Senin, 23 Mei 2011

Bharata Yudha ka-40

 

Arjuna ngarao hemeng galih; konentraina rada kaganggu; cek di na lebet manhna:"Burisrawa datang ka ieu medan lain karana ditangtang ku Kaula; jeung manehna datang lain nangtang Kula; kumahabisana Kaula ayeuna manah Burisrawa ? padahal manehna masing tarung jeung Satyaki ? Nurani Kula teu ngidinan, tapi eta sobat dalit Kaula, Satyaki arek ditelasan hareupeun Kaula? Wah hese ieu masalah teh ?!" Kitu gerentesna Sang Arjuna.

Nuju nimbang2 kitu burudulteh panah ti Jayadrata; atuh terasna Arjuna ngalayanan eta serangan. Kresna teras nekn ka Dananjaya, supaya enggal nulungan Satyaki, mun diantep matak rugi sarerea. Waktu Arjuna ngalieuk katukang ka tempat Satyaki tarung, katingal Satyaki nangkarak bengkang; ditincakan ku Burisrawa nu nyepeng pedang diayun ayun bade nigas beuheung Satyaki; rikat ngan sakilat Permadi tos ngaleupaskeun jamparing; sieet ceprot eta panah nenggel pisan ka na panangan Burisrawa nu nuju ngamngkeun pedang; eta panangan teh teras buntung bari teras nyepengan pedang, Burisrawa ngaguling tigugulitik.Barang Burisrawa gugah, anjeunna nyorowok ka Arjuna:" Euh sampeyan anak Kunti Dewi ? Kaula teu nyangka pisan, panah teh datangna ti sampeyan ? Saha nu geus ngajar sampeyan ngalakukeun kalakuan kitu ? Pasti lain ti Guru Drona nya ? Ah Arjuna, sampeyan teu bisa nahan diri di na godaan setan; nu sok aya di babaturan sampeyan. Pasti sampeyan teh kpangaruhan ku Kresna ! Nya Psti pisan ! Da teu mungkin atuh, Dananjaya mah turunan Bangsawan ali; moal mungkin ngalakukeun kalakuan kitu patut ! Pasti Kresna nu geus mangaruhan sampeyan ! Kula teh keur tarung jeung musuh bubuyutan Kaula; malah nusuh TUJUH turunan ieu mah; sampean geus manah ka Kaula teu make ngomong heula ! atawa mere tanda heula, sampean kapangaruhan ku IBLIS jahat.Sampeyan teh golongan Ksatriya nu dipihormat ku sadaya; sadaya pada ngajenan sampeyan, boh ku musuh atawa ku sobat sampeyan; ti baheula oge estu sampeyan teh jadi pamujian sarerea; tapi ayeuna sampeyan ngalakukeun nu hina pisan, Dananjaya ! Mun engke sampeyan balik ka kemah, laporan naon nu bakal ditepikeun ka Yudhistira, ngeunaan ieu kajadian !?" Panjang pisan nyeueulanana Burisrawa ka Arjuna,bari sakalian ngaweweleh Kresna.

Enggalna wae Arjuna matur:"Burisrawa Pahlawan sepuh, nu diajenan ku sadaya; sampeyan memang tos sepuh pisan, toskarahaan, karatan. Nepi ka pikiran sampeyan oge jadi karahaan ! ku ngalaklakdasarkeun Kaula jeung Kresna; Kula moal cicingeun mun aya babaturan Kula aya nu nyisikudi atawa nyiks hareupeun Kaula ! Komo mun geus kapaehan teu daya upaya mah, moal diantep ku Kaula. Kaula mending asup naraka, ti batan kudu ngantep sobat Kaula dikakaya saperti kitu ! Satyaki datang kadiu, sanggeusna cape perang ragot ngalawan Resi Drona; terus ku sampeyan ditangtang, sanggeusna kapaehan jeung teu walakaya ku sampeyan dikakaya.Sampean ngajejekan badan Satyaki nuteu walakaya, bari ngamang2 pedang ! Cing kode Ksatriya nu mana eta teh !? Terus sampeyan pikirkeun, pantes henteu ngakaya Abimanyu nu geus jadi layon, bri igel2an lir kalakuan IBLIS ?! Tah ayeuna Kaula teh keur ngalaksanakeun sumpah suci Kula nu bakal nulungan sing saha wae babaturan Kula, di na jauhna katepi ku panah Kula ! Jadi teu wajar sampeyan NGUTUK ka Kaula jeung ka Kresna, bari jeung euweuh pertimbangan pisan !"

Burisrawa sajongjongan mah melengek we teu nembalan, teras wae ngajejerkeun jamparing, didamel tilam; teras anjeunna calik Yoga di na eta tumpukan panah. Ger wae Bala Kurawa/Astina salusurakan, muji ka Burisrawa, bari ngaweweleh ka Arjuna.

Arjuna nyarios deui langkung tarik, supados kakuping ku Pasukan2 nu caket ka dinya :"Eh Burisrawa, anjeun memang hiji Pahlawan GEDE; Pahlawan nu diajenan ku sadayana; nu aya diantara urang sadaya; anjeun ngabantuan ka pihak nu menta bantuan ka sampeyan; jadi pilihan ieu risikona kudu ditanggung ku sampeyan."

Burisrawa meleng skedap ka Arjuna; teras masihan tanda satuju ka na cariosan Arjuna; teras manggut tanda ngahargaan kayakinan Arjuna, saparantos kitu enggal semedi deui.

Dina waktos eta, Satyaki eling ti na kapiuhanana, barng ningali Burisrawa, kakeuheul kasebel ngumpul sadaya; ngan sakilat Satyaki muru ka Burisrawa bari nyandak pedang kenging mulung nu ngagoler, teu tebih ti dinya; barang caket, ngan sakilat.............
ceplas ! bluk wae mastaka Burisrawa niban lemah, beuheungna sapat pisan ditigas ku Satyaki. Ieu kajadian teh kacida kilatna, dugi ka Arjuna sareng Kresna teu sempet ngahalangan deui.

Atuh mani ngaguruh sora Pasukan Kurawa nu kukulutus, nyarekanan jeung nyalahkeun Satyaki. Satyaki teu rengrot2 pda nyarekanan sareng nyindiran kitu, malah ngadeg bari nulak cngkeng, teras nyorowok tarik pisan:"Eh Para Pasukan Astina ! Tadi Kula geus teu walakaya, malah terus kapaehan pisan............  ieu musuh Kulawarga Kaula geus ngakaya Kaula, malah rek nigas beuheung Kaula; kapan diantep ku arandika sakabeh? Ayeuna Kaula rek males pati ka musuh bubuyutan Kaula di na kondisi nu kumaha wae ! Eta bayaran nu PANTES, keur ka jelema nu ngakaya jalma nu geus teu walakaya ! Jadi tong nyalahkeun Kaula !"


HANCA
 

 

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar