Selasa, 31 Mei 2011

FW: Bharata Yudha 48

 

Suyudhana enggal ngabageakeun Karna; ieu dua Raja sobat dalit teh silih rangkul; tos kitu kakara Karna matur:"Dulur Kula Prabu Anom Duryodhana, Tadi Kaula ningal si Gatotkacha anak Bhimasena keur ngamuk; naha diantep wae ku Resi Drona !?"

Suyudhana:"Tah nya eta pisan, nu matak smpeyan diangkir ka dieu teh. Sabab Resi Drona geus angkat tangan, ngarasa teu sanggup cenah ngalawan Gatotkacha !"

Karna:"Eeee  ladalah ! Sampeyan teh Maha Senapati Kurawa/Astina. Teu pantes sampeyan ngomong saperti kitu !"

Drona:" Ke heula anan Karna, Ulah sok wara nuduh atawa nyindiran Kaula. Si Gtotkacha teh mun beurang mah, teu gagah teu sing; biasa we. Tapi lamun perang peuting, kasaktianana naek 10X lipet; lain bantrak2keun;  Tah Kula nyaho, sampeyan Karna boga 4 Siluman Petingan nu sok ngabantu lamun sampeyan perang waktu naluk2eun raja2 laleutik, nepi ka Indraprasta jadi gede pisan; kapan sampeyan ari perang sok unggul wae! Kitu lain !?"

Karna:"Ah sabenerna mah Kula teu perlu ngagunakeun 4 Siluman. Kula sorangan ge masih sanggup nalukeun nagara2 eta teh; ieu mah ngarah gancang we atuh."

Drona:"Euh kitu !? tah ku sabab kitu, sampeyan hiji2na Pahlawan nu bisa nandingan Gatotkacha jeung Pasukanana. Kula Senapati Afung, ayeuna marentah ka sampeyan kudu ngalawan Gatotkacha; mun bisa mah paehan sakalian !"

Karna:" He he he  masing sampeyan lain Senapati Agung ge, tetep Kaula bakal maju; sabab Kaula memang hayang ngabela sobat Kula Prabu Anom Suyudhana !"

Karna enggal wae sila Yoga, teras ngawatek ajian nu dipasihan ku Bhatara Surya; enggalna wae aya haseup hideung ngelun harita keneh payuneun Karna; teras eta haseup hideung teh ngabagi jadi 4\ saterasna jleg wae 4 Siluman nu jangkung gede ting jungkiring; laju nyembah ka Karna.

Enggal Karna marentah ka eta 4 Siluman:"Eh Lembusana' Kala Srenggi; Kala Murka; lan Kala Wening; tuh tenjo aya Pasukan Siluman keur ngabinasa Pasukan Astina; jung kaituhlayanan ! Kula bakal nuturkeun ti kajauhan di na kareta !"

Saterasna ti katebihan keneh Kresna nyorowok ka Para Pasukan Kurawa; supaya enggal mundur sapungkurun kareta Karna; atuh burudul sesa Pasukan Kurawa murudul lumpat ka satukangeun Karna; ari Para Prajurit Pringgandhani dipegatan ku 4 Siluman nu sarakti; atuh harita ting parecleng ting jarerit Pasukan Pringgandhani, loba nu binasa sapada harita. Pasukan Kurawa nu saralamet aya satukangeun kareta Karna, ayeuna mah awas ningali Gatotkacha sareng Pasukanana; kabeh Pasukan Kurawa/Astina ting birigidig ningal jirim nu sakitu garilana.

HANCA

 

FW: Bharata Yudha ka-47

 

Kaburna Drona sareng Pasukanana nu teras dibeledig ku Gatotkacha, ngantunkeun rebuan prajurit nu binasa, saparat parat jalan; atuh prajurit sareng Senapati teh ngarasa kacida sieunna; langsung keueung ti batan ngalawan Arjuna.

Drona ngaraos hemeng galih, tadina mah hayang untung, malahan akhirna jadi buntung. Teu kapikir aya FAKTOR Gatotkacha ieu; paingan Bhisma ngawanti wanti pisan ulah perang peuting; enya si Gatotkacha mun peuting mah lain bantrak bantrakeun. Kitu manah Resi Drona harita; bari bingung , baluweng akhirna anjeunna lebet ka kemah Duryodhana. Nu kaleresan teu acan kulem; da biasa unggal wengi ge sok sering nyileuk. Barang ningal Drona lumebet bari haruhah harehoh, siga nu kacida cape, sareng sieun, Suyudhana kaget, enggal mihatur:"Eh Paman Drona! Resi Drona ! Kunaon sampeyan jiga nu manggih kareuwas jeung kasieun, aya naon ieu teh !?"

KU MARGI AYA CARITA NU MODEL KITU; TI HARITA DALANG2 NGAMAENKEUN WAYANG DRONA KACIDA SIEUNNA KU GATOTKACHA! TAYA NU DIPIKASIEUN KU DRONA ANGING GATOTKACHA. TAH KITU SASAKALANA.

Drona nimbalan:"Aduh katiwasan, Prabu Anom Duryodhana ! Teu kapikir ti tadina soal Gatotkacha! Ayeuna si Gatot anak Bhima jeung Pasukanana keur ngamuk !"

Suyudhana:"Paman Drona! Naha make mundur jurit !? Kapan smpeyan teh gagah sakti mandraguna ? Moal enya eleh ku anak Bhima ti BHUTA !?"

Drona:"Si Gatotkacha, beda pisan, manehna Butha kamanusan ! Kadigjayaanana teu bisa dilawan ku sambarang manusa !"

Duryodhana panasaran, lajeng kaluar, teras we ningal Pasukan Astina nu teu puguh2 ting jarungkel tariwas; tapi teu katingal musuhna; malah aya nu seuseurian sagala eta prajurit Astina; tapi geus kitu letahna ngelel siga nu dicekek. Suyudhana kalintang hemengna ningal polah para pasukan Astina, nu tingkudupung tariwas. Enggalna Drona masihan jampe pamake ka Duryodhana; ayeuna mah Duryodhana atra ngingali Gatotkacha nuju ngamuk sareng Pasukanana ngabinasa Pasukan Astina. Pasukan Astina katingal samar polah samar rampa; lantaran teu terang dimana ayana musuh.

Enggal Suyudhana ngandika:"Aduh cilaka Pamaaan, kumaha ieu teh !? Nyata si Gatotkacha lain bantrak2 keun ari perang peuting mah. Aduh bakal carem Pasukan Kaula ! Kumaha ayeuna usaha urang Paman Drona !?"

Drona:"Kaula ge can puguh sanggup ngalawan si Gatotkacha, ari perang peuting mah, si Gatotkacha kasaktianana ngalipet 10X ti batan beurang.Jadi Paman ragu2 ngalawanna."
Lamun beurang mah Kaula wani ngalawan si Gatotkacha; tapi mun peuting ............. bener2 Paman teu sanggup !"

Suyudhana:"Ari enggeus !? Kumaha atuh ? rek diantep wae Pasukan diruksak ku si Gatotkacha !? Keun we atuh Kaula nu bakal maju, nyoba2 ngalawan si Gatotkacha !"

Drona:"Ke   ke   ke ! Ke heula anan. Aya nu bisa ngalawan si Gatotkacha teh, slian ti Bhagadata !"

Duryodhana:" Sok sebutkeun ! ayeuna keneh ku Kaula bakal diangkir !"

Drona:"Raja Angga Karna ! Kulantaran manehna mah boga Pasukan khusus Siluman opat; pamasihan ti Bhatara Surya ! Mun ku eta mah sigana Gatotkacha bakal eleh, atawa disaimbangkeun !"

TI DIEU KI DALANG SOK NYARITAKEUN RESI DRONA TUKANG  NGADU2  BATUR  TEH !

Enggalna bae Karna diangkir ku Duryodhana. Harita Karna nuju leleson, istirahat lantaran kacapen perang siang tadi; tapi teu acan kulem. lantaran masih emut ka na kalah perangna ngalawan Satyaki. Lantaranana teu sapira........KUSIR kareta! Engke mangkaning bakal ngalawanan Arjuna; mun teu boga KUSIR model Kresna............... wah cilaka, tinangtu aing elehna. Kitu manah Karna. Tapi saha nya KUSIR nu bisa nandingan Kresna !? Euh enya !............ euweuh deui iwal ti Raja Salya, nu memang jago pisan ngusiran kareta perang mah. Kaula yakin, mun ku eta dikusiranana , tinangtu Karna bakal tanpa tanding ! Hahahahahaha ..................... sajongjonan Karna seuri sorangan, lantaran bungah asa manggih bongbolongan. Nuju kitu jol we utusan Duryodhana, nu manggil anjeunna. Atuh najan nuju istirahat ge, Karna gesat gesut ngangge deui Busana Perang. Teras nuju ka kemah Duryodhana.

Ti tatadi saleresna Karna tos nguping, hawar2 sora nu ting jarerit, ting araduh; sareng sora seuri nu puas pisan. tapi Krna nuju mikirkeun soal KUSIR Kareta; jadi teu patos diperhtikeun pisan.; ayeuna waktos Karna kaluar ti kemahna, Katingal Para  Pasukan Kurawa seueur nu binasa, bari kaciri maranehna teu apaleun saha nu ngabinasa maranehna. Ari Karna mah, lantaran memang Sakti, tos ningali Gatotkacha sareng Pasukanana ti Pringgandhani nuju ngaramuk; ngaresak sadaya Pasukan Kurawa. Atuh enggal wae Karna miwarang kusirna gesat gesut nuju ka Kemah Suyudhana.

HANCA

 

Pancasila

Pada permulaan September 1944, tersiarlah ucapan PM Koiso, yang menggantikan Tojo sebagai Perdana Menteri Jepang bahwa Indonesia akan dimerdekakan "kelak kemudian hari". Ucapan itu sangat menggembirakan, boleh dikatakan di seluruh Indonesia. Di Jakarta diadakan rapat umum untuk menyambutnya. Sukarno dan beberapa pemimpin Jawa Hokokai lainnya berpidato di lapangan Ikada. Aku pun diminta berpidato. Sejalan dengan pengumumam Perdana Menteri Koiso itu, di Jawa terdapat banyak perubahan. Lagu "Indonesia Raya" dibolehkan dinyanyikan kembali. Bendera merah putih boleh dikibarkan bersama-sama dengan Hino-maru. Dalam bulan Desember 1944 diangkat beberapa orang Indonesia menjadi sanyo pada tiap-tiap departemen. Mereka itu dianggap sebagai wakil ketua departemen.


Jabatan itu diadakan sebagai latihan untuk kelak menjadi menteri apabila Indonesia dimerdekakan. Pada bulan Mei 1945 diadakan suatu panitia dengan nama Panitia Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia. Anggotanya dipilih oleh badan-badan atau organisasi yang ada pada tiap tiap Shu dan atas pilihan itu ditunjuk Shucokan jumlah anggotanya kira-kira 60 orang. Ketua panitia itu ialah dr. Radjiman Wediodiningrat, yang diangkat oleh Gunseikan dari anggota-anggota yang terpilih. Pada tanggal 29 Mei 1945 sidang panitia itu mulai dibuka oleh dr, Radjiman Wediodiningrat dengan suatu pidato yang agak ringkas. Dalam pidato itu ditanyakannya, Negara yang akan kita bentuk itu apa dasarnya?


Anggota yang terbanyak tidak mau menjawab pertanyaan itu karena khawatir, pertanyaan itu akan membawa pertikaian filosofis yang akan mengambil waktu yang panjang sekali. Ada yang mengemukakan, mana yang baiknya saja bagi Indonesia pada masa peralihan: demokrasi parlementer atau demokrasi yang memakai kabinet presidensiil seperti di Amerika Serikat. Pada hari ketiga agak tajam pertentangan antara golongan yang mengemukakan Negara Islam dan golongan yang mempertahankan Negara yang bebas dari pengaruh agama. Hanya Sukarno yang menjawab pertanyaan Ketua Radjiman Wediodiningrat.


Pada hari keempat tanggal 1 Juni 1945, Sukarno berpidato panjang lebar yang lamanya kira-kira 1 jam yang berpokok pada Panca Sila, lima dasar. Pidato itu disambut hampir semua anggota dengan tepuk tangan yang riuh. Tepuk tangan yang riuh itu dianggap sebagai suatu persetujuan. Sebelum selesai sidang hari itu, Ketua Radjiman Wediodiningrat mengangkat suatu panitia kecil yang didalamnya duduk semua aliran, Islam, Kristen, dan mereka yang dianggap ahli konstitusi, untuk merumuskan kembali pokok-pokok pidato Sukarno itu. Panitia kecil itu menunjuk Sembilan orang diantara mereka untuk merumuskan kembali pidato Sukarno yang kemudian diberi nama Pancasila.


Menurut pidato Sukarno, kelima sila itu urutannya ialah Kebangsaan Indonesia, Internasionalisme atau perikemanusiaan, Demokrasi, Keadilan Sosial dan Ketuhanan Yang Maha Esa. Panitia Sembilan mengubah susunannya. Sila Ketuhanan Yang Maha Esa menjadi sila yang pertama, sebagai sila yang mempersatukan seluruhnya. Sila kedua diganti menjadi sila Kemanusiaan yang Adil dan Beradab, sila ketiga disebut sila Persatuan Indonesia, untuk menegaskan kepada orang-orang Jepang bahwa Indonesia mau bersatu, tidak mau dibagi-bagi, sila keempat itu ialah sila Kerakyatan yang Dipimpin oleh Hikmah Kebijaksanaan dalam Permusyawaratan dan Perwakilan, sila kelima ialah Sila Keadilan Sosial.


Teks Pancasila yang sudah dirumuskan kembali menurut keputusan Badan Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia akan dimuat dalam permulaan UUD Republik Indonesia. Dalam Panitia 9, Sukarno meminta Mr. Muhammad Yamin membuat suatu preambul yang di dalamnya dimuat teks Pancasila. Preambul itu dibuat terlalu panjang oleh Mr. Muhammad Yamin sehingga Panitia Sembilan menolaknya. Bersama-sama dengan Mr. Muhammad Yamin, Panitia Sembilan membuat teks yang lebih pendek, seperti yang terdapat sekarang pada UUD Republik Indonesia.


Mr. Muhammad Yamin kemudian mengambil teks yang panjang itu sebagai pengganti pidato yang diucapkannya dalam sidang Panitia Penyelidik Usaha-usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia, yang kemudian lagi dimasukkannya ke dalam buku pertama yang tiga jilid, yang diterbitkannya dan berjudul Undang-Undang Dasar 1945.(dikutip dari Buku otobiografi Mohammad Hatta Untuk Negeriku pada buku ketiga yang berjudul "Menuju Gerbang Kemerdekaan" hal.64-67)

Bharata Yudha ka-45

From: Abbas Amin

Urang catur deui di Kurusetra, wengi eta perang dikawitan, ku pihak Kurawa; Pasukan Kurawa maju ka medan tempur, bari jeung hate pinuh ku rasa hayang males pati; lantaran pihak Pandawa curang. Wengi eta di kemah tempatna Pandawa, Arjuna parantos lami kulem; lantaran kacapean perang sapoe jeput tadi siamngna; kitu dei Pahlawan nu sanesna saperti Bhimasena, Satyaki, Dristadjumna; ampir sadaya Pahlawan Pandawa nuju istirahat, karulem.

Atuh Para Senapati nu harita tugas jaga, kacida reuwas, sareng geumpeurna ningali Balatentara Kurawa ngajorag ka perkemahan Pandawa.Dipimpin langsung ku Maha Senapatina nya eta Resi  Drona. Pasukan peloporna ( garis depan ) tos ngambreg ka dinya bari marawa obor. Atuh kapaksa Para Senapati sareng Pasukanana ngayakeun perlawanan sabisa bisa,

Atuh apada harita, seueur Senapati lan Prajurit Pandawa tiwas, margi teu siap sama sakali. Serangan dadakan tea. Atuh Pasukan Pandawa nya ribut, nya kacow; aya oge nu sempet niup tarompet SAYAGA. Seueur nu teu sempet naon2 deui; teras lastari bari teu apal naon sababna. Ieu mah serangan dadakan tea; bari Pangumumanana ge teu aya antarana; harita diumumkeun harita tos dilaksanakeun ! Nya atuh Pasukan Pandawa teh kawas didodoho pisan. Kemah2 Para Pasukan Pandawa didarurukan ku Pasukan Kurawa/Astina! Loba Prajurit Pandawa, nu kaget ku didurukna kemah; ngagurubug hudang, bari gasak gisik, bingung; ari keplas teh beuheungna sapat pisan. Teu apal manehna ku naon sabab2na jeung saha nu maehanana ?

Maha Senapati Pandawa Dristadjumna, barang gugah, kagugahkeun ku nu ribut, sareng ting jarerit ting cocorowok; enggal bae kaluar; katingal seuneu ngabebela dimamana; enggal bae nyandak jamparing sareng gondewana; lumpat kaluar bari teu gentos anggoan sama sakali; katingal di payun Pasukan Kurawa nuju ngabinasa Pasukan Pandawa. Teu antaparah deui Dristadjumna mentang2keun panah ka Pasukan Kurawa; seueur Pasukan Kurawa/Astina nu tiwas. Atuh rada malundur ayeuna mah Pasukan Kurawa teh, teu ngambreg teuing.Keur kitu Arjuna kaluar, kitu deui Bhimasena, bari nyepeng gada; teras muru ka Pasukan Kurawa.Atuh sapada harita puluhan prajurit Astina gemprah diamuk Bhimasena. Arjuna mentang2keun jamparing.ratusan prajurit binasa. Pasukan Kurawa barang ningal Arjuna, langsung barirat, bari pating corowok jeung baturna:"Mundur ! mundur Aladriya Batur ! Tuh tempo Arjuna geus nyaring euy ! tinangtu urang sakabeh bakal cilaka ! Gancang lumpat salagi masih bisa mah !"

Pasukan Kurawa nu ayeuna nyerang, nyata Pasukan Pelopor, atawa Pasukan Garis Depan tea, maranehna teu nyangka Arjuna bakal gugah ti na kulemna; ti na tadi siangna sakitu lamina peperangan/tarung. Nu matak ti tadi warani pisan, tapi barang ningal Dananjaya, maranehna asa kabur pangacian; lantaran geus loba conto euweuh nu manggapulia ku Arjuna mah. Sieunna para Prajurit Astina lir ningal malakal maut atanapi Bhatara Yama.

Keur kitu burudul teh Pasukan Utama Bala Kurawa/Astina. nu dipimpin ku Resi Drona; nu teras naros bari sesentak:"Eh prajurit ! Ku naon sampeyan barirat ?!"

"Adduuuh ampun paralun ................ neda pangampura................Maha Senapati. Itu Bhatara Yama tos lungsur deui !"

Drona rada bingung, teras nyentak dei:"Naon !? Dedengean teh Bhatara Yama turun!?"

Para prajurit ngawalon bari reang:"Hehehehe sumuhun dawuh senapati. Itu Arjuna ngamuk !Drona amarah mani tipopolotot:"Hey sakabeh Para Prajurit, di dieu aya Kaula, tong gimir ku Arjuna; sok maraju ! Keun Kula nu nyanghareupan Arjuna mah.
Para Prajurit saur manuk:"Rampeeessss.................rampeeessssss..................

HANCA

 

Jumat, 27 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka-43

 

From: Abbas Amin [

 

Drona matur, saparantos Sakuni pidato:"Yeuh Kaula Resi Drona , bakal nangkep Yudhistira; jeung sakalian bakal nalukkeun Arjuna! Muris tinggal muris, ayeuna mah geus jadi musuh !"

Suyudhana rada leler amarahna ayeuna mah, ku jangji Drona kitu enggal nyarios deui:" KU sabab tadi Pndawa curang, ti semet ayeuna perang euweuh wates wangenna. Iraha bae, rek beurang rek peuting; kudu dilakukeun. Sok gancang Umumkeun; jeung gancang bongohan Pandawa meungpeung sarare keneh !" Resi Drona sabage Maha Senapati Kurawa nyatujuan ka na karep Suyudhana kitu.

Tunda nu nuju siap2 rek ngagempur Pandawa [euting eta kneh. Ayeuna urang kocap lalakon Gatotkacha nu dikantunkeunlami teuing, di na ieu carita.
Waktu Gatotkacha sareng Pasukan Pringgandhani na kasoran jurit ku Bhagadatta, dimana asal rebuan, aya kantun ngaratus deui pasukanana, Gatotkacha ngaraos isin, sareng hanjelu pisan, teras wae nyingkur di leuweung nu masih caket keneh ka Kurussetra. Gtotkacha saparakanca nuju prihatin; kasoran jurit ku Bhagadatta ti Trajutisna; eta cenah gajahna ge sakti pisan, nepi ka Gatotkacha taak ngalawanana. Gatotkacha teu hoyong seueur saur, malahmun aya nu rada cowong saeutik oge, tu tata pasini dui, gamplengwe dicabok, atanapi ditampiling ku Gatotkacha. Atuh ayeuna mah Paukan Pringgandhani teh ngabaretem we da sieun dicabok ku Gatotkacha. Gatotkacha jadi teu kaopan pisan, ayeuna mah.

Keur kitu jol teh aya telik sandi, nu ngalaporkeun yen cenah Bhagadatta tos lastari, ditelasan ku Arjuna. Gatotkacha bingah, bungangang teras wae ngayakeun pesta leuleutikan. Anggur,bir, sareng jnewer sababaraha guci seep. Ku margi hawa inuman, Gatotkacha rada mabok, teras seueur saur:"Ho ho ho ! Tuda memang Jago Guru Kaula mah ! Hohoho ! Hu HUHU !...................." para pasukan Pringgandhani oge miluting serengeh ting irihil:"Hihihihi.............
Gatotkacha:"Si! gandeng siah.............. teu ngeunah kadengena eta seuri maneh teh, ngarti !" Gatotkacha nyentak, tapi bari mesem kapiasem ku polah para prajuritna. Atuh ger deui para Denawa salusurakan, sukaseuri :" Hohoho ! Huhuhuhu!   Hihihihi! Hehehehe !
Wk wk wk wk...................... keeeerrrrrrr !" (abong siluman/butha )

Gatotkacha neraskeun ngambulna:"Hohoho ! Tuda moal aya nu yasa ngalawan Guru Kaula mah. Paman Arjuna enya2 lalaki langit, lalaning jagat, tanpa tandingan. Totosan bojana kulit. Lain ukur babasan. Ho ho ho ! Si Karna !? ah eta mah CINGIR ! Lain tandingan Paman Arjuna ! Ku Kaula oge leuwih ti cukup !!!! Ho ho ho ho ! Hu hu hu !"

Keur kitu jol deui telik sandi sjenna nu masihan laporan yen Abimanyu gugur................

Gtotkacha tibuburanjat, sareng tipoporongos newak eta telik sandi:"Aeh siah ! sing bener mere laporan teh ! Kunyuk!" bri ceprot2 eta prajurit ditampilingan, mngkaning tarikpisan, atuh eta prajurit teh langsung tigugulitik, ampuna ampunan.

"Sakali deui siah NGOMONG ngaco, dipodaran ku aing!"Cek Gatotkacha mani napu pisan.
"Tobaaat ! Tobaaat! Ampuuun........... cek eta telik sandi nu apes teh. Eta prajurit gegerungan, jeung sasambat lantaran karasa nyeri ditampilingan ku Gatotkacha.

Keur kitu jol deui aya telik sandi sejen deui; laporanna cenah layon Abimanyu disiksa sikakaya ku Para Pasukan Astina/ Kurawa.

Gatotkacha molotot, amarahna ngagidir, tapi teu yasa sasauran naon2; amarahnatos kalangkung langkung; akhirna OHEK ! cenah; Gatotkacha utah uger ! Olab GETIH !
Bluk wae, Gatotkacha rubuh; mani eundeur eta leuweung ku geblugna Gatotkacha; jasmanina tos teu yasa nahan kasedih sarng amarah nu campur aduk, di na jiwa Gatotkacha. Harita keneh Gatotkacha kapiuhan.

Atuh ribut para Prajurit Pringgandhani ngurusan Gatotkacha, Aya nu ngurutan, mencetan, ngaboreh ku minyak; malah aya nu ngadoa sagala; supaya Gatotkacha sadar deui.

Saparantos rada lami, nyah Gatotkacha beunta, bade gugah rupina teu acan tiasa. Masih laleuleus keneh. Socana meleng ka nu tebih, teu aya cahayaan. Tanda kaedih kingkin nu tos kaliwat batas. Saterasna Gatotkacha nangis, kalintang sedihna..............Atuh para Denawa bawahan Gatotkacha ge seueur nu careurik, milu sungkawa ka Gatotkacha.

Enya ge Gatotkcha teh galak, sahaok kdua gaplok; tapi karasa ku para prajuritna kanyaah Gatotkacha, jeung mun mutuskeun perkara kacida adilna; Gatotkacha tara mentingkeun diri sorangan; estu kapenting balarea diheulakeun ku Gatotkacha. Jeung tangtu mun aya bawahan nu susah, pasti ditulungan ku Gatotkacha. Nu matak para Prajurit nyaraah ka Gatotkacha. Nyaah bari sieun tea; sabab pamawa Gatotkacha sami sareng Ramana Bratasena, aseran, gede ambek; sahaok kadua gaplok.

HANCA

 

FW: Bharata Yudha ka-42

From: Abbas Amin [

 

Suyudhana kalintang hanjelu, sareng amarahna, ningali kanyataan Jayadratta tos lastari ditelasan ku Arjuna, pas samemeh panonpoe surup. Suyudhana ngaluarkeun unek2na payuneun para Pahlawan Astina, kalebet Senapati Agung Drona:"Yeuh Para Pahlawan sadaya ! Poe tadi teh Kaula gede hate pisan, Kaula yakin pisan yen Jayadratta moal bisa ditelasan ku Arjuna samemeh panonpoe surup. Kaula percaya pisan ka na kapinteran jeung kabisa Pahlawan2 Kaula ! Kaula yakin pisan, Arjuna mati poe tadi! Lantaran geus ngaluarkeun sumpah nu pamohalan pisan ! Buktina kumaha ? Si Permadi mani gampang pisan ngaliwatan Paukan Utama Astina ........mani jigana teh Arjuna uulinan waktu ngaliwatan Pasukan utama teh, .............   reg Suyudhana ngarandeg sakedap nyariosna, ngareret ka Resi Drona.  Teras Duryodhna neraskeun deui unek2na:" Lain Arjuna wungkul ! Tapi Satyali oge, siga diantep sina lolos! naju katempat Arjuna merangan Jayadratta ! Jol deui si gendut, si Jahat, si purah barang lebok ! BHIMA; ieu ge sigana gampang pisan ngaliwatanana! Geus kitu teh, Kresna CURANG ! Curang Curaling!  Dasar si eta mah turunan BUDAK! Budakna Kangsa! Lain2 sing Bangsawan. Kresna , Satyaki memang curang pisan! Burisrawa ditelasan ku Satyaki nuju sila Yoga! Atuh Jayadratta bisana kapanah ku Arjuna, lantaran Kurusetra dipoekkeun sakeudeung ku si Kresna! Curaling pisan tah i Kresna teh!  Da mun teu litu mah, moal enya Jayadratta olohok teu siap; terus dipanah ku Arjuna! " Suyudhana liren nyariosna, bari hos hosan lantaran kacida emosin.

Dona enggal nyarios:"Prabu Anom Duryodhana! Abong biwir teu diwengku, letah teu tulangan. Sampeyan ngomong sadaekna wae! Yeu Kaula geus nyoba2 megatan Arjuna, malahan perang ragot, tapi Medan Perang harita kacida poekna katutup HASEUP, Arjuna teu katempo dimana lebah2na. Waktu medan nyacas deui, Arjuna geus teu katempo deui. Ari Satyaki memang ngahaja ku Kaula sina jauh ti tempat Yudhistira; lantaran lamun aya manehna, hese Kula nangkep Yudhistira."

Nembe ge sakitu cariosan Resi Drona, tos dipotong ku Duryodhana:"Tah kapan, Pahlawan Pandawa nu tilu geus naringgalkeun Yudhistira? Naha atuh Yudhistira teu katangkep wae?" Naha memang teu aya NIAT Nangkep !?"

Drona nambalang, bari nahan amarahna:"Yeuh sampeyan tong nyarita kitu ! Kaula enya2 merangan Pandawa! nepi ka Pahlawan2 Pandawa loba nu binasa ku Kaula! Tapi maranehna euweuh nu mundur ngalawan Kaula; kabehanana kaciri toh pati jiwa raga ngabela Pandawa ! Nepi ka satiap lawan teh nyolong waktu loba pisan pikeun ngelehkeunana! Sampeyan bisa nanya ka saha wae Pasukan nu dibawa ku Kaula, naha enyaan Kaula perang, atawa henteu !?"

Suyudhana:"Enya eta oge ari perangna mah Kula percaya yen sampeyan enya2 merangan musuh; tapi sampeyan geus jangji bakal nangkep Yudhistira? Cenah mun aya Arjuna, hese nangkep Yudhistira !? Tapi nyatana; Arjuna euweuh, Satyaki Euweuh, malah Bhima ge absen, tetp we sampeyan teu bisa nangkep Dharma Putra !? Tah ayeuna naon alesanana !?"

Sajongjonan mah Drona melengek, teu tiasa ngawaleran, saparantos kitu akhirna matur, lalaunan:"Prabu Anom Duryodhna! Mun sakirana smpeyan cangcaya ka Kaula, pasrahkeun we atuh pangkat Maha Senapati teh ka Karna!"

Sakuni enggal majeng kapayun:"Eh Suyudhana......... cing atuh ari nyarita teh, sing aya diplomasian, ulah dapon kaluar bae! Sadaya Pahlawan nu aya di dieu ku Paman katingal soson2 ngabela sampeyan. Resi Drona, Kripa, Aswatamma sste maranehna merangan Pandawa enya2 ! Cibf atuh hargaan kasatiaan maranehna teh. Atuh cenah Pasukan urang loba nu ruksak, Atuh da kapan saha nu teu apal ? nu ngamukna kapan Murid Kinasih Jago Panah sadunya !? Nya eta Resi Drona!? Ny tngtu atuh hamo aya nu kuat ! Tah ayeuna mah tong kapalang; da batur mah loba nu galimir ku Dananjaya teh ! tah ayeuna tugas sampeyan Resi Drona, salian ti nangkep Yudhistira kudu nalukkeun Pandawa."

Nyata pinter pisan nyariosna Sakuni; ti harita Drona memang leres2 merangan Arjuna.

HANCA

 

Rabu, 25 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka-41

 

From: Abbas Amin

 

Dina poe ka-14ieu, rosa pangamukna Arjuna nu bade nembus Pertahanan Kurawa/Astina nu ngajaga Jayadratta; dimana mana nimbulkeun karuksakan sareng korban, anu tos teu kaetang deui jumlahna. mangrebu rebu prajurit tiwas ku panah Arjuna; rebuan Pahlawan sareng Senapati ngemasi pati. Teu kawilng anu taratu mah. Nyata kagagahan Dananjaya lain beja. Ayeuna kabuktian pisan, Seueur Pahlawan purah tarung di na pupuh,harita mah ngacir ngantunkeun palagan, gimir ku ketak Arjuna, nungamuk lir Bhatara Yama. Seueur Raja nu biluk ka Kurawa hemar hemir, satutasna mundur ti palagan, terus we noyod balik ka nagarana; teu bebeja2 acan ka Suyudhana.

Di Medan Perang sanesna, Pasukan Utama Kurawa/Astina nu dipingpin ku Senapi Agung Drona, nuju ngangseg Pasukan Pandawa nu nuju ngabentengan Yudhistira supaya ulah katangkep; ieu oge rame pisan. Resi Drona enyaan sakti mandraguna, totosan bojana kulit, manusa utama, tandangna Dewa th lain bobohongan, Teu aya hiji Pahlawan Pandawa nu tiasa ngalawan ieu Resi Drona. Saparantos Drestadjumna teu walakaya, dicandak ka kemah kanggo istirahat; teras ngawonkeun Satyaki, dimana Satyaki ampir2an ngemasi pati. Saterasna Drona kaganggu ku Bhima nu bde nyaketan Arjuna, Tah ayeuna mah salse, teu aya nu dipikaserab ku Resi Drona; anjeunna teras maju.

Srikandhi nyoba2 ngahalangan kiprah Resi Drona, akhirna boborot getih tapak panah; teras wae mundur ti palagan. Dristaketu maju ngahalang halang Drona, salian ti kuda sareng karetana nu ancur; Drestaketu oge ampir2 ilang nyawa. untung Utmaujas manah ti gigir ngahalang Drona; Dristaketu enggal disalametkeun. tapi ayeuna nu ripuh Uttamjujas; enggal wae kabur ngantunkeun palagan jurit.

Drona sinareng Pasukanana teras ngambreg, ngadesek Pasukan Pandawa nu ngajagi Yudhistira. Nakula Sadewa nyobian ngahalang halang ; Drona dikoroyok, tapi memang Drona digjaya, Nakula Sadewa oge teu kiat ngalawan Drona; tos pinuh ku tattu; teras wae mundur ti kalangan, bari ditarulungan ku Pahlawab sanesna; mun teu kitu pasti cilaka.

Raja Sepuh Prabu Maespati enggal makalangan; rame silih panah ieu dua jago sepuh; tapi Maespati memang sanes tandingan Drona; tos aya tilu panah nu narancep ka na Raga Prabu Maespati; eta teh keuna mamarasna p[isan; sakedahna mah mundur. Tapi Prabu Maespati teu kersa mundur, teras wae majungalawanan; nya atuh akhirna ieu Raja sepuh teh tiwas rubuh ti na karetana. Perlaya di na bebela ka Pandawa sareng Yudhistira.

Drona ngangseg tos caket pisan ka Yudhistira; enggal bae Prabu Pancala Drupada mentangkeun jamparing, ngahalangan majuna Resi Drona. Ieu dua satru kabuyutan, nu asalna sobat dalit, tur sami2 guguru manah ka  Resi Baradwaja ramana Resi Drona, rame silih panah narohkeun umur. Sagala katiasa Drona tiasa oge dilakukeun ku Drupada; atuh Perang teh enyaan ayeuna mah ragot pisan; itu ieu pada wani; pada maher di na metakeun jamparing. Estu duanana jago tarung pilih tanding.

Tunda perangna Drona - Drupada nu geget sami2 perkasana; ayeuna urang nuju ka medan perang Arjuna, nu nuju milarian Jayadrata.

Harita panonpoe tos lingsir ngulon, sakedap deu burit, teras panonpoe tos bade surup.
Suyudhana nyarios ka KARNA sareng ka nu sanesna:"Tuh tenjo, panonpoe skeudeung deui bakal surup. Arjuna mustahil bisa nelasan Jayadratta. Manehna bakal wirang, tangtu maehan maneh ku jalan ngagebruskeun diri ka na seuneu nu ngabela bela. Sampeyan usaha satekah polah pikeun ngahalang Arjuna ngadeukeutan ka Jayadratta. Poe ieu jigana mah mujur pisan keur Kaula. Sakeudeung deui Arjuna bakal lastari lantaran salah sorangan . Wawanian sumpah, nu mustahil kahontal. Hahahaha, tah Aswatamma, Kripa, lan Prabu Salya pegatan Arjuna. Mun Arjuna geus lastari, pasti urang meunang perang. Pandawa tanpa Arjuna, sarua wae jeung bohong. Teu boga kakuatan. Jdi Astina bakal kapimilikkuKaula sorangan, tanpa aya nu ganggu gugat deui. Hahahahaahha. Sing ariatna jaga Jayadratta."

Karna enggal nimbalan:"Raja Anom Duryodhana, sanajan Kula ayeuna awak asa pasiksak, lantaran tadi peperangan ngalawan Bhimasena, Kaula bakal maju deui bebeakan, mun perlu masrahkeun nyawa keur ngabela sampeyan !"

Di na kaayaan kitu, Kresna niup tarompet KODE, ngan sakedap antarana Daruka tos jol na Kareta Kresna, bari ngabantun hiji kareta kosong. Daruka teh kusir kareta Kresna, nu mahir pisan ngadalian kuda. Jadi datangna ka ieu tempat taya nu ngaganggu, da kusir kareta; dua kareta teh lengkep pisan persenjatanana. Daruka make jalan nu tos ditaratas ku Arjuna, atuh ampir teuaya pisan Pasukan Kurawa di dinya; da seueur nu kalabur tea.
Nu matak Daruka gancang pisan tepina kadinya.

Kareta sareng kusirna ditambutkeun ku Kresna ka Satyaki, nu tugasna pikeun nangtang Karna katempat misah ti dinya, ulah tebih teuing. Nu hiji deui dipasihkeun ka Bhima, nu tos cekap istirahat kanggo ngalayanan Pahlawan sanesna.

Der wae Karna perang sareng Satyaki; nyata ku kusir Druka, Karna jadi kadesek pisan malah akhirna kareta sareng kudana tos ancur; atuh teras we Karna luncat ka na kareta Duryodhana, galihna nyarios yen KUSIR teh geuning kacida pentingna.

Di Medan sejen, Bhima tarung sareng Salya; estu duanana Pahlawan digjaya, sami2 rosa; sami2 jago.

Arjuna, nu ti isuk jedur teu istirahat, teras perang, teu katingal lesu, malah sumangetna nambahan, lantaran teras emut ka Putra Kakasih Abimanyu. Dananjaya na dadana HURUNG ku hoyong males pati. Aswattamma areng Kripa tos boborot getih kapanahan ku Arjuna; duanana mundur, digentos Pahlawan sanesna deui. Poe beuki sore wae, panonpoe bakal surup, dugi ka ayeuna Arjuna teu acan tiasa nelasan Jayadratta. Enggal wae Kresna mapatkeun ajian, sakedet netra Kurusetra jadi poek, lir peuting. Duryodhana ngagorowok tarik pisan, bari dibarung seuri ngagakgak:"Hahahahaha ! Arjuna sampeyan geus gagal ! ngalaksanakeun sumpah sampeyan! Tuh tempo panonpoe geus surup!"
Jayadratta nu keur nyempod badi nyorodcod tuur nguping kasauran Duryodhana, rada bingung, lantaran asa2; asana poe can burit2 teuing; terus tatanggahan, euh enya geuning poek, duh kula salamet............  hehehe............... salamet."
Kresna enggal ngaharewos ka Arjuna:"Partha, tuh tempo si Jayadratta keur tanggah nenjo ka luhur, sok laksanakeun tugas andika. Da sabenerna mah panonpoe can surup, ku Kaula dijampe supaya peteng!"

Ngan sakilat Arjuna mentangkeun dua jamparing; nu hiji nigas janggana Jayadratta, nu hiji deui mawa sirah Jayadrata katempat nu rada tebih ti dinya; diukur pas ka na pertapaan Wridaksastra Ramana Jayadratta.

Harita Wridaksastra nuju semedi; sirah Jayadrata pas pisan ka na pangkonan Wridaksastra. Wridaksastra kaleresan tos tamat semedina, teras we ngadeg; barang ngadeg, barang gulutuk wae sirah/mastaka Jayadrtta tigugulitik niban lemah. Ku mrgi anjeunna tos NYAPA tea, nya atuh harita keneh mastaka Wridaksastra ancur burakrakan lir keuna ku BOM. Wridaksastra tiwas ku Sapa Pastu anjeunna nyalira.

Saparantos Jyadrata tiwas angkasa lenglang dui; panonpoe mucunghul deui sakedap; tos kitu mah teras we urup saperti biasa. Ditempat sanesna pas panonpoe bade surup Drupada katingal tos cape pisan; hiji dua panah Drona ngeunaan ragana; ari Drona mah, ku margi salian ti jago panah, oge elmu panemu jampe pamake sareng aji jaya kawijayanana kumplit, teu katingal cape atawa lesu. Atuh akhirna mah Drupada tiwas;
teu kiat ngayonan pupuh. Pas harita panonpoe surup. Atuh Drona teh gagal deui wae nangkep Yudhistira na teh.

Satyaki sareng Kresna niup tarompetna kanggo tanda yen Arjuna tos sukses ngalaksanakeun tugasna males pati ka Jyadratta; teras Arjuna oge ngajepretkeun gondewana. Ari BHIMA nyorowok ku sora singana nu tos kasohor. Teras wae diusul ku Sangsakala tutup ieu perang.

HANCA


 

Senin, 23 Mei 2011

Bharata Yudha ka-40

 

Arjuna ngarao hemeng galih; konentraina rada kaganggu; cek di na lebet manhna:"Burisrawa datang ka ieu medan lain karana ditangtang ku Kaula; jeung manehna datang lain nangtang Kula; kumahabisana Kaula ayeuna manah Burisrawa ? padahal manehna masing tarung jeung Satyaki ? Nurani Kula teu ngidinan, tapi eta sobat dalit Kaula, Satyaki arek ditelasan hareupeun Kaula? Wah hese ieu masalah teh ?!" Kitu gerentesna Sang Arjuna.

Nuju nimbang2 kitu burudulteh panah ti Jayadrata; atuh terasna Arjuna ngalayanan eta serangan. Kresna teras nekn ka Dananjaya, supaya enggal nulungan Satyaki, mun diantep matak rugi sarerea. Waktu Arjuna ngalieuk katukang ka tempat Satyaki tarung, katingal Satyaki nangkarak bengkang; ditincakan ku Burisrawa nu nyepeng pedang diayun ayun bade nigas beuheung Satyaki; rikat ngan sakilat Permadi tos ngaleupaskeun jamparing; sieet ceprot eta panah nenggel pisan ka na panangan Burisrawa nu nuju ngamngkeun pedang; eta panangan teh teras buntung bari teras nyepengan pedang, Burisrawa ngaguling tigugulitik.Barang Burisrawa gugah, anjeunna nyorowok ka Arjuna:" Euh sampeyan anak Kunti Dewi ? Kaula teu nyangka pisan, panah teh datangna ti sampeyan ? Saha nu geus ngajar sampeyan ngalakukeun kalakuan kitu ? Pasti lain ti Guru Drona nya ? Ah Arjuna, sampeyan teu bisa nahan diri di na godaan setan; nu sok aya di babaturan sampeyan. Pasti sampeyan teh kpangaruhan ku Kresna ! Nya Psti pisan ! Da teu mungkin atuh, Dananjaya mah turunan Bangsawan ali; moal mungkin ngalakukeun kalakuan kitu patut ! Pasti Kresna nu geus mangaruhan sampeyan ! Kula teh keur tarung jeung musuh bubuyutan Kaula; malah nusuh TUJUH turunan ieu mah; sampean geus manah ka Kaula teu make ngomong heula ! atawa mere tanda heula, sampean kapangaruhan ku IBLIS jahat.Sampeyan teh golongan Ksatriya nu dipihormat ku sadaya; sadaya pada ngajenan sampeyan, boh ku musuh atawa ku sobat sampeyan; ti baheula oge estu sampeyan teh jadi pamujian sarerea; tapi ayeuna sampeyan ngalakukeun nu hina pisan, Dananjaya ! Mun engke sampeyan balik ka kemah, laporan naon nu bakal ditepikeun ka Yudhistira, ngeunaan ieu kajadian !?" Panjang pisan nyeueulanana Burisrawa ka Arjuna,bari sakalian ngaweweleh Kresna.

Enggalna wae Arjuna matur:"Burisrawa Pahlawan sepuh, nu diajenan ku sadaya; sampeyan memang tos sepuh pisan, toskarahaan, karatan. Nepi ka pikiran sampeyan oge jadi karahaan ! ku ngalaklakdasarkeun Kaula jeung Kresna; Kula moal cicingeun mun aya babaturan Kula aya nu nyisikudi atawa nyiks hareupeun Kaula ! Komo mun geus kapaehan teu daya upaya mah, moal diantep ku Kaula. Kaula mending asup naraka, ti batan kudu ngantep sobat Kaula dikakaya saperti kitu ! Satyaki datang kadiu, sanggeusna cape perang ragot ngalawan Resi Drona; terus ku sampeyan ditangtang, sanggeusna kapaehan jeung teu walakaya ku sampeyan dikakaya.Sampean ngajejekan badan Satyaki nuteu walakaya, bari ngamang2 pedang ! Cing kode Ksatriya nu mana eta teh !? Terus sampeyan pikirkeun, pantes henteu ngakaya Abimanyu nu geus jadi layon, bri igel2an lir kalakuan IBLIS ?! Tah ayeuna Kaula teh keur ngalaksanakeun sumpah suci Kula nu bakal nulungan sing saha wae babaturan Kula, di na jauhna katepi ku panah Kula ! Jadi teu wajar sampeyan NGUTUK ka Kaula jeung ka Kresna, bari jeung euweuh pertimbangan pisan !"

Burisrawa sajongjongan mah melengek we teu nembalan, teras wae ngajejerkeun jamparing, didamel tilam; teras anjeunna calik Yoga di na eta tumpukan panah. Ger wae Bala Kurawa/Astina salusurakan, muji ka Burisrawa, bari ngaweweleh ka Arjuna.

Arjuna nyarios deui langkung tarik, supados kakuping ku Pasukan2 nu caket ka dinya :"Eh Burisrawa, anjeun memang hiji Pahlawan GEDE; Pahlawan nu diajenan ku sadayana; nu aya diantara urang sadaya; anjeun ngabantuan ka pihak nu menta bantuan ka sampeyan; jadi pilihan ieu risikona kudu ditanggung ku sampeyan."

Burisrawa meleng skedap ka Arjuna; teras masihan tanda satuju ka na cariosan Arjuna; teras manggut tanda ngahargaan kayakinan Arjuna, saparantos kitu enggal semedi deui.

Dina waktos eta, Satyaki eling ti na kapiuhanana, barng ningali Burisrawa, kakeuheul kasebel ngumpul sadaya; ngan sakilat Satyaki muru ka Burisrawa bari nyandak pedang kenging mulung nu ngagoler, teu tebih ti dinya; barang caket, ngan sakilat.............
ceplas ! bluk wae mastaka Burisrawa niban lemah, beuheungna sapat pisan ditigas ku Satyaki. Ieu kajadian teh kacida kilatna, dugi ka Arjuna sareng Kresna teu sempet ngahalangan deui.

Atuh mani ngaguruh sora Pasukan Kurawa nu kukulutus, nyarekanan jeung nyalahkeun Satyaki. Satyaki teu rengrot2 pda nyarekanan sareng nyindiran kitu, malah ngadeg bari nulak cngkeng, teras nyorowok tarik pisan:"Eh Para Pasukan Astina ! Tadi Kula geus teu walakaya, malah terus kapaehan pisan............  ieu musuh Kulawarga Kaula geus ngakaya Kaula, malah rek nigas beuheung Kaula; kapan diantep ku arandika sakabeh? Ayeuna Kaula rek males pati ka musuh bubuyutan Kaula di na kondisi nu kumaha wae ! Eta bayaran nu PANTES, keur ka jelema nu ngakaya jalma nu geus teu walakaya ! Jadi tong nyalahkeun Kaula !"


HANCA
 

 

 

[kisunda] Bharata Yudha ka-39

 

Waktos Burisrawa ningali Satyaki nyaketan ka Medan Perang caket Arjuna, nyel wae Burisrawa keuheul, ijid, cua, margi emut ka na pacengkadan dua kulawarga. Napuna ngagugudug, lir ibarat seuneu nu hurung disiram ku bengsin; Burisrawa nu tos kacida sepuhna teras wae nangtang ka Satyaki:" Hey Satyaki  ! maneh teh sombong, gese hulu! ngarasa aing pangjagona ! Ngrasa lalaki langit lalanang jagat, tanpa tandingan! Didieu ayeuna sok buktikeun kagagahan sampean. Pinasti poe ieu andika tiwas ku Kaula ! Geus lila pisan Kaula nunggu2 patemon jeung sampean teh; ayeuna angen2 Kula teh kalaksanakeun; ieu leungeun Kaula geus teu sabar hayang nyabut nyawa andika, Satyaki !"

Satyaki nguping panangtang Burisrawa teh, kalem we, teu reuwas teu gimir; malah teras we ngantosan Burisrawa nu nuju nyarios, saparantos tutas Burisrawa ngaluarkeun unek2na, kajeng wae Satyaki ngawaleran:" Ieuh Burisrawa ! Tong loba bacot sampean; lantaran euweuh gunana sama sakali! Bacot mah teu bisa nangtukeun kabisa hiji manusa. Jeung teu bisa andika ngancam ka hiji jelema nu geus siap arek tarung, jadi sok we buktikeun, entong loba ngimpi jeung ngalindur sampean !"

Atuh Burisrawa tos teu tahan deui, teras wae ngagempur Satyaki; nu dilayanan ku Satyaki; atuh der wae duanana silih panah, silih tumbak ti na karetana masing2; akhirna ku margi unana sami2 napsu, atuh dua kareta nu tarung teh di8adu; mani ngajeleger sorana. Atuh dia kareta sami2 ancur; kuda2 oge hondewa masing tos parotong; duanana sami2 teu naek kareta deui; teras wae maresat pedang; sareng nyiapkeun tameng. Ger we duanana silih sabet ku pedang. Duanana memang sami2 jagoan; teu aya nu daek mundur hiji ge; duanana sami2 galak, sareng garang; atuh enyaan ieu tarung teh rame pisan.

Lami2 ku keras2na ieu nu tarung, akhirna tameng sareng pedang pada parotong; geus teu tolih pedang, ger we gelut silih sered, sikih banting. Hebat Burisrawa sakitu tos sepuh, teu katinga; cape; malahan tambih gagah tambih sumanget. Sabalikna Satyaki najan masih anom keneh dibanding Burisrawa; tapi tadina ge anjeunna tos cape pisan perang sareng Drona; atuh ayeuna teh Satayaki kadya kapuk kaibunan, lami2 teu kiat ngalawan; anjeunna tos teu daya teu upaya deui.

Kresna bari ngusiran kareta Arjuna, meus2 ngalieuk ka tempat Satyaki nu nuju bitotama sareng Burisrawa; anjeunna kalintang bingungba; lajeng wae ngemutan ka Arjuna:"
Dananjaya ! Tempo itu Satyaki geus teu aya daya upaya deui, rek sitelasan ku Burisrawa.
Satyaki datangka ieu Medan, lantaran rek ngabantu sampeyan. Tapi ditangtang kuBurisrawa, atuh kapaksa, siap teu siap Satyaki ngalawan! Mun diantep manehna pasti lastari ngemasi pati!"

Arjuna teu ngawaro cariosan Kresna teras we merangan Jayadrata, Aswatama, Kripa sareng nu sanesna; ari Kresna ayeuna mah teu malire deui ka ma kadali, terus we melong ka twmpat Burisrawa sareng Satyaki jogol.

Kresna ningali Burisrawa ngangkat Satyaki, terus dibantingkeun tarik pisan, Satyaki tos teu emut naon2 deui. Saterasna dikekesek, digugusur ku Burisrawa.

Kresna enggal neken deui ka Arjuna:"Satyaki teh Pahlawan petingan ti Bangsa Wrisni.
Datangna kadieu ka Kurusetra kantaran rek ngabela hak2 Pandawa. Ayeuna Satyaki rek dipaehan hareupeun irung sampean pisan, naha rek diantep, Partha ?!"

HANCA

__._,_.___

Minggu, 22 Mei 2011

Bharata Yudha ka -38

 

Barng Bhima dugi ka medan peperangan dimana Arjuna nuju tarung, enggal wae nyorowok bari ngaluarkeun elmu Singa ngahaum; Kresna enggal niup tarompet Pancadnyana; kitu deui Arjuna ngajeterkeun Gondewana. Yudhistira nguping soanten Bhima, nudisusul ku tarompet keong Kresna sareng Jeleter Gondewa Arjuna; anjeunna ayeuna mah tenang pisan; teu geumpeur sapertos tadi. Enggal anjeunna NGADUA ; ngaduakeun Arjuna supados JAYA.

 

Bhima barang jol caketArjuna langsung ditangtang ku Karna:"Hehehehe, ieu jalma nu purah dahar, si beuteung KARET ! Nu teu ngarti ka na Elmu Perang sama sakali! Lamun enya maneh jago; sok ulah nukangan Kaula; sok kadieu maju! Lawanan ieu Kaula! Ulah ngeplek jawer ngandar jangjang!"

 

Jaya Bang Winga winga; amarahna Bhimasena estu kagirigiri; enggal wae karetana muru ka Karna. Karna imut ngagelenyu, tapi teras nebihan Bhimasena; bari mundur anjeunna teras manahan ka Bhima ; atuh Bhima teh boborot getih, taratu. Tapi memang Bhima mah dasar jasmanina kuat, najan taratu teras maju nyaketan Karna; nu pikasebeleun bari manahan bari teu weleh seuri leutik ! Dua jago Tarung, ayeuna nuju bitotama; Bhima ngangseg terus, ari Karna mundur bari manahan ti katebihan.Badan Bhima tos beureum pinuh ku getih, nu kaluar ti na tatu tapak dipanahan ku Karna; tapi sadayana teu diraos ku Bhima; teras wae maju. Akhirna mah hiji gada Bhima tiasa ngancurkeun kareta Karna ! Enggal Karna luncat, bari ngagentos karetana; tapi nembe ge naek tos ancur burakrakan ku Gada Bhima. Bhima tambih umanget, margi emut ka na hinaan Karna ka Drupadi, sareng anjeunna pribadi waktos MAEN dadu kapungkur.

 

Ayeuna mah Krna tos teu iasa mesem deui, margi kareta nu pangakhirna tos caket pisan sareng kareta Bhima; eta kareta tos diadu; saterasna  Bhima Karna ; teras neraskeun tarung Karna nyobian maen panah deui; tapi nembe ge gap ka na gondewa tos diserang ku Bhimasena dugi ka parotong. Karetana diancurkeun deui.

 

Karna samar rampa; tapi Duryodhana enggal miwarang raina Durjaya ngabantu Karna. Tapi nembege jol; ngan sakilat tos tiwas ancur polona ku Gada Bhima.Karna jadi aya kasempetan ngagentos karetana.

 

Ayeuna duanana tos silih tumbak, silih panah deui; tapi Gad Bhima nu memang hebat tos ngancurkeun kareta Karna deui; atuh kadua kalina Karna kapaksa teu nganggo kareta; bari rada hemeng kumaha nya ngalawan ka Bhima ?

 

Suyudhana ngirimkeun deui Raina limaan, ngepung BHima, nya eta : Durmursha, Durmata, Dussuha, sareng Dursuwa. Tapi sanes sieun, Bhima malah tambih sumanget ningal Putra2 Dristarastra; teras wae nu ngepung sadayana diperangan; ngan sakilat sakilat, limaanana ngemasi pati.

 

Karna ningali pisan eta nu tariwas teh pikeun ngabela anjeunna; kalintang wirangna Karna waktos harita; di pihak Bhimasena lamun teu males ayeuna ka Karna iraha deui. Duanana ayeuna tos sami2 nekad ! Teras tarung deui; tapi tetep Karna dipihak ni nu kadeseh, Bhima memang hebat totosan bojana kulit, tak tedas Palu gerinda teh sanes bobohongan.

 

Bhima tambih lami tambih ngadesek, pangamukna tos teu katahan ku Karna; enggal wae Duryodhana miwarang deui rai2na supaya ngabantu Karna, Suyudhana kalintang hawatirna yen Karna bakal tiwas ku Bhima. Sakaligus 7 rai Suyudhana, nya eta : Chitra, Upachitra, Chitraksa, Charukchitra, Srasena, Chitrayudha, Wikarna. Tujuhanana ngoroyok ka Bhimasena, sadayana garagah teu aya kagimir, masing apal Bhima gagah sakti mandraguna; tapi Bhimasena teu gimir teu sing, sadayana tiwas ku Gada Bhima; mung Bhima rada hanjakal sabab diantarana aya Wikarna, nu dianggap rada apal ka na kadilan.

 

Ayeuna mah Karna leres2 teu aya hoyong mesem, atanapi seuri leutik deui, ayeuna mah rarayna beureum lir saga; langkung beureum ti Bhimasena. Duanana neraskeun tarung nu tadi kaselang ku raina Duryodhana.

 

Duana ayeuna mah soson2 pisan di na merangan musuhna; lami2 Bhima ayeuna mah kadesek, kuda sareng karetana ancur; Bhima lumpat ngudag nyampeurkeun kareta Karna, teras bade dirontok; tapi Karna rikat malincet teras ngagefug ku gada ka Bhima, dugika Bhima ngabangkieung saterasna rubuh niban lemah, anjeunna bade nyerang deui tapi ayeuna mah gondewana diancurkeun ku panah Karna; saterasna gadana oge ancur pisan.

Bhima nyandak roda kareta; tapi ieu ge dipanah ku Karna.

 

Ayeuna kaayaan Bhima bahaya pisan, Karna ayeuna ngagunakeun kasempetan kanggo ngahina sareng nyarekan laklak dasar Bhimasena.

 

Kresna nu ningal ieu enggal nyarios ka Arjuna:"Parta,tuh tempo Bhimasena geus teu daya upaya, dihina ki Si Karna, mun diantep tinangtu cilaka."

 

Arjuna enggal ngajeleterkeun gondewana, teras manah ka Karna , mani tepat pisan; gondewana, kuda sareng kareta Karna ancur sapada harita; Karna tigugulitik niban lemah.

Barang ngalirik, anjeunna apal yen nu manah teh Arjuna; Karna bingah galih, margi anjeunna emut ka na sumpahna ka Kunthi Dewi , Ibunanu sajati.

 

HANCA

 

 

 

 

 

Jumat, 20 Mei 2011

[kisunda] Bharata Yudha a -37

 

Satutas Satyaki mundur ti Medan saputereun Yudhistira, nu ngahaja teu dihalangn ku Dronap; terus Drona beuki campuh ngamukna; dugi ka salian seueur nu kateteran, oge seueur nu tiwas ku pangamuk MahaSenapati Kurawa ieu. Tapi ari ka Yudhistira mah, ngan ukur corowokna we nu tarik, buktina mah siga nu rada api2; da memang salereesna mah Resi Drona nyaah ka Pandawa teh, utamana ka Arjuna. Jadi siga enya we rek nangkep Yudhistira; tapi di na pangperangan ieu, bari siga mere jalan pikeun Yudhistira teras nebihan ti Resi Drona. Kantenan panginten ayeuna mah Drona tos uninga aon jero2anana maksad Duryodhana.

 

Perang tambih siang, tambih rame wae; tapi diantos antos Satyaki, teu muncul2; Yudhistira kalintang geumpeurn; enggal wae miwarangan Bhima nyusul Arjuna.

 

Bhima nambalang bari nyarios:"Yeuh Darmaji, cing sing tenang jeung sabar; Kula percaya yen si Jenet mahi ngalawan saha wae oge; jadi tong ringrang, tong hariwang. Sabalikna sampean geus ditinggal ku si Jenet, terus ku Satyaki, ayeuna Kaula deuih dititah, Wah susah atuh, kumaha tanggung jawabna."

 

Yudhistira:"Eh Yayi Bhima, tadi akang ngadenge tarompet keong Pancadnyana bogana Kresna geus ditiup; tapi teu dibarungan ku sora ngajeleterna Gondewa Arjuna; naon eta hartina ? Hartina mungkin Kresna ngudar sumpahna moal perang; meureun Arjuna geus dikepung musuh; geus cilaka; jung gancang gura giru indit; mun nenjo Ki Arjuna walagri, gancang kaluarkeun sora Singa sampean. supaya akang reugreug, Jubg ulah ngabantah deui."

 

Saleresna mah mo tiasa Bhima dipiwarang atanapi dipaksa ku saha wae oge; tapi ari ku Yudhistira mah, duka kumaha Bhima teh teu tiasa naon2; nya atuh enggal pamitan bari nyorowok:"Kembar, poma sing iatna jaga Darmaji!"

 

Nakula Sadewa ngawangsulan:"Sandika, kakang Bhimasena."

 

Enggalna wae Bhima miwarang kusir karetana norobos Pasukan Kurawa?Astina nu ngabaris ngahalang halang lampah Bhima; tapi Bhima teu keder teu sing, gadana Rujak polo dibulang balingkeun bari naek karetana; saha nu nyaketan teu lami teras tariwas.

Aya sabelas deui Putra2 Prabu Dristarastra tiwas poe harita.

 

Drona enggal maju kapayun ngahalang pamaksudan Bhima nuju ka medan dimana Arjuna nuju perang sareng Jayadrata; di na manah anjeunna pasti ieu Bhima bakal ngalakukeun sapertos Arjuna tadi ngaliwatan anjeunna.

 

Tapi nyata Bhima mah teu kitu malah nyorowok ka Resi Drona:"Eh, Resi Drona ! Bareto mah enya sampean teh Guru Kaula, tapi di na waktu ayeuna mah urang teh MUSUH, Satru. Tadi Arjuna ngaliwat kadieu ; eta pasti lantaran sampeyan ragu2 ngalawan Ki Pamadi; kitu deui ki Pamadi pasti hormat pisan ka andika. Tapi jeung Kula mah sejen deui." Saparantos nyarios kitu teu tata pasini deui Bhima maledogkeun salah sahiji gadana dugi ka kareta Drona ancur; barang digentos, barang diancurkeun deui ku Bhima; saterasna Bhima miwarang kusirna mecut kudana mabur ti eta tempat nuju ka tempat Dananjaya perang. Drona kantun hanjelu; tapi teras deui neraskeun pangmukna.Bari alesanana bade nangkep Yudhistira.

 

Arjuna nuju perang mayunan Jayadrata sareng para bentengna, nya eta Duryodhana, Dursasana, Kripa, Salya, Karna, Aswatama, Burisrawa sareng nu sanesna deui. Tapi ASrjuna teger, teras maju, keur kitu jol Satyaki; atuh Arjuna rada ngagebeg, naon sababna ieu Satyaki ngantunkeun Yudhistira? Sareng deui di dinya aya musuh satru kabuyutan Satyaki nya eta Burisrawa; wah enyaan ieu Satyaki neangan panyakit? Kitu manahna Arjuna waktos harita.

 

HANCA

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Rabu, 18 Mei 2011

FW: Bharata Yudha - ka 36

 

Nu ieu rada sesah, nyarioskeunana; tapi bade dicobian wae, manawi ktampi.

Senapati Agung Drona maju ka medan, ngalaksanakeun tugas bade nangkep Yudhistira, saparantosna Arjuna lolos, nu memang dihaja, supados anjeunna tiasa salse nangkep Yudhistira, da upami aya Arjuna mah pamohalan pisan. Tapi memng Para Pahlawan Pandawa sanajan teu aya Arjuna oge, sadayana warani toh pati jiwa raga; leres ari kasaktian mah sahandeupan Guru Agung Drona; tapi teu aya hiji ge Pahlawan Pandawa nu jicir.

Waktosna Arjunaa majeng kapayun kanggo nelasan Jayadrata; di Medan salingkungeun Yudhistira tos dikepung wakul buaya mangap ku Resi Drona miwah Pasukanana. Najan Drona mung nyalira teu disarengan ku pahlawan sanesna, tapi estu Resi Drona punjuling ngapapak; sadaya pahlawan Pandawa nu wantun maju pasti ngan sakedet netra paragat, putus umur.

Ayeunaa nu majeng ngahalaangan ka Senapati Agung Kurawa, nyata Dristadjumna, Senapati Agung Pandawa. Dristadjumna teh salian ti ahli panah, oge ahli naek Kuda; atuh di naperaang ngalawan Drona tah anjeunna luluncatan, ti na kareta teraas ka na Kudana; tos kitu malah naek di na kadalina pisan; jadi rada sesah Resi drona manaah ka Dristadjumna; laantaaran kesit pisan luluncatanana; tapi akhirna hiji dua panah Drona tos narancep di na jasmani Dristadjumnaa; akhirna Dristadjumna kateteran; hiji panah ti Drona nu ketakna lir Bambang Kombayana nuju pamuda tos nancep jero pisan ka na dada Dristadjumna; atuh ngaajungkel na karetana, kapidara; barang bade ditelasan ku Orona; rikat para pahlawan sanesna nulungan Dristadjumna ka kemah tempat istirahat; Satyaki nulungan Dristadjumna ku manahan Drona ti gigir.

Enggalna wae Drona sareng Satyaki atos tarung silih panah  ; duanana estu ahli panah sareng tukang tarung patutunggalan. Drona ngaraos repot ku Satyaki; Satyaaki teras neken posisi Drona. Wah geuningan teu sangka ieu satyaaki sakieu gagahna, pantess mun disajarkeun jeung kelas Bhisma, Arjuna, jeung Karna. Enyaan jago yeuh Satyaki teh. Kitu gerentes manah Resi Drona.

Perang antawis Resi drona sareng Satyaki, lami oge; tapi sanajan Satyaki memang ahli panaah; tapi kawon di naa gentur tapaana ku Resi Drona; Resi Dron mah Luhung Elmu Panemu, Jampe Pamke, Aji Jaya Kawijayan; sadayana nyampak; nu mawi teu aya katingal cape ataanapi lesu; sabalikna Satyaki, lami2 mah ngaaraoss lungsse; eta hartosna kawon di na jaampe pamake.Drona tambah gagah sareng galak, ari satyaki; tos lesu pisan. Enggalnaa bae Bhimasena majeng kapayun maledog ku hiji gada ka kareta Drona nu burakrakan sapada harita; enggal Bhima nyandak satyaki supados istirahat.
Ari Resi Drona ngagentos karetana baari teras nyerang deui; nyaketan ka Yudhistira; tapi teras dihalngan ku Pahlawan2 sanesna; nu akhirna jaadi korban panaah Bambaang Kombayana/Resi Drona.

Persis waktuna Satyaki nembe ge istirahat, sami waktosna sareng Brehadrata lastari. Kreshna niup Tarompet Pancaadnyaana Kresna; ari arjuna, nuju rusuh ngburu waktu teu ngajeleterkeun Gandiwana !?

atuh Yudhistira kaget pisan; e eh ku naon Kresna niup trompet Keong Pancadnyana, tapi dibarengan ku ngajeleterna gondewa Arjuna nu kasohor tea ? Boa2 Arjuna cilaka yeuh ? Terus Kresna nekad milu perang; padaahaal tos sumpaah moal milu perang? aduh bahaya ? Kitu manah Yudhistira. Enggal wae Yudhistira miwarang Satyaki nu nuju istirahat supados nyusul Arjuna.Kapan cenah Satyaki teh kapercayaan Arjuna? Piraku Arjuna rek diantep ayeuna cilaka ?"


Satyaki nimbalan:"yeu Sang Prabu Yudhistira, naon anu teu dilaakukeun ku Satyaki pikeun bebela ka Pandawa ? Tapi di na haal ieu Kaula Yakin, yen Arjuna teu naon2; Kula yakin kakuatan Jayadrata sareng Pasukan nu ngabentenganana moal aya sapersapuluh kakuatan Arjuna nyorangan, jadi Sang Prabu ulah gimir, ulah waswas."

Prabu Yudhistira:"Eh Satyaki, tong ngantep Arjuna sampean, sampean teh sobat sajati arjuna; yeuna Arjuna cilaka; gancang geura tulungan. Kaula ngadenge jelaspisan Taropet Keong Pancadnyana nu Kresna; tapi teu dibarengan ku Jeleterna Gondewa Arjuna ! naon haartina/ Mungkin oge Arjunaa keur dikepung wakul buaya maangap; mangkaaning diditu kapaan aya Karna, Aswatama. Kripa jeun nu sejenna."

Satyaki:"Tapi samemeh maju ka medan tadi isuk2 Kresna jeung Arjuna tos ngawanti wanti ka Kaula supaya ulaah ninggalkeun sampean; jadi lain Kula rek nambalang; tapi Kula inget ka na wanti2 et; kalawan Kula oge yakin ka na kagagahan Arjuna."

Yudhistira:"Jung satyaki inidit, diidinan pisan ku Kaula; ieu leuwih penting ti batan melaan Kaula ; sok we maju."

Nya atuh ari kitu mah kapaksa Kaula bakal nyusul kaditu, andon doa bae. "Eh Bratasena, ulah taledor,jaga Darma Putra."


HANCA

 

Minggu, 15 Mei 2011

Bharata Yudha ka-35

 

From: Abbas Amin

 

 

Brehadrata, Raja kasohor Weduk; teu gampil ditembus senjata naon wae oge; tapi gaduh kalemahan di na urat caket cepil; ka sasaha wani; teu aya kasieun, tapi ari ka Arjuna mah gimir, lantaran apal yen Arjuna tos apal kana permatina; ku margi kitu, najan ari corowokna mah masih lantang, tapi ari maju katengah medan mah, ieu Raja Brehad Rata teh masih rada asa asa; da sieun pendak sareng Arjuna; tapi tadi wengi ngiring gempungan sareng para Kapala Perang; dimana anjeunna hohoak bakal mateni Arjuna; atuh di na poe ka-14 ieu anjeunna ditungtut kedah megat Arjuna, nu bade nelasan Jayadrata; atuh kapaksa gimir2 ge ngawanikeun anjeun, maju ka tengah medan. Harita Arjuna nembe oge ngancurkeun balatentara nu dipimpin ku Kritamarma sareng Sudaksina; nya akhirna tos maju nyaketan kareta Brehad Rata.

Brehadrata ari tos papayun payun sareng Arjuna mah rada ngageter; anjeunna ngaraos hanjakal ku naon make ngaburaong tadi peutting; anjeunna hemar hemir; tapi akhirna nekad, teras cek di na manahna keun masing enya ge si Arjuna apal ka na Permati Kula; can puguh bisa manah ka na handapeun ceuli; keun we rek lahlahan ayeuna mah.

Saparantos negerkeun maneh,  Brehadrata sasauran bari rada ngageter:"Eh Arjuna, mangke heula, sampeyan tong gana2 maju; ieu aya Kaula Raja Brehadrata; moal gampang sampeyan ngaliwatan Kaula jeung pasukan Kaula !"

Arjuna teu seueur saur enggal wae ngabagi panah dugi ngrebu, ka Brehad Rata sareng pasukanana; atuh pasukan Brehad rata mani carem kapanahan; ai Brehadrata mah teu rengrot2 acan.

Brehadrata seuri mani ngagakgak:"Hahahaha ! Arjuna sampean mah wanina ngan ukur ka Pasukan Kaula; coba ulah manahan pasukan; tah ieu we Kaula !" Brehadrata nyarios bari nepakan dada anjeunna.

"Eh Brehad rata mangka waspada, ;amun sampean nyaah ka pasukan sampean, undurkeun sing jauh, jeung ulah wani2 megatan Kaula; mun henteu ulah sambat kaniaya; ku Kula bakal dilediskeun, saperti ngalediskeun pasukan Trigarta."

Eta ancaman Arjuna yakin Brehadrata, sanes ancaman kosong, enggalna wae Brehadrata mere isyarat ka Paukanana supaya ulah aya nu wani ngepung ka Arjuna. Teu kudu ngaduakalian, memangna Pasukanana geus gimir ku Arjuna, jeung aya conto Susarma sareng sadayana pasukan, kapan ledis disikat ku Arjuna; atuh pasukan Brehadrata ngantunkeun Rajana nyalira ngalawan Arjuna; ngan ti kajauhan masih lalajo nu tarung.

Saparantos dikantun pasukanana, Raja Brehadrata longkewang deui manahna; aduh aing wawanianan ngalawan Arjuna sorangan; keun we ah geus kapalang; geuning tadi ge panah Ki Arjuna teh euweuh nu nembus hiji ge; cing ayeuna mah Kaula rek nyerang miheulaan.

Enggalna wae Brehadrata tos manahan Arjuna sababaraha kali; tapi sadayana oge clak clik niban lemah teu aya nu keuna ka Arjuna; lantaran panakis Arjuna estu pas pisan.
Arjuna teu ngantep teras males sababaraha kali; gondewa Brehadrata parotong sababaraha kali ganti; tapi dipotongkeun deui ku Arjuna; saterasna kudana karetana ancur; atuh ayeuna mah Brehadrata kapaksa ngalawan teu nganggo kareta; ari kareta Arjuna enggal muter ngurilingan Brehadrata. Brehadrata waspada yen anjeunna memang kudu tiwas ayeuna mah lantaran, ti palih mana wae oge urat2 sahandapeun cepilna tangtos tiasa dipanah ku Arjuna; anjeunna sadar yen memang Arjuna punjuling ngapapak; manusa utama, tandangna Dewa; nya anjeuanna mesat pedang kanggo ngalawan dugi ka akhir. Tapi teu lami margi Arjuna tos mentangkeun panah nu ngaahiung ku tarik2na; keuna pisan ka na permati Brehadrata; atuh harita keneh Brehadrata ngagebluk niban lemah; lastari ngemasi pati.

HANCA

.

Image removed by sender.

__,_._,___

FW: Bharata Yudha ka-34

 

From: Abbas Amin

 

Barang Arjuna tos patepang sareng Resi Drona, enggal arjuna nyembah ti katebihan; nu dibales ku Guru Drona ku ngangkat pananganana , nu hartosna masihan restu. Saterasna Arjuna nyarios ka Resi Drona:" Guru, Kula menta idin ka Guru, rek males pati ka Jayadrata, mugia Guru kersa masihan jalan ka Kaula."

Resi Drona ngawangsulan:"Arjuna, enya bareto mah sampeyan teh murid kakasih Kaula; tapi di na waktu ieu Kaula jadi Senapati Agung sagemblengna Pasukan Astina; jadi lamun sampean nyisikudi hiji anggota pasukan, kapaksa sampeyan kudu ngaliwatan heula Kaula,
teu bisa kitu bae."

Arjuna cong nyembah sakali deui:"Punten guru, kapaksa Kaula rek nyerang ka sampeyan, lain Kula culangung, tapi kapaksa."

Drona:"Sok we teu naon naon.......................

Der wae Arjuna manah ka Drona, nu diba;es ku Resi Drona, duanana sami2 tapis, sami2 jago manah; nu sanes mah teu wantuneub piilueun , sieun kabarerangan; da moal mungkin ngabantuan, malah mah matak cilaka ku polah sorangan.

Resi Drona ngaluarkeun panah geni; kaluar seuneu ngabebela ka Arjuna; tapi saharita keneh Arjuna mentangkeun jamparing kaluar cai nu ngabanjuran eta seuneu; akhirna duanana ter

 

FW: Bharata Yudha ka-33

 

 

From: Abbas Amin

 

Raja Sindhu teh nyaeta Prabu Wridakshatra; waktos Putrana Jayadrata lahir, anjeunna nanpi wangsit ghaib, yen eta orok engkena bakal kasohor jago perang, tapi engke bakal tiwas nastakana niban lemah. Raja Wridaksatra kacida baluwengna saparantos gugah ti na kulemna anjeunna ngucapkeun "kutuk pastu" bari teu panjang panggalih deui cenah sing saha wae nu ngagulutukkeun sirah Jayadratta nepi ka ngagukitik niban lemah tinangtu sirahna bakal ancur sapada harita.

Saparantos ageung Jayadratta, dikirim ka Resi Drona pikeun didik peperangan, soal impenan tea tos lami teu kaemut deui; saterasna waktos Jayadrata ningkat dewasa lajeng wae ipasrahan Nagari Sindhu; ari Raja Wredaksatra, tapa di leuweung, ngisat salira; demi tempatna tapa teh kaleresan caket pisan sareng medan Kurusetra nu dianggo perang jurit ku Pandawa sareng Kurawa.

Dina perang poe ka-14na Drona tetep ngatur formasi tarate; tapi konsentrasina dipuseurkeun keur ngabela Jayadratta; mu ditempatkeun 18 Km satukangeun Pasukan Utama; jadi Pasukan Jayadratta ayeuna mah aya dipangtukangna.

Paukan2 nu ngajaga posisi Jayadrata dipimpin ku Burisrawa, Aswatamma, Karna, Salya, Wersasena jeung Kripa. Dihareupeun eta Pasukan , nya Senapati Drona di na kareta nu ditarik ku opat kuda beureum kolot; dihareupeun ieu pasukan utama, aya deui Pasukan di na formasi PAKIS keur pasukan "Pelopor". Resi Drona sareng nganggo raksukan perangna katingal gagah sareng perkasa pisan ( PD tea meureun ); bgajadikeun Suyudhana beuki yakin perangna bakal meunang.

Paukan pelopor, penggempur digaris kahiji, dipimpin ku Durmashana pasukanana, nya eta 1000 kareta perang, saratus barisan gajah perang, terus maju ngagempur musuh ( Pandawa ). Bari nyorowok nangtang perang ka Arjuna.Arjuna enggalna tos majukeun karetana dugi ka antarana nepi ka katepi ku sapanah.

Tapi can ge neruskeun lampahna nyerang, eta Pasukan geus dipiheulaan ku Dananjaya diserang ngadadak ! Eta pasukan sakitu lobana teh, burak barik, enggalna Dursasana enggal melaan raina Durmashana; tapi ngan sakedap Dursasana ngacir ti na palagan; lantaran saperti ditaranjangan ku Arjuna; kabur ngacir bari wirang. Durmashana oge ngacir ka tempat Maha Senapati DRona. Nya ayeuna Arjuna tos papayun payun sareng Guruna Maharesi Drona.

HANCA

 

Jumat, 13 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka -32

 

From: Abbas Amin

 

Arjuna di na poe ka tiluwelas, leres2 merangan Pasukan Trigarta; atuh sadaya pasukan Trigarta ledis teu disesakeun hiji2 acan. Memang leres2 Arjuna Sakti Mandraguna totosan bojana kulit; estu punjuling ngapapak. Paingan seeur nu gimir upami mayunan Arjuna. Tapi saparantos perang ragot kitu, Arjuna duka ku naon asa lalewang hate, asa teu puguh rarasaan, teras wae nyarios ka Kresna:" Kresna, kunaon ieu parasaan Kaula teu ngareunah rasa pisan...............  naon nya kila2na ? Boa2 kakang Yudhistira ditangkep ku Guru !?"

Kresna ngahibur Arjuna:"Ah ulah dipikirkeun teuing Permadi, da kapan nu ngajaraga DarmaPutra sakitu rongkahna ? Para Pahlawan nu tos pada kasohor jago perang ? Piraku sugan gampang katangkep onaman ?"

Arjuna;' Enya ari kituna mah, tapi ieu hate jeung tasa sok tara ngabobodo, aya naon yeuh ? Jeungna deui urang ayeuna geus deukeut pisan ka tempat kemah ueang, naha Angkawijaya teu kaluar ngabageakeun? Kapan biasana mah manehna kaluar ngabageakeun urang tos perang? Ayeuna kamana eta anak Kaua ?"

Arjuna oge ningali pasemon Para prajurit nu sedih kingkin, aya naon yeuh ? Teras wae Arjuna nyampeurkeun ka kumpulan prajurit, nu saterasna eta para prajurit kalah ka nyarembah, terus careurik ningal Arjuna. Arjuna bingug pisan, enggalna wae lebet ka kemah utama, vade nepangan Yudhistira. Barang jol katingal pasemon sadaya nu aya di dinya alum pisan ; barang ningal Arjuna; Yudhistira enggal muru sareng ngarangkul ka Arjuna, teras nangis hujan cimata; Arjuna ngan olohok wae ningal polah Yudhistira sakitu. Bhima oge nu sok biasa gagah, tur teu malire naon2 harita mah katingal ngeluk tungkul teu kersa ngangkat sareng neuteu p ka Arjuna.

Arjuna teg we yen aya kajadian nu tumiba ka Putrana Abimanyu; enggal wae nyarios lantang pisan:"Eh dimana anak Kaula, Abimanyu ? Geuning teu aya di na pasamoan ? Naha geus cilaka ? Kunaon atuh diarantep lain ditulungan ?!"

Yudhistira saparantos nyusutan cisoca enggal ngandika:"Duuuh, Rayi Arjuna, bener pisan poe ieu teh Abimanyu cilaka; nu salah mah nya Kakang, pek we sampeyan rek ngahukum kakang; akang narima."

Arjuna:"Ke, ke, ke,  ke heula anan soal kasalahan mah, eta nomer dua; kumaha kajadianana nepi ka Abimanyu diarantep kitu? Nepi ka cilaka ?!"

Yudhistira enggal matur:"Yayi mimitina mah, Resi Drona teh biasa we teu make formasi naon2; tapi barang yayi maju ka kidul kanggo perang sareng Pasukan Trigarta; Guru Drona lajeng ngaluarkeun Formasi "Kembang Tarate" !"

Arjuna:"Kembang Tarate? Atuh bahaya pisan...............  tangtu diantara Pahlawan sadaya teu aya nu bisa nembus eta Formasi , nya > Hiji2na nu bisa ngan ukur anak Kula Abimanyu ! Tapi manehna can kungsi ku Kula diajarkeun kumaha kaluar ti na eta kepungan lamun geus dijero; emh tangtu wae atuh i Abimanyu cilaka........."

Yudhistira neraskeun cariosna:" Tah akang jeung sakabeh Pasukan maju nuturkeun Abimanyu, tapi barang arek asup ka na lolongkrang nu dijieun ku Abimanyu, Teu btaho kumaha carana Jayadrata kalawan sigep pisan geus nutup eta lolongkrang; atuh Kalua jung sadaya Pahlawan teu bisa asup' malah kadesek ku Jayadrata."

Sterasna Yudhistira oge ngajelaskeun mayit Abimanyu nu tos teu dikenal deui ku lantaran seueurna senjata nu ngarogahala eta Pamuda..............

Jaya bang winga winga.

Arjuna barang nguping eta carita, langsung wae nyorowok mani lantang:"Ana kitu mah pokal nu ngajadikeun Si Abimanyu cilaka teh nyata Jayadrata ! Ulah sambat kaniaya,
isukan beuheung si Jayadrata kudu buntung. lamun Kaula teu bisa maehan Jayadrata isukan; Kaula bakal mati labuh geni nuturkeun anak Kaula Abimanyu !"

Harita keneh geledek ting jeleger, nyakseni ka na sumpahna Dananjaya.

Barang ieu warta sumpah Arjuna nepi ka kemah para Kurawa; Jayadrata mani sepa; ku reuwas jeung sieun; ari Suyudhana harita keneh pesta. Lantaran Perang geus dipastikeun Kurawa nu bakal unggul.

Jayadrata lebet ka kemah suyudhana, teras pamitan bade mulih ka Sindhu.

Enggal Suyudhana ngahalangan Jayadrata bari ngahibur :"Yeuh Jayadrata, urang geus pinasti bakal unggul; Pandawa tanpa Arjuna sarua jeung bohong; jadi lamun sampean balik ka Sindhu atuh teu jadi tah meunang perang teh. Ku sabab eta sumpah Arjuna bakal sah, mun anjeun aya; lamun anjeun euweuh mah, sumpah Arjuna teu laku deui; jadi kameunangan urang bakal batal."

Jayadrata:"Enya na kituna mah; tapi sampeyan apal kapan Arjuna sakitu saktina; Pasukan Trigarta nu sakitu lobana kapan carem ku Arjuna sorangan !"

Suyudhana:" Ih kieu sobat; sampeyan kudu perang tapi teu meunang maju jurit !"

Jayadratta:"Sampeyan mah resep pisan mere teka teki, naon maksudna ku du milu perang, tapi tong maju jurit ? Kapan eta teh sarua wae lain !?"

Suyudhana:"Hehehehe, sampeyan nyaho hiji, tapi teu nyaho kaduana.............
sampeyan milu [erang hartina sampeyan aya diantara balatentara Kurawa; teu milu jurit hartina sing jauh ti pangperangan; jadi aya di medan tapi pangtukangna dijaga ku rebuan pahlawan, moal enya wae Si Arjuna gampang nepi ka sampeyan, malah Kaula wani ngajamin eta teh mustahil pisan. Jadi tong salempang da waktuna ngan ukur POE ISUK ! Bari jeung ngan ukur ka panonpoe SURUP ! Teu lila kapan; tah ku gagalna Arjuna, tangtuu manehna bakal labuh geni; ngagebruskeun dirina sorangan ka na seuneu; tah kapan gampang urang meunang perang !? jeung nu nyababkeun ieu perang meunang, nya jadina sampeyan sorangan ! Sampeyan jadi Pahlawan, jadi teu kudu balik ka Sindhu, maning di dieu wae."

Akhirna Jayadrata nurut oge da kahartieun pisan untung rugina, jeungna deui paeh dimana oge sarua; pan ari di pangperangan mah jadi Ksatriya !

HANCA


 

Rabu, 11 Mei 2011

Bharata Yudha ka-31

 

Saparantos manahna buleud, Abimanyu teras wae maju, teu aya kagimir; atuh ger wae diraponan. Tapi ngan sakilat sakilat Abimanyu mentang2keun jamparingna; puluhan prajurit binasa. Dursasana nu harita aya di dinya kacida keuheul jeung sirikna ka Abimanyu teras wae milu ngaraponan ngepung ka Abimanyu. Abimanyu teu gentar teras ngalayanan Dursasana.

 

"Hahahahaha ! Manyu2X ; poe ieu kapaksa Kaula nyabut nyawa andika, Manyu ! Ulah sambat kaniaya." Dursasana susumbar.

 

"Ah ulah waka gede omong, Paman. Buktikeun heula, yeuh tarima panah ti Kula."

Abimanyu ngawaleran, bari mentangkeun jamparing. Nyata Dursasana kadesek, teu yasa ngalawan Abimanyu; sapada harita dada Dursasana kapanah, teras kapiuhan na karetana; diantep we ku Abimanyu lantaran emut yen Bhima tos sumpah bade ngalediskwun sadaya Putra Drestarastra ku anjeunna nyalira.

 

Lajeng Abimanyu ngayonan deui para Prajurit nu teras ngambreg; Abimanyu estu aya ditengah lautan manusa musuh; tos kinepung buaya mangap. Tapi teu gentar teu sing, malah lambeyna imut, lantaran ngabayangkeun ayeuna anjeunna nuju nandingan Ramana Arjuna; perang nyorangan ngalawan sadaya prajurit musuh.

 

Keur kitu jol Pamuda Kaep Raspati, pujaan para Prajurit Astina. Nya eta Raden Laksamana Mandrakumara, putrana Duryodhana. Barang sumping ladinya; para prajurit sarurak ngabagean Pahlawan Rumaja nu pang kasepna. Terus sadaya pada tibf corowok yen Abimanyu bakal mati lastari ku Laksamana.

 

Enggal wae ieu dua Runaja Putra teh tarung silih panah; nyata Laksmana oge gagah sareng jago panah. Tapi lami2 mah Laksmana teu kiatan akhirna dadana kapanggang ku panah Abimanyu jero pisan; dugi ka ngajungkel ti na karetana; barang diburu, nyata Laksmana tos tiwas. Amarah para Prajurit Astina; ngaramuk bela pati. Abimanyu teras ngalawan bari tetep teger; tos teu kaetang seui nu binasa ku panah Abimanyu.

 

Jaya Bang Winga Winga ! Amarahna Suyudhana kagiri giri; enggal muru ka Abimanyu bari manahan; tapi Abimanyu teras kalem ngalawan; Suyudhana oge kadeek tos ripuh pisan.

Enggal wae Salya ngiring nyerang; Abimanyu ngantunkeun Suyudhana nu enggal dicandak ka nu aman, ku Krepa; ari Abimanyu bari waspada ku kepungan prajurit, teras silih panah sareng Salya Mandaraka.

 

Satadina Prabu Salya rada nganggap enteng ka Abimanyu, tapi barang tos diperangan; nyata Abimanyu punjuling ngapapak,awak manusa tandangna Dewa. Salya kadesek pisan ku Abimanyu; malah tos sababaraha panah narancep kana jasmani Salya; atuh kapaksa Salya oge mundur.

 

Karna masih ragu2 rek maju, lantaran kahiji Abimanyu masih anom keneh; kaduana sosorangan dikepung musuh; asa harianeun ngalawan hiji Pamuda di na kayaan kitu.

 

Keur kitu corowok teh Duryodhana:"Eh sadaya Pahlawan, tong diantep eta si Abimanyu; sok koroyok we, ulah make mikir aturan deui ! Manehna geus maehan anak Kaula Lasmana Mandrakumara ! Kula hayang males pati !"

 

Drona enggal wae nyarios ka Karna, yen mun rek nalukkeun Abimanyu; nu pangheulana nyaeta kudu kusir jeung kudana heula; kakara didinya si Abimanyu lumpuh.

 

Teu tata pasini deui Karna mentangkeun jamparing. Sapada harita sumitra kusir kareya Abimanyu binasa; teras kadali kudana; ath ngan sakedap Abimanyu tiguling ti na karetana. Atuh ayeuna mah Abimanyu teh teu tiasa gerak deui; da kudana tos binasa; kakara bade ngangkat gondewa tos potong dipanah ku Resi Drona. Kakara bade mesat pedang, ieu ge tos parotong dipanah ku Resi Drona.

 

Abimanyu memang tos niat bajoang dugi ka mati; teu sieun teu gimir; teras nyandak roda kareta dianggo cakram ! Tapi bade dibaledogkeun tos amburadul dipanah ku Karna.

Tos kitu Putra Dursasana kadinya manahan dugi ka Abimanyu tigugulitik; salirana tos ranceb ku panah. Teras wae dileyekan ku Putra Dursasana; Abimanyu nu nuju sakarat masih keneh tiasa ngarawel sampean Putra Dursasana atuh der we papuket gelut. Atuh Putra Dursasana teh kageteun pisan cocorowokan tulung2an. Ger wae atuh Abimanyu dironom ku ratusan prajurit. najan sakumaha kuatna oge lami mah Abimanyu teu kiat deui teras lastari ngemasi pati.

 

Sadaya parajurit Astina barungaheun pisan enggal wae sasenjata sasenjatana nojosan Abimanyu nu tos jadi mayit.  Dursasana nu tos jagag deui enggal cocorowokan bari igel2an muter disakuriling mayit Abimanyu. Abimanyu hawato pisan mayitna tos teu puguh rupa deui.

 

HANCA

 

 

Bharata Yudha ka-27na

On Behalf Of Abbas Amin

Duryodhana mimpin pasukan Gajah; dimana ratusan gajah na garalak pating haroeng, matak geumpeur ka sasaha;ieu pasukan teh enggalna megatan kareta Bhima nu bade nuju katempat Yudhistira; barangningali Suyudhana haok wae Bhima sumbar2:"Eh kunyuk suyudhna ! Ti kamari angneangan andika ! Tapi maneh nyumput wae ayeuna aing bakal ngbinasa andika !"

Suyudhana nambalangmani handaruan:"Eh Bhima! Si tukang NYATU jeung lelebok !
Reungeukeunku andika, poe ieu Kaul bakal males pati pikeun adi2 Kaula jeung Pahlawan bu dibinasa ku Kaula. Poe ieu sampean bakal ajur dileyek gajah!"

Bri silh corowok kitu dia phakoge bar ngerahkeunpasukan pikeun silih tumpes ! Itu ieu taya kagimir; estu warani. Bari ngababdan gajah ku gadana nu ageung pisan Bhoma nyorowok:"Heh Manusa laknar ! deuleu yeuh gajah2 ku aing bakal doperenan ! Enke siana soragan ku aing bakal diiles2 gada Kaula !"

Suyudhana bari manahan k Bhima tera gumujeng man ngagakga:" Hahhaaha ! Bhima maneh geus deukut ka kojor, masih leukeun bisa  ngancam sagala!? Hahahahaha !
Ayeuna, poe ieu poepanutup sampean Bhima !"

Bhima bari nakis rabulna panah Suyudhana ku gadana, narah kawon di na debat, terasnyorowok deui:"Panah maneh eung gajah maneh mo bisa maehan Kaula ! Saksikeun sakeudeung deui maneh bakal niban bumi ! Bakal dileyekan ku Kaula !"

Etanupacental cental bari tras perang, nmbihan ramenaieu Perang Bharata Yudha; lami2 gajah teh loba nu sarieuneun teu wani deui nyaketan ka Bhima, ku margi dipaksa ku pawang2na laju ngaramuk; paburisat nincajanpara prajurit Kurawa sareng kuda kreta; atuh kacida reuwasna Suyudhana sareng Pasukanana; lantaran gajah2na tos teu tiasa nurut deui. Malah malah malik ngamik ka pawangna ! Atuh ayeuna mah Suyudhana aya di na kaayaan digempur, kadesek ku Bhima sareng paukanana.

Bhagadatta kagungan gajah saktu Supraptika, saparantos ngamundurkeun Gatotkacha, ningali Suyudhana kadesek, sareng ningal gajah2 ngaramuk teras wae Supraptika dititah nyerbu kadinya.

HANCA

__._,_.___

Bharata Yudha ka - 26

 

Perang poe ka-12na nyata kacida matak ginggiapeun pisan, lantaran campuh pisan ku nu ngaramuk.  Di Beulah Kidul Arjuna tanpa pasukan ngamuk ngalawan Pasukan Trigarta sagemblengna; di Medan sanesna Resi Drona mimpin Pasukan kanggo ngubrak ngabrik formasi padukan Pandawa.

Arjuna nyata ahli perang nu tos kauji; najan nyorangan tapi Dananjaya bisa apal kamana kudu nuju; iraha kudu mengkol; jeung tiba saatna kudu mundur. Di na hal ieu ditunjang ku kaahlian Kresna ngulinkeun kadali; estu sasirilikna teh Arjuna ngan sakilat2 maragatkeun nyawa ratusan sareng rebuan Pasukan Trigarta. Dugi ka seueur nu ting balecir kasieunan; gancang wae Susarma nyorowok, yen maranehna geus sumpah; atuh nu kabur teh kapaksa baralik deui. Nya sasatna didieu mah, Arjuna teh keur nyabutan nyawa Para paqsukan Trigarta; tapi teu bisa kumaha deui kapaksa Arjuna tega.

Ari Drona tos tiasa papayun payun sareng Darmaputra; enggal Darmaputra manahan ka Drona tapi ngan sakilat sakilat ditakis; saterasna mah malah gondewa Yudhistira potong; digentos dipotongkeun deui; Yudhistira estu ripuh pisan. Untung datang Dristadsjumna teras nyerang ka Drona model poe kasabelas; tapi ayeuna mah ngan sakilat pisan, Drestadjumna tos ngajungkel dina karetana, tatu parna; teras wae dibawa kabur ku kusirna. Teras Drona ngangseg deui. Yushistira ngalawan deui; tapi akhirna tos teu nyepeng senjata naon2. Satiajid enggal ngahalangan Drona; tapi ieu ge teu lami teras tewas sareng kuda kareta lan kusirna disikat ku Drona.

Satiajid dibantu ku Wrika salah sahiji Putra Drupada ti Panchala; tapi ieu oge teu mangga pulia tiwas ku Resi Drona. Kabeneran Satanika salah sahiki Putra Prabu Naespati muru rek nulungan Yudhistira; tapi ieu ge teu lami teras tiwas. Raja Katama, sakutu Pandawa datang sareng karetana rek bela ka Yudhistira; tapi ieu oge tiowas ku Resi Drona. Washudana sobat Raja Katama bela pati; tapi lain tiasa males malah ku gempuran Drona, akhirna tewas oge.

Yu8dhamanyu, Utamauyas, Satyaki jeung Srikandhi ngaburkeun kudana nyaketan sareng megat Resi Drona nu bade nangkep Yudhistira; teras ngoroyok Resi Drona; tapi Drona tenang we; malah males nyerang ka ieu Pahlawan opat. Nu Opatan raripuheun pisan. Enyaan Resi Drona nu baheulana ngaran Bambang Kombayana teh kacida saktina; teu bisa dilawan ku Pahlawan sambarangan.

Suyudhana bingaheun pisan ningal ketakna Resi Drona, teras nyarios ka Karna nu teras aya caket anjeunna:"Tingali ku sampeyan Raja Angga, Karna. Tuh yeuna ma sigana Pandawa bakal bisa ditalukeun."

Karna nambalang:"Moal .......... Pandawa moal bisa ditalukeun kitu wae; kabeh Pahlawan Pandawa daraek ngorbankeun nyawa; lila2 mah Resi Drona bakal capeeun sorangan, Sok ayeuna mah ku sampeyan bantu; tuh Bhima Gatotkacha geus nuju ka tempat eta.

Suyudhana gancangna mimpin pasukan gajah ngepung Bhima nu rek ngaraponan Drona; atuh der we perang campuh antara pasukan nu dipimpin ku Suyudhana sareng pasukan nu dipimpin ku Bhimasena.

HANCA

__._,_.___

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Selasa, 10 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka-28 na

Gajah2 nu ngaramuk disabetan ku Gajah Supraptika, mani ting jarungkel paraeh harita keneh; memang bener2 sakti ieu gajah teh; weduk teu teurak ku senjata; gajah2 balubar sarieuneun, terus lalumpat ninggalkeun Supraptika nu terus ngamuk ka Bhimasena; kareta Bhima dileyekan dipuntir puntir terus nepi ka gepengna pisan; Bhima rikat luncat ti na kareta terus nyeplos ka na handapeun gajah; nyepeng salah sahiji suku supraktika, bari nyolokan ku RujakPolo; tapi Supraptika teu rengrot2 acan. Gajah Supraptika beuki amarah; terus beuki campuh ngamukna; geus teu tolih Kurawa atawa Pandawa disikat kabeh! Atuh Para Prajurit ti dua pihakanana ngajarauhan tempat Supraptika ngamuk.

Satyaki kaget ningal Bhima tadi na karetana; ayeuna karetana tos gepeng; cek para Prajurit di eta tempat cenah mah Bhima tos tiwas kaleyek Gajah; teras wae Satyaki mayunan eta gajah teras dipanahan' ari Bhima enggal kaluar ti na handapeun Supraktika Gajah nu gede pisan; teras luncat ka na kareta Satyaki; teras sami2 merangan Bhagadatta kalayan gajahna. Tapi duanana teu kiat enggal mundur ti kalangan.

 

Bhagadatta teras ngabasmi pasukan Pandawa dugi ka kucar kacir pisan. Komo gajahna mah, teu aya nu yasa ngahalangan.

 

Arjuna barang uninga yen Bhagadatta ngamuk enggal miwarang Kresna muterkeun karetana nuju ka tempat Bhagadatta; barang kareta Arjuna mengkol disurakan ku Susarma sapasukanana, yen Arjuna KECING, lain satriya. Dananjaya bingung sabab lamun diantep, carem Pasukan Pandawa; tapi mun henteu bakal kasurak ku jalma rea. Keur kitu teh belesur we huji BALISTA ti Susarma nyerang ka Arjuna; atuh kapaksa Arjuna nakis ku gondewana; saterasna males mani nghiung soara panah Arjuna nuju ka Susarma; ngan sakilat eta panah tos megatkeun sirah Susarma; nu binasa sapada harita. Teras deui Arjuna murubutkeun ratusan panah ka Pasukan Trigarta; atuh ku sabab sieun, jeung Susarma tos lastari, sadaya pasukan teh kalabur mani ting balecir ngantunkeun Palagan. Atuh ayeuna mah Arjuna salse, bisa mundur tanpa wiwirang; teras we nuju lir kilat ka tempat gajah Supraptika ngamuk.

 

Yudhistira nu nuju dikepung ku Drona nu bade nyulik, ningal Pasukan Pandawa kacida resakna masih sempet marentah Raja Dasarma, nu oge kagungan gajah sakti. Teras wae Raja Dasarma sareng gajahna ngahalang halang pangamukna Bhagadatta sareng Supraptika; teras du gajah gelut patutunggalan sarua saktina; ari Bhadatta silih panah sareng Dasarma. Tapi lami2 mah gajah Dasarma teu kiat; memang teu aya nu nendengan kasaktian gajah Supraptika; akhirna gajah Raja Dasarma tiwas; kitu Raja Dasarma oge harita lastari kapanggang panah Bhagadatta sareng teras dileyekan gajh Supraptika. Pasukan Raja Dasarma bubar katawuran, resak pisan seueur nu ngemasi pati. 

 

Bhima anu tos istirahat maju deui ngahalang Bhagadatta sareng pasukan Jodipatina; kitu deui teu kantun Satyaki sareng Pasukan Lesanpurana,ngagempur Bhagadatta sareng Pasukan Trajutisna na; bari tunggang gajah sakti Suparaptika.

 

Raja sepuh Bhagadatta, sanajan tos sepuh pisan; halis tos barodas sadaya sareng ngarumbay ka na socana; ku margi sakitu Bhagadatta teras nganggo pita beureum kanggo ngahalang halisna nu ngarumbay ngahalang pangawas tapi najan diserang ku dua Pahlawan Pandawa, teu mundur ti na kalangan ; malahan leuwih teger ngalawan Satyaki sareng Bhima.

 

Nyata Bhagadatta najan tos sepuh, gagah sakti mandraguna; pasukan Lesanpura sareng Jodipati burak barik diamuk ku Bhagadatta sareng gajahna. Satyaki sareng Bhimasena kapaksa mundur ti na kalangan jurit.

 

Untung Dananjaya tos dugi ka dinya; atuh der wae perang ragot antawis Bhagadatta ( Boma Narakasura ) lawan Permadi; teu lami ti eta Arjuna tos tiasa ngancurkeun tameng nu nutupan beungeu jeung sirah gajah ! Atuh ayeuna mah eta gajah teh teu sakti deui teras wae dipanah deui; persis keuna pisan ka na moncongna nu memang permatina pisan; eta gajah Supraktika sajongjonan siga nu kaget; nangtung ngajengjen; saterusna ngagubrag ka na lemah. Atuh para Pasukan Pandawa kacida barungahna; surak pating jarerit ku atoh2na Musuh kuat bisa dibinasa.

 

Jaya Bang winga winga. marahna Bhagadatta kagiri giri enggal nyabut pedang kanggo nelasan Arjuna; tapi ngan sakilat ieu pedang kantun gagangna wungkul; tos diremukkeun ku panah Arjuna.

 

Saterasna Arjuna mentangkeun panah bari ngajiad, teras nyarios kawan nu ngaharewos:"Eh, Bhagadatta, tenjo sakali deui ieu dunya sabab ieu waktu saatna panungtungan keur andika; enggal panah tos ngabelesur keuna pisan ka na pita nu dianggo ku Bhagadatta; atuh harita keneh alisna ngarumbay ka payun nutupan socana. Bhagadatta samar rampa. Nyata Arjuna apal pisan ka na sagala kalemahan Bhagadatta;

paingan atuh ti kamari Bhagadatta teu wanieun maju da rada gimir ku Arjuna; bungah lantaran tugasna ngan ukur megatan Gatotkacha. Ari ayeuna ku sabab Arjuna keur dipancing ku Susarma, Bhagadatta wantun maju ka medan ngamuk ka para pasukan Pandawa; tapi akhirna kudu oge tepung tarung sareng Arjuna, Ku margi tos teu aya deui senjata, Bhagadatta emut ka na pecut wasiat; teras wae ngajampe ku mantra Bhatara wisnu eta pecut dialungkeun sakeunana; da eta pecut teh bakal nuju ka lawan, masing teu katingal oge!

 

Tapi Bhagadatta teu sadar yen nu nuju dipayunan teh WISNU sajati. Kresna lan Arjuna; Kresna enggal ngajampe ku mantra Wisnu oge; atuh eta pecut teh cambal pisan; teu iasa nelasan Arjuna. Barang Bhagadatta nuju bingung belesat wae hiji panah nu make mata pedang ngabeulah dadana; harita keneh eta Pahlawan sepuh teh niban lemah lastari ngemasi pati.

 

HANCA