Jumat, 27 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka-43

 

From: Abbas Amin [

 

Drona matur, saparantos Sakuni pidato:"Yeuh Kaula Resi Drona , bakal nangkep Yudhistira; jeung sakalian bakal nalukkeun Arjuna! Muris tinggal muris, ayeuna mah geus jadi musuh !"

Suyudhana rada leler amarahna ayeuna mah, ku jangji Drona kitu enggal nyarios deui:" KU sabab tadi Pndawa curang, ti semet ayeuna perang euweuh wates wangenna. Iraha bae, rek beurang rek peuting; kudu dilakukeun. Sok gancang Umumkeun; jeung gancang bongohan Pandawa meungpeung sarare keneh !" Resi Drona sabage Maha Senapati Kurawa nyatujuan ka na karep Suyudhana kitu.

Tunda nu nuju siap2 rek ngagempur Pandawa [euting eta kneh. Ayeuna urang kocap lalakon Gatotkacha nu dikantunkeunlami teuing, di na ieu carita.
Waktu Gatotkacha sareng Pasukan Pringgandhani na kasoran jurit ku Bhagadatta, dimana asal rebuan, aya kantun ngaratus deui pasukanana, Gatotkacha ngaraos isin, sareng hanjelu pisan, teras wae nyingkur di leuweung nu masih caket keneh ka Kurussetra. Gtotkacha saparakanca nuju prihatin; kasoran jurit ku Bhagadatta ti Trajutisna; eta cenah gajahna ge sakti pisan, nepi ka Gatotkacha taak ngalawanana. Gatotkacha teu hoyong seueur saur, malahmun aya nu rada cowong saeutik oge, tu tata pasini dui, gamplengwe dicabok, atanapi ditampiling ku Gatotkacha. Atuh ayeuna mah Paukan Pringgandhani teh ngabaretem we da sieun dicabok ku Gatotkacha. Gatotkacha jadi teu kaopan pisan, ayeuna mah.

Keur kitu jol teh aya telik sandi, nu ngalaporkeun yen cenah Bhagadatta tos lastari, ditelasan ku Arjuna. Gatotkacha bingah, bungangang teras wae ngayakeun pesta leuleutikan. Anggur,bir, sareng jnewer sababaraha guci seep. Ku margi hawa inuman, Gatotkacha rada mabok, teras seueur saur:"Ho ho ho ! Tuda memang Jago Guru Kaula mah ! Hohoho ! Hu HUHU !...................." para pasukan Pringgandhani oge miluting serengeh ting irihil:"Hihihihi.............
Gatotkacha:"Si! gandeng siah.............. teu ngeunah kadengena eta seuri maneh teh, ngarti !" Gatotkacha nyentak, tapi bari mesem kapiasem ku polah para prajuritna. Atuh ger deui para Denawa salusurakan, sukaseuri :" Hohoho ! Huhuhuhu!   Hihihihi! Hehehehe !
Wk wk wk wk...................... keeeerrrrrrr !" (abong siluman/butha )

Gatotkacha neraskeun ngambulna:"Hohoho ! Tuda moal aya nu yasa ngalawan Guru Kaula mah. Paman Arjuna enya2 lalaki langit, lalaning jagat, tanpa tandingan. Totosan bojana kulit. Lain ukur babasan. Ho ho ho ! Si Karna !? ah eta mah CINGIR ! Lain tandingan Paman Arjuna ! Ku Kaula oge leuwih ti cukup !!!! Ho ho ho ho ! Hu hu hu !"

Keur kitu jol deui telik sandi sjenna nu masihan laporan yen Abimanyu gugur................

Gtotkacha tibuburanjat, sareng tipoporongos newak eta telik sandi:"Aeh siah ! sing bener mere laporan teh ! Kunyuk!" bri ceprot2 eta prajurit ditampilingan, mngkaning tarikpisan, atuh eta prajurit teh langsung tigugulitik, ampuna ampunan.

"Sakali deui siah NGOMONG ngaco, dipodaran ku aing!"Cek Gatotkacha mani napu pisan.
"Tobaaat ! Tobaaat! Ampuuun........... cek eta telik sandi nu apes teh. Eta prajurit gegerungan, jeung sasambat lantaran karasa nyeri ditampilingan ku Gatotkacha.

Keur kitu jol deui aya telik sandi sejen deui; laporanna cenah layon Abimanyu disiksa sikakaya ku Para Pasukan Astina/ Kurawa.

Gatotkacha molotot, amarahna ngagidir, tapi teu yasa sasauran naon2; amarahnatos kalangkung langkung; akhirna OHEK ! cenah; Gatotkacha utah uger ! Olab GETIH !
Bluk wae, Gatotkacha rubuh; mani eundeur eta leuweung ku geblugna Gatotkacha; jasmanina tos teu yasa nahan kasedih sarng amarah nu campur aduk, di na jiwa Gatotkacha. Harita keneh Gatotkacha kapiuhan.

Atuh ribut para Prajurit Pringgandhani ngurusan Gatotkacha, Aya nu ngurutan, mencetan, ngaboreh ku minyak; malah aya nu ngadoa sagala; supaya Gatotkacha sadar deui.

Saparantos rada lami, nyah Gatotkacha beunta, bade gugah rupina teu acan tiasa. Masih laleuleus keneh. Socana meleng ka nu tebih, teu aya cahayaan. Tanda kaedih kingkin nu tos kaliwat batas. Saterasna Gatotkacha nangis, kalintang sedihna..............Atuh para Denawa bawahan Gatotkacha ge seueur nu careurik, milu sungkawa ka Gatotkacha.

Enya ge Gatotkcha teh galak, sahaok kdua gaplok; tapi karasa ku para prajuritna kanyaah Gatotkacha, jeung mun mutuskeun perkara kacida adilna; Gatotkacha tara mentingkeun diri sorangan; estu kapenting balarea diheulakeun ku Gatotkacha. Jeung tangtu mun aya bawahan nu susah, pasti ditulungan ku Gatotkacha. Nu matak para Prajurit nyaraah ka Gatotkacha. Nyaah bari sieun tea; sabab pamawa Gatotkacha sami sareng Ramana Bratasena, aseran, gede ambek; sahaok kadua gaplok.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar