Kamis, 30 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 64

 

Karna oge tos nguping yen putranaWersasena, nangtang ka Arjuna. Waduh ieu budak !
bahaya pisan. Kitu Karna ngamanah. Wah wwanianan ngalawan si Arjuna ! Kaula wae bapana can puguh bisa ngelehkeun manehna. Kumaha yeuh ? Mun diantep pasti cilaka; tapi mun dilarang pasti matak wirangna. Jeung Kula kapan biasa ngajar ka anak Kula teh kudu wani; ulah nempo jeung saha perang. tapi kudu nempo bener henteu ieu perang ? Ah meureun geus nasibna si wersasena kudu mati ku Arjuna.Keun we lah, manehna mati ge jadi pahlawan.

Caturkeun deui peperangan antara Partha sareng Wersasena; kacid ramena Wersasena teras nyerang ka Arjuna; tapi tiasa dilayanan ku Arjuna; jadina saimbang pisan. Atuh ger2 we surak balatentara Kurawa ku resepna ningal Wersasena tiasa ngimbangan Arjuna, malah sigana ngadesek ayeuna mah. Keur kitu Arjuna nyorowok :" Ke heula sakeudeung ! Eureunan heula ! Kaula rek nyarita ka sampeyan."

Wersasena tuluy naros ka Arjuna :" Aya naon Arjuna !? Naha make eureun heula ? geus cape sampeyan ? Kaula moal nyerang dui ka sampeyan; tapi smpeyan kudu ngaku yen Rama Karna leuwih hebat ti sampeyan ! Hahahaha !"

Arjuna :" Wersasena. hidep masih ngora jeneh pisan; pikahareupeun masih panjang, jadi mending sampeyan manggil rama sampeyan, sina ngalawan Kaula !@"

Wersasena :" Sampeyan nyata kurangajar pisan, Arjuna ! geus jelas jeung Kula oge sampeyan mah saimbang ! Atuh komo jeung bapa Kaula mah ! Sok ayeuna mah tong loba catur ! Hayu urang tangtukeun mana nu leuwih unggul antara urang duaan !"
Nyata Wersasena teu apal yen Arjuna saleresna nyaah ka Wersasena; tapi katampana jadi salah; persis sami sareng Gatotkacha nyaah ka Karna.

Nya akhirna Arjuna kapaksa ngalayanan deui; tapi masih ngelehan keneh lantaran teu tega ngabinasa ka Wersasena nu meh sarimbag sareng Abimanyu.

Keur kitu corowok teh Bhima :" Eh Jenet ! ieu teh lain keur latihan ! Cing maneh mundur we ! keun ieu anak Karna bagean Kula ! Males pati keur si Gatot ! Maneh mah jeneet sok wecicing di tukang ! Ulah milu perang !"

Barang nguping kasauran Bhima kitu. Arjuna enggal wae manahan ka Wersasena kalawan enya2; atuh Wersasena ngarasa kacida ripuhna  ayeuna mah; satadina hayang nembongkeun yen ramana Karna langkung sakti ti batan Arjuna ! Tapikabuktian ayeuna serangan Arjuna beda ti nu tadi. Ayeuna mah boro2 males manah ka Arjuna; nakis ge mani hese beleke; akhirna  kesang badag kesang lembut kaluar saluar awakna. Ayeuna kakara bpga rasa sieun teh.

Tapi sdaya tos telat lantaran Arjuna teras nyerang ku panahna mangkaning make tanaga jero nu sakti; Wersasena kacida ripuhna; teu kanyahoan peletok wae potong gondewana ; barang rek ganti gondewa panah Arjuna tos nepi atuh langsung sapat beuheung Wersasena teh ngagulitik; badanna ambruk na kareta teras tigugulitik niban lemh. Wersasena pralaya sabage satriya.

Sajongjonanmah Arjuna ngahuleng.............   emh enya jahat pisan geuning perang teh !? Kitu Arjuna nyarios di na manahna.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 4

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar