Sabtu, 02 Juli 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 66

 

Karna tos nguping yen Wersasena pralaya, enggal wae anjeunna majukeun karetana nu dikusiran ku Salya; memang Karna ayeuna mah leuwih gagah leuwih tanggoh sareng PD pisan; Karna maju bari manah ka satiap Kapala Pasukan Pandawa; tapi henteu ari ka prajurit mah; atuh tos puluhan Para perwira Pnsawa bu korban ku panah Karna ! Satyaki laju maju ngahalangan, ger awe perang ragot.

Karna bari perang nyorowok ka Satyaki :"Hahahaha ! satyaki, urang ayeuna panggih deui, sok kaluarkeun kaahlian sam[eyan dina perang maen panah !"

Satyaki teu seueur saur teras wae nyerang ka Karna; tapi teu aya hiji2 acan nu keuna; ayeuna katingal Satyakikadeseh pisan ku Karna, marga lantaranana kusir Karna ayeuna mah Salta ; ari  Satyaki kusir nu biasa ngusiran anjeunna; atuh Satyaki ripuh pisan; tos aya lima kalina gamti gondewa; akhirna Satyaki mundur ti palagan disurakan ku para pasukan Astina. Karna bungangang bingah ati tos tiasa males ka Satyaki .

Kacaturkeun Dursasana, teu tiasa tenang margi cariosan Salya kaemutan terus; Dursasana terus wae miwarang kusirna nyaketan Pasukan Pandawa; harita Bhima nuju ngikintil Arjuna; nyel wae Dursasana keuheul ningali Bhimasena teh; ayeuna mah leungit kasieun teh, terus wae Dursasana manahan ka Bhima; Bhima nu teu nyangki teras ngagubrag ti na karetana; barang gugah ningal Dursasana manahan; sanes reuwas atawa sieun, malah bungah manah :"Lakadalah siah si durujana Dursasana nganteurkeun nyawa ! Poe ieu bakal dicabut siah nyawana ku Kaula !"

Enggal wae Bhima luncat teras lumpat nuju kareta Dursasana bari teu sempet mawa senjata da pan tinggaleun na kareta; Dursasana kaget mimhali Bhima muru ka anjeunna, teras wae Dursasana ngalepas panah; tapi najan Bhima boborot getih memang nyata KUAT pisan jasmanina teras wae ngudag sareng luncat ka na kareta Dursasana; ger wae  galungan ieu dua musuh teh ! Tapi ngan sakedap Dursasana tos kapidara  ! Saha nu bisa ngalawan Bhma soal gelut mah ? Eta mah memng jagona. Kapan Hidimba oge nu sakitu ngajungkiringna mati ku Bhima mah !

Barang Dursasana keur kapaehan teu antaparah deui dadana dikerewek dugi ka bor boran getih teras getihna diuyup saharita keneh ! Teras nyorowok :" yeu si Dursasana geus KOJOR ! Sok ayeuna lanceukna maju ! Si Haramjadah Duryodhna !"

Peta Bhima kitu katingal pisan ku Karna, atuh mani reuwas jeung rada gimir; Karna ngaleketey bruk wae diuk di na karetana ! ku reuwas2na ! Salya enggal sasauran :" Eh Karna ! Ulah kit5u ! Teu hade etah kitu peta ! Kapan sampeyan teh Maha Senapati bala Kurawa !?"

Enggalna Karna emut deui ka porwadaksina.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar