Selasa, 24 April 2012

Fiksimini - 'Tahlilan Posmo'

Fiksimini - Tahlilan Posmo
Ku Ki Hasan

Harita teh wanci ashar. Ngalangeu di tepas. Nyuruput kopi panas. Lalawuhna beuleum Hui Cilembu. Kabeneran keur mulang ka lembur. Sanggeus mulan-malen bubuara di kota. Kurunyung Ki Adi nyampeurkeun. "Kang, aya uleman tahlilan!" "Na saha nu maot?" "Kapan Bah Kastum, ayeuna nembe tiluna." "Inna-lillahi-wa-inna-ilaihi-rojiun. Beu, kutan Bah Kastum nu gagah, salira jangkung badag, kumis baplang sangga dulang teh maot."

Rengse sholat asar. Gidig muru imah tatangga. Kasampak batur salembur tos hempak hadir, arandekak sila ngalingkung patengahan. "Assalamu-alaikum!" "Wa-alaikumus-salam!" Nu hadir raong ngawalon. Solongkrong ngajak sasalaman. Gup-gap dipapay ka sakur nu hadir. "Nuhun Kang tos kersa hadir!" Sohibul-bait ngabageakeun bangun atoh. Koloyong muru tempat nu kosong. Gek sila gigireun Mang Saca jeung Wa Karta.

"Ehem... Ehem..." Ajengan dedeheman calikna ngangsrog. "Assalamu-alaikum. Palawargi urang kawitan, ngarah rengse memeh magrib." Jep nu hadir repeh, nu tingkelepus balem, roko mebes kana asbak. Lir dirigen, ajengan ngomando ngaos bubuka taud-basmallah, laju Al-Fatihah. Jamaah raong nuturkeun, soantenna naek turun, patarema, ngawirahma. Rengse Yasin, ditema  al-Ikhlas, al-Falaq, sareng an-Nas, diembohan petikan ayat al-Baqarah, al-Ahzab, sareng al-Hud. Panyelangna Shalawat, Istighfar, sareng kalimat thayyibah.

Nincak bacaan "wafuanna waghfirlana warhamna" jamaah peureum beunta, edeg, mastaka ngagilek ngenca ngatuhu, nga-gusdur, peureum tapi nyaring, nyaring dina peureum. Ditumbu gerendeng "ya arhamar-rahimin", nu edeg tambah moyeg, salirana oyag. Pangacian kumpul deui, sanggeus ngageder ngaos "La ilaha illallah" nitir.

Memeh tahlilan rengse, Ceu Eulis didapur cakah-cikih. Song gelas eusi roko diiderkeun, aqua gelas dibagikeun. Solongkrong idangan kotak ka hareupeun. Geuwat dibuka. Eusina aya kueh, karoket, lemper ketan, teu kaliwat rajacere. Beu, tahlilan di lembur ge berekatna geuning idangan posmo.

Catetan:
Kagegelan kanggo Kang Yadi Supriadi Wendy sareng Kang Tatang Sariman

__._,_.___

___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar