Minggu, 03 Juli 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha ka 68

On Behalf Of Abbas Amin

 

 

OBROLAN SABUDEUR PERANG ARJUNA  KARNA

Di Karaton Astinapura Gandari masing teu ningal oge apal pisan ka tempatna Dewi Kunthi Nalibrata; teras Gandaei nyampeurkeun Dewi Kunthi bari hariweusweus :"Ieuh bagja pisan Kunthi, Ki Arjuna; Arjuna nu urang teu tulus dicabut umur, lantaran ditulungan ku Bhatara Surya."

Dewi Kunthi :" Naon  tea kakang embok, isuk2 tos sumping, bari hariweusweus kitu ?"

Dewi  Gandari :" Eta Kunthi, kamari si Karna si anak kusir ampir we nyilakakeun Arjuna !"
Dewi Kunthi :" Ari kangaranan perang, dua pihak kudu wae  aya nu cilaka , naon anehna ?"
Gandari :" Enya eta ge, tapi kapan Arjuna mah kanyaah urang, kanyaah sakabeh ! Ah keun ku Kula si Karna bakal dikutuk...................."
Teu acan tunras nyariosna; kaburu dipotong ku Dewi Kunthi :"Raka embok Gandari ! ..........tos tong sok supu sapa ! Dina waktu ieu geus taya supu sapa deui ! maranehna geus nangtukeun dirina parerang ! Jadi taya nu bisa disalahkeun. Keun we antep urang mah ulah pipilueun !"

Gandari sajongjongan mah molohok wae ningal ka Dewi KUnthi ku mata nu dipeungpeunan mani telek pisan; bari seueur ku tanda ranya ???????

Kumaha ari di Pakemahan !?

Kemah Pasukan Kurawa :

Suyudhana nalek ka Karna :"Ieuh dulur kuring Karna, padahal tinggal sakali panah deui ki Arjuna bakal tamat. Kunaon sampeyan ngantep ? teu terus dipanah ?

Karna:" Hahahaha ! keun we tuman ! Kaula hayang mere waktu ka si Arjuna; supaya manehna sadar yen kasaktenna sahandapeun Kula; malah mun bisa mah manehna datang kadieu menta dame lantaran teu wani ka Kaula ! Hahahaa !"

Sutudhana :"Apanan cek sampeyan oge Pandawa mah pantang taluk pantang nyerah !
Ku,aha mun sabalikna ? Lain sampeyan nu maehan Arjuna, tapi sampeyan ditelasan ku Arjuna ?!"

Karna :" Hahaha ! jauuuh ........... jeungna deui kapan si Arjuna tadi loba tatu, moal gampang bisa menyat deui !"

DI KEMAH PANDAWA :

Yudhistira nuju gunem catur sareng rai2na lan pahlawan sejenna sareng Kresna; tapi Arjuna mah teu tembong

Ngandika sang Yudhistira :"Para Pahlawan sadata, ayeuna Arjuna keur istirahat lantaran loba pisn tatuna ku Karna; keun we Arjuna poe isuk mah tong si na perang ? Tapi saha nya nu bisa ngelehkeun Karna ? Kapan Satyki ge mundur ?"

Bhima ngagerem :"Mmmmm...............   kurrrang ajar si Karna ! keun ku Kaula bakal dilawan eta jurujana teh ! Kaula oge hayang males pati pikeun si GATOT !"

:Eeh ! Kakang Bhima nao sababna sampeyan rek nyokot hancengan Kaula !? Musuh Kaula !?"

Duka ti iraha hadirna Dananjaya di na ieu pasamoan.
Enggal Yudhistira naros ka Aejuna :" Eh yayi ! geuning tos jagjag deui ! Ngahaja ku akang teu diangkir, lantaran kapan sampean tadi tatu parna !"

Permadi :"Hahahaha ! sakieu mah teu sabaraha atuh. Kuring geus sababaraha kali ngalaman peperangan anu leuwih ripuh ti batan ayeuna ! Isukan Kaula bakal ngala pati si Karna ! Jeung tong aya nu wani2 ngarebut hak Kaula .un henteu sanghareupan heula Kaula samemeh si Karna !"

Bhima barang nguping kasauran Arjuna kitu kacida bunganganna; Bhima yakin ayeuna mah yen Arjuna enyaan bakal merangan Karna kalawan soson2; teras wae mihatur bari ngagakgak:" Hahahaha ! Jeneeet bisi teu nyaho, nu leuwih hak ti batan sampeyan mah, nya Kula Bratasena, sabab anakna si Gatotkacha dipaehanana nya ku Si Karna ! Tapi ayeuna Kula bakal ngelehan maneh, pek wae perangan eta si Karna ! Awas lamun eleh ! Kaula hayang ngadenge jeung nempo mneh meunang jeneeet ! Lantaran Kaula embung diwakilan ku nu KEOK !"

Arjuna :" Tanang we kakang Bhima; Kaula geus boga tekad rek namatkeun si Karna ! Lantaran naon ? Tuman make ngomong pajarkeun murid2 Drona mah euweuh nu hebat, kabeh sahandapeun KARNA ! Tah ku omongan ieu Kula hayang ngabuktikeun yen murid GURU masih nu paling unggul !|

HANCA

 

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar