Senin, 27 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 60

 

"Para Hadirin sadayana, " Karna ngawitan biantarana. "Ayeuna Kaula dipercaya jadi Maha Senapati pikeun mimpin Balatentara Kurawa keur merangan Pihak Pandawa. Kaula narima ieu tanggung jawab, jeung bakal dilaksanakeun nepi ka Pandawa tumpes .........!" Karna liren heula biantarana, mere waktu keur nu sarurak.

"Memang Pahlawan2 Pandawa kaasup  jarago oge, utamana Arjuna jeung si Bhima, tapi saenyana mah kabeh ge euweuh naonana ............. Buktina ku Drona sorangan kapan bubar katawuran tah Pasukan Pandawa teh ! Nepi ka nyieun pokal aswatama lastari !" Di dieu ger deui rame nu susurakan bari komentar nyarekanan pihak Pandawa ! utamana Sri Kresna.

"Kula kamari teu  milu perang, lantaran Kula sedih senjata Kula dipakena ka budak leutik lain ka si Arjuna ! Sigana mah ngahaja tah Pihak Pandawa ngajukeun Gatotkacga teh mancing Kula ngaluarkeun senjata Kunta ! Licik deui wae tah pihak Pandawa teh !" Ger deui nu nyararekan Pandawa sareng Sri Kresna.

"Ayeuna Kaula bakal ngaluarkeun parentah kahiji. nya eta peperangan balik deui ka asal, nepi ka Panonpoe surup. Sanggeus panonpoe surup teu meunang aya nu perang deui. Jung geura umumkeun ka Pihak Pandawa !"

"Saenyana................" Karna neraskeun biantarana, :"Arjuna teu hebat2 teuing lah ! Naon sababna jiga hebat pisan ? Eta teh lantaran KUSIR karetana jempolan nya eta si KRESNA tea ! Mun Kula aya kusir nu nandingan mah ka si Kresna tinangtu gampang wae nyabut nyawa Arjuna teh ! Kula geus boga implengan, tapi naha daekeun jadi kusir Kaula ? Tah eta nu rada beurat teh !?"

Sutudhana ngacung teras sasauran bari rada tarik :"Sok atuh sebutkeun lah ! Tong boro hiji kusir sarebu kusir moal teu diusahakeun ku Kaula !"

Karna ngawaleran :"Prabu Anpm Duryodhana, ieu teh gampang2 susah ! Mun sadrah jalmana, tangtu gampang, tapi mun henteu mah tinangtu bakal jadi masalah!"

Suyudhana:" Ah tong make tatarucingan Raja Angga ! Sok we sebutkeun Kula tinggal marentah !"

Karna :" Jalmana teu jauh malah ayeuna ge aya hadir ! Tah Prabu Salya ti Mandaraka !"

Leng    leng  ...........ramyaning kang sasangka    kumenyar.....................
Suyudhana estu kaget barang nguping yen nu bade dijadikeun kusir kareta perang Karna teh SALYA ! Aduh jelas ieu mah hese bin musykil yeuh. Emh aing wawanianan jangji bakal marentah kusir nu mana wae ! Teu nyangka yen nu bakal dijadikeun kusir teh mertua kaula Raja Mandaraka !? Aduh kumaha yeuh? Beurat yeuh? Kitu manah Duryodhana pinuh pagaliwota ku sabab bingung.

Akhirna Suyudhana nyumpingan korsi Salya teras nyembah sareng nyuuh nyungkeun sih pikawelas ti Salya.

Salya sakedapan mah olohok we ningal Prabu anom Suyudhana nyembah ka anjeunna; sabab saumur dumelah kakara ayeuna disembah ku Suyudhana ! Padahal mantuna ? Salya makana teu pati panuju ka mantu nu mana oge lantaran tiluanana teu sapikiran. Tilu mantu teh nya eta Prabu Baladewa ti Mandura nu ngadahup ka Erawati. Kadua Surtikanthi nu nikah ka Karna; ka tilu Banowati nu ngadahup ka Suyudhana.

Tapi Salya enggal waspada, anjeunna bakal ngajukeun hiji hal nubakal beurat ditarimana; lamtaran na ,anah Salya teg yen si Karna sarua jeung ngahinakeun ka diri anjeunna ! Padahal masing Karna ayeuna jadi Maha Senapati, kapan teu pira anak kusir kareta !
Nu matak Salya asa kahina pisan. TYapi ku sabab Suyudhana mentana bari nyembah, watek Bangsawan nu saling ngahargaan, teu meunang henteu kudu ditarima; tapi kudu ngaluarkeun sarat nu beuret pisan ! Tos gilig manahna enggal wae Salya ngandika :

"Prabu anom Suyudhana, Kaula ku sabab geus jadi ngahiji jeung Pihak Astina; nya kapaksa kudu nurut ! Ngan wae Kaula ngajukeun sarat, naha kira2na bisa ditarima atawa henteu ? Lamun henteu mah teu naon2.....................Kaula ge haroream ngusiran jalma nu teu pantes mah !"

Suyudhana :" Ah tong boro hiji sarat atuh. Dalah 10 sarat gw sok mangga wae !"

Salya :"Ah teu kudu loba2 hiji we KUla mah, na enya sampeyan bakal nyatujuan !?"

Suyudhana :"Kapan Kaula nu butuh, piraku we sarat sampeyan ditolak ku Kaula ! Sok sebatkeun we !"

Salya:" Ieu sarat teh gampang2 susah oge, saperti tadi si Karna ngomong ! Tah sarat Kaula teh, samemeh jadi Kusir Kaula hayang nyarekanan sampeyan sakabehna !"

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

·         New Photos 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar