Selasa, 17 April 2012

Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar

Kisah Islam - Jajaka jeung Anjing Liar

Hiji mangsa Abdullah Bin Ja'far (ra) nyorang leuweung, kabeneran ngaliwatan hiji kebon nu aya saurang budak Habsi (Etiopia) keur digawe. Harita aya nu datang nganteuran dahareun, dina waktu nu sarua aya anjing liar asup ka eta kebon, si hamba gura-giru nangtung, terus ngalungkeun sapotong roti ka eta anjing, nu terus dihakan tapi eta anjing can daek nyingkah. Eta jajaka teh ngalungkeun deui potongan roti nu kadua jeung nu katiluna, antukna kabeh bekelna poe eta beak diparabkeun ka anjing, nepikeun ka taya sesana keur bagean manehna sorangan. Abdullah Bin Ja'far, nu ti tadi keur nyerangkeun eta kajadian, nyarita ka eta jajaka, "Meunang sabaraha potong roti nu katarima pikeun jatah dahareun anjeun sapoena?" Eta jajaka nyarita, "Unggal poe kuring ngan meunang tilu potong roti, jiga ku kasaksian ku anjeun tadi." Ibnu Ja'far tumanya, "Terus, kunaon pangna maneh leuwih milih anjing tinimbang awak sorangan nepikeun ka tilu potongan roti bekel anjeun diparabkeun kabeh?" Eta jajaka nyarita, "Taya anjing nu dumuk di ieu wewengkon. Karunya teuing eta sato teh kudu nyorang lalampahan jauh pikeun nepi ka ieu tempat geus tangtu lapareun kacida. Jadi, kuring era parada rek ngusir sina nyingkah teh, bari teu diparaban nanaon." Ibnu Ja'far nyarita, "Ayeuna maneh boga naon keur dahareun poe ieu?" Eta jajaka nyarita, "Kuring masih kaduga nahan teu dahar ngan ukur sapoe, kuring ihlas." Ibnu Ja'far nyarita ka dirina sorangan, "Jelema ngiritik anjeun lantaran sok barang bere kaleuleuwihi, tapi ieu hamba sahaya teh jauh leuwih balabah tinimbang maneh." Sanggeus kitu manehna balik ka dayeuh, sanggeus nebus eta budak beulian, meuli kebon sarta sakabeh pakaya dijerona ti nu bogana, manehna ngamerdekakeun eta budak beulian bari terus mikeun eta kabon salaku hadiahna.

Tarjamahan "The Boy and the Dog" tina "Islam Can".
Panarjamah: Ki Hasan
***

_

Tidak ada komentar:

Posting Komentar