Rabu, 06 Juli 2011

Bharata Yudha ka 69

 

From: kisunda@yahoogroups.com [mailto:kisunda@yahoogroups.com] On Behalf Of Abbas Amin

 

 

Isukna deui perang diteruskeun; ayeuna mah para pasukan boh ti pihak Kurawa boh Pandawa, kacirina kurang deui sumanget rek merangan; maranehna sigana leuwih hayang nyaho hasil tarung antara Arjuna lawan Karna. Dua Pasukan kacirina cease fire; teu dicaram ku Karna atawa Drestadjumna oge; jeung saperti nu geus jangjian dua pihakanana nyieun pager nu ngalingkungan hiji lahan gede jeung lega pikeun tarung dua Pahlawan; nya eta ti Astina/Kurawa Karna; ti Pihak Pandawa Dananjaya atawa Arjuna.

Dua pihakanana rame adu renyom ayeuna mah mangmeunangkeun jagona masing2; jelas
Pasukan Kurawa yakin pisan KARNA nu bakal meunang; lantaran cenah kamari ge kapan Arjuna ampir2an. Yapi ti Pihak Pandawa oge teu eleh geleng, pajarkein ah pantes we kamari Dananjaya eleh lantaran can perang beneran, lantaran masih nguluwut ku tiwasna Guru Drona sareng ku towasna Wersasena. Ari ayeuna mah beda deui pek we niktikrun.
Nepi ka akhirna mah ku sabab adu regeng soal ngajagokeun; aya nu ngomong kieu :"Sok siah wani sabaraha, ngajagokeun Arjuna teh ? Aing mah wani nyekel Karna, keun we ledis gajihan tei naon2 sabab auing yakin yen Karna bakal meunang !

Ah sok aing ge wani lah ! gajih uing sabulaneun tah rek dipasang pikeun Dananjaya !

Eeeeh ke heula boa gajih ilaing mah leuwih leutik, rugi tah uing !

Hiji kokolot peajurit datang nengahan, sik we lah ari rek tarohan mah ku uing dicekel duitna duanana; sing adil we ayeuna mah; sok saayana duit ayeuna we; ke nu meunang ku uing dibayarna ! Atuh rame nu tarohan ge waktu harita !

Tapi lolobana para prajurit mah salusurakan bari muji2 jagona; mani pa ting corowok !
Durtodhana katingal mingpin cocorowokan:" Heh para prajurit Kurawa saha nu kamari keok !?"

Para prajurit Kurawa saur manuk :" Arjunaaaa !"

Suyudhana :" Saha Ksatriya nu adil !?"

Saur manuk :" Karnaaaaa !!! Jaya basukarna ! Jaya Mahasenapati Astina !"

Pihak Pandawa embung eleh, terus pating corowok :" Saha nu meunang perang di Wirata !"

prajurit Pandawa saur manuk :" Arjunaaa !"

Saha nu dibangkol di perang Wirata !?"

Saur manuk :" Karnaaaa !"
Ger surak mani ting jarerit !

Suyudhana amarah pisan :" Eh ayeuna mah ayeuna weh ! Tong make mamawa perang wirata sagala !" di tambahan ku para prajurit :" Dirgahayu Karna ! tiwaskeun Arjuna !"

Bhima narang nguping raongna para prajurit Kurawa teu tahan enggal nyororwok, dimana corowokna nandingan rebuan jalma :"Eh Kurawa Astina geus dipi,pim ku anak kusir ! Hahahaha !"

Ger Pasukan Pandawa sarurak mani ayeuh ayeuhan !

Akhirna Karna kaluar bari nganggo busana perang nu hurung herang; ti beulah ditu oge Arjuna datang bari boasa nyepeng Gandewa sakti nu kenging ti na saembara Putri di Pancaladriya.

Harita langit katingal alum teras bray caang; sareng teras aya hujan kembang nu warna warni; Karna sareng Arjuna tong ningl yen para Dewa lumungsur bade nonton ieu dua Satriya utama tarung. Enggal Arjuna sareng Karna nyembah. Nu sanes ,ah teu ningalieun.

Saterusna Karna nyarita ka Arjuna:" Hahahaa. bagea Partha ! Naha andika geus sehat !?"

Arjuna :" Tong loba catur Karna; itu para Pasukan jeung para Dewa geus teu sabar hayang nempo sirah Karna ngagulitik !:

Karna:" Hahahaha, kapan jelas kamari ge sampean teh asor Partha ! Komo atuh ayeuna; Kaula memang poe ieu moal mere kasempetan deui kawas kamari."

Arjuna enggal ngajungjungkeun gondewana tanda siap rek nyerang; Karna oge bari imut enggal siap2; kusir duanana tos pada siap sadia ngamudi kareta. Kresna Salya bakal ngadu katapisan di na bagbagan nyekel kadali.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 2

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar