Senin, 11 Juli 2011

[kisunda] Bharata Yudha ka 73

 

Dua kareta perang geus pa ting suliwer deui; panah oge geus paring belesur ti dua pihakanana; nu surak geus teu pati rame deui lantaran nu tarung beuki ngajauhan wae.

Di ma jiki waktu Salya keur ngenyed kudana ari brus teh kikiping asup ka na embel;
kantaran rada jauh ti na kalangan jurit loba pisan rawa; auh kareta Karna teh teu bis maju deui; ath Karna teh ripuh ayeuna mahlantaran kapan tadina rek nandingan Arjuna teh ku KUSIR nu ahli deui; ari ayeuna kusirna teu bisa kukumaha lantaran roda karetana ambles tea.

Geus sababaraha kali Karna kapanahan ku Arjuna; teu yasa male lantaran kaeta Arjuna mah geus mangprung jeung baluct balcet; k pinterna Kresna ngusiran tea; atuh beuki ripuh w Karna teh. Terus wae Karna nyrowok ka Arjuna:"Eh Arjuna ! Sampeyan teh Satriya lain hah !?
"Ieu tempo kikiping Kareta Kaula teu bisa jalan ; Kaula ayeuna rek menerkun heula kikiping ! Sok eureunan heula ari enya mah sampeyan satriya !"

Arjuna sajongjongan mah ngahuleng teu manah deui; ari nu ngawalonan Karna teh, kusir Arjuna nya eta Kresna :"Eh Karna ! Cing andika teh sing boga rasa rumasa atuh ! Cing sampeyan teh sing boga kaer atuh ! Sampeyan ngomong soal Satriya ! Ari anjeun kunaon nganteo Oandawa ditipu ku Sakuni ? Baha kitu tindakan Satriya !? Jeung sampeyan ngahina ka Drupadi pajarkeun ku sabab Drupadi boga salaki ka lima jalma; euweuh bedana jeung tukang lacur ! Awewe Lacur ! Naha kitu tingkah satriya !?"

Karna tungkul kaisinan; terus wae manah ka Arjuna nu keur ngahuleng atuhkeuna pisan ka na harigu Arjuna nepi ka tigubrag na karetana,

Ieu kasempetan digunakeun ku Karna pikeun ngabenerkeun roda kareta na; bari ngapalkeun MANTRA Branasytra; tapi weleh teu apal wae; wah ieu teh sumpah supata ti Guru Paraurama ka Kaula yen Kaula bakal poho kana ieu mantra di na saat nu penting pisan.

Arjun geus tenang deui nyiapkeun panah tapi ngan ukur ipentang wungkul; lantaran Karna keur memener kikiping; Kresna teu sabar terus we nyarita ka Arjuna :"Eh Dananjaya ! kunaon make ragu2 ? Sok tah panah tamatkeun rowayat Karna ulah diengke engke ?!
Baha sampeyan rek nungguan Karna apal ka na mantra Bramasytra !? Bahaya etah !
Jeungna deui eh Permadi sing INGET ka na hinaan Karna ka Drupadi !? Jeung kapan sampeyan geus sumpah bakal nelasan Karna di na posisi nu kumaha wae ? Naha atyh ayeuna sampeyan ragu2 !?"

Arjuna rnu keur ragu2 ngageter akhirna panah milepas muju pisan ka na tenggek Karna ! Atuh sapada harita Karna Pahlawan Sakti ti Astina harita keneh perlaya; sirahn ngagulitik !

Surak Pasukan Pandawa mani ambal ambalan !
Suyudhana cocotowokan :" Curang ! Curang ! Arjuna LICIK !"

Tapi sorana kasilep ku surak ambal2anana pihak Pandawa.

HANCA


__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 1

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar