Selasa, 10 Mei 2011

Bharata Yudha ka-29

From: Abbas Amin

 

Basa Bhagadatta ditelasan ku Arjuna waktosna tos burit pisan; harita ditempat sanesna Resi Drona teras ngadesek Para Pasukan Pandawa; Yudhistira tos teu walakaya deui ngajungkel kapiuhan di na karetana; diburu ku Resi Drona bade dicangkalak; Para Prajuing pating corowok:"Arjuna ! Bhagadatta geus tiwas ku Arjuna ! ieu Drona rek nangkep Yudhistira!"

 

Bagawan Drona kalintang reuwasna nguping kitu teh; culang cileung bisi aya Arjuna datang ka eta tempat. mun teu sayaga bisa bahaya. Dina tempo nu ngan sakiceup eta para prajurit enggal nyandak Yudhistira nu teu walakaya diungsikeun ka kemahna. Ti katebihan katingal kareta Arjuna nyuruntul kadieujkeun. Drona kacida hanjeluna; lantaran nangkep Yudhistira gagal deui; ayeuna Arjuna datang katempatna; barang bade siap tarung deui sareng Arjuna; tarompet disada tanda perrang poe ieu ditutup; da panonpoe tos surup.

 

Di kemah Senapati Agung, limaan ngayakeun pagunemananu rada heuras jeung kasar.

 

Nyata eta nu galuntreng teh Drona, Duryodhana, Sakuni. Karna, lan Dursasana.

 

Suyudhana bari emosi nunjuk ka Senapati Agung Drona:"Eh Paman ! Tadina Kula yakin pisan, yen poe ieu Yudhistira bakal bisa katangkep! Kula yakin pisan, jeung memang kabuktian sampeyan hasil ngadesek jeung ngajadikeun Yudhistira ambruk na karetana; kunaon paman ragu2 teu tuluy ditangkep!? Padahal tinggal sakali luncat ka kareta Yudhistira; eta si Darma Putra teh tangtu kacangking ku urang !? Naha sampeyan kaciri ragu2, bangun embung nangkep Yudhistira !? Kaula hayang ulah aya korban deui, eh malahan Susarma binasa; kitu deui andelan urang sarerea Bhagadatta palastra ! Cik omongan naon deui ti sampeyan di na kajadian ieu ! kula hayang nyaho ?"

 

Resi Drona kacida amarah sareng mentegegna ku sadaya cariosan Pangeran Duryodhana nu sakitu kasar garihalna, tur teu aya basa hormat saeutik eutik acan; enggalna matur:" Ieuh,

Pangeran Duryodhana, Kula satekah polah geus usaha pikeun ngalaksanakeun parentah sampeyan, pikeun kajayaan sampeyan ! Pahlawan2 Pandawa poe ieu loba nu binasa ku Kaula; teu saeutik nu tatu jeung malabur; tapi tadi aya nu nyorowok yen Arjuna datang; jadi Kaula kudu waspada; mun gagabah tangtu Kula binasa; lantaran Arjuna teu bisa dibandingkeun jeung Drestadjumna, Srikandhi, upamana. Jadi Kula teu meunang gagabah; tah eta sababna Kula gagal tadi. Bhagadatta tiwas; nya wajar we eta bebela ka sampeyan; tapi ngalawan Arjuna memang lain pantarna. Matakna Kula ge teu bisa gagabah. Tapi Kula ge hayang apal naon atuh sajatina untungna nangjkep Yudhistira teh? Kapan geus jelas urang keur silih paehan? Ti dua pihak loba Pahlawan nu geus tiwas. Engke kumaha tannggung jawab sampeyan ka Para Raja, mun Nagara teh saterusna dipasrahkeun ka Pandawa? Meureun loba nu kukulutus, korban geus loba akhirna Indraprasta dipasrahjkeun oge ?"

 

"Hahahahaha, Paman,,,,,,,,,,,,,,,,,,,, Paman................ yeuh, lamun Yudhistira dibinasa, tangtu nu sejenna adi adina bakal leuwih garalak deui ngaramukna. Tapi mun ku urang ditangkep, terus diajak badami; tinangtu adi2na bakal nurut; tah saterusna Indraprasta dipulangkeun ka maranehna. Sanggeusna kitu ku Kaula bakal diundang deui, saperti baheula terus bakal diajak maen DADU deui ku Paman Sakuni; pan beres tah. Indraprasta bakal karebut deui; Pandawa bakal leuleuweungan deui ! Hahahahaha ! Tah kitu Paman Drona ! Da moal aya nu bisa ngalawan ka na kajagoan Paman Sakuni maen dadu!"

 

Drona sajongjonan mah olohok we; ngarasa hanjakal yen anjeunna tos percanten ka na cariosan Suyudhana rek mikeun nagara ka Pandawa; padahal mah BOHONG ! Wah tapi sahenteu henteuna Kaula teu kudu nelasan para Pandawa; da masing kalah kumaha oge, ari kanuaah mah tetep ka Pandawa; utamana nya ka Arjuna. Saparantos ngahuleng kitu enggal wae Resi Drona ngandika:" Nangkep Yudhistira mah perkara gampang; tapi salila Dananjaya aya didinya; urang moal bisa nangkep Yudhistira. Tetep kudu aya strategi pikeun misahkeun Arjuna ti Pandawa sejenna; geus dicoba; isuk urang usahakeun deui. Najan Susarma geus lastari; tapi dulur2na masih aya, jeung hayang males pati ka Arjuna; tah sumpah samsaptaka bakal dicoba deui isuk!"

 

Terus Drona ngangkat pananganana tanda tamu2na kedah enggal kaluar, lantaran anjeunna bade istirahat. Kanggo mimpin pasukan poe ka 13.

 

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar