Rabu, 04 April 2012

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 1

 

Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 1
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirimkeun ka Group FB Pustaka Sunda

Lagu Ayang-ayang Gung
Dijieun ku Ki Mas Tanu
 
Catetan Aan Merdeka Permana

DI tatar Sunda, tepikeun ka taun geneppuluhan, barudak di buruan sok ngahaleuangkeun lalaguan Ayang-ayang gung. Eusina sindiran kana hianatna Ki Mas Tanu atawa Tanujiwa, Bupati Bogor munggaran. Tim invéstigasi Ujung Galuh manggihan katerangan yén lagu Ayang-ayang gung nu nyieunna téh Ki Mas Tanu sorangan jang nyumputkeun perjoangan dirina dina buméla ka urang Sunda.
 

Ayang ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak ki mas tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos kangjeng dalem
Lempa lempi lempong
Jalan ka batawi ngemplong Ngadu pipi jeung nu ompong
 

JIGANA barudak ayeuna mah moal apaleun. Padahal baréto, tepikeun ka ahir taun 1960-an mun pareng caang bulan opat welas, di buruan barudak sok ngarumpul nyieun rupa-rupa kaulinan, ti mimiti turih oncom, galah, ucing peuntas, tepika ucing sumput. Mun capé lulumpatan, nya ngariung di tepas imah bari rampak hahaleuangan. Ti antara lalaguan anu dihaleuangkeunana nyaéta lagu "Ayang-ayang-gung" anu rumpakana nya kawas tadi anu ditulis di luhur.

Ceuk catetan Sajarah Bogor, lagu ayang-ayang-gung téh mangrupa sindiran peureus keur Ki Mas Tanu atawa Ki Tanujiwa. Inyana téh ku Gupernur Jénderal Campuijs kacida dipikanyaahna, jadi anak emas Kumpeni Belanda. Naon sababna kitu, sabab Ki Mas Tanu mangrupa bangsa pribumi ti tanah jajahan tapi anu dianggap boga uteuk anu éncér, loba ide jeung cita-cita dina nyieun hiji kamajuan. Ki Mas Tanu geus sanggup ngabukbak leuweung-leuweung gerotan sisieun leuweung Pajajaran, disulap jadi kebon-kebon komoditas anu kacida nguntungkeunana keur Kumpeni. Ku sabab loba dibuka perkebunan komoditas, atuh ka éta tempat loba jalma ti suklakna ti siklukna, ngababakan nyieun pilemburan, ngalamar jadi pagawe kontrak. Tina anu tadina leuweung geledegan atawa sampalan tegal siawat-awat, jlugjleg pilemburan anyar kayaning Bantarjati, Cimahpar, jeung sajabana. Malah sanggeus pilemburan anyar beuki lega baé, ahirna ngadeg hiji wewengkon badag anu ayeuna disebut Bogor téa. Ki Mas Tanu anu babakti ka Kumpeni boga pangkat létnan, ahirna dibenum jadi régent (bupati) Kabupatén Bogor anu munggaran (1680).

Dipuji jeung jadi anak emas téh ku Belanda da ari ku bangsana sorangan mah dicacampah jeung dijejeléh. Malah teu kurang-kurang bangsana sorangan anu hayangeun ngakalakeun, sabab Ki Mas Tanu dina pandangan urang Priangan jeung Banten mah dianggap ulun-kumawula ka bangsa asing, anu padahal ku saréréa keur diobrot sangkan indit ti Nusantara.

Para pajoang ti Priangan jeung Banten kacida ceuceubeunana. Urang Priangan ceuceubna ka Ki Mas Tanu téh sabab ieu jalma geus ngarempak pantrang dina ngaruksak Leuweung Pajajaran, padahal jaman harita ku urang Priangan kacida dikaramatkeunana. Ari Ku Ki Mas Tanu, jaba pileuweungan sisi-sisi Leuweung Pajajaran dibukbak dijadikeun kebon, jaba Ki Mas Tanu ula-ilu kana ékspédisi VOC, kukurusukan asup ka jero leuweung tutupan. Boh VOC boh Ki Mas Tanu boga tujuan nu sarua, hayang mukakeun lalangsé Pajajaran anu urut karatonna aya di jero leuweung gerotan anu katelahna Leuweung Pajajaran téa.

Bisa jadi Kumpeni harita keur resep kana ruipa-rupa panalungtikan, kaasup panalungtikan sajarah. Maranéhna kacida panasaraneunana, di jero leuweung gerotan aya sésa-sésa urut karaton. Jeung jigana cenah baheulana éta karaton badag, ngan jiga ngadadak ditaringgalkeun ku anu nyicinganana. Bangsa Belanda harayangeun nyaho, naon pangna éta karaton ngadadak ditaringgalkeun siga harita pangeusi karaton nyingkahan hiji kajadian anu pibahayaeun. Ari Ki Mas Tanu, nalungtik leuweung Pajajaran téh ku hayang nyukcruk karuhunna. Manéhna datang ti Karatuan Sumedanglarang, dibéré nyaho ku kolotna yén karuhun manéhna téh éstu ti Pajajaran. Tina catetan sajarah lokal urang Sumedang aya kasebut. Yén basa burakna Pajajaran (1579), Prabu Séda Ragamulya Suryakancana ti pangungsian Pulasari, ngutus putra mahkota Radén Aji Mantri nu dibarengan ku Patih Jayaperkosa pikeun nganteurkeun makuta Pajajaran Binokasih Sanghyang Paké ka Prabu Geusan Ulun di Sumedanglarang. Réngsé nyérénkeun makuta, Éyang Jayaperkosa babakti ka Prabu Geusan Ulun, tapi ari Radén Aji Mantri mah milih teu ilubiung kana pulitik kanagaraan, nya bumén-bumén di tepiswiring wewengkon Sumedanglarang tepikeun ka boga turunan opat. Ti salah sahiji putrana, gubrag budak lalaki anu geus déwasana katelahna Tanujiwa. Lamun catetan sajarah lokal ti Sumedang dipercaya ku saréréa, Ki Tanujiwa atawa Ki Mas Tanu téh, tétéla buyutna Prabu Séda. Mana pantes lamun ti Sumedanglarang, Ki Mas Tanu ngajugjug tatar Bogor. Maksudna taya lian hayang nyukcruk galur sajarah karuhunna.

Ngan pan tadi gé disebutkeun, datangna ka Bogor téh ku urang Priangan jeung urang Banten mah kacida teu disatujuanana. Basa nyaho yén Ki Mas Tanu datangna ka Bogor kalah nyukcruk galur sajarah runtuhna Pakuan Pajajaran, pajoang ti Banten mah kacida geuleuheunana. Sabab lamun Ki Mas Tanu muka lalangsé Pajajaran, bakal katohyan yén burakna Pajajaran téh hasil panggawé urang Banten pisan. Lamun hal ieu digegedékeun, tangtu bakal ngaganggu kana perjoangan dina nyanghareupan penjajah Belanda. Padahal harita persatuan antara urang Priangan jeung urang Banten dina ngalawan penjajah keur meumeujeuhna dihangkeutkeun.

Kaceuceub para pajoang ka Ki Mas Tanu téh sabab ieu jalma dianggap jadi bonéka Kumpeni dina nyangsarakeun rahayat. Hasil bumi ti Priangan jadi komoditas anu nguntungkeun keur Kumpeni tapi matak nyangsarakeun keur bangsa pribumi. Loba patani kebon anu disiksa ku para centéng katut mandor kebon lamun teu nyubadanan targét hasil panén anu geus ditangtukeun ku Kumpeni. Para centéng jeung mandor kebon mun ngontrol kebon teu weléh mekel cameti, jang ngarangkét patani anu teu tuhu. Dina mangsa aya pemberontakan pajuang ti Jampang anu katelahna Haji Prawatasari, kaceuceub bangsa pribumi ka Ki Mas Tanu beuki tambah. Angot sanggeus kaémpér aya haleuang lagu "Ayang-ayang-gung" anu eusina ngajejeléh Ki Mas Tanu mah. Urang Sunda dina umumna beuki geuleuheun ka Ki Mas Tanu. Ki Mas Tanu atawa Ki Tanujiwa, bupati Bogor munggaran, ku para pajoang diintip rék dikakalakeun jeung diarah pati.

Tapi, naha bener Ki Mas Tanu téh jalma hianat ka bangsana anu "tukang olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung kumpeni, niat jadi pangkat katon kagoréngan"? Lagu Ayang ayang gung anu dipiwanoh tepikeun ka ahir taun 1960-an sabenerna lain nu asli, sabab éta mah ladang ngaropéa deui. Diropéana anyar kénéh pisan. Kitu lah, dina awal abad 19. Ari rumpaka anu aslina mah kieu béréndélanana:

 
Ayang ayang gung
Réngréng jaya manggung
Sakur meunang haté pundung
Nincak réh haténa indung
Ayang ayang gung
Sampakkeuna tur nyalindung
Nulak haténa ka batur
Keun, kulaning nu pasuntrung
Aya deui, aya deui nu badigung
Ngaréngkéd ukur jang batur
Geuning, anjeunna teu tulung
Keun waé, keun waé
Dasarna kudu pasinggung
Galuh geus teu ka indung
Malah batur nu dicandung
Éraeun, éraeun
Murak-marik ngaracug
har, cug palincug
paling budak tepi pancug
har, cag pacacag
pacarékeun tulak indung
teu éra, teu éra
éra kana galuh haté
patalék jalir ka jangji
jangjangan milah ka harti
tepikeun warta sawarga
geura telaan kalangkung
ayang ayang gung jaya simanggung
nyandung ka batur lin ka indung papakéanana gé rancug.

 
Nya ieu pisan lalaguan nu disebut ayang-ayang-gung anu sumebar dina jaman kumelendangna Ki Mas Tanu mah. Tapi saha sabenerna anu nyiptakeun rumpaka ieu lagu? Tina hasil panitén tim invéstigasi Ujung Galuh, nu nyiptakeun lagu ayang ayang gung, lain si itu lain si éta, tapi Ki Mas Tanu sorangan. Naha maké bisa kitu? Kumaha mimitina? Hayu urang tuturkeun lalakonna. ***

Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar