Wawacan - Panji Wulung (1)
Diserat ku Radén Haji Muhammad Musa
Ngawitan medal jadi buku taun 1876
===
DANGDANGGULA
1. Dangdanggula nu awit digurit, nu dianggit carita baheula, nurun tina kitab kahot, diturun kana lagu, nu dipambrih réa nusudi, malar réa nu suka, ari nu dicatur, aya sahiji nagara, Sokadana nagara gedé téh teuing, murah keur kahirupan.
2. Réa sato kuda sapi munding, sugih dunya teu aya kakurang, réa ketan réa keton, ari nu jadi ratu, kakasihna Déwakéswari, mangsa jaman harita, kongas ratu punjul, sabar adil palamarta, papatihna ngaran Lembu Jayéng Pati, pernah misanan raja.
3. Hiji asal ratu sareng patih, sarta ratu kalangkung asihna, Ki Patih nya kitu kénéh, asih pisan ka ratu, beurang-peuting teu ayadeui, anu dijaga-jaga, ngan salamet ratu, sarta salamet nagara, kacaturkeun sang ratu kagungan selir, asal ti Balangbangan.
4. Langkung-langkung ku raja diasih, tina bisa pisan ngawulana, sarta jeung rupana hadé, manis pantes jeung lungguh, teu kumaki duméh diasih, kacatur lila-lila, bobot ti sang ratu, geus jangkep salapan bulan, kacarita praméswari langkung ijid, ka éta selir téa.
5. Anu ngaran Nyimas Tunjungsari, duméh reuneuh patutan ti raja, ari manah pawarang téh, ratu geus tangtu wuwuh, kanyaah-na ka Tunjungsari, jadi saakal-akal, nyiar ambrih giruk, piceuceuban piwurungan, dukun-dukun dikelun tapi teu matih, pirang-pirang tarékah.
6. Jampé-jampé pitutur paraji, nu dipalar ku pawarang raja, su-paya bobot teu cios, tapi keukeuh melendung, sarta raja tambah kaasih, pawarang tambah susah, ngamanahan maru, geus weléh kias tarékah, jampé-jampé teu pisan aya nu matih, hanas karurugian.
7. Unggal dukun jeung unggal paraji, pada boga sanggup ka pawarang, jampé piwurungan bobot, sarta boga panuhun, béda-béda unggal paraji, sarat pamatih tumbal, sakabéh diturut, béak pirang-pirang arta, tapi kabéh tarékah dukun teu matih, tuluy bijil akalna.
8. Akal dengki ngistorikeun selir, hiji mangsa pawarang haturan, sasauran di jero pangkéng, nun ratu amit matur, duméh éta pun Tunjungsari, aya lampahna salah, cidra ka sang ratu, gaduh lampah bobogohan, hiji mangsa kapanggih di enggon suni, eukeur padudua-an.
9. Reujeung mantri ngaran pun Panolih, malah réa nu mang-gihan inya, keur ngedeng di jero kobong, malah enggeus sataun, bobogohan jeung pun Panolih, nu matak haturan, kuring ti ka-pungkur, bawaning ku kanyaahan, tapi remen diingetan temah wadi, taya pisan tapakna.
10. Anu matak ayeuna ku kuring, dipiunjuk geus weléh magahan, lampahna kadalon-dalon, kuring langkung kaduhung, kulampahna pun Tunjungsari, hég boga kakandungan, lamun hanteu kitu, kuring langkung ngiring suka, peupeuriheun kuring hanteu aya tulis, anakan ti gamparan.
11. Enya ogé teu kagungan deui, putra anu bakal jadi raja, pigentoseun mangku kraton, welas ku sepuh-sepuh, nu mabakan cacakar bumi, nagara Sokadana, ti jaman kapungkur, turun-turun jadi raja, buyut canggah gamparan nu mangku bumi, dongkap ka anjeun pisan.
12. Teu kaselang ku nu lian deui, turun-turun ka putra nu enya, ngan ayeuna bakal séjén, kaselang ku nu palsu, kawentarkeun yén putra gusti, tapi ari yaktosna, tétés nu teu puguh, mun datang ka jadi raja, geus kacipta Sokadana runtang-ranting, tangtu panas watekna.
13. Saupami teu percanten gusti, pariksakeun ka abdi nu réa, baturna parekan kabéh, saréng naros ka dukun, aya hiji paraji sakti, dukun Guna Wisésa, dipunjulkeun lepus, weruh sadurung winarah, tegesna téh nyaho di nu tacan jadi, waspada terus tingal.
14. Geus kadangu ku Déwakéswari, sapihatur praméswari téa, sang raja ngahuleng baé, manahna langkung bingung, ngamanahan Nyi Tunjungsari, ari hanteu percaya, palangsiang terus, sapihatur pawarang, tuluy raja ngumpulkeun parekan selir, dipariksa sadaya.
15. Lalampahan Nyimas Tunjungsari, para selir sailon sadaya, pada nyumuhunkeun kabéh, sang ratu masih bingung, tacan ngandel pihatur selir, ti dinya tuluy raja, nyaur dukun lepus, paraji Guna Wisésa, tuluy ajar ngadeuheus ka kangjeng gusti, calik dina amparan.
16. Ratu langkung hormat ka kiai, calik mando semu ajrih pisan, lajeng sang ratu téh naros, hé éyang kiai dukun, kula naros lampahna selir, sumangga neda torah, nu awon nu lulus, nu temen kumawulana, jeung nu cidra sarta ngaduakeun pikir, mugi wakcakeun pisan.
17. Ajar nyaur sumangga pun aki, néang lampah parekan sadaya, urang peleng heula baé, tapi aya panuhun, mungguh sarat pameleng ati, sahiji kudu aya, ati méong tutul, kaduana menyan bodas, katiluna kudu aya hayam rintit, bodas sisitna selap.
18. Lamun enggeus sadia raracik, meureun témbong nu bageur nu salah, nu temen atawa mirong, ti dinya lajeng ratu, miwarangan sahiji mantri, ngumpulkeun sarat téa, ati méong tutul, wantuning paréntah raja, hanteu lila kabéh sarat enggeus bukti, disanggakeun ka ajar.
19. Tuluy ajar nyandak menyan putih, geus dibeuleum dina parukuyan, nyandak deui ati méong, digalokeun dicampur, reujeungati hayam nu rintit, saenggeusna sadia, geus dicampur-campur, ati méong ati hayam, bus dibeuleum ajar dikukudung putih, watara sajongjongan.
20. Tuluy nyaur popoyan ka gusti, hé sang raja enggeus katingalan, ati para selir kabéh, welas teuing ka ratu, aya hiji nu goréng ati, mirong kumawulana, lampahna teu patut, tur éta kaasih raja, selir anu ngaran Nyimas Tunjungsari, lampahna bobogohan.
21. Sareng mantri ngaran pun Panolih, malah éta kakandunganana, nya beunang jeung éta baé, ratu langkung ngagugu, tadi catur pawarang selir, nyebutkan Tunjung cidra, ayeuna geus terus, kitu deui torah ajar, hanteu mangmang benduna ka Tunjungsari, lajeng raja nimbalan.
22. Nyaur patih hanteu lila sumping, ka karaton bari semu reuwas, réh disaur téréh-téréh, lajeng sang ratu nyaur, hé Ki Patih, sing gasik-gasik, ieu si Tunjung sekar, nu cidra ka ratu, ayeuna geuwat paéhan, ulah nitah kudu ku manéh pribadi, mangké bawa ceulina.
23. Patih naros nun hampura gusti, abdi dalem buta tuli pisan, ku naon perkawisna téh, nu matak gusti bendu, réhna éta pun Tunjungsari, kalangkung diasihna, ti nu réa punjul, Déwakéswari ngandika, enya pisan ku kami dipikaasih, leuwih ti anu réa.
24. Anu matak kami liwat ijid, ka si Tunjung sabab salah tampa, dipisono nyolowédor, Ki Patih nyembah matur, abdi dalem nu kirang harti, seja nyundul unjukan, sumuhun bebendu, manawi gamparan lepat, kirang priksa bendu kagancangan teuing, tacan kamanah enya.
25. Anu matak kuring langkung watir, duméh eukeur gaduh kakandungan, ti baheula kuring ngantos, neneda ka Nu Agung, mugi-mugi putraan gusti, sarta pameget pisan, baris jadi ratu, dinagara Sokadana, rasa kuring laksana paneda kuring, bobot pun Tunjungsekar.
26. Raja nyaur langkung-langkung bengis, hé Ki Patih montong réa ucap, geura los paéhan baé, kami moal kaduhung, réh geus béak kami nya mikir, hanteu kurang pariksa, kabéh enggeus terus, asal béja ti pawarang, katerusan ku kabéh parekan selir, malah terus jeung ajar.
27. Saupama pawarang jeung selir, jijieunan moal katerusan, ku panorah ajar kahot, éta ajar geus punjul, patarosan ti mana mendi, kami geus hanteu mangmang, ka dosa si Tunjung, Ki Patih geus hanteu teurak, pamondahna ku raja hanteu ditampi, malah wuwuh benduna.
28. Tuluy patih mawa Tunjungsari, sarta reujeung ki Panolih téa, duanana dikantét, Nyi Tunjung celuk-celuk, sambat-sambat ka kangjeng gusti, kuring teu gaduh dosa, gusti naha kitu, ratu kurang titi priksa, puguh maru saakal-akal nu dengki, kasmaran teuing raja.
(Hanca)
__._,_.___
Tidak ada komentar:
Posting Komentar