Senin, 23 Mei 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka-39

 

Waktos Burisrawa ningali Satyaki nyaketan ka Medan Perang caket Arjuna, nyel wae Burisrawa keuheul, ijid, cua, margi emut ka na pacengkadan dua kulawarga. Napuna ngagugudug, lir ibarat seuneu nu hurung disiram ku bengsin; Burisrawa nu tos kacida sepuhna teras wae nangtang ka Satyaki:" Hey Satyaki  ! maneh teh sombong, gese hulu! ngarasa aing pangjagona ! Ngrasa lalaki langit lalanang jagat, tanpa tandingan! Didieu ayeuna sok buktikeun kagagahan sampean. Pinasti poe ieu andika tiwas ku Kaula ! Geus lila pisan Kaula nunggu2 patemon jeung sampean teh; ayeuna angen2 Kula teh kalaksanakeun; ieu leungeun Kaula geus teu sabar hayang nyabut nyawa andika, Satyaki !"

Satyaki nguping panangtang Burisrawa teh, kalem we, teu reuwas teu gimir; malah teras we ngantosan Burisrawa nu nuju nyarios, saparantos tutas Burisrawa ngaluarkeun unek2na, kajeng wae Satyaki ngawaleran:" Ieuh Burisrawa ! Tong loba bacot sampean; lantaran euweuh gunana sama sakali! Bacot mah teu bisa nangtukeun kabisa hiji manusa. Jeung teu bisa andika ngancam ka hiji jelema nu geus siap arek tarung, jadi sok we buktikeun, entong loba ngimpi jeung ngalindur sampean !"

Atuh Burisrawa tos teu tahan deui, teras wae ngagempur Satyaki; nu dilayanan ku Satyaki; atuh der wae duanana silih panah, silih tumbak ti na karetana masing2; akhirna ku margi unana sami2 napsu, atuh dua kareta nu tarung teh di8adu; mani ngajeleger sorana. Atuh dia kareta sami2 ancur; kuda2 oge hondewa masing tos parotong; duanana sami2 teu naek kareta deui; teras wae maresat pedang; sareng nyiapkeun tameng. Ger we duanana silih sabet ku pedang. Duanana memang sami2 jagoan; teu aya nu daek mundur hiji ge; duanana sami2 galak, sareng garang; atuh enyaan ieu tarung teh rame pisan.

Lami2 ku keras2na ieu nu tarung, akhirna tameng sareng pedang pada parotong; geus teu tolih pedang, ger we gelut silih sered, sikih banting. Hebat Burisrawa sakitu tos sepuh, teu katinga; cape; malahan tambih gagah tambih sumanget. Sabalikna Satyaki najan masih anom keneh dibanding Burisrawa; tapi tadina ge anjeunna tos cape pisan perang sareng Drona; atuh ayeuna teh Satayaki kadya kapuk kaibunan, lami2 teu kiat ngalawan; anjeunna tos teu daya teu upaya deui.

Kresna bari ngusiran kareta Arjuna, meus2 ngalieuk ka tempat Satyaki nu nuju bitotama sareng Burisrawa; anjeunna kalintang bingungba; lajeng wae ngemutan ka Arjuna:"
Dananjaya ! Tempo itu Satyaki geus teu aya daya upaya deui, rek sitelasan ku Burisrawa.
Satyaki datangka ieu Medan, lantaran rek ngabantu sampeyan. Tapi ditangtang kuBurisrawa, atuh kapaksa, siap teu siap Satyaki ngalawan! Mun diantep manehna pasti lastari ngemasi pati!"

Arjuna teu ngawaro cariosan Kresna teras we merangan Jayadrata, Aswatama, Kripa sareng nu sanesna; ari Kresna ayeuna mah teu malire deui ka ma kadali, terus we melong ka twmpat Burisrawa sareng Satyaki jogol.

Kresna ningali Burisrawa ngangkat Satyaki, terus dibantingkeun tarik pisan, Satyaki tos teu emut naon2 deui. Saterasna dikekesek, digugusur ku Burisrawa.

Kresna enggal neken deui ka Arjuna:"Satyaki teh Pahlawan petingan ti Bangsa Wrisni.
Datangna kadieu ka Kurusetra kantaran rek ngabela hak2 Pandawa. Ayeuna Satyaki rek dipaehan hareupeun irung sampean pisan, naha rek diantep, Partha ?!"

HANCA

__._,_.___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar