Jumat, 13 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka -32

 

From: Abbas Amin

 

Arjuna di na poe ka tiluwelas, leres2 merangan Pasukan Trigarta; atuh sadaya pasukan Trigarta ledis teu disesakeun hiji2 acan. Memang leres2 Arjuna Sakti Mandraguna totosan bojana kulit; estu punjuling ngapapak. Paingan seeur nu gimir upami mayunan Arjuna. Tapi saparantos perang ragot kitu, Arjuna duka ku naon asa lalewang hate, asa teu puguh rarasaan, teras wae nyarios ka Kresna:" Kresna, kunaon ieu parasaan Kaula teu ngareunah rasa pisan...............  naon nya kila2na ? Boa2 kakang Yudhistira ditangkep ku Guru !?"

Kresna ngahibur Arjuna:"Ah ulah dipikirkeun teuing Permadi, da kapan nu ngajaraga DarmaPutra sakitu rongkahna ? Para Pahlawan nu tos pada kasohor jago perang ? Piraku sugan gampang katangkep onaman ?"

Arjuna;' Enya ari kituna mah, tapi ieu hate jeung tasa sok tara ngabobodo, aya naon yeuh ? Jeungna deui urang ayeuna geus deukeut pisan ka tempat kemah ueang, naha Angkawijaya teu kaluar ngabageakeun? Kapan biasana mah manehna kaluar ngabageakeun urang tos perang? Ayeuna kamana eta anak Kaua ?"

Arjuna oge ningali pasemon Para prajurit nu sedih kingkin, aya naon yeuh ? Teras wae Arjuna nyampeurkeun ka kumpulan prajurit, nu saterasna eta para prajurit kalah ka nyarembah, terus careurik ningal Arjuna. Arjuna bingug pisan, enggalna wae lebet ka kemah utama, vade nepangan Yudhistira. Barang jol katingal pasemon sadaya nu aya di dinya alum pisan ; barang ningal Arjuna; Yudhistira enggal muru sareng ngarangkul ka Arjuna, teras nangis hujan cimata; Arjuna ngan olohok wae ningal polah Yudhistira sakitu. Bhima oge nu sok biasa gagah, tur teu malire naon2 harita mah katingal ngeluk tungkul teu kersa ngangkat sareng neuteu p ka Arjuna.

Arjuna teg we yen aya kajadian nu tumiba ka Putrana Abimanyu; enggal wae nyarios lantang pisan:"Eh dimana anak Kaula, Abimanyu ? Geuning teu aya di na pasamoan ? Naha geus cilaka ? Kunaon atuh diarantep lain ditulungan ?!"

Yudhistira saparantos nyusutan cisoca enggal ngandika:"Duuuh, Rayi Arjuna, bener pisan poe ieu teh Abimanyu cilaka; nu salah mah nya Kakang, pek we sampeyan rek ngahukum kakang; akang narima."

Arjuna:"Ke, ke, ke,  ke heula anan soal kasalahan mah, eta nomer dua; kumaha kajadianana nepi ka Abimanyu diarantep kitu? Nepi ka cilaka ?!"

Yudhistira enggal matur:"Yayi mimitina mah, Resi Drona teh biasa we teu make formasi naon2; tapi barang yayi maju ka kidul kanggo perang sareng Pasukan Trigarta; Guru Drona lajeng ngaluarkeun Formasi "Kembang Tarate" !"

Arjuna:"Kembang Tarate? Atuh bahaya pisan...............  tangtu diantara Pahlawan sadaya teu aya nu bisa nembus eta Formasi , nya > Hiji2na nu bisa ngan ukur anak Kula Abimanyu ! Tapi manehna can kungsi ku Kula diajarkeun kumaha kaluar ti na eta kepungan lamun geus dijero; emh tangtu wae atuh i Abimanyu cilaka........."

Yudhistira neraskeun cariosna:" Tah akang jeung sakabeh Pasukan maju nuturkeun Abimanyu, tapi barang arek asup ka na lolongkrang nu dijieun ku Abimanyu, Teu btaho kumaha carana Jayadrata kalawan sigep pisan geus nutup eta lolongkrang; atuh Kalua jung sadaya Pahlawan teu bisa asup' malah kadesek ku Jayadrata."

Sterasna Yudhistira oge ngajelaskeun mayit Abimanyu nu tos teu dikenal deui ku lantaran seueurna senjata nu ngarogahala eta Pamuda..............

Jaya bang winga winga.

Arjuna barang nguping eta carita, langsung wae nyorowok mani lantang:"Ana kitu mah pokal nu ngajadikeun Si Abimanyu cilaka teh nyata Jayadrata ! Ulah sambat kaniaya,
isukan beuheung si Jayadrata kudu buntung. lamun Kaula teu bisa maehan Jayadrata isukan; Kaula bakal mati labuh geni nuturkeun anak Kaula Abimanyu !"

Harita keneh geledek ting jeleger, nyakseni ka na sumpahna Dananjaya.

Barang ieu warta sumpah Arjuna nepi ka kemah para Kurawa; Jayadrata mani sepa; ku reuwas jeung sieun; ari Suyudhana harita keneh pesta. Lantaran Perang geus dipastikeun Kurawa nu bakal unggul.

Jayadrata lebet ka kemah suyudhana, teras pamitan bade mulih ka Sindhu.

Enggal Suyudhana ngahalangan Jayadrata bari ngahibur :"Yeuh Jayadrata, urang geus pinasti bakal unggul; Pandawa tanpa Arjuna sarua jeung bohong; jadi lamun sampean balik ka Sindhu atuh teu jadi tah meunang perang teh. Ku sabab eta sumpah Arjuna bakal sah, mun anjeun aya; lamun anjeun euweuh mah, sumpah Arjuna teu laku deui; jadi kameunangan urang bakal batal."

Jayadrata:"Enya na kituna mah; tapi sampeyan apal kapan Arjuna sakitu saktina; Pasukan Trigarta nu sakitu lobana kapan carem ku Arjuna sorangan !"

Suyudhana:" Ih kieu sobat; sampeyan kudu perang tapi teu meunang maju jurit !"

Jayadratta:"Sampeyan mah resep pisan mere teka teki, naon maksudna ku du milu perang, tapi tong maju jurit ? Kapan eta teh sarua wae lain !?"

Suyudhana:"Hehehehe, sampeyan nyaho hiji, tapi teu nyaho kaduana.............
sampeyan milu [erang hartina sampeyan aya diantara balatentara Kurawa; teu milu jurit hartina sing jauh ti pangperangan; jadi aya di medan tapi pangtukangna dijaga ku rebuan pahlawan, moal enya wae Si Arjuna gampang nepi ka sampeyan, malah Kaula wani ngajamin eta teh mustahil pisan. Jadi tong salempang da waktuna ngan ukur POE ISUK ! Bari jeung ngan ukur ka panonpoe SURUP ! Teu lila kapan; tah ku gagalna Arjuna, tangtuu manehna bakal labuh geni; ngagebruskeun dirina sorangan ka na seuneu; tah kapan gampang urang meunang perang !? jeung nu nyababkeun ieu perang meunang, nya jadina sampeyan sorangan ! Sampeyan jadi Pahlawan, jadi teu kudu balik ka Sindhu, maning di dieu wae."

Akhirna Jayadrata nurut oge da kahartieun pisan untung rugina, jeungna deui paeh dimana oge sarua; pan ari di pangperangan mah jadi Ksatriya !

HANCA


 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar