Kamis, 19 April 2012

Fiksimini - Bati Heureuy!

Fikmin #Bati Heureuy!#

Geulis manéhna téh, sampulur, mancung, cureuleuk. Bageur, soméah, pinter, kawantu doktor lulusan MIT. Wanoja karir. Ngan masih lalagasan. Perbawa sagala pinunjul, arang lalaki wani ngadeukeutan. Mindeng digonjak, "Nungguan naon deui Din, sagala tos kasorang, tinggal rarabi." "Kersa ka Akang? Ari taya nu séjén mah?" "Serieus Kang?" "Serieus!" poho ka nu di imah. Manéhna nyéréngéh.

Sabulan méméh Rayagung, manéhna nepungan. "Kang! Dini sasih payun tos panceg badé rarabi!" "Alhamdulillah, syukur tos aya jodona!" "Saha pamegetna Din?" "Rusiah éta mah. Pokona akang kedah sumping, sadintén saméméhna, duaan sareng Euceuna. Tong ngiringkeun barudak. Ngarah nyalsé! Pangrereban disayogikeun!" Ukur hareugeueun, mireng nu capétang teu répéh.

Cunduk waktuna, belenyeng mangprung nohonan ondangan manéhna. Duaan jeung pamajikan. Anjog ka imahna dibagéakeun ku kulawargana. Reureuh sakedapan. Ba'da magrib diajak rempugan kulawarga. Ari pokna téh, "Kang, kapan akang kungsi nyarios, serieus sejak mileuleuheungkeun Dini, kanggo nyarengan Aceukna! Ayeuna urang jadikeun. Sagala kaperyogian tos disayagikeun. Enjing urang baris dirapalan!"

JB, 11/02/12

__._,_.___

__

Tidak ada komentar:

Posting Komentar