Jumat, 10 Juni 2011

Bharata Yudha 52A

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin
 

Karna nyalira di na ngaleupaskeun Konta teh aya rasa was was; saterasna ningal akibatna tambih hanjakal sareng ngarasa nyaah ka Gatotkacha, nyaah ku kasaktenna, padahal ngora keneh. Malah tadi , sababaraha waktu sateuacan ancur ku Konta , Korna ningali paroman Gatotkacha nu kacida pikanyaheunana; siga budak nu leungit cocoanana; Karna ngahelas; ras deui emut engke perang sareng Arjuna tangtu bakal langkung sesah. Ku seueur emutan, sareng cape ongkoh perang sareng Gatotkacha; akhirna Karna teu kiat teras we rubuh, kapiuhan. Enggal para prajurit nu masih teu tebih ti dinya nyarumput, kalaluar teras ngagarotong Karna dicandak ka kemahna.

Aya hiji Prajurit Pringgandhani, nu nyaksian tiwasna Gatotkacha , lantaran waktuna tarung sareng 4 Denawa bogana Karna, kapeclengkeun nyangsang di na rungkun; memang awakna asa pasiksak, remek satulang sandi, tapi masih hirup keneh, ; tapi barang manehna nempo senjata Karna ngajelegur ngancurkeun Gatotkacha, manehna laju kapaehan deui, ku reuwas2na jeung nyaah ka Gatotkacha.

Sanggeus rada lila, eta Butha teh leler tina kapiuhanana, culang cileung karasa sepi pisan, ayeuna mah teu kadenge sora naon2 estu combrek pisan.Lalaunan manehna nyoba kaluar tina rungkunterus ngadeukeutan ka na tempat nu dikira kira ngajelegurna senjata Karna tadi. Sugan aya raratan ti na jasmanina Gatotkacha. Nyata manehna nyamos teu hasil; teu manggih urut Gatotkacha; ngan wae ditempat Gatotkacha tiwas taneuhna hideung siga kaduruk, aya kana 200 meterna gurat tengahna teh. Mungkin urut Gatotkacha nangtung tadi. Manehna masih panasaran, terus we dodongkoan ulak ilik, sugan aya nu masih nyesa; beh ditu rada jauh aya nu gugurilapan, nya terus wae manehna ka dinya. Nyata eta teh Topi Waja, atawa Makota nu sok dipspske ku Gatotkacha. Permata sareng emasna masih gugurilapan, Cek pikirna, nu sejen mah milu ancur; ngan ieu nu nyesa; ah keun rek dibawa we cenah. Terus bae eta makuta DIPAKE; PAS OGE; ...............leng leng ramyaningkang sasangka kumenyar............... barang dipake eta makuta  ngadak2 saluar  wak nu tadi asa pasiksak ayeuna beleger deui; malah asa leuwih gagah ti batan tadina.

Eta si pa\rajurit teh kacida bungahna; emh dasar gatotkacha, geus paeh ge, teu weleh nulungan ka anak buahna; emh nyuhuun Atot acha.Eta prajurit gesat gesut bade laporan ka pihak Pandawa; ari gok teh pasanggrok jeung saratusan patroli para Kurawa; itu ieu pada reuwas; para prajueit Kurawa reuwas lantaran siga Gatotkacha nu datang, lantaran make makuta Gatotkacha tea; ari si prajurit reuwas lantaran teu mikir bakal panggih jeung musuh' biasana tara aya patroli saperti kitu. Ieu diayakeun lanyatan perang geus jadi beutang peuting. Sawareh pasukan Kurawa ngalacir lantaran masih baluas ku pangamuk Gatotkacha; bari jeung nyangka Gatotkacha hirup deui lantaran Gatotkacha mah sakti apanan. Tapi nu  tareteg mah apal yen eta lain Gatotkacha; gancangna wae rek nangkep eta prajurit; prajurit Pringgandhani kapaksa ngalawan ! Barng gerak barang manehna sorangan kaget; lantaran gerakn manehna kacuda gesutna; jeung satiap ngagebug pasti lawan teh ting jarungkel kapaehan ! atuh nu sejen sarieuneun; laju barirat !

Bari bungah bungangang; eta Prajurit terus laju ka kemah Para Pandawa; di na hatena mikir.paingan Gatotkacha sakity saktina, makutana wungkul kapan geus sakitu hebatna !
Paingan atuh teu milu ancur ieu pusaka teh; mun teu salah ieu Pusaka kadewataan, lantaran Gatotkacha merangan Naga Percona.

Ari di kemah Para Pandawa sadaya nuju guntreng ngamasalahkeun perang beurang peuting tea, dimana ayeuna mah kudu waspada beurang jeung peuting.

Bhima ngagerem memeh sasauran :" Hmmmmm ; kurrang ajar pisan si Suyudhana ngabongohan ka urang, ampir wae urang cilaka; tapu anehna eta Psukan Kurawa Astina teh ujug2 ting jarungkel teu puguh2; malah terus ngalacir, bubar katawuran !?"

Nakula Sadewa meh bareng:" Leres teu kapindo damel Kakang Sena, kuring ge teu apal naon marga lantaranana ,"

Yudhistira mairan :" Komo atuh akang mah; kapan hudangna ge pang pandeurina; moal kituh Dewa nukungan ka urang ?"

Kresna nyeuleukutuk, nepi ka dipolototan ku Bhima.

Kresna :"He he he 33X tuh atuh taros Yayi Kaipe ........."

Bhima muncereng ka Arjuna :" Jeneeet ! cing atuh ngomong ! lain ngabetem wae ! ari nyaho nanaon teh gancang omongkeun ulah dikemu sorangan , HUH !"

Arjuna :" kula ge rek matur soal ieu teh; tapi kapan Kakang Yudhistira nuju nyarios; kitu deui  Nakula Sadewa; oge kkang Bhima nyalira; piraku Kula motong ."

Bhima :" Heueuh ! Sok atuh caritakeun ayeuna. "

Arjuna :"Eta nu ngabantu urang teh taya lian ti Putra sampeyan, Kakang !"

Bhima :" Naon ! batuk si Gatot naha geuning teu katenjo ku Kula !"

Arjuna :" Gatotkacha teh manusa kajinan; beda jeung urang sarerea; lamun manehna hayang embung kayempo ku jelema manehna bisa ngaleungit; jeungna deui kasakten Gatotkacha mun perang peuting naek 10X lipet; nu matak moal aya nu kuat ngalawan Gatotkacha ari perang peuting mah; nu matak Guru oge kapan ngacir tadi; barang nyoba manahan ka Pasukan Pringgandhani; Gatotkacha luncat luhur pisan, lir manuk hiber; manehna nahan ku badanna eta ratusan panah ti Gutu; saterusna ngabeubeutkeun dirina ka Pasukan Kurawa Astina; atuh harita keneh loba nu  tariwas pareye katindih ku awak Gatotkacha; atuh biur wae Guru kabur, bari cocorowokan nitah mundur ka Pasukanana.
Tapi ku Gatotkacha teu diantep terus dibeledig; jadi saparat parat jalan, loba pasukan Astina nu tiwas. Lamun teu aya nu ngahalangan gatotkacha, pasukan Kurawa tangtu Carem; lantaran Gatotkacha dibantu ku paman2na nu sarakti"

Bhima bingah barina reueus ku Putra enggal ngandika : Hahahaha, tuda kuma Bapana .......... Teng manuk teng anak merak kukuncungan. So siah Gatot [erenkeun yah Kurawa astina teh tong disesakeun. Hahahahaha !!

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar