Rabu, 18 Mei 2011

FW: Bharata Yudha - ka 36

 

Nu ieu rada sesah, nyarioskeunana; tapi bade dicobian wae, manawi ktampi.

Senapati Agung Drona maju ka medan, ngalaksanakeun tugas bade nangkep Yudhistira, saparantosna Arjuna lolos, nu memang dihaja, supados anjeunna tiasa salse nangkep Yudhistira, da upami aya Arjuna mah pamohalan pisan. Tapi memng Para Pahlawan Pandawa sanajan teu aya Arjuna oge, sadayana warani toh pati jiwa raga; leres ari kasaktian mah sahandeupan Guru Agung Drona; tapi teu aya hiji ge Pahlawan Pandawa nu jicir.

Waktosna Arjunaa majeng kapayun kanggo nelasan Jayadrata; di Medan salingkungeun Yudhistira tos dikepung wakul buaya mangap ku Resi Drona miwah Pasukanana. Najan Drona mung nyalira teu disarengan ku pahlawan sanesna, tapi estu Resi Drona punjuling ngapapak; sadaya pahlawan Pandawa nu wantun maju pasti ngan sakedet netra paragat, putus umur.

Ayeunaa nu majeng ngahalaangan ka Senapati Agung Kurawa, nyata Dristadjumna, Senapati Agung Pandawa. Dristadjumna teh salian ti ahli panah, oge ahli naek Kuda; atuh di naperaang ngalawan Drona tah anjeunna luluncatan, ti na kareta teraas ka na Kudana; tos kitu malah naek di na kadalina pisan; jadi rada sesah Resi drona manaah ka Dristadjumna; laantaaran kesit pisan luluncatanana; tapi akhirna hiji dua panah Drona tos narancep di na jasmani Dristadjumnaa; akhirna Dristadjumna kateteran; hiji panah ti Drona nu ketakna lir Bambang Kombayana nuju pamuda tos nancep jero pisan ka na dada Dristadjumna; atuh ngaajungkel na karetana, kapidara; barang bade ditelasan ku Orona; rikat para pahlawan sanesna nulungan Dristadjumna ka kemah tempat istirahat; Satyaki nulungan Dristadjumna ku manahan Drona ti gigir.

Enggalna wae Drona sareng Satyaki atos tarung silih panah  ; duanana estu ahli panah sareng tukang tarung patutunggalan. Drona ngaraos repot ku Satyaki; Satyaaki teras neken posisi Drona. Wah geuningan teu sangka ieu satyaaki sakieu gagahna, pantess mun disajarkeun jeung kelas Bhisma, Arjuna, jeung Karna. Enyaan jago yeuh Satyaki teh. Kitu gerentes manah Resi Drona.

Perang antawis Resi drona sareng Satyaki, lami oge; tapi sanajan Satyaki memang ahli panaah; tapi kawon di naa gentur tapaana ku Resi Drona; Resi Dron mah Luhung Elmu Panemu, Jampe Pamke, Aji Jaya Kawijayan; sadayana nyampak; nu mawi teu aya katingal cape ataanapi lesu; sabalikna Satyaki, lami2 mah ngaaraoss lungsse; eta hartosna kawon di na jaampe pamake.Drona tambah gagah sareng galak, ari satyaki; tos lesu pisan. Enggalnaa bae Bhimasena majeng kapayun maledog ku hiji gada ka kareta Drona nu burakrakan sapada harita; enggal Bhima nyandak satyaki supados istirahat.
Ari Resi Drona ngagentos karetana baari teras nyerang deui; nyaketan ka Yudhistira; tapi teras dihalngan ku Pahlawan2 sanesna; nu akhirna jaadi korban panaah Bambaang Kombayana/Resi Drona.

Persis waktuna Satyaki nembe ge istirahat, sami waktosna sareng Brehadrata lastari. Kreshna niup Tarompet Pancaadnyaana Kresna; ari arjuna, nuju rusuh ngburu waktu teu ngajeleterkeun Gandiwana !?

atuh Yudhistira kaget pisan; e eh ku naon Kresna niup trompet Keong Pancadnyana, tapi dibarengan ku ngajeleterna gondewa Arjuna nu kasohor tea ? Boa2 Arjuna cilaka yeuh ? Terus Kresna nekad milu perang; padaahaal tos sumpaah moal milu perang? aduh bahaya ? Kitu manah Yudhistira. Enggal wae Yudhistira miwarang Satyaki nu nuju istirahat supados nyusul Arjuna.Kapan cenah Satyaki teh kapercayaan Arjuna? Piraku Arjuna rek diantep ayeuna cilaka ?"


Satyaki nimbalan:"yeu Sang Prabu Yudhistira, naon anu teu dilaakukeun ku Satyaki pikeun bebela ka Pandawa ? Tapi di na haal ieu Kaula Yakin, yen Arjuna teu naon2; Kula yakin kakuatan Jayadrata sareng Pasukan nu ngabentenganana moal aya sapersapuluh kakuatan Arjuna nyorangan, jadi Sang Prabu ulah gimir, ulah waswas."

Prabu Yudhistira:"Eh Satyaki, tong ngantep Arjuna sampean, sampean teh sobat sajati arjuna; yeuna Arjuna cilaka; gancang geura tulungan. Kaula ngadenge jelaspisan Taropet Keong Pancadnyana nu Kresna; tapi teu dibarengan ku Jeleterna Gondewa Arjuna ! naon haartina/ Mungkin oge Arjunaa keur dikepung wakul buaya maangap; mangkaaning diditu kapaan aya Karna, Aswatama. Kripa jeun nu sejenna."

Satyaki:"Tapi samemeh maju ka medan tadi isuk2 Kresna jeung Arjuna tos ngawanti wanti ka Kaula supaya ulaah ninggalkeun sampean; jadi lain Kula rek nambalang; tapi Kula inget ka na wanti2 et; kalawan Kula oge yakin ka na kagagahan Arjuna."

Yudhistira:"Jung satyaki inidit, diidinan pisan ku Kaula; ieu leuwih penting ti batan melaan Kaula ; sok we maju."

Nya atuh ari kitu mah kapaksa Kaula bakal nyusul kaditu, andon doa bae. "Eh Bratasena, ulah taledor,jaga Darma Putra."


HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar