Selasa, 24 April 2012

Fiksimini - 'Office Boy'

Fiksimini - 'Office Boy'
Ku Ki Hasan

Hanjat ka Satun kana Ferry ti Langkawi. Sajam ngangkleung mapay basisir Siam kidul. Can ge nyisi badarat, rabul nu nawarkeun Baht. Kalacat ka darmaga. Rengse urusan imigrasi, reureuh sakeudeung. Mukaan peta, nyoreang pilampaheun. Gidig muru tempat Informasi,  neangan angkutan.

Sapanjang jalan ka Hat-Yai dina Vans asa jadi buta tuli. Aksara, soara, ngagebleg ngabegegan. Pituduh jalan rumingkel nyacing. Anjog ka lawang kota, karek getihan deui. Bruh-breh, bisa maca, bisa nyoara. Ngung-ngeng dedengean. Papan hideng nunuduh jalan. Nu  pireu alewoh deui.

Anjog ka Hat-Yai, tengah poe. Koloyong neangan restoran Malayu. Manggih di peuntaseun jalan. Tatanya neangan hotel, keur reureuh meuting. Ret kana erloji, sore keneh. Geuwat turun, rek ngalanglang puseur kota. Muter mapayan pasar, mipiran sisi toko, ngarondaan super-market.

Wanci nyedek ka tengah peuting. Tuur leklok, balas ngaprak nguriling dayeuh. Gidig balik. Anjog ka hotel, Office Boy ngudag kana panto lift. "Pa, nyalira?" "Enya!" "Ludeung kitu, Pa?" "Kumaha?!" "Bilih peryogi rencang keueung?!"

__._,_.___

_

Tidak ada komentar:

Posting Komentar