Minggu, 03 Juli 2011

FW: [kisunda] BHARATA yudha ka 67

 

Karna ayeuna mah tos buleud hoyong nalukeun Pandawa lima; teras wae marentahkeun salya maju ngadeukeutan ka Pasukan Pandawa; ti kajauhan nangtang perang :" Eh Para Pandawa Lima; sok lawnan ieu Kula Karna ! Tong nyumput satukangeun Pasukan !"

Yudhistira kaget ningal kareta Karna tos nyaketan teras we siap2 kanggo ngalawan; tapi Nakula miheulaan maju ! Terus wae Nakula nyecer Karna; tapi hiji ge teu aya nu keuna .
Barang Karna males bandera perang Nakula ngajengjehe dipanah ku Karna; barang bade males; panah Karna datang deui; keuna ka na gondewa Nakula; kapaksa Nakula ngacir lamun henteu bahaya pisan, Karna seuri mani tarik pisan :"Hahaha; hiji geus eleh ku Kaula ! Sok ayeuna si Arjuna geura sina maju !"

Sadewa terus ngaganti Nakula nyanghareupan Karna; tapi ieu ge teu lami gondewana tos parotong sababaraha kali; saterusna Yudhistira maju; ngalempagkeun tumbakna; tapi ditengah jalan dipanah nepi ka parotong ku panah Karna, Yudhistira laju mentangkeun gondewana; tapi ngan sakilat2 ku Karna katakis; pamalesna kareta Yudhistira ringsek .

Katingal ku Arjuna terus wae maju ngahalangan Karna. ger we duanana silih panah !

Ketak Karna harita estu siga nu kasetanan pisan, pangamukna hese dihalangan; Arjuna harita ripuh pisan; mangkaning sumanget perang Arjuna harita teh masih melempem pisan; lantaram lu maotna GURU sareng tadi Wersasena; jadi di na perangna Arjuna kurang pisan sumanget tempur, atuh nya sakedap ge tos boborot getih.

Karna ngagakgak:" Hahahaha ! Nyata bener cek Kaula oge Murid Drona mah euweuh naon2na nu istimewa ! Cek Kaula baheula basa ditolak, Kaula ngomong ka Drona yen manehna bakal hanjakal nolak Kaula ! Hahhaha ! Kabuktian ayeuna murid Drona teh leuwih handap ti batan KARNA ! Hahahaha !"

Arjuna amarahna sakalangkung; ters wae manahan deui.  tapi ayeuna mah Karna keur aya di na kaunggulan; lantaran waktu ngamimitian Arjuna rada kendor ! Stand masih 3 - 1 ; Karna kapanah sakali Arjuna keuna tilu kali ! Jadi tetep we Arjuna ripuh. Akhirn Arjuna ngajungkel na karetana ampir2 kapiuhan. Barang ajeg deui badan karasa leuleus letek; nyata Arjuna tos seueur tatu na saluar awakna. Sigana mah sakali deui dipanah ku Karna; Arjuna perlaya !

Tapi harita panonpoe surup; terus wae Karna ngagakgak ! :" Hahahaha  Arjuna tah titip
nyawa sampeyan ! Ku Kula isukan bakal dianggeuskeun ! Ayeuna mah srangenge geus surup ! Kula geus jangji bakal ngeureunan perang lamun panonpoe surup ! Hahahaha ! untung maneh Permadi !"

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar