Selasa, 31 Mei 2011

FW: Bharata Yudha 48

 

Suyudhana enggal ngabageakeun Karna; ieu dua Raja sobat dalit teh silih rangkul; tos kitu kakara Karna matur:"Dulur Kula Prabu Anom Duryodhana, Tadi Kaula ningal si Gatotkacha anak Bhimasena keur ngamuk; naha diantep wae ku Resi Drona !?"

Suyudhana:"Tah nya eta pisan, nu matak smpeyan diangkir ka dieu teh. Sabab Resi Drona geus angkat tangan, ngarasa teu sanggup cenah ngalawan Gatotkacha !"

Karna:"Eeee  ladalah ! Sampeyan teh Maha Senapati Kurawa/Astina. Teu pantes sampeyan ngomong saperti kitu !"

Drona:" Ke heula anan Karna, Ulah sok wara nuduh atawa nyindiran Kaula. Si Gtotkacha teh mun beurang mah, teu gagah teu sing; biasa we. Tapi lamun perang peuting, kasaktianana naek 10X lipet; lain bantrak2keun;  Tah Kula nyaho, sampeyan Karna boga 4 Siluman Petingan nu sok ngabantu lamun sampeyan perang waktu naluk2eun raja2 laleutik, nepi ka Indraprasta jadi gede pisan; kapan sampeyan ari perang sok unggul wae! Kitu lain !?"

Karna:"Ah sabenerna mah Kula teu perlu ngagunakeun 4 Siluman. Kula sorangan ge masih sanggup nalukeun nagara2 eta teh; ieu mah ngarah gancang we atuh."

Drona:"Euh kitu !? tah ku sabab kitu, sampeyan hiji2na Pahlawan nu bisa nandingan Gatotkacha jeung Pasukanana. Kula Senapati Afung, ayeuna marentah ka sampeyan kudu ngalawan Gatotkacha; mun bisa mah paehan sakalian !"

Karna:" He he he  masing sampeyan lain Senapati Agung ge, tetep Kaula bakal maju; sabab Kaula memang hayang ngabela sobat Kula Prabu Anom Suyudhana !"

Karna enggal wae sila Yoga, teras ngawatek ajian nu dipasihan ku Bhatara Surya; enggalna wae aya haseup hideung ngelun harita keneh payuneun Karna; teras eta haseup hideung teh ngabagi jadi 4\ saterasna jleg wae 4 Siluman nu jangkung gede ting jungkiring; laju nyembah ka Karna.

Enggal Karna marentah ka eta 4 Siluman:"Eh Lembusana' Kala Srenggi; Kala Murka; lan Kala Wening; tuh tenjo aya Pasukan Siluman keur ngabinasa Pasukan Astina; jung kaituhlayanan ! Kula bakal nuturkeun ti kajauhan di na kareta !"

Saterasna ti katebihan keneh Kresna nyorowok ka Para Pasukan Kurawa; supaya enggal mundur sapungkurun kareta Karna; atuh burudul sesa Pasukan Kurawa murudul lumpat ka satukangeun Karna; ari Para Prajurit Pringgandhani dipegatan ku 4 Siluman nu sarakti; atuh harita ting parecleng ting jarerit Pasukan Pringgandhani, loba nu binasa sapada harita. Pasukan Kurawa nu saralamet aya satukangeun kareta Karna, ayeuna mah awas ningali Gatotkacha sareng Pasukanana; kabeh Pasukan Kurawa/Astina ting birigidig ningal jirim nu sakitu garilana.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar