dibawa laju diriung di Masigit. Isuk keneh mang Sarna jeung anak-anakna geus papariat deuk ngabedolkeun lombang nu ponuh ku lauk bujaer. "Ene, geura kelek tah sair jeung nyoru... Kai, pacuan poho panggul tah korang jeung pacul hayu urang ngabedolkeun lombang tea," ceuk Mang Sarna ngomong saingetna. "La, Si Abah mah... jang naeun mamawa nyoru sagala, Bah?" Anak cawenena nembalan. "Aih... hooh nyah. Nyoru mah jang napian beas kading." Ceuk mang Sarna bari ngaleos dituturkeun timbeuri ku anak-anakna.

Alo Ocid: Rejep taun kamari, melak bujaer 300 siki sagalede cinggir di sawah boga bapa kolot di Cening, jang babacakan engke lebaran. Barak dibedolkeun nyesa 90 siki. Beak dihakan sero. Bedus..!

Katerangan:
ilok = osok
kodul = kidul
lombang = balong
ngabedolkeun = ngabedahkeun       
nyoru = nyiru
papariat = siap-siap, tatan-tatan
ponuh = pinuh
telok/tilok = tara

Editing: Ki Hasan

__._,_.___

Ngadu'a dina basa sunda

Nun Gusti abdi, karuniakeun kangge abdi rasa sieun ka Anjeung anu kawasa ngahalangan abdi tina maksiat ka Anjeun, sareng karuniakeun kangge abdi kataatan ka Anjeun anu kawasa nyampekeun abdi kan surga, sareng karuniakeun kangge abdi kayakinan hate anu tiasa ngahampangkeun abdi tina sagala cobaan dunya.

 

___

Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar

Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar

Hiji mangsa Abdullah Bin Ja'far (ra) nyorang leuweung, kabeneran ngaliwatan hiji kebon nu aya saurang budak Habsi (Etiopia) keur digawe. Harita aya nu datang nganteuran dahareun, dina waktu nu sarua aya anjing liar asup ka eta kebon, si hamba gura-giru nangtung, terus ngalungkeun sapotong roti ka eta anjing, nu terus dihakan tapi eta anjing can daek nyingkah. Eta jajaka teh ngalungkeun deui potongan roti nu kadua jeung nu katiluna, antukna kabeh bekelna poe eta beak diparabkeun ka anjing, nepikeun ka taya sesana keur bagean manehna sorangan. Abdullah Bin Ja'far, nu ti tadi keur nyerangkeun eta kajadian, nyarita ka eta jajaka, "Meunang sabaraha potong roti nu katarima pikeun jatah dahareun anjeun sapoena?" Eta jajaka nyarita, "Unggal poe kuring ngan meunang tilu potong roti, jiga ku kasaksian ku anjeun tadi." Ibnu Ja'far tumanya, "Terus, kunaon pangna maneh leuwih milih anjing tinimbang awak sorangan nepikeun ka tilu potongan roti bekel anjeun diparabkeun kabeh?" Eta jajaka nyarita, "Taya anjing nu dumuk di ieu wewengkon. Karunya teuing eta sato teh kudu nyorang lalampahan jauh pikeun nepi ka ieu tempat geus tangtu lapareun kacida. Jadi, kuring era parada rek ngusir sina nyingkah teh, bari teu diparaban nanaon." Ibnu Ja'far nyarita, "Ayeuna maneh boga naon keur dahareun poe ieu?" Eta jajaka nyarita, "Kuring masih kaduga nahan teu dahar ngan ukur sapoe, kuring ihlas." Ibnu Ja'far nyarita ka dirina sorangan, "Jelema ngiritik anjeun lantaran sok barang bere kaleuleuwihi, tapi ieu hamba sahaya teh jauh leuwih balabah tinimbang maneh." Sanggeus kitu manehna balik ka dayeuh, sanggeus nebus eta budak beulian, meuli kebon sarta sakabeh pakaya dijerona ti nu bogana, manehna ngamerdekakeun eta budak beulian bari terus mikeun eta kabon salaku hadiahna.

Tarjamahan "The Boy and the Dog" tina "Islam Can".
Panarjamah: Ki Hasan
***

_

Rabu, 04 April 2012

KAMUS SUNDA ONLINE

 

Baraya saalam dunya, aya ungkara ti milis jalansutra nu kuring resep pisan, "Be Resourceful". Cenah di milis eta mah tong waka tatanya samemeh urang ngideran arsip milis jeung ki gugel. Jigana hade oge mun diterapkeun di ieu milis kameumeut urang.

--

Keur hambalan munggaran, kuring ngamimitian ku ngawawarkeun sababara kamus Sunda online nu kasusud ku kuring, boh alatan inpo ti babaturan, atawa kenging mulung alamat ti google.

 

Aya sababara hiji mesin tarjamah online nu ku kuring geus katimu, jeung tos dianggo.  

  1. http://tarjamah.sabilulungan.org/, yasana kang Dian Tresna Nugraha, anggota Kusnet oge, nu janten kokojo basa unikodisasi aksara Sunda Kaganga. Mesin tarjamah ieu sarupa jeung toggletext.com. Bisa narjamahkeun artikel tina Indonesia ka Sunda.
  2. http://fikminsunda.com/kamus , Tina kamus kawentar karangan R.A. Danadibrata, dionlinekeun ku yasana kang Dadan Sutisna, sastrawan Sunda moyan nu ayeuna janten pimred majalah Cupumanik.

Nu sanesna tiasa disusud di google, bakal kapendak samodel:

 

uaduq!

Trét-trot trét trot,

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.



__

Guyon Kulonan - Si Suanah Balik Ti Kota

Guyon Kulonan - Si Suanah Balik Ti Kota
Ku YK

Mawa koper tas jingjingan kardus urut Sarimi nu eusina pinuh ku oleh-oleh. Can deui kantong keresek, beuh bae ribug babawaanna. Ja libur natal jeung tahun baruan. Buukna di beureuman siga artis. Bajuna tengtop calana bulujin. Biwir ipis na make lipen satip nu beureum na hurung ti jauh geus katempo ambucuy. Halis meunang ngerok ngajepat siga nyere, bulu mata kadoang bulu mata sarini. Sendal jungkung lancip 9 inci.

Manteb pisan siga nyonya nu di kota. Padahal mah di batawina geh, jadi tukang ngaberesihan caloset di mol. Tapi lagana sacayut burut. Beak bae sakampung menes mah. Ngadenge si suanah balik si sakim gancang lumpat bari tipoporose make samping jeung kopeah nu geus belel ja kukakebelan teu kaganti.

"Anaaaaaaaaaaahhh iyeu akang anah bebene nyaneh." Suanah malik ja reuwas tea aya nu ngagorowok gegeroan.

Suanah: "Siapa yah saya kagak kenal kamu deh?"
Sakim: "Anah iyeu Akang Anah, Sakim piraku poho ja memeh ka kota mah nyaneh ku akang unggal peuting di kekeceuk bae di kebon ka sapri. Piraku poho anah."
Suanah: "Helloooo liat aku dong. Ini Ana bukan Suanah. Sori yah kagak level. Bari rada lumpat ja sieun ka si Sakim."

Bari jungjat-jingjeut ja sendalna jungkung teuing babawaan ribug. Mata make kontak len warna biru siga meong. Si Sakim ngudag lempang dina galengan sawah. Si Suanah nambah keubat lumpatna. Kulantaran galengan becek sendal jungkung suanah nanceb, gabrug ngaguling kana sawah anu karak menang ngawuluku, atuh cacamut beungeut Suanah pinuh ku leutak. Si Sakim anu tadi kasinggung ku si Suanah lain nulungan kalah kah nga-gkgkgk nempo Suanah berubah jadi bebegig sawah. Karasa ku ene lebok tah ku nyaneh Suanah. Si Suanah gogorowokan teu di denge ku si Sakim.

Sakim: "Sori yah kagak level jeung kebo keur guyang dina leutak." Teu geura ae bari ngangkat samping na di sangsangkeun kana taktak si sakim nonggengan si Suanah. Preeeet suanah milugah jadi ana mpreeet. Pajuh ku sia Suanah. Loba keneh bikang nu hade, mending urang lembur batan ka maneh mah beungeut geus pinuh ku nu palsu. Halis palsu, bulu mata palsu, kana mata geh palsu. Hadoooh aing araringgis nyium na geh beungeutna ges beureum kitu bisi kapanasan leeh hehehehe.

__._,_.___

Quote - Kasadaran nu Ariman

Quote - Kasadaran nu Ariman

"Sakabeh jalma paeh, kajaba nu boga pangaweruh. Jeung sakabeh nu boga pangaweruh hees, kajaba jalma nu migawe kahadean. Jeung nu migawe kahadean katipu, kajaba jalma nu ihlas. Jeung jalma nu ihlas salawasna aya dina kaayaan waswas.

~ Imam Shaafi'i
Panarjamah: Ki Hasan
***

Kutipan - Ngiring Mieling Poean Cai

 

"Dunya nu halabhab téh geuning lantaran lapar. Diperelukeun cai sarébu kali leuwih loba keur méré dahar ka sakabéh jalma tinimbang cai keur nyugemakeun halabhab sakabéhna."
FAO Water, 2012
---
"The world is thirsty because it is hungry. It takes one thousand times more water to feed the human population than it does to satisfy its thirst."
FAO Water, 2012

 

--
d-: dudi herlianto :-q

Quotes - Opat jeung Opat

Quotes - Opat jeung Opat

Jalma wijak nyarita, "Aya opat hal nu hade, tapi opat hal lainna leuwih hade deui:

Boga kaera teh hade upama ditembongkeun ku lalaki, tapi leuwih hade deui mun ditembongkeun ku awewe.

Adil teh hade upama dilarapkeun ku kabeh jalma, tapi bakal leuwih hade upama dilarapkeun ku hakim jeung pangawasa.

Tobatna aki-aki teh hade, tapi leuwih hade deui tobatna budak ngora.

Berehanana nu beunghar teh hade, tapi leuwih hade deui berehanana jalma miskin."

Tarjamahan "Four and Four" tina "Islamic Quotes".
Panarjamah: Ki Hasan
***

Fiksimini - Sorangan

Fikmin #Sorangan#
Ku Ki Hasan

"Puguh sorangan ge kaget. Ku teu nyangka, da karek apal ayeuna. Geuning manehna teh adi teges didinya." "Heueuh, mun didinya keukeuh ngaheroan wae manehna, lengkahan heula bugang didieu!" "Ah moal ngalengkahan bugang didinya mah, atuh sorangan moal laksana ka manehna!" "Terus, ayeuna didinya rek kumaha hojahna?" "Eta mah pek we pikiran ku sorangan. Keur sorangan mah, nu penting manehna daekeun ka didieu."
***

__._,_.___

Quote - Pentingna Mikir

Quote - Pentingna Mikir

Kula teu sieun ku jalma nu mikir, najan manehna sasab; sabab tangtu inyana bakal balik deui kana bebeneran. Kula leuwih inggis ku maranehna nu teu mikir, najan dituyun maranehna mah lir ibarat jarami ditiup angin.

~ Syekh Muhammad el-Ghazal

Tarjamahan "Thinking Is A Must" tina "Islamic Quotes".
Panarjamah: Ki Hasan
***

__._,_.___

Guyon Kulonan - Tato Raweuy

 

Guyon Kulonan - Tato Raweuy
Ku ARS

Di Karang Sari, basisir Carita. Ulin, ngojay, laju masang tatto. Pingping kenca gambar Jupe, katuhu Depe.
"Bagus nyah Ka?" Suanah jendil nempokeun palangkakan ka salakina.
"Numana?" tanya Sakim.
"Duanana, Jupe jeung Depe," tembalna.
"Ceuk aing mah bagus keneh nu tengah," Sakim nyegog.
"Pangrasa tadi ngan dua mesena. Ari kitu gambar naon Ka?" Suanah melengek.
"Ahmad Albarrr!"

(Editing: Ki Hasan)

 

__._,_.___

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 1

 

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 1
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirimkeun ka Group FB Pustaka Sunda

Lagu Ayang-ayang Gung
Dijieun ku Ki Mas Tanu
 
Catetan Aan Merdeka Permana

DI tatar Sunda, tepikeun ka taun geneppuluhan, barudak di buruan sok ngahaleuangkeun lalaguan Ayang-ayang gung. Eusina sindiran kana hianatna Ki Mas Tanu atawa Tanujiwa, Bupati Bogor munggaran. Tim invéstigasi Ujung Galuh manggihan katerangan yén lagu Ayang-ayang gung nu nyieunna téh Ki Mas Tanu sorangan jang nyumputkeun perjoangan dirina dina buméla ka urang Sunda.
 

Ayang ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak ki mas tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos kangjeng dalem
Lempa lempi lempong
Jalan ka batawi ngemplong Ngadu pipi jeung nu ompong
 

JIGANA barudak ayeuna mah moal apaleun. Padahal baréto, tepikeun ka ahir taun 1960-an mun pareng caang bulan opat welas, di buruan barudak sok ngarumpul nyieun rupa-rupa kaulinan, ti mimiti turih oncom, galah, ucing peuntas, tepika ucing sumput. Mun capé lulumpatan, nya ngariung di tepas imah bari rampak hahaleuangan. Ti antara lalaguan anu dihaleuangkeunana nyaéta lagu "Ayang-ayang-gung" anu rumpakana nya kawas tadi anu ditulis di luhur.

Ceuk catetan Sajarah Bogor, lagu ayang-ayang-gung téh mangrupa sindiran peureus keur Ki Mas Tanu atawa Ki Tanujiwa. Inyana téh ku Gupernur Jénderal Campuijs kacida dipikanyaahna, jadi anak emas Kumpeni Belanda. Naon sababna kitu, sabab Ki Mas Tanu mangrupa bangsa pribumi ti tanah jajahan tapi anu dianggap boga uteuk anu éncér, loba ide jeung cita-cita dina nyieun hiji kamajuan. Ki Mas Tanu geus sanggup ngabukbak leuweung-leuweung gerotan sisieun leuweung Pajajaran, disulap jadi kebon-kebon komoditas anu kacida nguntungkeunana keur Kumpeni. Ku sabab loba dibuka perkebunan komoditas, atuh ka éta tempat loba jalma ti suklakna ti siklukna, ngababakan nyieun pilemburan, ngalamar jadi pagawe kontrak. Tina anu tadina leuweung geledegan atawa sampalan tegal siawat-awat, jlugjleg pilemburan anyar kayaning Bantarjati, Cimahpar, jeung sajabana. Malah sanggeus pilemburan anyar beuki lega baé, ahirna ngadeg hiji wewengkon badag anu ayeuna disebut Bogor téa. Ki Mas Tanu anu babakti ka Kumpeni boga pangkat létnan, ahirna dibenum jadi régent (bupati) Kabupatén Bogor anu munggaran (1680).

Dipuji jeung jadi anak emas téh ku Belanda da ari ku bangsana sorangan mah dicacampah jeung dijejeléh. Malah teu kurang-kurang bangsana sorangan anu hayangeun ngakalakeun, sabab Ki Mas Tanu dina pandangan urang Priangan jeung Banten mah dianggap ulun-kumawula ka bangsa asing, anu padahal ku saréréa keur diobrot sangkan indit ti Nusantara.

Para pajoang ti Priangan jeung Banten kacida ceuceubeunana. Urang Priangan ceuceubna ka Ki Mas Tanu téh sabab ieu jalma geus ngarempak pantrang dina ngaruksak Leuweung Pajajaran, padahal jaman harita ku urang Priangan kacida dikaramatkeunana. Ari Ku Ki Mas Tanu, jaba pileuweungan sisi-sisi Leuweung Pajajaran dibukbak dijadikeun kebon, jaba Ki Mas Tanu ula-ilu kana ékspédisi VOC, kukurusukan asup ka jero leuweung tutupan. Boh VOC boh Ki Mas Tanu boga tujuan nu sarua, hayang mukakeun lalangsé Pajajaran anu urut karatonna aya di jero leuweung gerotan anu katelahna Leuweung Pajajaran téa.

Bisa jadi Kumpeni harita keur resep kana ruipa-rupa panalungtikan, kaasup panalungtikan sajarah. Maranéhna kacida panasaraneunana, di jero leuweung gerotan aya sésa-sésa urut karaton. Jeung jigana cenah baheulana éta karaton badag, ngan jiga ngadadak ditaringgalkeun ku anu nyicinganana. Bangsa Belanda harayangeun nyaho, naon pangna éta karaton ngadadak ditaringgalkeun siga harita pangeusi karaton nyingkahan hiji kajadian anu pibahayaeun. Ari Ki Mas Tanu, nalungtik leuweung Pajajaran téh ku hayang nyukcruk karuhunna. Manéhna datang ti Karatuan Sumedanglarang, dibéré nyaho ku kolotna yén karuhun manéhna téh éstu ti Pajajaran. Tina catetan sajarah lokal urang Sumedang aya kasebut. Yén basa burakna Pajajaran (1579), Prabu Séda Ragamulya Suryakancana ti pangungsian Pulasari, ngutus putra mahkota Radén Aji Mantri nu dibarengan ku Patih Jayaperkosa pikeun nganteurkeun makuta Pajajaran Binokasih Sanghyang Paké ka Prabu Geusan Ulun di Sumedanglarang. Réngsé nyérénkeun makuta, Éyang Jayaperkosa babakti ka Prabu Geusan Ulun, tapi ari Radén Aji Mantri mah milih teu ilubiung kana pulitik kanagaraan, nya bumén-bumén di tepiswiring wewengkon Sumedanglarang tepikeun ka boga turunan opat. Ti salah sahiji putrana, gubrag budak lalaki anu geus déwasana katelahna Tanujiwa. Lamun catetan sajarah lokal ti Sumedang dipercaya ku saréréa, Ki Tanujiwa atawa Ki Mas Tanu téh, tétéla buyutna Prabu Séda. Mana pantes lamun ti Sumedanglarang, Ki Mas Tanu ngajugjug tatar Bogor. Maksudna taya lian hayang nyukcruk galur sajarah karuhunna.

Ngan pan tadi gé disebutkeun, datangna ka Bogor téh ku urang Priangan jeung urang Banten mah kacida teu disatujuanana. Basa nyaho yén Ki Mas Tanu datangna ka Bogor kalah nyukcruk galur sajarah runtuhna Pakuan Pajajaran, pajoang ti Banten mah kacida geuleuheunana. Sabab lamun Ki Mas Tanu muka lalangsé Pajajaran, bakal katohyan yén burakna Pajajaran téh hasil panggawé urang Banten pisan. Lamun hal ieu digegedékeun, tangtu bakal ngaganggu kana perjoangan dina nyanghareupan penjajah Belanda. Padahal harita persatuan antara urang Priangan jeung urang Banten dina ngalawan penjajah keur meumeujeuhna dihangkeutkeun.

Kaceuceub para pajoang ka Ki Mas Tanu téh sabab ieu jalma dianggap jadi bonéka Kumpeni dina nyangsarakeun rahayat. Hasil bumi ti Priangan jadi komoditas anu nguntungkeun keur Kumpeni tapi matak nyangsarakeun keur bangsa pribumi. Loba patani kebon anu disiksa ku para centéng katut mandor kebon lamun teu nyubadanan targét hasil panén anu geus ditangtukeun ku Kumpeni. Para centéng jeung mandor kebon mun ngontrol kebon teu weléh mekel cameti, jang ngarangkét patani anu teu tuhu. Dina mangsa aya pemberontakan pajuang ti Jampang anu katelahna Haji Prawatasari, kaceuceub bangsa pribumi ka Ki Mas Tanu beuki tambah. Angot sanggeus kaémpér aya haleuang lagu "Ayang-ayang-gung" anu eusina ngajejeléh Ki Mas Tanu mah. Urang Sunda dina umumna beuki geuleuheun ka Ki Mas Tanu. Ki Mas Tanu atawa Ki Tanujiwa, bupati Bogor munggaran, ku para pajoang diintip rék dikakalakeun jeung diarah pati.

Tapi, naha bener Ki Mas Tanu téh jalma hianat ka bangsana anu "tukang olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung kumpeni, niat jadi pangkat katon kagoréngan"? Lagu Ayang ayang gung anu dipiwanoh tepikeun ka ahir taun 1960-an sabenerna lain nu asli, sabab éta mah ladang ngaropéa deui. Diropéana anyar kénéh pisan. Kitu lah, dina awal abad 19. Ari rumpaka anu aslina mah kieu béréndélanana:

 
Ayang ayang gung
Réngréng jaya manggung
Sakur meunang haté pundung
Nincak réh haténa indung
Ayang ayang gung
Sampakkeuna tur nyalindung
Nulak haténa ka batur
Keun, kulaning nu pasuntrung
Aya deui, aya deui nu badigung
Ngaréngkéd ukur jang batur
Geuning, anjeunna teu tulung
Keun waé, keun waé
Dasarna kudu pasinggung
Galuh geus teu ka indung
Malah batur nu dicandung
Éraeun, éraeun
Murak-marik ngaracug
har, cug palincug
paling budak tepi pancug
har, cag pacacag
pacarékeun tulak indung
teu éra, teu éra
éra kana galuh haté
patalék jalir ka jangji
jangjangan milah ka harti
tepikeun warta sawarga
geura telaan kalangkung
ayang ayang gung jaya simanggung
nyandung ka batur lin ka indung papakéanana gé rancug.

 
Nya ieu pisan lalaguan nu disebut ayang-ayang-gung anu sumebar dina jaman kumelendangna Ki Mas Tanu mah. Tapi saha sabenerna anu nyiptakeun rumpaka ieu lagu? Tina hasil panitén tim invéstigasi Ujung Galuh, nu nyiptakeun lagu ayang ayang gung, lain si itu lain si éta, tapi Ki Mas Tanu sorangan. Naha maké bisa kitu? Kumaha mimitina? Hayu urang tuturkeun lalakonna. ***

Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

__._,_.___

Fiksimini - Malem Minggu

Fikmin #Malem Minggu#
Ki Hasan

Malem Minggu. Réngsé isa, Sakim, Osid jöng Dasép ngariung di imah Dédi. "Mana kartuna öy? Urang balakan!" Der siliböböt, silibantingkön balak, bari tingcakakak. Cölökötök Néng Ani, nyöngsörikön Osid, cölina rawöy cacapit.

"Capé öy silibabuk téh! Lapar döih! Mölöm Sampö yu!" cök Sakim. "Bawa patromakna! Tah bedogna! Kadé tinggalön radiona!" Brul ngabring ka kebon sampö. "Kumpulkön jarami garingna öy! Uing ngarabut sampö manihotna!" Ger ngadurukan, sönö ngabebela. Ngariung siduru dibaturan halöang "Berita Kepada Kawan". "Gös asak öy!" Cök Osid bari ngoréhan durukan. Tingcamuil ngahanca bölöm sampö panas kénéh. "Halah hanaang öy! Ngala kalapa öy!" Kalacat Sakim mupu dawegan.

"Bötöng söböh öy! Can aya pitunduhön!" "Béjana Kang Yana anyar datang nyaba öy!" Silihpelong. Tingcikikik. "Ampihkön patromak, bedog, jöng radiona öy!" Tingkuliwed muru pipir imah Kang Yana. "Aya öy? Gös maén?" Tingharéwos. "Sessst! Tong geruh! Kadéngéön!" Pasesedek parebut bilik carang. Kerewek punduk si Sakim dijéwang. "Bönang siah! Nu sok ngarintip téh!" érté haroshos.
***

Senin, 02 April 2012

Mengenang Hari Lahir Pak Andi, 30 Maret

Mengenang Pak Andi: Mengapa Beliau Pandai Berbahasa Jerman?

Ketika saya diminta Ibu Dekan FMIPA-IPB untuk menyusun buku sejarah 30 tahun FMIPA, kembali saya membuka-buka arsip lama tentang IPB yang pernah saya simpan. Salah satunya adalah karya Pak Andi yang ditulis tahun 1988 di Madison seusai Beliau menyelesaikan amanah sebagai Rektor IPB (1978-1987). Tulisan itu berjudul "Reaching for The Best: Recollections on Institution Building at Bogor Agricultural University". Saya sudah menghubungi Direktur IPB Press untuk mencetak buku tersebut supaya dapat dibaca oleh kalangan akademisi, termasuk mahasiswa, terutama kita di IPB.

Tulisan ini hanya sebagian kecil dari buku tersebut yang ingin saya share dalam rangka mengenang Pak Andi yang dipanggil Allah Swt tanggal 4 Maret 2002, yakni 26 hari sebelum hari ulang tahunnya tg 30 Maret. Saya petik dari Bab 2 "University, Here I Come!". Saya sangat terkesan akan kemampuan Pak Andi dalam menguasai beberapa bahasa, termasuk Bahasa Jerman. Waktu S1, saya tidak habis pikir mengapa Pak Andi mampu berbahasa Belanda, Inggris, Jepang, Arab, dan Jerman. Untuk bahasa Inggris, Arab, Belanda, dan Jepang saya agak mudah menarik garis lurus kemahiran Beliau karena generasi Pak Andi sering bersentuhan dengan keempat bahasa itu secara sains, budaya, dan sejarah. Tapi kalau bahasa Jerman, saya sedikit pusing menarik garis lurusnya. Inilah jawabannya.

Pada waktu Pak Andi kuliah tingkat pertama di Fakultas Pertanian Universitas Indonesia tahun 1952/53, kala itu adalah masa transisi penyampaian perkuliahan. Deliverinya diberikan dalam campuran tiga bahasa, yakni Indonesia, Inggris dan Belanda. Pada saat itu, walaupun pemerintah sudah menegaskan bahwa bahasa Indonesia harus dipergunakan sebagai bahasa keilmuan (scientific language), tidak semua dosen mampu berbahasa Indonesia. Jadi bahasa gado-gado masih menjadi kebiasaan.

Salah seorang dosen yang mengajar saat itu adalah Prof. Bodijn, orang Belanda yang asalnya tukang kebun di Universitas Utrecht Belanda yang diketahui rajin mencatat perkuliahan Prof. Hugo de Vries yang terkenal dalam teori mutasi. Seusai menyelesaikan pendidikan doktor, Dr. Bodijn dikirim ke Indonesia untuk memperkuat riset2 mikologi. Generasi saya (SMA dekade 70 atau sebelumnya) tentu masih ingat nama Dr. Bodijn sebagai penulis buku Botani yang menjadi pegangan siswa SMA kala itu. Buku itu dicetak pemerintah dalam edisi lux dan disebarkan ke SMA-SMA di Indonesia. Kami diwajibkan meminjam buku itu di kelas 3 secara cuma-cuma, dan harus dikembalikan ke perpustakaan SMA sebelum memperoleh ijazah. Di Bogor, Dr. Bodijn adalah peneliti di Kebun Raya, selain dosen Botani di Fakultas Pertanian UI.

Prof. Bodijn dipuji oleh Pak Andi sebagai dosen jenius dan satu-satunya ahli mikologi saat itu. Beliaulah yang selalu memberikan solusi seandainya ada outbreak penyakit tanaman berbasis jamur. Dia sangat tekun di laboratorium dan menyenangi perkuliahan. Kalau kuliah, semua organ tubuhnya aktif. Tangan kirinya menggambar diagram morfologi tumbuhan secara detil dengan kapur berwarna. Tangan kanannya menuliskan apa yang dia gambarkan, dan mulutnya bicara menerangkan yang ada di gambar bersamaan dengan tulisannya. Tentunya kakinya berjalan-jalan dari satu sudut papan tulis ke sudut lainnya. Untuk itu, mahasiswa harus bekerjasama. Ada yang bertugas menulis, ada yang bertugas menggambar, dan ada yang khusus mendengar. Lalu mereka setelah perkuliahan berembug menyatukan komponen2 tugas untuk menjadi satu kesatuan isi kuliah.
Kalau ke kelas Prof. Bodijn hanya membawa kapur berbagai warna dipergunakan untuk menggambar, tetapi tidak membawa buku. Ketika ditanya buku teks apa yang dijadikan pegangan, Prof. Bodijn menyarankan cari sendiri buku yang sesuai dengan yang diterangkan. Pedium untuk menyimpan buku di kelas Botani hampir tidak ada gunanya.

Di dalam peramuan materi kuliah, ketika mahasiswa terjadi perbedaan pendapat, mau tidak mau harus dicari buku rujukan yang menjadi pegangan Prof. Bodijn. Inilah tugas Pak Andi, mencari buku yang sesuai dengan urut-urutan perkuliahan Prof. Bodijn. Akhirnya Pak Andi menemukan bahwa perkuliahan Prof. Bodijn dikembangkan dari sebuah buku teks botani yang ditulis oleh Strassburger di dalam bahasa Jerman. Ada juga beberapa beberapa buku berbahasa Inggris sebagai pendukung. Karena tugas itu harus diselesaikan dengan baik, maka Pak Andi memperlajari bahasa Jerman. Beliau menyatakan 'it was my task to look everything up in those books that concurrently forced me to improve my reading knowledge of German".

Akhirnya keheranan saya sejak tahun 1976, mengapa Pak Andi mampu berbahasa Jerman itu terjawab. Alhamdulillah. Semoga Bapak terus bahagia di alam penuh rahmat di sisi Allah swt. Aamiin YRA.

Semoga tulisan ini bermanfaat.

Asep Saefuddin
Kampus IPB Darmaga, 30 Maret 2012
Powered by Dept. Statistika FMIPA IPB

__._,_.___