Minggu, 19 Juni 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka 57

 

 

Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna, enggal wae harita keneh miwarang Bhima.

Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu namina Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu tata pasini deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma ronoh ! Atuh si pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu puguh2 ngagebug gajah eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh Aswatamma tiwas !" keur pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti anakna sorangan. Atuh ka gajah ge nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan ! Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :" Aswatamma towas ?!"
Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !"
Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg ka Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !"

Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !?
Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur nu ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu katembong ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2 ...........  boa enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?"

Drona neraskeun gunem catur nyalirana :"  Lamun enya dikorotok ku nu dua eta mah mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung nyaho ti saha ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si Kresna; da ngan jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu bisa ngelehkeun aing, si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui jreung murid; ku sabab hayang meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna ngajauhan ti dieu sihoreng rek ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ? Ari si Bhima mah percaya; tapi si Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun heula ka nu memang bisa pisan dipercaya ................ euweuh deui nu bisa dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji !"

Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu dihalangan ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta Drona; cedok nyembah ti katebihan.

Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju perang ieu manggil ka Kaula !?"

Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya Aswatamma mati ?"

Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan; teu katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor.

Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !"

Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun sadaya anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna kaluar ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga !

Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat ka na kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah Drona !

HANCA

__._,_.___

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar