Selasa, 31 Mei 2011

FW: Bharata Yudha ka-47

 

Kaburna Drona sareng Pasukanana nu teras dibeledig ku Gatotkacha, ngantunkeun rebuan prajurit nu binasa, saparat parat jalan; atuh prajurit sareng Senapati teh ngarasa kacida sieunna; langsung keueung ti batan ngalawan Arjuna.

Drona ngaraos hemeng galih, tadina mah hayang untung, malahan akhirna jadi buntung. Teu kapikir aya FAKTOR Gatotkacha ieu; paingan Bhisma ngawanti wanti pisan ulah perang peuting; enya si Gatotkacha mun peuting mah lain bantrak bantrakeun. Kitu manah Resi Drona harita; bari bingung , baluweng akhirna anjeunna lebet ka kemah Duryodhana. Nu kaleresan teu acan kulem; da biasa unggal wengi ge sok sering nyileuk. Barang ningal Drona lumebet bari haruhah harehoh, siga nu kacida cape, sareng sieun, Suyudhana kaget, enggal mihatur:"Eh Paman Drona! Resi Drona ! Kunaon sampeyan jiga nu manggih kareuwas jeung kasieun, aya naon ieu teh !?"

KU MARGI AYA CARITA NU MODEL KITU; TI HARITA DALANG2 NGAMAENKEUN WAYANG DRONA KACIDA SIEUNNA KU GATOTKACHA! TAYA NU DIPIKASIEUN KU DRONA ANGING GATOTKACHA. TAH KITU SASAKALANA.

Drona nimbalan:"Aduh katiwasan, Prabu Anom Duryodhana ! Teu kapikir ti tadina soal Gatotkacha! Ayeuna si Gatot anak Bhima jeung Pasukanana keur ngamuk !"

Suyudhana:"Paman Drona! Naha make mundur jurit !? Kapan smpeyan teh gagah sakti mandraguna ? Moal enya eleh ku anak Bhima ti BHUTA !?"

Drona:"Si Gatotkacha, beda pisan, manehna Butha kamanusan ! Kadigjayaanana teu bisa dilawan ku sambarang manusa !"

Duryodhana panasaran, lajeng kaluar, teras we ningal Pasukan Astina nu teu puguh2 ting jarungkel tariwas; tapi teu katingal musuhna; malah aya nu seuseurian sagala eta prajurit Astina; tapi geus kitu letahna ngelel siga nu dicekek. Suyudhana kalintang hemengna ningal polah para pasukan Astina, nu tingkudupung tariwas. Enggalna Drona masihan jampe pamake ka Duryodhana; ayeuna mah Duryodhana atra ngingali Gatotkacha nuju ngamuk sareng Pasukanana ngabinasa Pasukan Astina. Pasukan Astina katingal samar polah samar rampa; lantaran teu terang dimana ayana musuh.

Enggal Suyudhana ngandika:"Aduh cilaka Pamaaan, kumaha ieu teh !? Nyata si Gatotkacha lain bantrak2 keun ari perang peuting mah. Aduh bakal carem Pasukan Kaula ! Kumaha ayeuna usaha urang Paman Drona !?"

Drona:"Kaula ge can puguh sanggup ngalawan si Gatotkacha, ari perang peuting mah, si Gatotkacha kasaktianana ngalipet 10X ti batan beurang.Jadi Paman ragu2 ngalawanna."
Lamun beurang mah Kaula wani ngalawan si Gatotkacha; tapi mun peuting ............. bener2 Paman teu sanggup !"

Suyudhana:"Ari enggeus !? Kumaha atuh ? rek diantep wae Pasukan diruksak ku si Gatotkacha !? Keun we atuh Kaula nu bakal maju, nyoba2 ngalawan si Gatotkacha !"

Drona:"Ke   ke   ke ! Ke heula anan. Aya nu bisa ngalawan si Gatotkacha teh, slian ti Bhagadata !"

Duryodhana:" Sok sebutkeun ! ayeuna keneh ku Kaula bakal diangkir !"

Drona:"Raja Angga Karna ! Kulantaran manehna mah boga Pasukan khusus Siluman opat; pamasihan ti Bhatara Surya ! Mun ku eta mah sigana Gatotkacha bakal eleh, atawa disaimbangkeun !"

TI DIEU KI DALANG SOK NYARITAKEUN RESI DRONA TUKANG  NGADU2  BATUR  TEH !

Enggalna bae Karna diangkir ku Duryodhana. Harita Karna nuju leleson, istirahat lantaran kacapen perang siang tadi; tapi teu acan kulem. lantaran masih emut ka na kalah perangna ngalawan Satyaki. Lantaranana teu sapira........KUSIR kareta! Engke mangkaning bakal ngalawanan Arjuna; mun teu boga KUSIR model Kresna............... wah cilaka, tinangtu aing elehna. Kitu manah Karna. Tapi saha nya KUSIR nu bisa nandingan Kresna !? Euh enya !............ euweuh deui iwal ti Raja Salya, nu memang jago pisan ngusiran kareta perang mah. Kaula yakin, mun ku eta dikusiranana , tinangtu Karna bakal tanpa tanding ! Hahahahahaha ..................... sajongjonan Karna seuri sorangan, lantaran bungah asa manggih bongbolongan. Nuju kitu jol we utusan Duryodhana, nu manggil anjeunna. Atuh najan nuju istirahat ge, Karna gesat gesut ngangge deui Busana Perang. Teras nuju ka kemah Duryodhana.

Ti tatadi saleresna Karna tos nguping, hawar2 sora nu ting jarerit, ting araduh; sareng sora seuri nu puas pisan. tapi Krna nuju mikirkeun soal KUSIR Kareta; jadi teu patos diperhtikeun pisan.; ayeuna waktos Karna kaluar ti kemahna, Katingal Para  Pasukan Kurawa seueur nu binasa, bari kaciri maranehna teu apaleun saha nu ngabinasa maranehna. Ari Karna mah, lantaran memang Sakti, tos ningali Gatotkacha sareng Pasukanana ti Pringgandhani nuju ngaramuk; ngaresak sadaya Pasukan Kurawa. Atuh enggal wae Karna miwarang kusirna gesat gesut nuju ka Kemah Suyudhana.

HANCA

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar