Rabu, 01 Juni 2011

FW: [kisunda] Bharata Yudha - 48

 

Suyudhana enggal ngabageakeun Karna; duanna silih rangkul; teras Karna matur:"Prabu Anom Suyudhana, dulur Kaula, tadi Kula nempo Gatotkacha anak Bhima keur ngamuk ngaruksak Pasukan Astina; naha diantep wae ku Resi Drona ?"

Suyudhana enggal ngalahir :" Tah nya eta pisan naon sababna sampeyan diangkir teh, sabab Resi Drona geus "angkat tangan", teu sanggup cenah ngalawan Gatotkacha,"

Karna :"E ladalah.............. Sampeyan teh Maha Senapati Kurawa/Astina. Teu pantes sampeyan ngomong saperti kitu !"

Drona:"Ke heula anan Karna, ulah so wara nuduh, sampeyan ! Si Gatotkacha teh mun beurang mah, teu gagah teu sing, biasa we. Tapi lamun perang peuting kasaktiannana bakal naek 10X lipet ! Lain bantrak2eun, tah Kula nyaho sampeyan Karna, boga siluman nu opat, nu sok ngabantu lamun sampeyan maju perang; nu matak sampeyan ari perang kapan meunang terus ? kitu lain !?"

Sindiran Karna, dilawan ku Drona ku sindiran deui.

Karna:" Ah saenyana mah Kula teh teu kudu ngagunakeun siluman opat ! Da Kula sorangan ge mampu naluk2keun nagri mana wae ge ! teu kudu sibantuan ku Siluman. Eta mah ku sabab Kula hayang gancang we; da ari ku sorangan mah sok rada lila."

Drona:"Euh kitu. tah ku sabab kitu sampeyan hiji2na Pahlawan nubisa ngahalangan kiprahna Gatotkacha. Kula Senapati Agung, marentah ka sampeyan kudu ngahalangan si Gatotkacha, mun bisa mah paehan sakalian !"

Karna:" He he he he, masing sampeyang lain Senapati Agung ge, tetep Kula bakal indit, lantaran niat Kaula memang hayang ngabela dulur Kula, Prabu Anom Suyudhana."

Karna enggal wae calik YOGA teras menekung muja semedi, teu lami mucunghul haseup hideung nu ageung pisan; teras ngabagi jadi opat haseup; nu saterasna jleg jadi 4 Denawa pating jalungkiring. Nu teras nyembah ka Karna.

Enggalna Karna matur ka eta opat siluman:"Eh Lembusana; Kalasrenggi, Kala Weling lan Kala Murka; tuh tenjo aya pasukan siluman keur ngabinasa Pasukan Astina, jung kaituh lawanan ! Kaula bakal nuturkeun ti na kareta ti kajauhan !"

Enggalna Karna nyorowok ka para Pasukan Astina, supaya mundur satukangeun kareta anjeunna. Atuh burudul wae sadaya Pasukan Astina pada lalumpatan muru kareta Karna, cicing disatukangeun kareta Karna. Ari Siluman nu opat enggal merangan Para prajurit Pringgandhani. Barang maranehna nepi ka satukangeun kareta Karna, maranehna ayeuna mah awas ningali Gatotkacha sareng pasukanana nuju ngaramuk; atuh mani ting birigidig sadaya Pasukan Astina; maranehna ngarasa syukur ku ayana Karna. Laun henteu, wah teu kabayangkeun ancurna pasukan Astina.

Gatotkacha nganggap enteng ka na datangna opat Siluman teh; diantep we sina diperangan ku prajurit Pringgandhani. Tapi nyata Gatotkacha salah ngitung ayeuna mah; nyata eta opat Siluman teh sarakti; ngan sakilat2 Pasukan Pringgandhani tos bubar ketawuran; seueur nu cilaka; mun teu tatu parna, tangtu tiwas; aya oge saeutik nu bisa kabur.

Gatotkacha kacida reuwas sareng kagetna, ningal para Prajurit Pringgandhani ngan sakedap tos bubar katawuran; amarahna sakalangkung. Enggal wae luncat mani luhur pisan, lir nu ngapung ka awang2; ngarontok salah sahiji Denawa bogana Karna; opat siluman waspada, tapi ayeuna maranehna nu salah ngitung, tadina Gatotkacha nu nganggap enteng, ayeuna si opat siluman nganggap enteng ka Gatotkacha; dianggapna sarua bae Gatotkacha saperti Denawa Pringgandhani sejenna. Gatotkacha ngarontok KalaWeling, Kalaweling nyoba rek ngabinasa Gatotkacha, tapi kapiheulaan katinggang ku Gatotkacha; barang jelebet barang tijengkang eta Kala Weling, utah2an. Can ge jejeg ingetanana eta Kala Weling Gatotkacha ngan skilat geus ngadengkek tonggongna ku tuur; atuh Kala Weling teu walakaya, Gatotkacha nyekel sirah Kala Weling, terus dipiteskeun sakali; Kala Weling paragat nyawana.

Kala Srenggi amarah bari kaget; tapi sangkaanana kabeneran we meureun Kala Weling keur apes, mo sabaraha tanagana ieu siluman NGORA teh ? Kitu pikiran Kala Srenggi, bari muru ka Gatotkacha, bade ngabinasa, Gatotkacha ditumbuk ku Kala Srenggi; Gatotkacha teu nyingcet malah tumbukan diadu tuimbukan deui ! Duk ! Dua peureup diadu ! Akibatna si Kala Srenggi kokoloyongan bari nyebut aduh, ku nyeri2na; ayeuna mah manehna kakara sadar yen nu dilawan, enya ge budak keneh, tapi Sakti pisan, jauh saluhureun manehna. Untung si Kala Srenggi teu tijungkel ge; ngan awakna ngadadak leuleus, euweuh tanaga. manehna maksakeun maneh taki2; tapi jeleduk ! dadana mani asa ditindih ku BATU nu gese pisan; asa remek satulang sandi; atuh teu mangga pulia Kala Srenggi rubuh niban lemah; teras dirontok ku Gatotkacha; ieu gerakan teh ngan sakilat2 nepi ka Butha nu dua deui teu sempet narulungan; Eta Kalasrenggi nu sakitu badagna diangkat ku Gatotkacha, laju dibuntang banting; teras dibalang pisan; atuh teu nyawaan deui eta Kala Srenggi teh.

Memang Gatotkacha sakti manggulang mangguling, hese pantarna. Kamari2 Gatotkacha eleh ku Bhagadata; lantaran kahiji Bhagadatta boga Gajah Sakti Supraptika, kaduana perangna beurang, mun ti peuting mah, Bhagadatta, Supraptika, jeung sakabeh Pasukan Trajutisna lain tandingan Gatotkacha, pasti ancurna. Gatotkacha memang teu aya tandingna dina perang peuting mah. Tapi lantaran Gatotkacha ngahormat pisan, ka para sepuh, anjeunna teu kersaeun perang peuting; tapi dina waktu ayeuna mah da Suyudhana nu ngumumnkeun perang peuting, nu matak Gatotkacha kacida dariana nampa warta perang peuting teh.

HANCA

__._,_.___

Recent Activity:

·         New Members 3

.

Image removed by sender.

__,_._,___

Tidak ada komentar:

Posting Komentar