Senin, 10 Oktober 2011

[kisunda] Bharata Yudha 82

 

Eta u nyarita jeug nyentak Bhima teh geus masang gondewa rek manah Bhima;
Bhima maju rek ngarontok; Yudhistira rikat ngahalang Bhima; ari Kresna rikat ngahalang
mu rek manah Bhima. Nyata nu rek manah Bhima teh Balarama atawa Baladewa;
langsung nyarita ka Kresna :" Eh Kresna ! Minggir sampeyan; keun tong dihalangan
tuman ieu si Bhma teh kudu disingkirkeun; lantaran euweuh kaadilan pisan ! Geus
ngakaya jalma nu teu walakaya; bari ngalakukeun kacurangan ! Jeungna ku naon diantep ku sampeyan Kresna ! Seug geura minggir sampeyan, jalma nu boga kaadilan kudu dimusnakeun ! Sampeyan nyaho ieu senjata naon ditangan Kaula; jadi mo aya nu bisa
nahan kasaktianana; minggir sampeyan Kresna !"

Kresna gancang ngacungkeun tunjukna; sakeset netra kaluar senjata CAKRA nu terus muter ; Balarama kacida reuwasna terus nyentak ka Kresna :" Kresna ! Nanaonan sampeyan ngaluarkeun senjata Cakra ! Jeung saha musuh sampeyan ? Nepi ka kudu
narima senjata Cakra !?"

Kresna ngandika :" Lamun Baladewa geus ngaluarkeun Nanggalana; tangtu moal aya nu
bisa nadahan kasaktianana; Kaula ti awal rek bebela ka Pandawa; jadi lamun sampeyan mentangkeun eta panah; tangtu Kaula binasana; tapi ieu CAKRA oge moal eureun lamun can nyapatkeun beuheung musuhna; jadi urang duaan bakal sarua binasana !"

Baladewa :"Ke ke ke heula anan ! naon da Kula mah moal ngamusuh jeung sampeyan Kresna; sok geura asupkeun deui eta senjata Cakra teh ! Bisi kalepasan, engke hanjakal
senjara kitu mah kudu ati2 pisan ngajagana !"

Kresna ngawalonan :" Ieu senjata Cakra moal asup lmun Nanggala can disimpen !"

Baladewa bari rada gurang gusuh ngasupkeun Nanggalna teu jadi dipentangkeun ka Bhima; terus nyentak ka Kresna :" Sok ayeuna tah Cakra oge ampihan ! Jeung kumaha
tah ngahukum nu teu adil !?"

Kresna oge enggal ngampihan Cakrana terus nyarita aris :" Tah kapan salse jeung tenang
lamun kieu mah; tah ayeuna hayu urang ngabahas perkara nu ayeuna kajadian bari tenang !"

Kresna neraskeu caritana :" Kakang panginten emut, kapungkur Pandita Maitreya datang
ka Astina, mapatahan Suyudhana supaya sadar; jeung malikeun deui Indraprasta ka Pandawa; kumaha Duryodhana ? Lain nurut piwuruk Bagawan Maitreya; malah mah ambek; Pandita Maitreya di jambak dibantringkeun ka na lemah; terus dileyekan beungeutna ku Suyudhana ! Tah harita Maitreya ngutuk pastu yen Suyudhana mun geus teu walakaya bakal dileyekan ku musuhna ! Tah nya ieu kajadian tadi teh wawales ka Suyudhna; jeung teurakna eta kutuk pastu !"

Balarama :" Tapi eta si Bhima perangna LICIK ! Ngagada ka na shandapeun bujal ! Naha ku sampeyan diantep ? Dimana kaadilanana !?"

Kresna ngandika :" Yeuh kakang Baladewa ! Sampeyan ari nyarita kudu dipikir heula ! Sampeyan oge maphum kapan, kaayaan ayeuna teh moal leupas ti na kaayaan baheula ! Pasti aya pakuat pakaitna. Lamun nyoal kaadila; kakang ku naon ngantep Suyudhana jeung Sakuni ngalicikan Pandawa !? Ku naon sampeyan teu nghalangan eta maen DADU nu sakitu jelas licikna !? Tah mun ti baheula eta kaadilan ditanjeurkeun; moal aya kajadian teu adil waktu ayeuna ! Baheula si Suyudhana kungsi mamangku Drupadi di na pingpingna bari ngahina Drupadi ! Naha diantep wae eta kalakuan durjana kitu teu aya nu ngahalangan !? Akhirna kapan Bhima SUMPAH ! Isuk jaganing geto bakal NEUNGGEUL pingping Suyudhana ! Nha eta sumpah teh heuheureuyan !? Lain ! lain heuheureuyan ! Nya ayeuna dilaksanakeunana eta sumpah teh ku Bhima ! Naha bisa disalahkeun !? Sampeyan kuduna era sorangan, ngantep kasawenang wenangan Suyudhana ! Cik naon nu geus dilakukeun ku akang , di na masalah MAEN nu licik tea !?"

Baladewa reup beureum ray pias; akhirna bari ngageter nyentak ka Kresna :" Heueuh !
geus geus we ulah diteruskeun ! Kajadianana ge geus liwat ! Jeung nanaonan deuih Kaula pipilueun, kapan Kaula teh netral ! Ah ka sakumna wae Kula pamit. Ti semet ayeuna kahareup ulah ngarepkeun Kaula aya deui; Kaula mah rek leuleuweungan; teu guna hirup kumelendang bari jeung pinuh ku rupa2 teu kaadilan ! Pamit mundur !"

Sadayana sami ngawilujeungkeun; ngan Bhima nu  ngabetem we; da masih rada keuheul ku Baladewa; tapi Bhima ge rada rumasa lantaran memang perangna jeung Suyudhana rada LICIK.

Saenyana mah memang rata2 Pahlawan Astina tiwasna ku rada dicurangan; tapi dasarna memang eta para Pahlawan nu ngamusuh Pandawa teh tiwasna bari rada ngahaja da teu tega ngelehkeun Pandawa. Drona api2 nanyakeun bener henteuna Aswatama tiwas ka Yudhistira;lantaran mun mundur tanpa alesan bakal ninggalkeun ngaran nu bau ! Eta nu dijaga; jadi hayang khusnul khatimah tea. Mun nanya ka Arjuna pasti bakal meunang jawaban nu sabenerna; tapi Arjuna geus dijauhkeun ngahaja ku Kresna !

Kresna teh titisan Wisnu nu boga pancen ngancurkeun Para rereged dunya; nya eta Kangsa, Jarasandha jeung Suyudhana. Kangsa jeung Jaransandha geus tuntas; nu hese Suyudhana ! Tapi Kresna waspada yen teu kudu Kesna sorangan nu ngalaksanakeun tugas eta; ku Pandawa ge cukup; ngan kudu rada dibantuan; lantaran ari bibit khianat mah
geus aya lantaran loba Pahlawan Utama Astina nu teu satuju ka na pulitik Sakuni jeung Suyudhana; jadi masing cek itungan kakuatab Astina 4X lipet Pandawa tapi ditambah ku FAKTOR teu soson2 mah eleh oge !


HANCA

__._,_.___

Minggu, 09 Oktober 2011

[kisunda] Bharata Yudha 81

 

Bhima bungangang pisan barang mireng yen Suyudhana milih dirina. Lakadalah

pejet siah digebug ku aing ieu mangkuluk durjana teh. Kitu Bhima na pikirna.

Terus wae maju bari ngajingjing Gada RUJAKPOLO; teu loba catur eta dua

Satriya teh langsung wae bitotama ngagunakeun Gada.

 

Ieu tarung dua satriya pinilih, ti Kurawa lan Pandawa teh dimimitian waktu

srangenge lingsir ngulon; da perang lekasan samemeh panonpoe surup; lantaran

senapatina Salya tos lastari. Duana Bhima ti Pandawa sareng Suyudhana ti Kurawa

sarua tapisna ngagunakeun gada; duana pinter pisan kumaha maju mundur di na ieu

tarung. Itu ieu kaciri wani jeung hayang ngelehkeun satru kabuyutanana.

 

Nu tarung teh sering papuket padeukeut; tapi kadang kala ngejat saling ngajauhan,

ngajaga teu kadesek; Bhima rada heran lantaran beda ti nu biasa; Suyudhana ayruna

kacida wanina; nepi ka Bhima sering kadeseh tapi lantaran Bhima leuwing jangkung

gede ti batan Suyudhana jeung tanaga leuwih rosa nya sering oge Suyudhana kapangpengkeun

lantaran panakis Bhima. Tapi batan sieun Suyudhana beuki wani wae.

 

Bhima rada pusing oge lantaran teu bisa wae ngelehkeun Suyudhana; da memang Suyudhana

kesit pisan; Bhima memang meunang tanaga; tapi Suyudhana gesit; tapi na hiji mangsa mah

gelebuk wae tonggong Suyudhana kakeunaan gada tarik pisan ! Bhima bungah lantaran pasti

Suyudhana ngajongkeng; tapi nyata Suyudhana kuat pisan; ngan ukur ngabangkieun saeutik terus

males, keuna ka na bahu jeri Bhima; Bhima rada mundur; keur kitu hiuk deui sora gada nyerang;

Bhima luncat ngaleupaskeun diri ti na tekenan Suyudhana; Suyudhana terus ngudag bari

neunggeul. Bhima geus teu bisa nyingcet deui; supaya ulah rugi teuing terus wae sarua papada

neunggeul oge. Bhima kakeunaan tonggong; ari Suyudhana sirahna pisan.

 

Duanana sarua papada mundur; ngan aneh Suyudhana siga teu ngarasa nyeri sama sakali.

Bhima beuki heran; tapi terus nuluykeun tarung. Bhima oge sababaraha kali kakeunaan; tapi

memang dasarna kuat jasmanina. Atuh ieu dua Satriya teh tarungna geus lila taya nu kasoran.

Duana sami kuatna. Tapi lila2 Bhima kadesek; lantaran Suyudhana kacirina beuki tanggoh wae.

Arjuna ngaharewos ka Kresna; Kresna waspada enggal nepak pingping nu kenca; mere kode

ka Bhima.

 

Bhima enggal wae maju nyerang ka Suyudhana; tariking takdir jeung cilaka; Suyudhana

luncat nyingcet ti na serangan Bhima; tapi ari jebrod teh pingping kenca Suyudhana katewunggeul;

Suyudhana ngajerit maratan lngit kungarasa nyeri tapi bari nyorowok :"Eh Bhima licik sampeyan !

Naha neunggeul handapeun bujal ! Sampeyan lain Bangsa Ksatriya, tapi Sudra Bhima !"

 

Bhima nu masih napsu keneh laju luncat beungeut Suyudhana dijejekan jeung diluluh terus

disogokan ku gada; Suyudhana geus teu mangrupa deui; tapi masih terus cocorowokan nyarekan

Bhima; Bhima terus ngaleyekn Duryodhana; keur kitu aya nu nyentak tarik pisan :

 

"Eh Bhima ! Sampeyan mah lain manusa tapi Bhuta ! Eureun siah ngakakaya nu geus teu walakaya !

Sampeyan memang kudu dikirim ka naraka ayeuna keneh ku diri KULA !"

 

 

Hanca

__,_._,___

Kamis, 06 Oktober 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka 80

 

 

 

Saparantos Salya lastari, Yudhistira tos teu ningali Prajurit sareng Pasukan Kurawa,

sadayana atos bubar katawuran, atawa tiwas; ngan nu aneh Samiaji teu ningal di mana

atawa kamana Duryhodana?

Dipilarian katatang koteteng weleh teu kapanggih; da kpan jelas hirup keneh; tapi

sigan nyumpit atawa mabur.

 

"Ah ngerakeun pisan, ngerakeun Bangsa Ksatrya; jeung ngerakeun ka Wangsa Bharata"

Kitu Yudhistira di na hatena.

 

Nya tidinya mah Yudhistira Bhima rjuna Nakula Sadewa dituturkeun ku Kresna, neangan

sugan aya Suyudhana. Seukeut paningal Yudhistira, teras wae nuju ka hiji talaga nu kacida

herang cain; ayana di sisi leuweung Kurusetra. Tapi sdayana teu aya nu ningal ayana Suyudhana.

Ngan wae aya tapak suku di sisi eta talaga; Yudhistira waspada lajeng wae matek aji panembongan

sabalikna ti na aji halimunan. Nyata Duryodhana memang aya keur ngeueum di eta Talaga Saraswati.

 

Gancangna Yudhistira ngagero ka Suyudhana:"Eh Suyudhana, sampeyan teh teu nyana

geuning sakieu kecingna ? Sampeyan teh geus ngorbankeun ratusan Rebu Pahlawan jeung

prajurit; lantaran sampeyan pisan nu boga pokal nepi ka kajadian Perang gede teh.

Tapi mana tanggung jawab sampeyan ?"

 

Suyudhana nu keur muja semedi gugurubug hanjat da nyaho geus katohyan; kabuka

nyumputna; terus wae hanjat ka darat.

 

"Hahahaha, Yudhistira sampeyan geus meunang perang; kop we tah Astina cokot ku maneh.

Da Kula mah geus teu napsu deui ngawasa Astina; kapan nu bakal sinembah ka Kulana ge geus

areuweuh. Sampeyan eya meunang perang; tapi hahahaha, ngan ukur ngawasa Astina nu geus

ancur !"

 

Yudhistira:"Perang can anggeus Suyudhana, sabab masih aya keneh sampeyan. Naha sampeyan

sieun paeh ? Naha atuh ti babaheula hayng wae perang ?"

 

Suyudhana:"Kaula lain sieun paeh; tapi geus kieu mah euweuh gunana perang ?

kapan para pasukan ge geus pada bubar katawuran !?"

 

Yudhistira:"Ayeuna mah teu kudu make pasukan hayu we tagtukeun antara Suyudhana

ti Kurawa ? Atawa Pandawa ?"

 

Suyudhna :"Da kapan sampeyan mah limaan, ari Kula sorangan, naha teu era ngoroyok

Kaula ?"

 

Yudhistira:"Yeuh Duryodhana ! kieu we atuh.......... sampeyan milih salah sahiji lawan

diantara Kaula limaan; mun sampeyan meunang Kaula kabehanana bakal taluk, teu kudu

perang deui. Sok rek milih u mana ?"

 

Leng leng ramyaning kng sasngka kumenyar..........................

Suyudhana geus teu bisa mundur deui, kapaksa kudu milih lawan, tadina rek milih Sadewa nu

pang ngorana; tapi kpikir deui Sadewa pinter pisan pedangna; jeungna deui bisa nojos kamana

bae; sedengkeun Duryhodhana saenyana mah sakti teu bisa teurak ku senjata; ngan pingping

nu kenca permatina. Ah teu ungkulan ngalawan Sadewa mah lantaran Paman Sakudi nu sakitu

jagona oge kapan paragat ku Sadewa ? Nakula sami mawon. Arjuna ...................??? Iiiiiiy

jajauheun Kula kudu nandingan Arjuna; Brehadrata jeung Bhagadhatta oge kapan binasa

ku si Arjuna mah. Yudhistira ? Wah loba kaanehan nu ieu mah.................. pek we baheula ku

Drona geus ampir2ab; tapi slamet wae. SAtuh Salya nu sakitu saktina kapan ngan sakilat

mati ku Yudhistira. Ah paur loba u anehna. Tinggal ieu si Bhima ! Enya aritanagana mah bedas jeung

KUAT nahan gebukan, tapi pan laun maen gada teu meunang ngagebug ti bujal ka jandap !

Hahha, masing enya ge nyahoeun ka na permati Kaula; si eta moal bisa neunggeul pingping

Kaula. Tah lila lila mah kapan si Bhima capeeun, terus we keok; nya Kaula nu meunang perang.

Hhhaha. Enya si Bhima we rek jadi lawan Kula mah.'

 

Sanggeus teteg Suyudhana nyebutkeun yen rek milih Bhima sabage lawanna; ari tarungna

ngagunakeun GADA !

 

HANCA

 

 

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 2

·         New Files 10

.

__,_._,___