Selasa, 10 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka-28 na

Gajah2 nu ngaramuk disabetan ku Gajah Supraptika, mani ting jarungkel paraeh harita keneh; memang bener2 sakti ieu gajah teh; weduk teu teurak ku senjata; gajah2 balubar sarieuneun, terus lalumpat ninggalkeun Supraptika nu terus ngamuk ka Bhimasena; kareta Bhima dileyekan dipuntir puntir terus nepi ka gepengna pisan; Bhima rikat luncat ti na kareta terus nyeplos ka na handapeun gajah; nyepeng salah sahiji suku supraktika, bari nyolokan ku RujakPolo; tapi Supraptika teu rengrot2 acan. Gajah Supraptika beuki amarah; terus beuki campuh ngamukna; geus teu tolih Kurawa atawa Pandawa disikat kabeh! Atuh Para Prajurit ti dua pihakanana ngajarauhan tempat Supraptika ngamuk.

Satyaki kaget ningal Bhima tadi na karetana; ayeuna karetana tos gepeng; cek para Prajurit di eta tempat cenah mah Bhima tos tiwas kaleyek Gajah; teras wae Satyaki mayunan eta gajah teras dipanahan' ari Bhima enggal kaluar ti na handapeun Supraktika Gajah nu gede pisan; teras luncat ka na kareta Satyaki; teras sami2 merangan Bhagadatta kalayan gajahna. Tapi duanana teu kiat enggal mundur ti kalangan.

 

Bhagadatta teras ngabasmi pasukan Pandawa dugi ka kucar kacir pisan. Komo gajahna mah, teu aya nu yasa ngahalangan.

 

Arjuna barang uninga yen Bhagadatta ngamuk enggal miwarang Kresna muterkeun karetana nuju ka tempat Bhagadatta; barang kareta Arjuna mengkol disurakan ku Susarma sapasukanana, yen Arjuna KECING, lain satriya. Dananjaya bingung sabab lamun diantep, carem Pasukan Pandawa; tapi mun henteu bakal kasurak ku jalma rea. Keur kitu teh belesur we huji BALISTA ti Susarma nyerang ka Arjuna; atuh kapaksa Arjuna nakis ku gondewana; saterasna males mani nghiung soara panah Arjuna nuju ka Susarma; ngan sakilat eta panah tos megatkeun sirah Susarma; nu binasa sapada harita. Teras deui Arjuna murubutkeun ratusan panah ka Pasukan Trigarta; atuh ku sabab sieun, jeung Susarma tos lastari, sadaya pasukan teh kalabur mani ting balecir ngantunkeun Palagan. Atuh ayeuna mah Arjuna salse, bisa mundur tanpa wiwirang; teras we nuju lir kilat ka tempat gajah Supraptika ngamuk.

 

Yudhistira nu nuju dikepung ku Drona nu bade nyulik, ningal Pasukan Pandawa kacida resakna masih sempet marentah Raja Dasarma, nu oge kagungan gajah sakti. Teras wae Raja Dasarma sareng gajahna ngahalang halang pangamukna Bhagadatta sareng Supraptika; teras du gajah gelut patutunggalan sarua saktina; ari Bhadatta silih panah sareng Dasarma. Tapi lami2 mah gajah Dasarma teu kiat; memang teu aya nu nendengan kasaktian gajah Supraptika; akhirna gajah Raja Dasarma tiwas; kitu Raja Dasarma oge harita lastari kapanggang panah Bhagadatta sareng teras dileyekan gajh Supraptika. Pasukan Raja Dasarma bubar katawuran, resak pisan seueur nu ngemasi pati. 

 

Bhima anu tos istirahat maju deui ngahalang Bhagadatta sareng pasukan Jodipatina; kitu deui teu kantun Satyaki sareng Pasukan Lesanpurana,ngagempur Bhagadatta sareng Pasukan Trajutisna na; bari tunggang gajah sakti Suparaptika.

 

Raja sepuh Bhagadatta, sanajan tos sepuh pisan; halis tos barodas sadaya sareng ngarumbay ka na socana; ku margi sakitu Bhagadatta teras nganggo pita beureum kanggo ngahalang halisna nu ngarumbay ngahalang pangawas tapi najan diserang ku dua Pahlawan Pandawa, teu mundur ti na kalangan ; malahan leuwih teger ngalawan Satyaki sareng Bhima.

 

Nyata Bhagadatta najan tos sepuh, gagah sakti mandraguna; pasukan Lesanpura sareng Jodipati burak barik diamuk ku Bhagadatta sareng gajahna. Satyaki sareng Bhimasena kapaksa mundur ti na kalangan jurit.

 

Untung Dananjaya tos dugi ka dinya; atuh der wae perang ragot antawis Bhagadatta ( Boma Narakasura ) lawan Permadi; teu lami ti eta Arjuna tos tiasa ngancurkeun tameng nu nutupan beungeu jeung sirah gajah ! Atuh ayeuna mah eta gajah teh teu sakti deui teras wae dipanah deui; persis keuna pisan ka na moncongna nu memang permatina pisan; eta gajah Supraktika sajongjonan siga nu kaget; nangtung ngajengjen; saterusna ngagubrag ka na lemah. Atuh para Pasukan Pandawa kacida barungahna; surak pating jarerit ku atoh2na Musuh kuat bisa dibinasa.

 

Jaya Bang winga winga. marahna Bhagadatta kagiri giri enggal nyabut pedang kanggo nelasan Arjuna; tapi ngan sakilat ieu pedang kantun gagangna wungkul; tos diremukkeun ku panah Arjuna.

 

Saterasna Arjuna mentangkeun panah bari ngajiad, teras nyarios kawan nu ngaharewos:"Eh, Bhagadatta, tenjo sakali deui ieu dunya sabab ieu waktu saatna panungtungan keur andika; enggal panah tos ngabelesur keuna pisan ka na pita nu dianggo ku Bhagadatta; atuh harita keneh alisna ngarumbay ka payun nutupan socana. Bhagadatta samar rampa. Nyata Arjuna apal pisan ka na sagala kalemahan Bhagadatta;

paingan atuh ti kamari Bhagadatta teu wanieun maju da rada gimir ku Arjuna; bungah lantaran tugasna ngan ukur megatan Gatotkacha. Ari ayeuna ku sabab Arjuna keur dipancing ku Susarma, Bhagadatta wantun maju ka medan ngamuk ka para pasukan Pandawa; tapi akhirna kudu oge tepung tarung sareng Arjuna, Ku margi tos teu aya deui senjata, Bhagadatta emut ka na pecut wasiat; teras wae ngajampe ku mantra Bhatara wisnu eta pecut dialungkeun sakeunana; da eta pecut teh bakal nuju ka lawan, masing teu katingal oge!

 

Tapi Bhagadatta teu sadar yen nu nuju dipayunan teh WISNU sajati. Kresna lan Arjuna; Kresna enggal ngajampe ku mantra Wisnu oge; atuh eta pecut teh cambal pisan; teu iasa nelasan Arjuna. Barang Bhagadatta nuju bingung belesat wae hiji panah nu make mata pedang ngabeulah dadana; harita keneh eta Pahlawan sepuh teh niban lemah lastari ngemasi pati.

 

HANCA 

 

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar