Jumat, 15 Juli 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 75

 

Barang nepi ka nu dituju nya eta tempat Karna lastari, sadaya sami heran, lantaran siga aya sora awewe nu ceurik. mani siga nu nyeri hate pisan. Terus wae dideukeutan ; kaciri eta awewe teh geus kolot; saha nya nu diceungceurikan? Jeun naon sababna ceurik ?
Barabf beuki deukeut ka tingal nu diceungceuriken teh waruga Karna ! Atuh beuki kaget we Pandaw teh; katingal sirah Karna geus disambung deui ku boeh bods; beuki kaget we Para Pandawa Lima teh.

Nya akhirna mah disampeurkeun we sakali; barang deukeut dua pihakanana beuki kaget !
Pandawa kaget ti na teu nyangka nu nyeungceurikan layon Karna teh nyata ibu Para Pandawa nya eta Dewi Kunthi Nalibrata; DewiKunthi oge kaget rehna teu nyangka Pandawa bakal ka tempat layon Karna.

Teras wae atuhPara Pandawa nyembah ka Ibu Dewi Kunthi; teras Yudhistira tumaros naon margana Dewi Kunthi nyeungceurikan layon Karna. layon musuh Pandawa.

Dewi Kunthi mung ukur ngabangingik; teu tiasa sasauran.
Keur kitu Kresna sasauran :" Bibi; rupina ayeuna tos cunduk waktuna; bibi bruk brak ka para putra !"

Beuki heran para Pandawa;enggal bae Dewi Kuthi sasauean :" saenyana mah anak ibu teh lain 5 tapi genep ."

Yudhistira:" Aya gebep !? Kamana atuh nu hiji deui !?"

Dewi Kunthi :" Samemeh Ibu ngarangkep karama hidep, Ibu teh boda anak; jadi lanceuk sampeyan sakabeh."

Yudhistira:" Sok atuh carioskeun, ibu ! Sareng naon hubunganana sareng ieu layon Karna !?"

Dewi Kunthi :" Bareto ibu teh kadatangan ku Resi anu sakti nu biasa ngajar ka sadaya' th eta Resi teh mawa Cupu. nu ngaranna Cupu Manik; dipenta ku iu akhirna dibikeun; kade cenah ulah gagabah. Tah ibu teh na hiji waktu nyoba eta kasakten CUPU ! Ibu reuwas lantaran kasumpingan ku Bhatara Surya nu teras masihan OROK ka Ibu ! Atuh ngadadak ibu tehngandeg. Nya Rama Prabu Kuntiboja kalintang reuasna; teras manggil Resi nu tad; nya akhirna diusahakeun kaluar tina ceuli ibu. Ku sabab kalaurna ti na ceulo eta OROK teh dingaranan KARNA !!"

Teu acan ge tama, Dewi Kunthi nyariosna Yudhitirabari rada ngageter naros:"Jadi ieu Karna teh Putra ibu !?

Dewi Kunthi:" Teu kapindo gawe; terus ku ibu ieu OROK teh dipaLIDKEUN KA WALUNGAN nepi ka kaoanggih ku kusir Adhirata.

Yudhistira katingal bendu; rarayna beureum; nu tara2 ti sasari; Bhima oge ngarasa yen ingkang raka nuju bendu; Bhima ngaraos sieun terus wae nebihan tidinya; padahal Bhima teh taya kasieun tapi ningali Yudhistira bendu mah; anjeunna ngaraos sieun pisan.

Bhima teh memng ka sasaha oge tara nurut kitu wae; tapi ari ku Yudhistira mah Bhima teu pisan hayang mantangul. lantaran ti leuleutik keneh Bhima teh diurus ku Yudhistira; dimemenan pisan. Can ngajaran sakali ge dicarekan; komo dijewer mah tara pisan. Estu Yudhistira nyaah pisan ka Bhima teh. Mun langlayangan atawa naon wae kalangenan Yudhistira ruksak ku Bhima; terus Bhima ceurik lantaran sieun diseueul; eh malah diusapan, pajarkun teh keun we loba kaulinan kitu2 wae mah; geus tong ceurik. jeungna deui Yudhistira teh sering ngelehan wae ka Bhima mah; ulah pisan nempo Bhima sedih terus we dihibur ku Yudhistira. Nu matak Bhima ngarasa hormat pisan ka Yudhistira teh. Ayeuna Yudhistira kakara ayeuna katingal BENDU; Bhima mani ngadegdeg; gancang ngolesed ti dinya ! Sigana Bhima leuwih sieun ku Yudhistira ti batan ku naon wae oge !

Yudhistira ngalahir :" Ti semet ayeuna Kaula sacara pribadi nyuhunkeun ka DEWA supaya sakabeh kaum wanita teu bisa nyekel rusiah deui !"

Dewi Kunthi :" Aduh hampura ibu; geus ngajadikeun saperti ieu; ibu ge geus usaha; tapi Karna teu daekeunjalir jangji. Sanyatana Karana teh Sakti pisan; lantaran ti barang lahir mawa anting2; kere nu rapt jeung kulitna katambah ku gobdewa ti Bathara Surya."

Arjuna enggal nyembah:"Duuh ibu ari kitu mah kuring teh geus maehan lanceuk sirangan ibu; ku naon atuh ibu teu bruk brak !?"

Dewi Kunthi:" Lantaran Karna nyuhunkeun ka Ibu nutup ieu rusiah teu meunang dibuka ka sampeyan. Karna menta ibu sumpah. Ku sabab kitu Ibu teu wasa nyarita waktu Bharata Yudha rek dimimitian." Ibu ngan ukur bisa sedih.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar