Minggu, 09 Oktober 2011

[kisunda] Bharata Yudha 81

 

Bhima bungangang pisan barang mireng yen Suyudhana milih dirina. Lakadalah

pejet siah digebug ku aing ieu mangkuluk durjana teh. Kitu Bhima na pikirna.

Terus wae maju bari ngajingjing Gada RUJAKPOLO; teu loba catur eta dua

Satriya teh langsung wae bitotama ngagunakeun Gada.

 

Ieu tarung dua satriya pinilih, ti Kurawa lan Pandawa teh dimimitian waktu

srangenge lingsir ngulon; da perang lekasan samemeh panonpoe surup; lantaran

senapatina Salya tos lastari. Duana Bhima ti Pandawa sareng Suyudhana ti Kurawa

sarua tapisna ngagunakeun gada; duana pinter pisan kumaha maju mundur di na ieu

tarung. Itu ieu kaciri wani jeung hayang ngelehkeun satru kabuyutanana.

 

Nu tarung teh sering papuket padeukeut; tapi kadang kala ngejat saling ngajauhan,

ngajaga teu kadesek; Bhima rada heran lantaran beda ti nu biasa; Suyudhana ayruna

kacida wanina; nepi ka Bhima sering kadeseh tapi lantaran Bhima leuwing jangkung

gede ti batan Suyudhana jeung tanaga leuwih rosa nya sering oge Suyudhana kapangpengkeun

lantaran panakis Bhima. Tapi batan sieun Suyudhana beuki wani wae.

 

Bhima rada pusing oge lantaran teu bisa wae ngelehkeun Suyudhana; da memang Suyudhana

kesit pisan; Bhima memang meunang tanaga; tapi Suyudhana gesit; tapi na hiji mangsa mah

gelebuk wae tonggong Suyudhana kakeunaan gada tarik pisan ! Bhima bungah lantaran pasti

Suyudhana ngajongkeng; tapi nyata Suyudhana kuat pisan; ngan ukur ngabangkieun saeutik terus

males, keuna ka na bahu jeri Bhima; Bhima rada mundur; keur kitu hiuk deui sora gada nyerang;

Bhima luncat ngaleupaskeun diri ti na tekenan Suyudhana; Suyudhana terus ngudag bari

neunggeul. Bhima geus teu bisa nyingcet deui; supaya ulah rugi teuing terus wae sarua papada

neunggeul oge. Bhima kakeunaan tonggong; ari Suyudhana sirahna pisan.

 

Duanana sarua papada mundur; ngan aneh Suyudhana siga teu ngarasa nyeri sama sakali.

Bhima beuki heran; tapi terus nuluykeun tarung. Bhima oge sababaraha kali kakeunaan; tapi

memang dasarna kuat jasmanina. Atuh ieu dua Satriya teh tarungna geus lila taya nu kasoran.

Duana sami kuatna. Tapi lila2 Bhima kadesek; lantaran Suyudhana kacirina beuki tanggoh wae.

Arjuna ngaharewos ka Kresna; Kresna waspada enggal nepak pingping nu kenca; mere kode

ka Bhima.

 

Bhima enggal wae maju nyerang ka Suyudhana; tariking takdir jeung cilaka; Suyudhana

luncat nyingcet ti na serangan Bhima; tapi ari jebrod teh pingping kenca Suyudhana katewunggeul;

Suyudhana ngajerit maratan lngit kungarasa nyeri tapi bari nyorowok :"Eh Bhima licik sampeyan !

Naha neunggeul handapeun bujal ! Sampeyan lain Bangsa Ksatriya, tapi Sudra Bhima !"

 

Bhima nu masih napsu keneh laju luncat beungeut Suyudhana dijejekan jeung diluluh terus

disogokan ku gada; Suyudhana geus teu mangrupa deui; tapi masih terus cocorowokan nyarekan

Bhima; Bhima terus ngaleyekn Duryodhana; keur kitu aya nu nyentak tarik pisan :

 

"Eh Bhima ! Sampeyan mah lain manusa tapi Bhuta ! Eureun siah ngakakaya nu geus teu walakaya !

Sampeyan memang kudu dikirim ka naraka ayeuna keneh ku diri KULA !"

 

 

Hanca

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar